wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Basa Sunda Bagean 1

Total questions: 30

Worksheet time: 22mins

Name
Class
Date
1.
Bi Emi keur napian beas maké .......
a)
Tampir
b)
Nyiru
c)
Ayakan
d)
ébég
2.
Parabot dapur nu dijieunna tina awi, bentukna mencos kaluhur handapna buleud samodel kerucut, digunakeunnana pikeun nyeupankeun sangu, disebut .....
a)
Haseupan
b)
Boboko
c)
Ayakan
d)
Dingkul
3.
Digunakeunnana sok digésrék-gésrék, boh dipaké motong awi atawa nuar kai rada gedé, pakakas nu kitu ngaranna ......
a)
Arit
b)
Kampak
c)
Bedog
d)
Ragaji
4.
Mang Dana keur meulahan suluh maké ......
a)
Arit
b)
Bedog
c)
Parang
d)
Kampak
5.
Astana Gedé Kawali ayana di wewengkon .......
a)
Jawa Timur
b)
Jawa Tengah
c)
Jawa Barat
d)
Yogyakarta
6.
Ceu Ebah nuju masak capcay. Capcay nyaéta kecap tina basa ......
a)
Inggris
b)
Arab
c)
Walanda
d)
Cina
7.
Ari jadi budak kudu hampang birit. Hampang birit hartina ......
a)
Ngedul
b)
Daékan
c)
Bedegong
d)
Sok papaling
8.
Aya béja kekentong rampog “bajing ireng” geus tilar dunya. Kecap anu saharti jeung tilar dunya nyaeta ......
a)
a.       Ngiles
b)
b.   Maot
c)
c. Jagjag
d)
d. Katewak
9.
Dina bagian imah aya anu sok disebut dapur, nyaéta ......
a)
a.       Tempat saré
b)
b.  Tempat narima tamu
c)
c.  Tempat masak
d)
d. Tempat ngereureuhkeun kacapé
10.
Anak munding disebutna ......
a)
a.       énéng
b)
b.      Buruy
c)
c. Piyik
d)
d. Hileud
11.
Kembang tangkil disebutna ......
a)
a.       Jantung
b)
b.      Olohok
c)
c. Uceng
d)
d. Pendul
12.
Abong si éta mah sok adigung, di sakolana gé teu aya anu ngabaturan. Adigung hartina .......
a)
a.       teu daék cicing
b)
b.      medit
c)
c. daékan
d)
d. sombong
13.
Aki Karta mah jalma anu geus legok tapak genténg kadék, harti babasan legok tapak genténg kadék, nyaeta ......
a)
a.       Jalma anu loba pangalamannana
b)
b.      Jalma kolot
c)
c.       Jalma beunghar
d)
d.      Jalma gagah
14.
Neng Ade mah meuni amis budi kasasaha téh, amis budi hartina .......
a)
a.       Ramah
b)
b.      Balaga
c)
c. Pikasebeleun
d)
d. Judes
15.
Tanah lapang hareupeun kacamatan atawa kabupatén, disebut ......
a)
a.       Alun-alun
b)
b.      Situ
c)
c. Babakan
d)
d. Muara
16.
Taneuh tempat melak paré darat disebutna .......
a)
a.       Babakan
b)
b.      Pasir
c)
c. Lembur
d)
d. Huma
17.
Ieu di handap nu kaasup paribasa panyaram salah, nyaéta ......
a)
a.       Bilatung ninggang dage
b)
b.      Anjing ngagogogan kalong
c)
c.       Ulah kokolot begog
d)
d.      Adean ku kuda beureum
18.
Bi Erum ngagaleuh gelas salosin, salosin sarua jeung .......
a)
a.       10 siki
b)
b.      12 siki
c)
c. 15 siki
d)
d. 20 siki
19.
Indung tunggul rahayu Kanyaahna satungtung jagad Indung tunggul rahayu Kaasihna satungkebing langit Harti tina sajak di luhur nyaeta .......
a)
a.       Kanyaah indung kanu jadi anak
b)
b.      Kanyaah indung keur urang leutik
c)
c.       Kanyaah indung teu aya batesna
d)
d.      Kanyaah indung keur urang dewasa
20.
Kalimah anu ngagunakeun istilah patukangan, nyaéta ......
a)
a. Lagu Peuyeum Bandung asalna ti Jawa Barat
b)
b. Mang Iwan tukang cendol
c)
c. Di sawah loba nu keur macul
d)
d. Abah Umar keur ngorana jadi panday
21.
Kembang peuteuy, disebutna ...........
a)
Pendul
b)
Jantung
c)
Olohok
d)
Uceng
22.
Anak japati, disebutna ........
a)
Buruy
b)
Piyik
c)
Menel
d)
utek-utek
23.
Tukang nyieunan pakakas tina beusi, disebutna .......
a)
Candoli
b)
Dalang
c)
Panday
d)
Kuncen
24.
Kamasan, nyaeta tukang nyieunan sarupaning geulang, anting, ali anu dijieunna tina ........
a)
perak
b)
beusi
c)
baja
d)
Emas
25.
Bagean walungan anu jero, disebut ..........
a)
Leuwi
b)
Pasisian
c)
Pangajlengan
d)
Pangojayan
26.
Hampang birit nyaéta ........
a)
Kuat
b)
Daekan
c)
Tukang Nenggeul
d)
Awakna Leutik
27.
Harti tina babasan legok tapak genténg kadék, nyaéta ..........
a)
Jalma nu loba hartana
b)
Jalma nu loba ulinna
c)
Jalma nu loba pangalamanna
d)
Jalma nu loba dulurna
28.
Pakakas tukang kai, pikeun ngaratakeun kai, papan atawa tihang disebut ......
a)
Ragaji
b)
Bedog
c)
Kikir
d)
Sugu
29.
Sakieu serat ti abdi, hatur nuhun kang sateuacanna. Kalimah di luhur aya dina surat bagéan .............................. surat.
a)
Panutup surat
b)
Bubuka surat
c)
Eusi Surat
d)
Tujuan Surat
30.
Budak leutik bisa ngapung ...................................... Nguriling kakalayangan Neangan nu ..................... Kalimah anu luyu jang ngalengkepan pupuh di luhur nyaeta ........
a)
Babakung ngapungna burit amis-amis
b)
Babakung ngapungna peuting amis-amis
c)
Babakung ngapungna peuting pait-pait
d)
Babakung ngapungna peuting haseum-haseum