wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSAT BASA SUNDA KELAS 7 TAHUN AJARAN 2024/2025

Total questions: 40

Worksheet time: 54mins

Name
Class
Date
1.

Pék baca sempalan dongéng di handap ieu!      

JONGGRANG KALAPITUNG

    Jonggrang Kalapitung téh nya éta sabangsaning hiji lelembut anu ngageugeuh di hiji leuweung jeung gunung- gunung nu aya di sabudeureun Jatiluhur Purwakarta.

      Hiji mangsa, Jonggrang Kalapitung hayang nguseup di Walungan Citarum, lantaran hayang dahar jeung beuleum lauk. Tuluy ménta eupanna ka kokolot lembur, nya diberé hulu munding.

Jonggrang Kalapitung tuluy nguseup bari dilalajoan ku sakabéh pangeusi lembur. Nangtung ngajégang. Sukuna nu sabeulah nincak gunung, ari nu sabeulahna deui napak kana tangkal bungur anu kacida gedéna. Salila sabulan manéhna  ngajega kitu, nepi ka gunung nu ditincakna bongkok, sarta tangkal bungurna anu ku urang dinya mah disebutna “sarang”. Gunung éta nepi ka kiwari katelah Gunung Bongkok, ari urut tangkal bungurna jadi pilemburan anu katelah Bungursarang.

Sempalan carita Jonggrang Kalapitung teh, asalna ti Kabupaten....

a)
Bandung
b)
Ciamis
c)
Garut
d)
Purwakarta
2.
Dina paragraf ka dua, kasabit-sabit asal-usul ngaran Gunung Bongkok jeung Désa Bungursarang. Bisa dicindekkeun yén sempalan éta carita dongéng ka asup dongéng....
a)
Sasakala
b)
Sajarah
c)
Sasatoan
d)
Kapercayaan
3.
Salasahiji ciri utama ciri dina dongéng téh nya éta ngandung unsur pamohalan. Unsur pamohalan nu nyampak dina sempalan dongéng Jonggrang Kalapitung di antarana aya di handap ieu, iwal....
a)
Eupanna hulu munding
b)
Sukuna sabeulah nincak Gunung
c)
Jonggrang Kalapitung Sabangsa lelembut
d)
Sabeulah sukuna deui napak kana tangkal bungur anu kacida gedéna
4.
Tempat nguseup mana nu dipikahayang ku Jonggrang Kalapitung?
a)
. Walungan Bungursarang
b)
. Waduk Jatiluhur
c)
. Walungan Cisaru
d)
. Walungan Citarum
5.
Unggal wewengkon miboga dongéngna séwang- séwangan. Saperti dongéng anu asalna ti Kuningan, katelah dongéng ....
a)
. Sasakala Talaga Warna
b)
. Sasakala Awi Rarangan
c)
. Sasakala Maung Panjalu
d)
. Sasakala Tangkuban Parahu
6.
Tokoh dongéng anu disebut-sebut asli Sunda nya éta....
a)
. Si Lamsijan
b)
. Si Salhiam
c)
. Si Kabayan
d)
. Si Astahiam
7.
Nu kaasup conto judul dongéng sasatoan, nya éta....
a)
. Nyi Roro Kidul
b)
. Si Kabayan Ngala Roay
c)
. Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
d)
. Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyét
8.
Naon sababna dongéng kaasup kana karya balaréa? Alesanana, lantaran....
a)
. Sumebarba sacara lisan
b)
. Sumebarna sacara tulisan
c)
. Kanyahoan anu ngarangna
d)
. Teu kanyahoan anu ngarangna
9.

1) apal kana palaku jeung pasipatanana

2) apal jalan caritana

3) meunang maca naskah dongéng

4) teu meunang maca naskah dongéng

Tina opat hal di luhur,anu teu kaasup kana sawatara hal nu kudu disiapkeun dina ngadongéng, nya éta nomer....

a)
. 1)
b)
. 2)
c)
. 3)
d)
. 4)
10.
Aya opat hal anu diajén dina lumangsungna ngadongéng, di antarana baé; vokal, intonasi, artikulasi jeung éksprési. Nu dimaksud artikulasi téh nya éta:
a)
. Bedas henteuna sora
b)
. Béntés henteuna ngucapkeun kecap
c)
. Lentong jeung wirahma
d)
. Paroman jeung pasang peta
11.
Kalimah anu gunana pikeun méré nyaho ngeunaan hiji hal ka batur disebut....
a)
. kalimah wawaran
b)
. kalimah pananya
c)
. kalimah paréntah
d)
kalimah paménta
12.
Conto kalimah wawaran anu bener tur merenah nya éta:......
a)
. Yayan téh urang Cijulang.
b)
. Iraha mulang ti Bandung?
c)
. Cing, ménta duit dua rébu pérak!
d)
. Jung, geura ulin!
13.
Leuweung ruksak Urang balangsak Piara leuweung Leuweung sumber Kahirupan Nurutkeun eusina, conton iklan di luhur kaasup kana conto....
a)
. iklan komersial
b)
. iklan bisnis
c)
. iklan materil
d)
. iklan layanan masyarakat
14.
Nu dimaksud iklan layanan masyarakat teh nya eta:
a)
. iklan anu miharep kauntungan
b)
. iklan anu ditujukeun ka masyarakat anu henteu miharep kauntungan
c)
. iklan anu ditujukeun ka masyarakat bari miharep kauntungan
d)
. iklan anu aya patali bati jeung bisnis
15.
Anu kudu diperhatikeun dina iklan layanan masyarakat Aya di handap ieu, iwal ....
a)
. Komunikasi
b)
. Atikan
c)
. Kaamanan
d)
. Seni
16.
Iklan layananan masyarakat anu bisa kadéngé jeung katempo, bisa dipidangkeun dina....
a)
. Radio
b)
. Spanduk
c)
. Poster
d)
. Televisi
17.
Maksud diayakeun iklan layanan masyarakat téh nya éta:
a)
. Sangkan masyarakat migawé pagawean anu hadé
b)
. Sangkan masyarakat bisa dagang
c)
. Sangkan masyarakat pinter néangan duit
d)
. Sangkan masyarakat henteu arulin baé
18.
Kalimah anu eusi nepikeun kahayang atawa paréntah ka batur sangkan ngalakukeun pagawéan anu dipikahayang atawa nu diparéntahkeun ku urang disebut ....
a)
. kalinah paréntah
b)
. kalimah pananya
c)
. kalimah wawaran
d)
. kalimah warta
19.
Nurutkeun eusina kalimah parentah teh dipasing- pasing deui jadi 5 kelompok, nya éta ...
a)
. Panitah, pangjurung, pangajak Jeung pangharepan
b)
. Panitah, parentah, pangjurung, pangajak
c)
. Panitah, pangjurung, pangajak, panyaram, pangharepan
d)
. Panitah,panyaram, parentah, pangjurung panyaram, pangajak
20.
Conto kalimah parentah anu eusina panyaram nya eta:
a)
. Urang ulin ka Situwangi, yu!
b)
. Ulah diuk di lawang, bisi nongtot jodo!
c)
. Muga-muga ulah hujan gedé deui mulang téh!
d)
. Jung geura ngaji, bisi kabeurangan!
21.

Aki! Aki! Da abdi mah hoyong balon

Deudeuh teuing kasép di Aki mah henteu aya

Niupna oge Aki mah geus teu kawasa

Ripuh teuing da kedah nganggo tanaga

Ari Aki sakieu nya kakolotan

 

Mending ogé kadsép  ieu yeuh kokolécéran

Lamun angin muterna téh aduh jeung tarik pisan

Resep teuing engké ameng lulumpatan

Aki! Kadieu! Kétang da abdi mah moal meuli

Ulah Kitu kasép bet abong ka Aki- Aki

Ceuk sepuh mah ngaheureuyan téh pamali

Sempalan sajak di luhur dicutat tina judul sajak:

a)
Aki- aki
b)
Aki Jeung Balon
c)
Aki Jeung Ujang
d)
Ujang Jeung Balon
22.
Kaayaan nu kagambar tina sempalan sajak di luhur, ngahudang rasa....
a)
. Gumbira
b)
. Ceuceub
c)
. Sumanget
d)
. Prihatin
23.
Sok sanajan ukur sempalan wungkul, tapi jejer sempalan sajak di luhur teh nya eta....
a)
. Kapahlawanan
b)
. Kaendahan alam
c)
. Atikan
d)
. Sosial
24.
Panyajak ngarasa simpati ka Si Aki, leuwih nyindekel kana....
a)
. Barang daganganana
b)
. Kakolotanana
c)
. Perjoanganana
d)
. Lalampahanana
25.

Beurat teuing lengkah aki ngukur jalan

Kota Bandung geus biasa ku Aki mah diléngkahan

Dibaturan sobat ngaran rancatan

Anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

Pék tengetan sempalan sajak di luhur. Unggal tungtung padalisan sorana téh sarua. Hartina, éta sajak ngagunakeun purwakanti....

a)
Jajaran
b)
Rantayan
c)
Runtuyan
d)
Leunjeuran
26.
“Tempat utun nundung Wuyung”Ungkara kalimah di luhur ngagunakeun purwakanti runtuyan anu tungtung sorana téh ....
a)
a
b)
e
c)
u
d)
o
27.

Pahlawan sajati mah teu ngawilah-wilah kanyaah,

kawas srangéngé jeung haneutna

Kawas purnama jeung liuh lindukna

Nu mikabutuh

Pahlawan sajati mah indung bapa

Keur anak-anaknaNaon nu dimaksud pahlawan sajati tina éta sajak?

a)
Indung bapana
b)
Anak-anakna
c)
Pahlawan bangsa
d)
Pamingpinna
28.
Kecap srangéngé jeung purnama téh kaasup kana diksi nu hadé. Diksi téh disebut ogé...
a)
. Warna kecap
b)
. Harti kecap
c)
. Jenis kecap
d)
. Pilihan kecap
29.
Anu jadi ugeran alus henteu dina sajak téh,di antarana baé:
a)
. Téma, rasa, nada jeung amanat.
b)
. Suasana, nada jeung rasa
c)
. Pilihan kecap, wirahma jeung purwakanti.
d)
. Nada, rasa, suasana, wirahma
30.
Halon jeung tarikna sora, katut anca jeung gancangna maca, kaasup kana....sajak
a)
Nada
b)
Wirahma
c)
Rasa
d)
Suasana
31.
Sajak mimiti asup kana kahirupan sastra Sunda teh dina taun....
a)
1371
b)
1930
c)
1945
d)
1950
32.

Rarangken anu gunana pikeun ngarobah vokal /a/ jadi /i/ nyaeta .....

a)

Panghulu

b)

Panyecek

c)

Panyuku

d)

Panyiku

33.

Aksara anu ngabogaan sora vokal dina aksara sunda disebut....

a)

Aksara ngalagena

b)

Konsonan

c)

Aksara Swara

d)

Aksara Hirup

34.
Dumasar kana sajarah, aksara Sunda geus dipake ku urang Sunda ti abad ka-.....
a)
11
b)
12
c)
13
d)
14
35.
Aksara anu kiwari digunakeun téh nya éta aksara Sunda....
a)
Kaganga
b)
Cacarakan
c)
Pallawa
d)
Arab Pégon
36.
Ngaran prasasti anu ngagunakeun aksara Sunda kaganya nya éta:
a)
Prasasti Gunung Galunggung
b)
Prasasti Sumedang
c)
Prasasti Kawali
d)
Prasasti Sukabumi
37.
Nu dimaksud aksara ngalagena teh nya eta aksara anu ngabogaan sora konsonan, jumlahna Aya ....
a)
7
b)
10
c)
25
d)
32
38.

1) panyiku

2) panyuku

3) panyakra

4) pamingkal

Opat rarangkén aksara Sunda di luhur ditulisna dina ..... aksara dasar

a)
Handapeun
b)
Luhureun
c)
Sajajar
d)
Gigireun
39.
Rarangkén anu gunana pikeun ngarobah Sora /a/ jadi /eu/, nya éta:
a)
Panolong
b)
Pamepet
c)
Paneuleung
d)
Panyecek
40.
Di handap ieu mangrupa aksara Sunda nu méh sarua wangunna, iwal ti....
a)
ha jeung na
b)
ba jeung nya
c)
ka jeung sa
d)
da jeung ja