wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Persiapan ASAS kelas X

Total questions: 35

Worksheet time: 18mins

Name
Class
Date
1.

Struktur téks dina kawih téh aya sababaraha hiji, diantarana nyaeta diksi. Naon dimaksad diksi téh?

a)

padekeutan sora

b)

pilihan kecap

c)

pilihan ma'na

d)

pilihan tujuan

e)

padalisan

2.

Dina karawitan Sunda, antara kawih jeung tembang téh dibédakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung....

a)

guru lagu

b)

guru wilangan

c)

ketukan (témpo)

d)

padalisan

e)

nada

3.

Bédana kawih jeung tembang nyaéta....

a)

kawih kauger aturan, tembang teu kauger ku aturan

b)

kawih kaiket ku wirahma, tembang teu kaiket ku wirahma

c)

kawih teu kauger aturan, tembang kaiket ku wirahma

d)

kawih teu kaiket ku wirahma, tembang kaiket ku wirahma

e)

kawih jeung tembang teu kaiket ku wirahma jeung tempo

4.

Mana ieu di handap anu teu kaasup kana golongan kakawihan?

a)

Trangtrang Kolentrang

b)

Lalamunan

c)

Eundeuk-eundeukkan

d)

orah-orayan

e)

Pérépét Jéngkol

5.

Umumnya dina sapada rumpaka kawih téh diwangun ku ... padalisan

a)

3

b)

4

c)

5

d)

6

e)

7

6.

Rumpaka kawih "Rungkad" kaasup kana rumpaka kawih naon?

a)

modern

b)

tradisional

c)

kaayeunakeun

d)

baheula

7.

kecap "baju" dina basa Sunda nyaeta ...

a)

raksukan

b)

kabaya

c)

kameja

d)

kaos

e)

saragam

8.

Tarjamahan tina amis budi kana basa indonesia nyaéta …

a)

wajah yang manis

b)

budi manis

c)

budi berwajah manis

d)

wajah tersenyum manis

e)

wajah yang selalu tersenyum

9.

Naon tarjamahan tina kecap membelikannya?

a)

Mésér

b)

Mangmésérkeun

c)

Dipangmésérkeun

d)

Meuli

e)

Mangmeulikeun

10.

Paman saya kembali dari Jerman besok

a)

Si emang balik ti Jerman isukan

b)

Emang balik ti Jerman isuk

c)

Emang urang balik ti Jerman pageto

d)

Pun Emang mulih ti Jerman enjing

11.

Mana di handap ieu harti kecap "batal, tidak jadi" dina basa Sunda

a)

Bedo

b)

Beudo

c)

Buedo

d)

Bédo

12.

Tarjamahan basa Indonésia tina kalimah “Indung gudang panghampura”

a)

Ibu sumber maaf

b)

Ibu sumber pengampunan

c)

Ibu sumber ampun

d)

Ibu gudang minta maaf

13.

Ieu di handap mangrupa kecap-kecap anu ilahar teu dipaké dina kalimah paréntah, iwal

a)

Cing

b)

Punten

c)

hayu

d)

Mangga

14.

Basa lemesna “indung urang” nyaéta…

a)

Pun Biang

b)

Pun Ibu

c)

Mamah Abdi

d)

Ibu abdi

15.

“Pa, neda widi badé …. heula, hoyong kahampangan!”

a)

Ka tukang

b)

Ka warung

c)

Ka pengker

d)

Ka payun

16.

Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna …

a)

Carpon

b)

Dongeng

c)

biografi

d)

Fiksimini

17.

Carita dongéng Nyi Roro Kidul anu sumebar di masarakat kaasup kana dongéng …

a)

Parabel

b)

Legenda

c)

Sage

d)

Mite

e)

Babad

18.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng …

a)

Sakabeh eusi caritana bohong

b)

Teu jelas nu ngarangna

c)

Sumebarna tatalepa sacara lisan

d)

Ngandung kagolong kana sastra lisan

19.

Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta …

a)

tema

b)

Palaku

c)

purwakanti

d)

galur

e)

latar

20.

Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana waé, nyaéta …

a)

Raja kahampangan dina balokeng

b)

Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang

c)

Sangkuriang nyieun parahu

d)

Dayang Sumbi kawin jeung si Tumang

21.

Ieu di handap anu kaasup kana kalimah pangharepan nyaéta …

a)

Muga-muga waé rencana urang bisa laksana!

b)

Hayu urang rencanakeun wé nu leuwih asak!

c)

Jung baé tiheula, urang mah aya perlu heula!

d)

Sigana mah ulah indit ayeuna, bisi macét!

22.

Tengetan rumpaka kawih di handap ieu!

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih mikanyaah teu inggis béla pati

Amanat nu aya dina éta rumpaka kawih nyaéta....

a)

Urang kudu teu resep ka batur nu teu boga nanaon

b)

urang kudu nyaah ka batur

c)

urang kudu hirup babarengan teu ngabedakeun silih pikanyaah

d)

urang kudu babarengan komo lamun aya duitna

23.

Aksara Ngalagena Serepan sabada ditambahan ku aksara Konsonan Panambih (Serepan Panambih) jumlahna aya . . . .

a)

4

b)

7

c)

6

d)

5

24.

Aksara Serepan Panambih (Konsonan Panambih) téh nyaéta . . . .

a)

/qa/ jeung /xa/

b)

  /za/ jeung /xa/

c)

/kha/ jeung /sya/

d)

/fa/ jeung /sya/

25.

Pikeun nuliskeun kecap “Panjang” merlukeun rarangkén . . .

a)

Panyakra jeung Pamaeh

b)

Pamaeh jeung Panyecek

c)

Panyiku jeung Panyuku

d)

Panglayar jeung Pangwisad

26.

Dina aksara Sunda Ngalagena, angka /8/ wangunna mirip jeung aksara . . .

a)

Ca

b)

Sa

c)

Da

d)

Za

27.

Di handap ieu anu teu kaasup nalika urang rék maca sajak, nya éta …

a)

Lenyepan

b)

Vokal

c)

Notulen

d)

Wirahma

28.

Sikep panyajak ka nu maca disebut ….

a)

Rasa

b)

Nada

c)

Jejer

d)

Citraan

29.

Ngébréhkeun atawa ngungkabkeun hiji sajak dibarengan ku gerak jeung pasemon disebut …

a)

sajak lirik

b)

Deklamasi

c)

Parafrase

d)

Purwakanti

30.

Aya 5 léngkah anu kudu dipilampah nalika nyieun sajak, iwal ….

a)

Nangtukeun rasa jeung suasana

b)

nangtukeun alur

c)

Ngarakit kecap

d)

Nangtukeun tema

31.

Rarangkén nu ngarobah hurup  /a/ jadi /é/ disebut…

a)

paneleng

b)

paneuleung

c)

panghulu

d)

pamepet

32.

Rarangkén nu ngarobah hurup  /a/ jadi /o/ disebut…

a)

paneleng

b)

panolong

c)

panyakra

d)

panyuku

33.

Rarangkén pikeun nambahan aksara /+h/ disebut…

a)

panyecek

b)

pangwisad

c)

panyiku

d)

pamingkal

34.

Rarangkén pikeun ngaleungitkeun aksara sora /a/ disebut…

a)

panglayar

b)

panyiku

c)

pamaeh

d)

pangwisad

35.

Jumlah rarangkén dina aksara Sunda nyaéta…

a)

11

b)

13

c)

14

d)

12