wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSAT SUNDAXI

Total questions: 92

Worksheet time: 3570secs

Name
Class
Date
1.

Manuk Dadali téh nya éta salasahiji anu kaasup kana conto kawih. Aya bédana antara kawih, kakawihan jeung tembang. Lalaguan Sunda nu kauger ku patokan disebut ...

a)

Tembang

b)

Pupuh

c)

Kakawihan

d)

Kawih

e)

pantun

2.

Sedengkeun lalaguan Sunda anu teu kauger ku patokan disebut ...

a)

Tembang

b)

pantun

c)

Pupuh

d)

Kakawihan

e)

Kawih

3.

Lalaguan Sunda anu sok dihaleuangkeun ku barudak basa ulin disebut ...

a)

Tembang

b)

Kakawihan

c)

Pupuh

d)

Kawih

e)

pantun

4.

Kawih bisa dibédakeun jadi kawih klasik jeung kawih pop. Kawih Klasik téh nya éta kawih anu aya di jaman baheula, sedengkeun kawih pop nya éta kawih nu aya di jaman kiwari. Nu teu kaasup kana kawih nya éta ...

a)

Pupuh sinom

b)

Hayang kawin

c)

Bangbung hideung

d)

Panon hideung

e)

kalangkang

5.

Sedengkeun nu kaasup kana kawih modern nya éta ...

a)

Kalangkang

b)

Mojang Priangan

c)

Bulan Batu Hiu

d)

Karatagan Pahlawan

e)

Bajing Luncat

6.

Tembang téh lalaguan Sunda nu kauger ku aturan atawa patokan.Nu teu kaasup kana patokan dina tembang téh salasahijina nya éta ...

a)

Jumlah engang

b)

Jejerna

c)

Ekspresi ngahaleuangna

d)

sora guru lagu

e)

Jumlah guru wilangan

7.

Kawih nu jejerna ngeunaan paturay tineung nya éta ...

a)

Mobil Butut

b)

Pileuleuyan

c)

Pangandaran

d)

Kalangkang

e)

Cingciripit

8.

Teu kasawang ti anggalna

Teu kapikir titadina

Lamun bakal nyeri haté

Hoream teu sudi teuing

Neangan pipanyakiteun 2x


Ungkara dina lagu di luhur ngébréhkeun rasa ….

a)

gumbira

b)

sedih

c)

hanjelu

d)

sumanget

e)

kasieun

9.

Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang

Panonpoé, panon poé disasaté

Unggal bulan-unggal bulan abdi teang

Unggal poé, unggal poé ogé hadé


Lamun ningali tina jumlah engang jeung purwakantina, kawih “Bubuy Bulan” téh diwangun ku ....

a)

sajak

b)

puisi bebas

c)

pupuh

d)

mantra

e)

sisindiran

10.

Upama ku urang diregepkeun, kawih “Bubuy Bulan” téh némbongkeun rasa pangarang anu ....

a)

sedih

b)

nalangsa

c)

nganti -nganti

d)

gumbira

e)

panasaran

11.

Rumpaka kawih téh saenyana mah sarua jeung sajak atawa puisi pédah sok dihaleuangkeun. Ieu di handap nu teu kaasup kana unsur-unsur kawih, nya éta…

a)

Jejer

b)

amanat

c)

nada

d)

purwakanti

e)

galur

12.

Dina rumpaka kawih aya nu disebut adegan lahir jeung adegan bathin. Adegan lahir nya eta unsur fisik rumpaka kawih nu disawang tina wangunna. Anu teu kaasup kana adegan lahir nya eta ...

a)

tipografi

b)

diksi

c)

imaji

d)

purwakanti

e)

amanat

13.

És lilin mah aduh kalapa muda

Dibantun mah geuning ka Sukajadi

Abdi isin geuning samar kaduga

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Dina sempalan kawih "És Lilin" di luhur, dumasar kana wangun rumpakana éta kawih

téh kaasup kana wangun ...

a)

Pupuh

b)

Sisindiran

c)

Sajak

d)

Guguritan

e)

Puisi

14.

Puisi anu sok dilagukeun, boh ditembangkeun tapi dina Kasundaanmah sok di kawihkeun. Èta wangenan tèh di sebutna naon?

a)

Rumpaka Kawih

b)

Rumpaka Puisi

c)

Rumpaka Sisindiran

d)

Rumpaka Sajak

15.

Nu kaasup conto kawih modern nyaeta

a)

Tanah Sunda

b)

Peuyeum bandung

c)

Budak jalanan

d)

Karatagan Pahlawan

16.

Tanah Sunda

Sanggian : Koko Koswara


Tanah sunda (wibawa) gemah ripah (tur éndah)

Nu ngumbara suka betah

Urang sunda (sawawa) sing toweksa (percéka)

Nyangga darma nu nyata


Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran

Sing tulatén jeung rumaksa

Miara pakaya mémang sawajibna

Getén titén rumawat tanah Pusaka


Rumpaka kawih “Tanah Sunda” téh eusina mangrupa ébréhan cinta ka ....

a)

kaéndahan alam

b)

indung bapa

c)

kabogoh

d)

lemah cai

17.

Bédana kawih jeung tembang nyaéta ….

a)

Kawih kauger aturan, tembang teu kauger ku aturan

b)

Kawih kaiket ku wirahma, tembang teu kaiket ku wirahma

c)

Kawih teu kauger aturan, tembang kaiket ku wirahma

d)

Kawih teu kaiket ku wirahma, tembang kaiket ku wirahma

18.

Sisindiran kecap asalna nya éta...

a)

sindir

b)

nyindiran

c)

sisindir

d)

sindiran

19.

Aya sabaraha jenis Sisindiran?

a)

4

b)

5

c)

3

d)

6

20.

Anu teu kaasup kana sisindiran nya éta...

a)

Pupujian

b)

Wawangsalan

c)

Paparikan

d)

Rarakitan

21.

Aya sabaraha padalisan dina sapada Wawangsalan?

a)

2

b)

3

c)

4

d)

5

22.

Dumasar kana eusina, rarakitan jeung paparikan dipasing jadi sabaraha bagian?

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

23.

Anu teu kaasup kana eusi paparikan jeung rarakitan nya éta..

a)

silih asih

b)

silih asuh

c)

sésébréd

d)

piwuruk

24.

Lamun hayang dahar noga,

Kudu daék nya meulina.

Lamun hayang asup sorga,

Kudu getol nya sholatna.

kaasup kana sisindiran naon rumpaka di luhur?

a)

silih asih

b)

sésébréd

c)

piwuruk

d)

silih asuh

25.
a)

a

b)

b

c)

c

d)

d

e)

e

26.
a)

a

b)

b

c)

c

d)

d

e)

e

27.
a)

a

b)

b

c)

c

d)

d

e)

e

28.
a)

a

b)

b

c)

c

d)

d

e)

e

29.
a)

a

b)

b

c)

c

d)

d

e)

e

30.
a)

a

b)

b

c)

c

d)

d

e)

e

31.
a)

A

b)

B

c)

C

d)

D

32.

Rarakitan mibanda salah sahiji ciri ieu dihandap, nyaeta kecap mimiti dina jajaran ....

a)

ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua

b)

ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

c)

ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi

d)

ka-3 jeung jajarann ka-4 eusi sarua

e)

ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

33.

Lengkepan eusi sisindiran ieu di handap!


Hayam jago eukeur béla

Dipeuncitna ku ki santri

Kudu getol ka sakola

………………………

a.Ngarah loba meunang élmu

b.Sangkan beunghar ku pangarti

c.Ngarah jadi santri

d.Sangkan beunghar

e.Sangkan beunghar ku élmu

a)

Ngarah loba meunang élmu

b)

Sangkan beunghar ku pangarti

c)

Ngarah jadi santri

d)

Sangkan beunghar

e)

Sangkan beunghar ku élmu

34.

sisindiran wanda paparikan nyaéta …

a)

Disambung ciga rakit. kecap awal padalisan di cangkang, disambung deui dina eusi.

b)

Deukuet. Kecap awal padalisan dicangkang, sorana deukeut dina eusi.

c)

Tetebakan. Padalisan cangkang kudu diteguh anu eusina dituduhkeun dina salahsahiji kecap padalisan eusi.

35.

Ka Bandung ge meni ulah

Balik-balik rek ka mana

Ka Bandung arek kuliah

Balik-balik jadi Sarjana


Sisindiran di luhur ka asup kana jenis ...

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

sisindiran

d)

wawangsalan

36.

Dihandap ieu anu lain kaasup wangun sisindiran nyaeta . . .

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Pupujian

37.

Cangkang dina paparikan ayana dina padalisan ka . . .

a)

1 jeung 3

b)

1 jeung 2

c)

2 jeung 3

d)

3 jeung 4

38.

Omongan nu teu tog mol disebut . . .

a)

Sisisndiran

b)

Sajak

c)

Pupuh

d)

Pupujian

39.

Sapanjang jalan soréang,

moal weléh diaspalan.

Sapanjang tacan...................,

moal weléh diakalan.


kecap nu cocok pikeun titik-titik diluhur nyaeta......

a)

kahontal

b)

kasorang

c)

katéang

d)

katajong

e)

kabawa

40.

Belut sisit saba darat,

kapiraray siang wengi.


wangsalna.......

a)

Simeut

b)

Oray

c)

Hayam

d)

Kuda

e)

Belut

41.

Mawa peti dina sundung,

dibawa ka Nusa Jawa.

Pangarti teu beurat nanggung,

kabisa teu beurat mawa.


Sisindiran di luhur mibanda sifat....

a)

silih asih

b)

sésébréd

c)

piwuruk

d)

silih asah

e)

silih asuh

42.

Dumasar kana sifatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

piwuruk, sésébréd, silih asih

c)

cangkang, eusi, wangsal

d)

wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

43.

Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna....

a)

sisindiran

b)

rarakitan

c)

paparikan

d)

wawangsalan

e)

tatarucingan

44.

Ka Bandung ge meni ulah

Balik-balik rek ka mana

Ka Bandung arek kuliah

Balik-balik jadi Sarjana


Sisindiran di luhur ka asup kana jenis ...

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

sisindiran

d)

wawangsalan

45.

Ciri rarakitan nya eta aya kecap anu sarua mimiti dina padalisan.....

a)

Ka 1 jeung ka 2

b)

Ka 2 jeung ka 3

c)

Ka 1 jeung ka 4

d)

Ka 3 jeung ka 4

e)

Ka 1 jeung ka 3

46.

Dumasar kana watekna, sisindiran dibedakeun jadi tilu rupa, nya eta.....

a)

Paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

Piwuruk, sesebred, silihasih

c)

Cangkang, eusi, wangsal

d)

Wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

Tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

47.

Teks:

Sing getol nginum jajamu

nu guna nguatkeun awak

Sing getol neangan elmu

nu guna dunya aherat


sisindiran di luhur kaasup kana wanda...

a)

Wawangsalan

b)

Tatarucingan

c)

Teteguhan

d)

Paparikan

e)

Rarakitan

48.

Teks:

Sawah ngemplang ditanduran

ka huma ngala jarami

Ulah renggang duduluran

dasarna silaturahmi


Sisindiran di luhur teh watekna nya eta...

a)

Piwuruk

b)

Silihasih

c)

Sesebred

d)

Wangsal

e)

Paparikan

49.

Manila ibu kota na

katampina matak isin


wangsalna nya eta...

a)

cina

b)

korea

c)

rusia

d)

kanada

e)

Filipina

50.

Wangsalna "salak", ari cangkangna nya eta....

a)

Buah sisitan ngagonyok, ulah sok galak timburu

b)

Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun

c)

Teu beunang di rangkong kolong, teu beunang dipikahayang

d)

Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran

e)

Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing

51.

Rumasa nu rea harta

..................................

Manusa ngan wasa menta

pangeran anu nedunan

a)

Urang nu jadi siswa

b)

harepan ngan meuli sedan

c)

gawe ukur sukan-sukan

d)

Selat Sunda Jawa-Sumatra

e)

mangpaat keur balarea

52.

Ramo deukeut indung leungeun

Sing tumut kana piwuruk


Wangsalna nya eta....

a)

Jempol

b)

Curuk

c)

Jajangkung

d)

Jari manis

e)

Cinggir

53.

Ciri sisindiran nyaeta unggal padalisan diwangun ku.....engang

a)

9

b)

7

c)

5

d)

8

e)

4

54.

1. 1) kagolong kana sisindiran

2) diwangun ku dua jajar

3) diwangun ku cangkang jeung eusi

4) aya unsur tatarucingan

5) sajajarna diwangun ku 12 engang

6) cara ngalarapkeunnana dina omongan


Anu kaasup kana ciri-ciri wangun wawangsalan téh nya éta….

a)

1,2,3,4,5

b)

1,2,3,4,6

c)

1,3,4,5,6

d)

2,3,4,5,6

e)

2,3,4,5

55.

Ngala térong jeung kalapa,

Dibawa ka kebon Cikur.

Nu gondrong jaman ayeuna,

Teu wawuh ka tukang cukur.


Rumpaka di luhur téh mangrupa...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Pupujian

d)

Wawangsalan

e)

a,b,jeung d

56.

1. Ngala térong jeung kalapa,

Dibawa ka kebon Cikur.

Nu gondrong jaman ayeuna,

Teu wawuh ka tukang cukur.


Sisindiran di luhur unggal padalisan diwangun ku sabaraha engang...

a)

2 engang

b)

3 engang

c)

4 engang

d)

8 engang

e)

9 engang

57.

Katerangan atawa informasi ngeunaan hiji kajadian/peristiwa anu aktual jeung faktual sarta ngandung 5W+1H disebut ....

a)

Warta

b)

Beja

c)

Informasi

d)

Pengumuman

e)

Wawaran

58.

Kajadian atawa peristiwa dina warta mah biasana anyar keneh/ haneut keneh, disebut ....

a)

Aktual

b)

Faktual

c)

Fiktif

d)

Opini

e)

Rekaan

59.

Jalma nu ngalaporkeun warta sacara langsung di lokasi disebut ...

a)

Narator

b)

Reporter

c)

Host

d)

Wartawan

e)

MC

60.

Unsur 5W+1H dina warta Sunda ngawengku ...

a)

Naon, dimana, iraha, saha, kunaon, ku saha

b)

naon, kunaon, dimana, kumaha, saha, iraha

c)

naon, kunaon, dimana, kamana,iraha, saha

d)

naon, iraha, saha, ku saha, dimana, ka mana

e)

naon, kunaon, sabaraha, kumaha, iraha, dimana

61.

Faktual hartina ...

a)

wartana bohong

b)

wartana direka

c)

wartana bener kajadian

d)

wartana palsu

e)

wartana wangun carita

62.

Kamari, Salasa 19 Desember 2022 tos aya kacalakaan motor di jalan baru. Dina eta ungkara aya unsur ...

a)

naon, kumaha, iraha

b)

kumaha, naon, dimana

c)

naon, kamana, iraha

d)

iraha, naon, dimana

e)

iraha, naon, kunaon

63.

Jalma anu tugasna neangan jeung nyusun warta disebut ...

a)

Reporter

b)

Narasumber

c)

Wartawan

d)

Editor

e)

Redaksi

64.

Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajen warta, nya eta ...

a)

waktu

b)

aya patalina jeung kahirupan balarea

c)

aneh

d)

konflik

e)

fiksi

65.

Pikeun nanyakeun "kaayaan atawa proses" ilaharna digunakeun kecap pananya ...

a)

naon

b)

mana

c)

dimana

d)

kumaha

e)

kunaon

66.

Peristiwa atawa kajadian dina warta biasana sok aneh lantaran bakal ngirut nu maca. Kecap ngirut hartina ...

a)

pikaresepeun

b)

narik ati

c)

matak bosen

d)

hoream

e)

pikaseurieun

67.

Warta disebut ogé berita asalna tina kecap viritta basa ....

a)

India

b)

Inggris

c)

Sansekerta

d)

Sunda

e)

Yunani

68.

Sababaraha unsur anu perlu ditengetan dina hiji warta, iwal...

a)

midangkeun hal anu dianggap anyar

b)

aya hubunganana jeung jalma réa,

c)

bisa dipercaya jeung teu jijieunan

d)

peristiwa dianggap penting

e)

teu miboga pangaruh ka nu maca

69.

Ieu di handap anu teu kaasup kana tujuan warta nya éta...

a)

nepikeun beja

b)

promosi

c)

pangajak

d)

mangaruhan

e)

provokasi

70.

Titél, label, mérek, atawa ngaran anu dilarapkeun kana warta disebut...

a)

Lead

b)

Headline

c)

Waruga Warta

d)

Pamungkas Warta

e)

Eusi Warta

71.

Bubuka (Lead) nyaeta ...

a)

Titél, label, mérek, atawa ngaran anu dilarapkeun kana warta

b)

Alinéa atawa paragraf awal anu aya handapeun judul

(headline)

c)

Mangrupa eusi atawa inti warta. Eusi warta ilaharna mangrupa jawaban kana lima pananya 5W+1H ngeunaan warta

d)

Alinéa paragraf akhir minangka omongan langsung (direct

speech) pikeun mungkas warta.

e)

Mangrupa kasimpulan, saran warta

72.

Warta

ngandung harti...

a)

béja, béwara,

atawa informasi

b)

sajak

c)

diskusi

d)

wawancara

73.

Kalawarta bisa dihartikeun ...

a)

koran, majalah,

tabloid, radio, televise, telepon, internet.

b)

orasi

c)

demontarasi

d)

reporter

74.

Ragam basa anu dipake dina warta nya eta ...

a)

basa lemes jeung basa loma

b)

basa kasar

c)

basa cohag

d)

basa sasatoan

75.

Tujuan nepikeun warta nya eta ...

a)

nepikeun béja, pangajak, iklan, propaganda atawa

promosi

b)

nyieun kondisi masarakat teu aman

c)

nepikeun hiji golongan anu dominan

d)

nepikeun informasi anu mecahkeun persatuan jeung kasatuan hiji nagara.

76.

karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika anu tangtu disebut...

a)

pedaran

b)

éséy

c)

makalah

d)

artikel

e)

skripsi

77.

anu ngabédakeun pedaran jeung artikel téh diantarana waé nyaéta...

a)

wangun huruf atawa font nu digunakeun

b)

aya henteuna daptar rujukan

c)

eusi jeung dimuat acanna dina koran/majalah

d)

alus gorengna basa nu digunakeun

e)

panjang pondokna karangan

78.

ieu di handap anu henteu kaasup kana cara-cara maca artikel nyaéta...

a)

mun perlu catetkeun saha waé ahli anu dicutat dina éta artikel

b)

jieun ringkesanana tina artikel anu dibaca

c)

baca heula sakali ti mimiti judul nepi ka tamat

d)

catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel

e)

dicatet sakabéh eusina kana buku catetan

79.

ieu di handap mangrupa wanda artikel, iwal...

a)

éksploratif

b)

déskriptif

c)

prédiktif

d)

éksplanatif

e)

naratif

80.

Jenis artikel anu leuwih jero analisisna, nu nulisna medar topik bahasan tina sababaraha disiplin élmu jeung boga pangaweruh anu jembar, nyaéta…

a)

Opini

b)

Esey

c)

Kolom

d)

Feature

81.

Titénan ieu cutatan artikel di handap!


(1) Dina naskah kuna téh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita.

(2) Aksarana ngagunakeun aksara Sunda buhun nu disundakeun deui kana basa Sunda ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita, taun 1985.

(3) Prabu Siliwangi (disebat ogé Jayadéwata, Pamanah Rasa, Wangi Sutah, Keukeumbingan Raja Sunu, Sri Baduga Maharaja) jumeneng rajana ti taun 1484- 1521 M.

(4) Aya naskah Sunda kuna nu disebat Sanghyang Siksa Kandang Karesian.

(5) Ieu naskah Kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 M.

(6) Sanajan kitu, éta palanggeran téh tetep gedé gunana pikeun jadi palanggeran tatakrama pamingpin Sunda jaman ayeuna, éta palanggeran téh disebatna Parigeuing.


Runtuyan kalimah nu bener sangkan jadi hiji téks artikel nu merenah nyaéta ....

a)

1 - 2 - 3 - 4 - 5 - 6

b)

2 - 3 - 4 - 5 - 6 - 1

c)

3 - 4 - 5 - 6 - 1 - 2

d)

4 - 5 - 2 - 3 - 1 - 6

e)

4 - 5 - 2 - 1 - 3 – 6

82.

Di handap ieu anu kaasup kana kriteria milih judul anu hade dina kagiatan nulis artikel, iwal...

a)

Judul ngawakilan tema nu keur dipedar atawa pamadegan nukeur diajukeun

b)

Singget (3-5 kecap) jeung dedet (miharti)

c)

Pikatajieun tur ngahudang batur pikeun maca sagemblengna

d)

Gunakeun istilah/pakeman basa anu populer

e)

Dina nulis judul kudu make aksara gede (kapital)

83.

Karangan anu eusina ngebrehkeun pamanggih pribadi saurang pangarang atawa panulis anu dirojong jeung didadasaran ku rupa-rupa rujukan, boh hasil panalungtikan boh pamanggih ahli disebut...

a)

Esey

b)

Artikel

c)

Pedaran

d)

Makalah

e)

skripsi

84.

Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikel, nyaeta...

a)

Judul

b)

Alinea bubuka

c)

Alinea panandes

d)

Alinea pamungkas

e)

Alinea panambah

85.

Naon eusi tina artikel wanda prediktif teh...

a)

Eusi pedaranana ngeunaan perkara anu can kajadian dumasar sawangan (analisis) pangarangna.

b)

Eusi pedaranana leubeut ku fakta-fakta anu luyu jeung sawangan pangarangna.

c)

Eusi pedaranana ngagambarkeun hiji perkara atawa mangrupa pasualan dina kahirupan.

d)

Eusi pedaranana ngajentrekeun atawa ngeceskeun kana hiji perkara ka pamaca dumasar pamadegan pangarangna.

e)

Eusina mangrupa kajadian-kajadian anu geus diprediksi saacanna.

86.

Anu teu kaasup kana wanda artikel nyaeta...

a)

prediktif

b)

eksploratif

c)

deskriptif

d)

eksplanatif

e)

persuasif

87.

wangun pedaran anu eusina ngeunaan sawangan atawa pamadegan ngeunaan hiji hal nyaeta

a)

argumentasi

b)

eksposisi

c)

narasi

d)

deskripsi

88.

Salasahiji téhnik nulis karangan pedaran ku cara méré gambaran prosés nyieunna éta barang, disebut téhnik...

a)

idéntifikasi

b)

klasifikasi

c)

définisi

d)

ilustrasi

e)

prosés

89.

Tulisan anu nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian ti mangsa ka mangsa kalawan ngaruntuy tur di sebut...

a)

Eksposisi

b)

Narasi

c)

Dekskripsi

d)

Argumentasi

e)

Isendifikasi

90.

aya sabaraha langkah keur nyieun artikel teh?

a)

4

b)

3

c)

5

d)

6

91.

naon pengertian 'jejer' dina nyieun artikel teh

a)

eusina pikeun kasimpulan

b)

susunan carita atawa paristiwa anu aya dina hiji artikel

c)

eusina ngabahas karakter tokoh, latar tempat, gaya basa, jeung sajabanna

d)

eusina gagasan atawa poko pikiran anu aya dina artikel

92.

pengertian panutup dina artikel nyaeta?

a)

eusina biasana opini ti penulis anu dijadikeun kasimpulan

b)

biasana ngabahas hiji hal atawa hiji masalah anu di dibahas

c)

eusina ngabahas karakter tokoh, latar tempat, gaya basa, jeung sajabanna

d)

hasil akhir ti sadaya lengkah-lengkah atanapi prosedur nu aya

Similar Resources on Wayground