Font size
WorksheetsB. SUNDA (PSAJ)
Total questions: 25
Worksheet time: 25mins
1. Cara nyieun comro:
1) sampeu dipesék
2) sampeu diparud
3) . . . .
4) adonan anu geus diasupan sambel oncom atawa témpé tuluy digoréng
Kalimah nu luyu pikeun ngaleungkepan cara nyieun comro di luhur nyaéta ....
Sampeu diseupan
C. campurkeun adonan jeung tipung tarigu
B. sampeu dicipatian
D. sangkan ngepros campuran parud kalapa
1. Baca wacana ieu sing taliti!
Di hiji padésaaan katelah aya jalma jegud jeung bageur katatanggana. Ari jenenganana H. Udin dupi bojona nu katelah Bu Imas. Ari padamelanana icalan colénak, lamun dina bahasa kirata mah colénak téh di cocol énak. Colénak di damelna tina peuyeum sampeu nu dibeuleum terus dikincaan. Sabot anjeuna nuju ngabeuleum peuyeum torojol padamel désa sareng ti hiji koperasi anu katelahna Koperasi Konsumsi. Dupi maksadna kanggo ngawawancara Pa Udin sareng bojo na kumaha carana ngadamel colénak dugika kajojo ku jalma-jalma anu tarebih tur katinggalna sukses dina widang icalan colénak.
Wawancara éta tumaros sabaraha modal ngawitannana tur kauntungan anu diraup ku keluarga Pa Udin. Keluarga Pa Udin téh ngawaler yén tadina mah usaha éta téh mung nyayogikeun kanggo keluarga sareng tatangga anu caraket. Tapi kadieunakeun seueur pamenta tinu tarebih ku pawartos-wartos téa masalah dina rasa sareng harga.
Tah kulantaran kitu patugas ti Koperasi Konsumsi téa nawaran modal supados usaha Pa Udin langkung ageung sarta langkung nanjeur jeung lamun tiasa mah muka cabang di tempat séjén.
Naon jenis usaha anu aya dina wacana éta téh?
Kumaha cara nyieun colénak téh?
1. Baca sajak ieu!
Lembur Kuring
Pasawahan ngaremplang
Caina cur-cor
Harerang alam gumawang
Hiliwir angin
Nebakan haté kuring
Nu pinuh kamelang
Jelaskeun maksud eusi sajak di luhur!
1. Titenan pupuh sinom ieu!
Sinom
Hirup kudu sauyunan
Sangkan tingtrim kana ati
Ulah rék pakia- kia
Anggur masing silih asih
Jauh tina hiri dengki
Sok komo mun niat hasud
Cegahan lampah ngarinah
Hirup kumbuh silih geuing
Sangkan aman jauh tina pacogrégan
Pupuh diluhur eusina ngenaan ajakan pikeun hirup ….
silih geuing
sauyunan
silih asih
kudu aman
Baca wacana ieu!
Najan béda tradisina tapi bangsa Indonesia salawasna akur ngahiji. Hirup sauyunan henteu papaséaan. Saréréa ngarasa sabangsa sanagara.
Eusi wacana di luhur ngeunaan ….
sauyunan
béda
lawan
musuh
Kalimah anu kecapna maké rarangken ka-an nyaéta ....
ulin téh ulah kamalinaan teuing
imah mang Asép kamari kahuruan
domba jang Didin can dikandangan
sampeu téh kadaharan urang Sunda
Ibu kapala ngadeg dipayuneun murid-murid kelas 6. Anjeuna maparin wejangan wiréhna dina dinten sénén ngawitan ujian sakola. Ngadeg sarua hartina jeung ….
calik
nyarios
mimpin
nangtung
Alam Padesaan
(Astri Martiani Irawan)
Endah alam padesaan
Estu lain pupulasan
Diriung ku gunung-gunung
Dikuriling ku pasir-pasir
Kidul kulon kaler wétan
Plung-plong matak waas téténjoan
Sajak di luhur diwangun ku ... padalisan.
lima
genep
tujuh
dalapan
Asep Sunandar Sunarya saurang tokoh atawa seniman ….
padalangan
pangarang
juru rumpaka
pangatik
1. Baca paguneman ieu!
Yayan
: “Naon nya ari nu ngalantarankeun salesma jeung batuk téh?”
Sandi
: “Cenah mah virus.”
Yayan
: “Tapi Ema mah ku hasep roko ogé sok batuk.”
Sandi
: “Haseup rokok ogé bisa ngalantarankeun rupa-rupa …”
Dudi
: “Enya saperti kangker bayah jeung kangker genggerong.”
Kecap anu bener pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaéta ….
kamelang
kasedih
kasakit
kasieun
1. “Sipa teh sakola tos kelas VI”
Kalimah pananya anu cocok keur eta jawaban nyaeta ....
Kalimah pananya anu cocok keur eta jawaban nyaeta ....
Saha nu geus sakola kelas VI teh?
Sok kana naon Sipa indit sakolana teh?
Di mana Sipa teh sakolana?
Kelas sabaraha Sipa teh sakolana?
Ngaran kaulinan barudak awéwé dina gambar nyaéta ….
éncrak
béklen
congkak
sondah
1. Titenan kawih ieu!
Cita-Cita
(Cipt: Ubun R. Kubarsih)
Jadi TNI POLRI hey gagah perkasa
Siap babakti ka lemah cai
Jadi maklum hukum diplomat teknokrat
Ahli ekonomi patani mandiri
Cita-cita, cita-cita
Mangka laksana mun diajarna rajin
Cita-cita, cita-cita
Pareng laksana mun diajarna tigih
Kacindekan kawih di luhur nyaéta, iwal ….
A. diajar sing gétol pikeun ngahontal cita-cita
B. kalaksanana cita-cita ku diajar cing tigih
C. cita-cita bakal kalaksana mun teu rajin diajar
D. ngahontal cita-cita nyaéta salah sahiji sikap bela nagara
Dibandingkeun jeung téknologi séjéna, kamajuan téknologi widang telekomunikasi ... pisan majuna.
garancang
gancangan
digancangan
gancang
Pangaruh budaya dengeun anu asup ka nagara urang akibat globalisasi budaya aya ogé goréngna, kusabab kitu urang kudu ….
mikaresep budaya dengeun
nurutan budaya deungeun
ngamekarkeun budaya deungeun
bisa milih jeung milah budaya
Nagara urang bisa maju ku ayana ….
pangaruh internet
ngaronjatkeun kahirupan
ningkatkeun ekonomi
pangaruh budaya dengeun
Assalamualaikum wr.wb.
Kanggo murangkalih sakola, pangaweruh kana katuangan anu bersih téh kelintang peryogina. Utamina kanu resep jajan, komo deui upami jajanan sambarangan. Kumargi kiwari seueur kacarioskeun jajanan anu ngandung formalin sareng zat pewarna. Jajan sambarangan teh sami sareng melak bibit panyakit. Upami kedah barang tuang dina waktos istirahat di sakola, langkung sae upami mekel katuangan ti bumi.
Rupina sakitu bae biantara ti simkuring. Hapunten upami aya basa anu kirang merenah. Mugia bae aya mangfaatna kanggo urang sadayana.
Wassalamualaikum Wr.Wb.
Simpulan bintara di luhur nyaeta ....
tong mekel katuangan ti bumi
ulah jajan sambarangan
kudu jajan sambarangan
kudu kukumbah memeh jajan
Di jaman kiwari pangaruh globalisasi aya alus jeung aya oge nu goréng, contona ....
teknologi beuki maju ngan sikep individual jeung gotong royong beuki ngurangan
teknologi beuki maju sikep individual leuwih nambahan
teknologi leuwih ngurangan sikep individual beuki ngurangan
teknologi leuwih ngurangan sikep individual leuwih maju
Tukang maénkeun wayang disebut ....
pamayang
montir
nayaga
dalang
Baca carita ieu pikeun ngajawab pananya nomer 9 jeung 10!
Jajang terus ka pipir, ngala babadotan “Kumbah di kulan, tutuan dina tatapakan!” paréntah bapana. Ari bapana Jajang jonjon ngumbah tatu mencek, maké cai haneut. Jajang nutuan babadotan dina tatapakan. Sanggeus bérés, tuluy babadotan nu meunang nutuan téh dipokokeun kana suku mencek. Sakapeung karengeu sora mencek unggak-enggik, mun jalma mah ngajerit mereun ngarasa perih, watir pisan.
Watek Jajang dina éta carita nyaéta … ka sato.
api lain
haré-haré
nya'ah
beungis
Kecap produktif ngandung harti ….
mindeng indit ka luar negri
mindeng ngahasilkeun karya tulisna
getol diajar nulis atawa ngarang
getol nyieun buku pikeun di jual
Buruk-buruk papan jati.
Paribasa di luhur ngandung harti ....
sémah kaéléhkeun ku pribumi
hade goréng dulur sorangan
hirup kudu sauyunan
tong éléh ku aturan
Sebutkeun tilu ciri pangaruh globalisasi!
Tulis bagéan-bagéan dina nyieun téks biantara!
