Font size
WorksheetsPAGUNEMAN KELAS 7
Total questions: 20
Worksheet time: 13mins
Naon anu disebut Paguneman teh...
Obrolan silih tempas antara dua urang atawa leuwih
Kagiatan sapopoe manusa dina raraga ngayakeun komunikasi boh lisan atawa tulisan
Kagiatan nyarita sorangan
obrolan anu dilakukeun ku sorangan
Anu kaasup paguneman tèh nyaèta ...
dialog
epilog
monolog
prolog
Paguneman dilaksanakeun ...
di jero imah
di mana waé
dina kaayaan dinas
bari dariuk dina korsi
Lamun urang ngobrol jeung babaturan saumur biasana sok ngagunakeun basa ...
lemes
hormat
hormat pisan
loma
Santi : "Nepangkeun nami abdi Santi. Kumaha damang?"
Eusi : "_____________________"
Pikeun nyalengkeupan paguneman di luhur nyaèta
cageur
gering
saè pangèstu
wilujeng
Paguneman ngagunakeun kalimah anu mangrupa kalimah langsung, ciri kalimah langsung teh nyaeta?
Aya tanda kekenteng (".....")
Aya tanda tanya (?)
Aya tanda seru (!)
Aya tanda koma (,)
"Mbu, Rakha mios heula ka sakola nya" mangrupa conto kalimah paguneman...
Menta Idin
Ngawanohkeun diri
Amitan
Patanya nalika paamprok di jalan
Jeno: "Assalamualaikum.. Punten pa, dinten enjing abdi neda widi teu tiasa ngiringan ekskul PMR, kumargi abdi bade ka Tasik ka bumi nini, nini abdi nuju teu damang"
Bapa Guru : Muhun mangga sawios, mugia nini Jeno enggal damang nya"
paguneman di luhur mangrupa conto paguneman...
Menta Hampura
Amitan
Nganuhunkeun
Menta Idin
Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina lumangsungna paguneman nyaeta diantarana...
kudu sopan
sorana kudu bentes
motong omongan batur
ulah kaluar tina tema anu keur diobrolkeun
Wildan : “San, urang lalajo PERSIB di imah urang, yu!”
Isan : “Hayu, ajak atuh nu séjén ngarah ramé.”
Wildan : “Ajakan saha nya San?”
Isan : “Kumaha mun ngajak si Engkus jeung si Nanang”
Wildan : “Sok atuh, sms ku manéh wé nya!”
Ragam Basa anu dipake dina paguneman di luhur nyaeta...
Basa Kasar
Basa Hormat
Basa Loma
Basa lemes
Wawang : “Nepangkeun, Ibu. Wasta abdi Wawang réréncangan Mira.” Kaleresan bénten SD. Janten nembéan ameng ka dieu.”
Ambu Mira : “Ohhh, paingan atuh, asa nembé ningal. Bingah pisan, Mbu tiasa tepang. Mir, ieu aya Néng Wawang.”
Paguneman di luhur conto paguneman...
Ngawanohkeun diri
Amitan
Ngahununkeun
Menta Hampura
Dedeh : “Assalamualaikum.”
Udin : “Wa’alaikumsalam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten bade tumaros, dinten
kamari aya tugas?”
Udin : “Oh muhun.. aya tugas Basa Sunda. Ku naon
atuh kamari teu sakola, Deh?”
Dedeh : “............”
Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur, nyaeta...
"hayu atuh urang ngerjakeun isukan"
"muhun sakedap deui dugi"
"kamari teh abdi udur, nyeri patuangan"
"kedah ngerjakeun naon PR bahasa Sunda teh?"
Kalimah di handap ieu nu make bahasa lemes nu bener, nyaeta...
kuring indit ka sakola
Teh Dina permios bade ka Bandung
antosan sakedap, abdi dahar heula
Mamah diuk gigireun Bapa
Istilah dina basa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung kecap paguneman, nyaeta...
Perintah
Percakapan
Bercakap
Berbicara
Paguneman disebut ogé........
Jejer
Obrolan atawa wangkongan
Tema
Masalah
Lamun urang rek namu ka imah batur, pang mimitina kudu dilakukeun nyaeta...
Ngetrok panto
Langsung asup ka imahna
Ngucapkeun salam
Ngawanohkeun diri heula
Mana wae anu kaasup kana struktur paguneman...
Bubuka
Salam Panutup
Eusi
Panutup
Lamun aya nu nyarita (Ngomong) sikep urang kudu...
Dangukeun heula
Langsung ditempas
Motong omongan
Pipilueun nyarita
Andrew : "Eh Ramdan bade kamana? geuning tos tiasa kana motor nya"
Ramdan : "Eh Andrew ieu bade ka payun meser sate, enya tos tiasa sabulan kamari diajarkeun ku aa abdi"
dimana obrolan Andrew jeung Ramdan lumangsung...
Di jalan
Di Sakola
Di Imah
Di tukang sate
Bu Ayunda : "Marsya, kumaha kamari lomba pramuka teh kengeng?"
Marsya : "Alhamdulillah bu kengeng juara umum"
Bu Ayunda : "Alhamdulillah atuh, wilujeng nya Marsya"
Marsya : "Muhun ibu hatur nuhun"
Bu Ayunda: "Sami-sami"
Eusi paguneman di luhur nyaeta...
Bu Ayunda ngawilujengkeun ka marsya sabab juara umum pramuka
Marsya Ngahaturkeun Nuhun ka ibu ayunda
Marsya menta idin ka bu ayunda sabab rek lomba
bu ayunda nganuhunkeun ka marsya
