wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis Basa Sunda Kelas 10

Total questions: 20

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Komunikasi verbal anu umumna dilakukeun di hareup umum atawa kelompok jalma pikeun nyampékeun informasi, ide, atawa argumén disebut....

a)

Paguneman

b)

Drama

c)

Biantara

d)

Biografi

2.

Nu teu kaasup struktur biantara nyaéta....

a)

Bubuka

b)

Tujuan

c)

Eusi

d)

Panutup

3.

Dina biantara sora vokal kudu....

a)

Geulis

b)

Jelas

c)

Tegang

d)

Laun

4.

Jalma nu nepikeun biantara disebut....

a)

Provokator

b)

Motivator

c)

Orator

d)

Editor

5.

Maksud, tujuan, sasaran, rencana kaasup kana struktur ...... biantara

a)

Pamuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Pendahuluan

6.

Aya sawatara faktor anu ngalantarankeun biantara hiji jalma dipikaresep ku balaréa, di handap ieu faktor na, iwal....

a)

Tatag nyaritana

b)

Ngandung wirahma

c)

Alus tulisanna

d)

Munel eusina

7.

Bagian biantara anu biasana ngawengku sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah, nyaéta...

a)

Pamuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Pendahuluan

8.

Obrolan silitémpas antara dua urang atawa leuwih disebut....

a)

Biografi

b)

Paguneman

c)

Biantara

d)

Otobiografi

9.

Naon tujuan utama tina paguneman?

a)

Ngumpulkeun informasi sacara pasip

b)

Ngibur audiens

c)

Ngahontal kasapukan, ngabagi informasi, atawa ngarengsekeun masalah

d)

Nyusun dokumen resmi

10.

Naon anu kedah dilakukeun lamun aya konflik dina paguneman?

a)

Ngahindarkeun topik anu nyababkeun konflik

b)

Nyarios langkung keras pikeun menang

c)

Milarian solusi babarengan jeung komunikasi sacara terbuka

d)

Ngantosan nepi ka konflik réngsé ku sorangan

11.

Kunaon dina paguneman penting pikeun merhatoskeun rengkuh atawa basa awak?

a)

Sabab basa awak henteu mangaruhan komunikasi

b)

Pikeun nambah formalitas dina percakapan

c)

Sabab basa awak tiasa masihan sinyal tambahan ngeunaan rarasaan jeung sikap

d)

Pikeun ngahindarkeun panggunaan basa lisan

12.

Istilah "nyarios langsung" dina paguneman hartina....

a)

Nyampaikan pesen ngagunakeun email

b)

Nyarios tanpa maké perantara atawa média séjén

c)

Ngahindarkeun panggunaan basa awak

d)

Ngagunakeun alat bantu visual salila nyarios

13.

Naon bédana utama antara paguneman resmi jeung teu resmi?

a)

Resmi ngagunakeun basa sapopoe, sedengkeun teu resmi ngagunakeun basa baku

b)

Resmi ngabogaan struktur jeung basa anu teratur, sedengkeun nu teu resmi leuwih santai jeung spontan

c)

Resmi ngan dianggo dina konteks profesional, sedengkeun teu resmi ngan dianggo di imah

d)

Resmi henteu merlukeun perhatian kana etika nyarios, sedengkeun teu resmi mah merhatikeun etika

14.

Catetan ngeunaan pangalaman hirup hiji jalma disebut....

a)

Biantara

b)

Paguneman

c)

Biografi

d)

Drama

15.

Naon tujuan utama tina nyerat biografi?

a)

Pikeun ngumpulkeun data statistik

b)

Pikeun nyaritakeun jéjér anu saluyu dina rapat

c)

Pikeun ngabagi carita jeung prestasi hiji jalma ka publik

d)

Pikeun nyusun laporan keuangan

16.

Kumaha bedana antara biografi jeung otobiografi?

a)

Biografi ditulis ku jalma anu keur diceritakeun, sedengkeun otobiografi ditulis ku batur

b)

Biografi ditulis ku batur, sedengkeun otobiografi ditulis ku jalma anu keur diceritakeun

c)

Biografi ngan ditulis maké basa asing, sedengkeun otobiografi maké basa lokal

d)

Biografi mangrupakeun ringkasan, sedengkeun otobiografi mangrupa naskah panjang

17.

Naon anu umumna kaasup kana unsur-unsur biografi?

a)

Hasil ujian

b)

Daftar paréntah hukum

c)

Kahirupan awal, karir, prestasi, sareng pangaruh sosial

d)

Buku petunjuk software

18.

Anu teu kaasup kana unsur-unsur biografi téh nyaéta....

a)

Detil ngeunaan kajadian penting dina kahirupan

b)

Analisis jero ngeunaan bukuna

c)

Inpo ngeunaan latar belakang kulawarga

d)

Informasi ngeunaan karir profesional

19.

Biogafi asalna tina basa Yunani ''Bios'' nu hartina....

a)

Lahir

b)

Tulisan

c)

Hirup

d)

Ilmu

20.

Mangpaat tina biografi téh naon?

a)

Ngalamar Pagawéan

b)

Pangéling kana jasa hiji jalma

c)

Dokumén sajarah

d)

Ngajadikeun terkenal