wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

kuis bahasa sunda 1

Total questions: 15

Worksheet time: 9mins

Name
Class
Date
1.

Dina bahasa Indonesia paguneman téh disebut percakapan. Ari dina bahasa Inggris mah paguneman téh sok disebut...

a)

Dialogue

b)

Monologue

c)

Essay

d)

Naration

2.

Aturan sopan santun makéna basa dumasar kana kalungguhan, kaakraban , jeung hubungan antara peran panyatur, pamiarsa, tur nu dicaritakeun téh wangenan tina...

a)

Tatakrama Basa

b)

Tatakrama Paguneman

c)

Undak Usuk

d)

Sopan Santun Nyarita

3.

Aya tilu wangun tatakrama basa Sunda, nyaéta...

a)

Basa lemes, basa wajar (loma), jeung basa sapopoé

b)

Basa lemes (hormat), basa loma, jeung basa sapopoé

c)

Basa sapopoé, basa loma, basa kasar (cohag)

d)

Basa lemes (hormat), basa wajar (loma), jeung basa kasar (cohag)

4.

Basa lemes dipaké lamun urang nyarita ka batur saluhureun atawa can wawuh. Maké basa lemes téh dicirian ku ayana opat hal, nyaéta...

a)

Lisan, pasemon, rengkuh, jeung peta

b)

Pasemon, rengkuh, peta, jeung lentong

c)

Kekecapan, pasemon, rengkuh, jeung lentong

d)

Lisan, pasemon, jeung lentong hungkul

5.

Paling saeutik paguneman teh ngalibetkeun sabaraha urang...

a)

Dalapan urang

b)

Genep urang

c)

Dua urang

d)

Tilu urang

6.

Dihandap ieu sawatara tatakrama paguneman anu bener, iwal...

a)

Sora kudu ngoncrang

b)

Kudu nyigeung kana perasaan batur nu keur diajak nyarita

c)

Teu meunang motong nyaritaan batur

d)

Dina waktu ngajawab pananya ti batur kudu ngéntép seureuh, teu ngalantur kamana daek

7.

Anu kaasup paguneman teh nya eta...

a)

prolog

b)

monolog

c)

dialog

d)

epilog

8.

Pa Dadan: Saha nu teu sakola dinten ieu?

Galang : Badru pa.

Pa Dadan: Ku naon anjeunna teu sakola?

Galang: Saurna mah ........... Pa.

Pa Dadan: Udur ku naon cenah?

Galang: Panas tiris saur mamahna mah pa, kamari huhujanan.

a)

Teu damang

b)

Gering

c)

Udur

d)

Sakit

9.

Paguneman disebut ogé........

a)

Jejer

b)

Obrolan atawa wangkongan

c)

Tema

d)

Masalah

10.

Paguneman teh asal kecap tina "Gunem" nu hartina...

a)

Paguneman

b)

Nyarita silih tempas

c)

Gundam

d)

Gundah

11.

Mang Utas : “Lo.. Kadieu sakeudeung, urang ngopi

heula!”

Si Alo : “Aeh.. sugan teh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah.”

Mang Utas : “Puguh Lo, amang teh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis. Amang mah asa di Kutub, Lo.”


Tema/topik paguneman di luhur, nyaeta...

a)

Hawa lembur nu tiis

b)

Liburan ka kutub

c)

Nginum kopi

d)

Mang Utas jeung Alo

12.

Aya tilu syarat lamun urang rek ngalakukeun paguneman, salah sahijina nyaeta paguneman teh kudu dilakukeun ku...

a)

Tujuhan

b)

Limaan

c)

Duaan atawa leuwih

d)

Saurang

13.

Istilah dina basa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung kecap paguneman, nyaeta...

a)

Perintah

b)

Percakapan

c)

Bercakap

d)

Berbicara

14.

Paribasa hade tata, hade basa ngandung harti.....

a)

hade goreng bebeja heula

b)

alus rengkah paripolahna jeung budi basana

c)

barita gancang nerekebna bari sok ditambahan

d)

jalma anu rea pangalamanana

15.

Kunaon urang kudu ngagunakeun bahasa lemes?

a)

Sabab bahasa lemes teh bahasa sopan

b)

Sabab bahasa lemes teh bahasa gaul

c)

Sabab bahasa lemes teh bahasa indung

d)

Sabab bahasa lemes teh bahasa menak