NEW
Font size
WorksheetsASESMEN BAB1 BASA SUNDA
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Nagri kuring nyaeta...
Indonesia'
Tatar sunda
Malaysia
Amerika
Lambang nagri nu mayungan rahayat nyaeta...
Undang-undang Dasar
Polisi
Pancasila
Nusantara
Nu kudu sauyunan di ieu Nusantara nyaeta...
Seler sunda
Seler malayu
Seler jawa
Sakumna seler bangsa
Indonesia kudu diraksa sangkan...
Wangi
Nanjung
Beunghar
Kakoncara
Nu teu kaasup seke seler di Indonesia nyaeta...
Jawa
Sunda
Aborigin
Dayak
Tagog dina waktu ngagalantangkeun sajak kudu...
Tarik
Ngayakinkeun
Jelas atawa jentre
Merenah luhur handapna
Kecap nu ngagunakakeun rarangken tengah -um- nyaeta...
Sumirat
Ngarumat
Sumebar
sakumna
Kecap asal tina kecap gumeulis nyaeta...
Geulis
Gumeulis
Tulis
Eulis
Kecap nu ngagunakeun rarangken tengah in nyaeta...
Satria
Tinulis
Sareng
Tutulis
Kecap asal tina kecap tinangtos nyaeta...
Tangtos
Atos
Tongtos
Tinangtos
Kecap nu ngagunakeun rarangken tengah -ar- nyaeta..
Ralumpat
Barudak
Lareuleus
Larame
Kecap asal tina kecap garede nyaeta...
Gede
Garede
Gade
Loba
Kecap nu make rarangken tengah -al- nyaeta...
Sarabar
Laleuleus
Galede
Alulin
Kecap asal tina kecap salabar nyaeta...
Sabar
Salabar
Sarabar
Sobar
Kecap lalumpatan, mangrupakeun hiji kecap anu diselapan rarangken...
al
ar
in
um
Unsur sajak anu disebut Inti pikiran pangarang nyaeta...
Tema
Rasa
Wirahma
Nada
Unsur sajak anu disebut pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka nu maca disebut...
Amanat
Rasa
Nada
Tema
Unsur sajak anu disebut rasa Bisa rasa bungah, tingtrim, waas, keuheul, watir, sedih, hariwang atawa sumanget anu timbul sanggeus maca karangan sajak nyaeta...
Tema
Rasa
Nada
Wirahma
Hal anu kudu diperhatikeun dina ngalantangkeun sajak nyaeta artikulasi. Artikulasi nyaeta...
Ngalafalkeun hurup kudu jelas jeung bentes
Sorana kudu tarik
Intonasina kudu merenah
Sikep kudu luyu jeung naon nu diucapkeun
Hal anu kudu diperhatikeun dina ngalantangkeun sajak nyaeta sora. Sora na kudu...
Tarik
Jojorowokan
Jempe
Ngagereyem
Hal anu kudu diperhatikeun dina ngalantangkeun sajak nyaeta lentong atawa intonasina kudu...
Merenah atawa enakeun
Teu kudu ngajiwaan
Sora na laun
Teu jelas
Sajak "Indonesia Kuring" di wangun ku... Pada.
Hiji
Dua
Tilu
Opat
Pada kahiji diwangun ku... Padalisan.
Opat
Lima
Genep
Tujuh
Rasa nu kagambar sabada maca sajak di luhur nyaeta...
Waas
Sedih
Gumbira
Sumanget
Kecap kakoncara hartina...
Kawentar
Kasilih
Kapilih
Kacutat
