wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ulangan carita babad

Total questions: 25

Worksheet time: 50mins

Name
Class
Date
1.
Di handap ieu mangrupa ciri-ciri babad, iwal
a)
eusina ngeunaan asal-muasal tempat
b)
ngandung sajarah
c)
ngandung pamohalan
d)
wangun puisi
e)
eusina ngabedah wewengkon
2.
runtuyan kajadian anu silih sinambung (sabab akibat) tepi ka ngawangun runtuyan carita anu gembleng (utuh).Eta bagian téh ngawanohkeun tokoh anu ngalalakon, ditéma (disambung) ku runtuyan kajadian atawa masalah mimiti muncul, tuluy nyambung kana kana klimaks atawa konfliks anu muncak, dipungkas ku résolusi jeung kacindekkan carita. Mangrupa wangenan tina…
a)
latar
b)
galur
c)
jejer
d)
palaku
e)
puseur sawangan
3.
cara nyawang anu digunakeun ku pangarang dina midangkeun carita.Eta cara téh sok diwakilan ku tokoh anu dilalakonkeun na. Aya dua cara atawa gaya dina midangkeun carita téh. Aya gaya jalma ka hiji jeung gaya jalma katilu tunggal (narator). Dina carita babad mah geus ilahar anu digunakeunana téh gaya jalma katilu tunggal, cirina tokoh-tokoh anu ngalalakon dina éta carita téh dingaranana ku pangarang na. Mangrupa wangenan tina…..
a)
latar
b)
galur
c)
jejer
d)
palaku
e)
puseur sawangan
4.
ma’na nu nyampak dina hiji carita.Biasana teu nembrak atawa sok disumputkeun. Ku lantaran kitu, pikeun maluruh jejer téh kudu bérés heula maca caritana.
a)
latar
b)
galur
c)
jejer
d)
palaku
e)
puseur sawangan
5.
tempat lumangsungna kajadian dina carita atawa lingkungan anu nyampak dina leunjeuran carita.
a)
latar
b)
galur
c)
jejer
d)
palaku
e)
puseur sawangan
6.
Kacaritakeun tengah peuting sup Kéan Santang jeung balad-baladna asup ka Dayeuh Pajajaran. Harita téh meujeuhna tiris. Lolobana perjurit Pajajaran sararé tibra. Saeutik baé anu kagiliran nyaring téh, ngajaga mundar-mandir. Barang musuh geus arasup, nu sararé digeuingkeun. Tapi lapur, méméh nyarekel pakarang geus disabetan mantén ku musuh, taya nu bisa manga pulia. Latar carita di luhur nya éta
a)
beurang
b)
peuting
c)
soré
d)
isuk
e)
tengah poé
7.
Najan biasana tandang di médan perang, mashur tukang nundung musuh, tukang ngabuburak barandal, harita mah Sang Prabu séjén wirasat. Anjeunna perlu ngadangu kana piunjuk Norogol. Enggal baé Sang Prabu lolos sagarwa putra katut saeusi karaton. Medal ti dayeuh Pakuan lebet ka leuweung. Abdi-abdi anu seja bélapati ka gustina, padangiring.watek palaku dina carita di luhur nya éta
a)
kuat jeung asak tinimbangan
b)
galak
c)
pinter
d)
lemah
e)
pundungan
8.
Di karaton geus parongpong, ngan Sénapati Norogol nu tanggoh kawas nu hayang uninga jajatén musuh. Barang nepi Kéan Santang ka karaton, rék mintonkeun kagagahan, jadi lémpés. Ari sababna ningal Norogol teu gedag bulu salambar, teu mundur satunjang béas, tanda perjurit lineuwuh, lain unghakeun. Sanggeus papayun-papayun jeung sanggeus uluk salam, Kéan Santang nyaur kieu, “Ieu kaula gaduh iteuk bantun ti Mekah, bade ditancebkeun ka nu taneuh. Mangga ku sampéan cabut. Upama kacabut, tawis sampéan ngagem agama suci. Nanging lamun teu kacabut, sampéan kedah lebet agama Islam, nya éta agama sajati nu pangsucina. watek palaku Kéan Santang dina carita di luhur nya éta
a)
angkuh
b)
galak
c)
wijaksana
d)
lemah
e)
pundungan
9.
“Kami nyaho, yén di dunya taya nu langgeng. Margi kersa Nu Maha Suci, ayeuna agama Islam kudu nanjung. Lamun terus perang sadulur, balukarna ngan matak ruksak nagara, jeung sangsara saréréa. Maranéh kabéh kumaha raga katineung, meunang milih agama nu mana baé. Ari kami neneda ka Maha Déwa, nyuhunkeun asup ka Suralaya. Ti dinya leumpang saparan-paran nuturkeun indung suku. Sawaréh tetep di dinya, ngarep-ngarep sugan nu jadi panutan sumping deui. Tapi kawasna geus kersa Maha Kawasa, sakur anu ninggalkeun manéh di Gunung Cibodas téa, salin rupa, kabéh jadi arca batu, sarta nepi ka ayeuna disarebut Arcadomas. Unsur pamohalan nu aya dina carita di luhur nya éta
a)
Margi kersa Nu Maha Suci, ayeuna agama Islam kudu nanjung
b)
Maranéh kabéh kumaha raga katineung, meunang milih agama nu mana baé.
c)
Ti dinya leumpang saparan-paran nuturkeun indung suku.
d)
sakur anu ninggalkeun manéh di Gunung Cibodas téa, salin rupa, kabéh jadi arca batu
e)
Ari kami neneda ka Maha Déwa, nyuhunkeun asup ka Suralaya
10.
Sangeus urang Pajajaran anut Islam, Kéan Santang terus ngaislamkeun jelema-jelema di pagunungan, nepi ka basisir kidul. Deukeut Laut Cilauteuerun, aya batu urut calik Kéan Santang, waktu anjeunna jumeneng raja di Sancang, jujulukna Sang Prabu Gagak Lumayung. Ari pasaréanana aya di kampong Godog, teu pati jauh ti Dayeuh Garut. Latar nu aya dina carita di luhur nya éta, iwal
a)
pagunungan
b)
basisir kidul
c)
laut Cilauteureun
d)
kampung godog
e)
Karaton pajajaran
11.
Bagian gunung anu pangluhurna, tonggong gunung anu wangunna manjang disebut…
a)
mumunggang
b)
pasir
c)
lamping
d)
basisir
e)
tanjung
12.
leuweung anu sakuriling bungking pinuh ku rupa-rupa kakayon sarta teu kasaba ku jalma, tempat matuhna sasatoan disebut…
a)
leuweung geledegan
b)
leuweung gerot
c)
leuweung anggong simagongong
d)
leuweung luwang-liwung
e)
dungus
13.
Sisi tanah atawa keusik anu adek ka laut disebut…..
a)
basisir
b)
tanjung
c)
jojontor
d)
muara
e)
jajirah
14.
Suku gunung, bagian gunung beulah handap disebut...
a)
tutugan
b)
mumunggang
c)
ponclot
d)
gawir
e)
pasir
15.
Hiji mangsa aya saurang aki-aki datang ka dinya. Kaayaan wuwuh matak pikawatireun. Leumpangna jumarigjeug kundang iteuk. Bajuna rangsak, warugana geus bongkok. Sanggeus luha-loho, pok éta aki-aki téh nanya ka awéwé tanpadaksa téa. “Nyai, aki hanyang nginum. Hanaang, sugan aya cai tiis!” pokna. Euleuh aki geus beak cai tiisna ogé. Aya gé cai asin,” témbal awéwé téh. Da jeung enyana, cai tiis dina gentongna téa geus beak, can dieusian deui. Aya gé cai asin paranti manéhna masak, dina gentong anu séjén. Panyangka éta awéwé, Si Aki butuh cai beresih siga jalma lianna, keur bawaeun ka lemburna. Demi Si Aki, barang ngadéngé caritaan éta awéwé téh siga nu ngangres. Beungeutna alum. Pok ngagerendeng soarangan, Cai asin? Aya ku teungteuingeun. Pédah aing aki-aki kitu?” Si Aki téh tuluy muru pipir saung. Jumarigjjeug muru sumur téa. Sanggeus kitu, tel baé iteukna dianclomkeun kana cai sumur. Ti dinya mah manéhna indit, bari teu kanyahoan ka mana léosna. Unsur intrinsik nu dicaritakeun dina eta dongeng nya eta…
a)
latar, tempat, palaku
b)
latar, watek, palaku
c)
latar, amanat, palaku
d)
galur, palaku, amanat
e)
latar, galur, amanat
16.
Babad téh carita anu ngandung ajén........
a)
sajarah
b)
agama
c)
sosial budaya
d)
adat astiadat
e)
hukum
17.
Di handap ieu nu kaasup kana conto babad, iwal
a)
Babad Derrnayu
b)
Babad Cirebon
c)
Babad Dipati Ukur
d)
Sasakala Majalengka
e)
Sangkuriang
18.
Tokoh Nyi Rambut Kasih dina Babad Majalengka kaasup tokoh anu ngadegkeun...
a)
Karajaan Sunda
b)
Karajaan Galuh
c)
Karajaan Pajajaran
d)
Karajaan Kawali
e)
Karajaan Sindang Kasih
19.
Tokoh Siliwangi dina sajarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun…
a)
Karajaan Sunda
b)
Karajaan Galuh
c)
Karajaan Kawali
d)
Karajaan Pajajaran
e)
Karajaan Salakanagara
20.
Utusan ti Cirebon anu néangan buah maja tur ahirna nyebarkeun agama Islam di wewengkon Karajaan Sindangkasih nya éta…
a)
Pangéran Muhammad jeung Siti Armilah
b)
Pangéran Muhammad jeung Siti Fatimah
c)
Sunan GunungJati
d)
Pangéran Ahmad jeung Siti Fatimah
e)
Ki Bagus Rangin
21.
Unsur Pamohalan dina carita Babad Majalengka nya éta
a)
Nyi Rambut Kasih ngahyang jeung pasukan katut karatonna nalika éléh perang jeung Pangéran Muhammad
b)
Nyi Rambut Kasih téh hiji ratu geulis anu mingpin Karajaan Sindang Kasih
c)
Pangéran Muhammad utusan ti Cirebon néangan buah maja
d)
Buah Maja dijadikeun ubar kasawat panas
e)
Kota Majalengka asalna tina kecap majané langka
22.
Carita atawa dongéng anu ngandung unsur sajarah lokal disebut…
a)
mitos
b)
légenda
c)
babad
d)
sagé
e)
parabél
23.
Karajaan munggaran di wewengkon Majalengka nya éta…
a)
Sindang Kasih
b)
Sumedanglarang
c)
Tarumanagara
d)
Talagamanggung
e)
Salakanagara
24.

Ngalanglangan pakidulan garut
Ombak basisir ketir dina waktu eta
Sayang helang kakarang gajah
Los ka jojontor sancang

Ceunah cek beja baheula aya nagara
Sancang pakuan pajajaran katelahna
Prabu siliwangi nu jadi rajana
Sakti mandra buhunan

Bade di islamkeun anjeuna alim
diudag putrana prabu kiansantang
Hilang di leuweung eta tileum di leuweung eta
sancang nu caneoh geueuman

Ceunah cek beja baheula aya nagara
Sancang pakuan pajajaran katelahna
Prabu siliwangi nu jadi rajana
Sakti mandra buhunan

Eusi lagu Sancang nya eta, iwal...

a)

di pakidulan Garut aya tempat ngaranna Sancang

b)

baheula aya nagara Sancang Pakuan Pajajaran

c)

Rek diislamkeun prabu Siliwangi teu nolak

d)

Prabu Siliwangi ilang di leuweung Sancang

e)

Prabu Siliwangi diudag putrana Prabu Kean Santang

25.
jojontor, tanah nu nyodor ka laut disebut...
a)
tanjung
b)
muara
c)
basisir
d)
kikisik
e)
jajirah