wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Quiz Bahasa Sunda "dongeng"

Total questions: 20

Worksheet time: 6mins

Name
Class
Date
1.

Dongéng

Si Kabayan Ngala Nangka

Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.

“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.

Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”

“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.

“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.

“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.

“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.

“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléo.

Nu nitah Kabayan ngala nangka téh nyaéta …

a)

Ambuh

b)

Mitoha

c)

Lanceukna

d)

Pak Lurah

e)

Juragan istri

2.

Tema dina dongéng di luhur (no.1) nyaéta …

a)

Kabayan bodo léo

b)

Meuli kebon nagka

c)

Kabayan ngala nangka

d)

Nangka mitohana Kabayan

e)

Kabayan dagang nangka

3.

Dongéng Kabayan ngala nangka kaasup dongéng …

a)

Legenda

b)

Fabel

c)

parabel

d)

Sage

e)

Sajarah

4.

Sabab nangka dipalidkeun Kabayan ka walungan nyaéta …

a)

Rék dimawa ka pasar

b)

Beurat nangkana

c)

Moal dimawa jeung Kabayan

d)

Geus kolot nangkana

e)

Seuer pisan éta nangkana

5.

Kabayan dititah ngala nangka di …

a)

Kebon

b)

Kebon Mang Oding

c)

Leuweng

d)

Kebonna lurah

e)

Walungan

6.

Kasipatna Kabayan dina dongéng di luhur téh ...

a)

Alim

b)

Alus

c)

Bisa dicontoan

d)

Ngareselna mitoha

e)

Bageur

7.

Huruf vokal dina Basa Sunda aya ...

a)

10

b)

7

c)

12

d)

15

e)

18

8.

Unsur-unsur dongéng nyaéta...

a)

Tokoh

b)

Galur

c)

Waktu

d)

Latar

e)

Sadayana beneur

9.

Dongéng nu nyaritakeun jalma-jalma nu luar biasa, kadang-kadang ngandung unsur sajarah nyaéta...

a)

Legénda

b)

Fabel

c)

Sagé

d)

Parabel

e)

Mite

10.

Dongéng kuya jeung monyét melak cau kaasup jenis dongéng…

a)

Legénda

b)

Fabel

c)

Sagé

d)

Parabel

e)

Mite

11.

Sampurasuuun…

Jawabanna…

a)

sae

b)

alhamdulillah

c)

pangesto

d)

rampees

e)

baik-baik saja

12.

  Éta dongéng téh henteu kapanggih saha nu ngarangna. Sanajan kungsi dibukukeun, saenyana nu nyieun buku mah ikur ngumpulkeun atawa ngadokumentasikeun, naon sababna? Lantaran dongéng mah umumna nyebarna secara lisan, nepi ka teu kapaluruh saha saenyana anu mimiti nyieun éta dongéng.

Tina katerangan di luhur sabab dongéng taya pangarangna nyaéta...

a)

Kaasup prosa anyar

b)

Teu aya katentuan nu patén

c)

Teu aya anu mayar karyana

d)

Nyebarna secara lisan

e)

Teu terang

13.

Sameméh réa dibukukeun, nyebar dongéng téh ngaliwatan...

a)

Tulisan

b)

Naskah

c)

Prasasti

d)

Panggung teater

e)

Lisan

14.

Carita Si Kabayan kaasup kana jenis dongéng…

a)

Sage

b)

Mite

c)

Sasakala

d)

Fabel

e)

Parabel

15.

Istilah nu nuduhkeun yén hiji karya sastra kaasup dongéng teu kapaluruh saha nu ngarangna disebut...

a)

Antonim

b)

Akronim

c)

Anonim

d)

Homonim

e)

Sinonim

16.

Dongéng anu patalli jeung mitos nu hirup di lingkungan masarakat, sarta sok aya unsur-unsur mistisna disebut dongéng...

a)

Sasakala

b)

Parabel

c)

Fabel

d)

Mite

e)

Sage

17.

Di handap ieu nu kaasup ciri dongéng nyaéta…

a)

Caritana asup akal

b)

Latar caritana loba jaman ayeuna

c)

Kapuluruh jalma nu ngarangna

d)

Tara aya ajén atikan

e)

Loba nu pamohalan

18.

Tina bacaan dongeng, maksud nepikeun hiji naséhat anu hadé dina dongéng disebutna ...

a)

Galur carita

b)

Latar

c)

Amanat

d)

Tempat

e)

Kajian atawa peristiwa

19.

Gajah jeung sireum

Jaman baheula aya sireum ngarak rajana, ngaliwat kana galur jajalaneun gajah. Sireum nu sakitu keur baklekna téh, teu antaparah deui, leyé-leyé baé ditincakan, bongan cenah maké ngaliud dijajalaneun. Atuh lain ratus deui, tapi aya rébuna sireum anu paéh téh.

Barang raja sireum ninggal baladna réa nu paéh. Kacida ambekna, tuluy susumbar, “éh sakadang gajah, sato nu telenges, nu teu boga rasrasan ka papada mahluk, rasakeun pamales ti kami. Ulah adigung asa aing. Engké di Jumaah kaliwon, urang perang tanding jeung kami!”

Wacana di luhur kaasup kana wangun dongéng...

a)

Sage

b)

Fabel

c)

Parabel

d)

Mite

e)

Sasakala

20.

Tokoh dina carita di luhur (no19)…

a)

gajah jeung sireum

b)

gajah jeung rajana

c)

sireum jeung rajana

d)

raja gajah

e)

sireum jeung raja gajah