Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

QUIZ B. SUNDA BAB 1

Total questions: 10

Worksheet time: 35mins

Name
Class
Date
1-6.

Perang Kukudaan

Perang kukudaan ngagambarkeun prajurit anu keur perang bari numpak kuda. Ieu kaulinan dilakukeun pikeun ngeusi waktu, taya kaitan jeung kajadian sejen.

Kudu aya di tempat anu rada lega saperti di buruan sakola. Carana barudak karumpul. Tuluy neangan pasangan, bisa lalaki jeung lalaki atau awewe jeung awewe. Aya nu jadi kuda (ngagandong) aya nu jadi prajurit (nu digandong).

Pikeun jadi kuda aya 3 urang. Saurang nangtung panghareupna dua urang deui nangtung tukangeun. Leungeun katuhu nu nangtung di tukang, muntang kana taktak kenca babaturan nu nangtung pangharupna. Leungeun kencana anu saurang deui nyekel taktak katuhu nu nangtung di hareup. Sanggeus kitu, leungeun katuhu nu nangtung di hareup, nyekel leungeun hatuhu babaturan nu di tukang, ari leungeun kencana nyekel leungeun kenca babaturan nu di tukang. Tuluy nu saurang numpak dina leungeun babaturanana nu nyekel kana taktak di hareup.

Kukudaan tiap kelompok lalumpatan ti garis awal nepi ka garis tungtung, tuluy balik ka garis awal. Anu pangheulana nepi ka garis awal, eta anu meunang.

1.

Kaulinan kukudaan teh ngagambarkeun . . . .

a)

balap kuda di lapangan

b)

dipakena kuda ku delman

c)

kuda-kuda nu dipake perang

d)

prajurit perang bari numpak kuda

2.

Di mana biasana kaulinan kukudaan kudu dipaenkeun?

a)

di tempat anu heurin

b)

di kamar

c)

di kelas

d)

di tempat anu lega

3.

Kaulinan perang kukudaan bisa dilaksanakeun ku barudak lalaki atawa ku barudak awewe.​ ​ (a)   ​

Choose from the below words
Bener
Salah
4.

Kaulinan perang kukudaan bisa dilaksanakeun di mana wae​ (a)  

Choose from the below words
Salah
Bener
5.

Kaulinan perang kukudaan teu niru niru kuda.​ (a)  

Choose from the below words
Salah
Bener
6.

Kaulinan perang kukudaan bisa dilaksanakeun ku duaan. ​ (a)  

Choose from the below words
Salah
Bener
7.

Hirupna di jero taneuh. Awakna sok pararanjang jeung beureum. Sok mantuan patani pikeun nyuburkeun taneuh. Ngaran satona nyaeta . . . .

a)

oray

b)

monyet

c)

belut

d)

cacing

8.

Awakna gede, tulalean jeung sihungan. Ceulina oge gede sok sesemprot ku cai. Ngaran satona nyaeta . . . .

a)

kuda

b)

gajah

c)

munding

d)

onta

9.

Ngaran kaulinan barudak nu make ngaran sato nyaeta . . . .

a)

sasalimpetan

b)

peupeusingan

c)

kukudaan

d)

ucing sumput

10.

Pikeun nangtukeun giliran kaulinan, barudak sok suten bari kakawihan . . . .

a)

cing ciripit

b)

cing cangkeling

c)

hom pim pah

d)

eundeuk-eundeukan

11.

Kaulinan barudak loba niru-niru . . . .​ (a)  

Sato nu sukuna opat, beuheungna panjang . . . .​ (b)  

Kaulinan barudak teh keur ngeusi . . . .​ (c)   kosong.

Kaulinan anu barudak anu niru-niru sato sukuna opat, nyaeta . . . .​ (d)  

Sato nu rea dipake ngaran kaulinan barudak, nyaeta. . . .​ (e)  

Choose from the below words
sasatoan
jerapah
waktu
kukudaan
ucing
hayam
12.

Lengkepan kalimah di handap pikeun ngalarapkeun rarangken 'di-keun'

Barudak . . . . (anteur) ka sakola ku kolotna.

(a)  

13.

Lengkepan kalimah di handap pikeun ngalarapkeun rarangken 'di-keun'!

Dina nginjem buku ka perpustakaan minggu kamari, tapi karek . . . . (balik) ayeuna.



(a)  

14.

Lengkepan kalimah di handap pikeun ngalarapkeun rarangken 'di-keun'!

TV . . . . (hurung) ku bapa sabab bade nonton maen bal.

(a)  

15.

Pilih salahsahiji kaulinan nu geus pernah dimaenkeun ku hidep. Geus kitu deskripsikeun kumaha cara ngaragakeunna.

4 lines