NEW
Font size
WorksheetsSOAL STS KELAS 5 BAHASA SUNDA SEMESTER 1
Total questions: 25
Worksheet time: 50mins
Oray-Orayan
Oray-orayan, luar leor mapay sawah
Entong ka sawah, paréna keur sedeng beukah
Mending ge teuleum, di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri.
Soal :
Naon nu luar-leor mapay sawah?
Anu mandi
Oray
Éntog
Barudak
Kaulinan gambar anu di luhur?
Gatrik
Gobag Sodor
Ucing Sumput / Petak Umpet
Ambil - ambilan
Naon hartina tina "kaulinan"?
Permainan
Wilayah
Anak - anak
Jaman dahulu
Olah raga nu maké rakét jeung bal leutik nyaeta...
Ngalestarikeun budaya daerah sangkan teu punah teh nyaeta tanggung jawab ….
masarakat
polisi
tentara
pa camat
Hawa di kampung mah masih karasana seger kusabab loba keneh ….
mobil
tatangkalan
sakola
pabrik
Kabudayaan jeung kasenian daerah teh supaya teu punah kudu di ….
ganti
robah
jual
lestarikeun
Kaulinan anu maké papan kai dieusi kuwuk nyaéta ....
Galah asin
Oray-orayan
Congkak
Damdaman
Kaulinan nu biasa dilakukeun ku barudak awewe nyaeta ....
beklen
peperangan
maen kaleci
maen langlayangan
Kaulinan barudak jaman baheula anu dimaenkeunana ku dua regu, sareguna opatan atawa limaan, sarta diwates ku kalang nyaeta ....
congklak
galah asin
langlayangan
luncat tali
Ngaran kaulinan dina gambar eta teh nyaeta ....
bebentengan
boy-boyan
egrang
oray-orayan
Kaulinan oray-orayan ditunjukkeun ku gambar ....
Kaulinan loncat tali ditunjukkeun ku gambar ....
Ngaran kaulinan dina eta gambar nyaeta ....
endog-endogan
perepet jengkol
bebentengan
papanggalan
Ngajleng make suku sabeulah dina kaulinan sondah disebut ....
engkle
luncat
jingkang
ajleng
Istilah kaulinan dina maen galah, anu sok digorowokkeun lamun bisa balik deui ka tempat asal nyaeta ....
taluk
asin
kaci
lasut
Dina kaulinan sorodot gaplok kudu aya tumpukan ... anu diruntuhkeun.
rokrak
jarami
batu
dampal sendal
Pincang, leumpang teu bener lantaran nyeri suku disebut ....
engkle
ingkud
jengke
titajong
Dina kaulinan peperangan, barudak diajar ngatur strategi, sangkan bisa ... regu lawan.
ngulinkeun
ngelehkeun
meakkeun
mepedkeun
Pamaen dina kaulinan maen kaleci sakurang-kurangna kudu aya ....
saurang
duaan
tiluan
opatan
Di handap ieu mangrupa kaulinan pikeun budak lalaki, nyaéta ...
Sondah
Bobonékaan
Langlayangan
Anjang-anjangan
Gambar di luhur mangrupa salah sahiji kaulinan barudak anu dijieunna tina ...
Awi
Kaleng
Batu
Kaén
Di handap ieu kaulinan barudak anu dijieun tina daun sampeu, nyaeta ...
Di handap ieu mangrupa kaulinan barudak pikeun budak lalaki jeung awewe, iwal ...
Naon ngaran kaulinan barudak di luhur?
Dodokaran (momobilan)
Gangsing
Kaléci
Jajangkungan
