WorksheetsAsesmen Dongéng
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Ngaran anak Dayang Sumbi téh nyaéta….
Si Kabayan
Sangkuriang
Wayungyang
Pahatu
Wayungyang asalna mangrupa….
Dewi
Déwa
Sang hyang
Kembang
Wayungyang ngalanggar aturan nu ngabalukarkeun manéhna dihukum jadi….
Manuk
Kembang
Bagong
Anjing
Si Tumang ngalanggar aturan nu ngabalukarkeun manéhna dihukum jadi….
Manuk
Kembang
Bagong
Anjing
Ti leuleutik, Dayang Sumbi diasuh ku….
Raja
Anjing
Bagong
Sangkuriang
Si Tumang biasana salin rupa dina waktu keur….
Gerhana matahari
Bulan purnama
Hujan angin dor dar gelap
Longsor
Bakating ku ambek, Sangkuriang ngalungkeun batu nu kiwari jadi….
Gunung Putri
Gunung Manglayang
Gunung Burangrang
Gunung Tangkuban Parahu
Bakating ku ambek, parahu nu téréh jadi ditajong nu kiwari jadi….
Gunung Putri
Gunung Manglayang
Gunung Burangrang
Gunung Tangkuban Parahu
Dayang Sumbi kabur ka bukit perasinganna nu kiwari robah jadi….
Gunung Putri
Gunung Manglayang
Gunung Burangrang
Gunung Tangkuban Parahu
Dayang sumbi kabur ti Sangkuriang, tuluy tapa jeung salin rupa jadi….
Batu
Kembang Jaksi
Arca Jaksi
Batu Kuda
Dina dongéng budak pahatu, naon sababna budak pahatu bet apruk-aprukan ka leuweung?
Sabab manéhna perlu dahareun
Lantaran bubuahan di sisi leuweung keur teu baruahan
Sabab barudak imahna deukeut walungan
Barudak geus biasa arulin ka leuweung
Dina dongéng budak pahatu, naon sababna lanceukna nu lalaki teu nulungan adina?
Sabab manéhna sieun dipacok oray
Sabab nyangkana dicoco ku sireum
Sabab nyahoeun budakna dipacok oray
Sabab manéhna teu ngadéngéeun
Mana di antara dadaran ieu di handap anu nuduhkeun hal nu mustahil?
Budak pahatu nu masih kénéh laleutik sok biasa arulin ka leuweung
Budak lalaki bisa naék tangkal Kupa
Budak awéwé digégél oray tuluy ngawih
Budak lalaki nyangka adina dicoco sireum
Mana di antara sato di handap ieu nu disebutkeun dina dongéng budak pahatu?
Oray sanca jeung manuk haur
Oray sanca jeung manuk gagak
Manuk cukrih jeung hanggasa
Manuk haur jeung manuk cukrih
Ukurang dongéng nyaéta….
Panjang
Pondok
Kandel
Ipis
Dongéng sumebarna sacara….
Internet
Tulisan
Majalah
tatalépa
dongéng hirup dina masa….
Tradisi tulis
Tradisi lisan
Tradisi pantun
Tradisi internet
Dongéng saenyana mah boga maksud nepikeun hiji naséhat anu hadé, biasana sok disebut ogé…
Latar
Galur
Amanat
Palaku
Dongéng nu nyaritakeun asal-usul hiji tempat disebut ogé dongéng….
Mite
Sasakala
Fabél
Parabél
Dongéng Si Kabayan Ngala Tutut mangrupa salah sahiji conto dongéng….
Mite
Sasakala
Fabél
Parabél
