WorksheetsBahasa Sunda Bab 3 (Sisindiran)
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Karya sastra anu diwangun ku cangkang eusi disebutna ...
sisindiran
rarakitan
paparikan
wawangsalan
Rarakitan mibanda salah sahiji ciri ieu dihandap, nyaeta kecap mimiti dina jajaran ....
ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua
ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi
ka-3 jeung jajarann ka-4 eusi sarua
ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi
paparikan mibanda salah sahiji ciri ieu dihandap, nyaeta padekeutna sora dina jajaran ...
ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang
ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi
ka-1 jeung ka-3, ka-2 jeung ka-4
,ka-1 jeung jajaran ka-3
Dumasar kana wangunna, sisindiran teh dibedakeun jadi tilu rupa, nyaeta ....
paparikan, rarakitan, wawangsalan
cangkang, eusi, wangsal
waawangsalan, tatarucingan, paparikan
tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
mawa peti dina sundung,
dibawa kanu sajawa
pangarti teu beurat nanggung
kabisa teu beurat mawa
Sisindiran diluhur kaasup kana wanda .....
wawangsalan
tatarucingan
paparikan
rarakitan
Lengkepan eusi sisindiran ieu di handap!
Hayam jago eukeur béla
Dipeuncitna ku ki santri
Kudu getol ka sakola
………………………
Ngarah loba meunang élmu
Sangkan beunghar ku pangarti
Ngarah jadi santri
Sangkan beunghar ku élmu
Sisindiran anu eusina patatah nyaéta sisindiran nu sipatna….
Sésébréd
Silih asih
Piwuruk
Rarakitan
sisindiran wanda rarakitan nyaéta …
Disambung ciga rakit. kecap awal padalisan di cangkang, disambung deui dina eusi.
Deukuet. Kecap awal padalisan dicangkang, sorana deukeut dina eusi.
Tetebakan. Padalisan cangkang kudu diteguh anu eusina dituduhkeun dina salahsahiji kecap padalisan eusi.
Dipegat. kecap awal padalisan sarua sareng eusi
Sisindiran teh asal kecap na tina Sindir anu harti na ....
Paguneman
Dialog
Omongan anu dibalibirkeun
Omongan Sorangan
Aya manuk dina pager
Na sukuna aya bola
Lamun urang hayang pinter
Kudu getol ka sakola
Rarakitan
Wawangsalan
Sisindiran
Paparikan
Anu teu ka asup kana ciri sisindiran nyaeta ....
Miboga cangkang jeung eusi
Diwangun ku opat padalisan
Diwangun ku opat pada
Miboga pola rima a-b-a-b
Sipat sisindiran anu eusi na ngeunaan anu pikalucueun nyaeta .....
Silih Asih
Piwuruk
Sesebred
Sindir Sampir
Kecap BANYOL sarua harti na jeung ....
Heureuy
Diajar
Sakola
Bageur
Eusi sisindiran aya dina padalisan ka .... jeung ....
1 jeung 2
1 jeung 3
2 jeung 4
3 jeung 4
Dina sisindiran miboga pola rima (Purwakanti) .....
a-a-a-a
b-b-a-a
a-a-b-b
a-b-a-b
Bubur kacang bubur lemu
meulina di Parapatan
Mun urang jembar ku élmu
salamet dunya ahérat
Sisindiran di luhur disebut wangun?
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Guguritan
Nyampayna taktak Pa Haji
Dianggo keur idul qurban
Wangun sisindiran di luhur disebut?
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Guguritan
Hayang teuing baso Malang
Diuk dina tangkal iuh
Parasaan ku malayang
inget manehna nu jauh
Eusi sisindiran di luhur nya eta?
piwuruk
heureuy
silih asih
sumanget
Wangun karya sastra nu diwangun ku cangkang jeung eusi disebut...
Guguritan
Kakawihan
Sisindiran
Pupujian
Aturan guru wilangan unggal jajaran dina sisindiran aya ... engang
Genep
Tujuh
Dalapan
Salapan
Nu ngabédakeun antara rarakitan jeung paparikan nya éta...
Ayana purwakanti
Aya mindoan kawit (kecap mimiti nu dibalikan deui)
Guru wilanganana
Jumlah padalisan dina unggal pada
Sisindiran téh nya éta salasahiji karya sastra buhun nu umumna diwangun ku opat padalisan. Sisindiran téh kaasup wangun...
Lancaran
Ugeran
Drama
Kritik
Sisindiran téh asal kecapna tina...
Diran
Sindir
Sisindir
Nyindir
Paingan poho dilamping
geus aya talina hiris
...............................................
geus aya ganti nu geulis
melak saledri teu jadi
poe sabtu poe kemis
Paingan poho ka simkuring
kudu hade ka sasama
Sisindirian nu diwangun ku dua padalisan, sarta padalisan ka hijina cangkang, padalisan ka dua na eusi kalayan aya jawaban nana disebut ?
Paparikan
Rarakitan
Sisindiran
Wawangsalan
