wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ATS Basa Sunda Kelas 10

Total questions: 20

Worksheet time: 12mins

Name
Class
Date
1.

Mindahkeun hiji basa ka basa séjénna disebut ....

a)

nyalin

b)

ngawawancara

c)

narjamahkeun

d)

ngarékam

e)

nuliskeun

2.

Ari Aki jeung Nini Gedé anu ngalalakon dina “Sajarah Cijulang”, lanceuk pangedéna nya éta Jang Langas, urang Kedung randu, ayeuna éta tempat aya kénéh, jadi ngaran hiji désa di Kacamatan Patikraja Kabupatén Banyumas.

Kecap anu di gurat handapan, kaasup unsur carita babad, nyaéta …

a)

Unsur Dongéng

b)

Unsur Sajarah

c)

Palaku

d)

Latar

e)

Tema

3.

Pesen moral anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca ngaliwatan carita mangrupakeun unsur carita babad nu disebutna ....

a)

a. jejer atawa tema

b)

b. palaku

c)

c. galur

d)

d. amanat

4.

Runtunyan kajadian anu lumangsung ti awal nepi ka ahir carita mangrupakeun unsur babad nu disebutna ....

a)

a. jejer atawa tema

b)

b. palaku

c)

c. latar

d)

d. galur

5.

Hal-hal nu jadi pamohalan dina carita babad nyae'ta ....

a)

a. watek

b)

b. caritaan

c)

c. watek jeung caritaan

d)

d. kaayaan

6.

Caritaan medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula di hiji dae'rah, biasana ti mimiti muka e'ta dae'rah mangrupakeun harti tina ....

a)

a. carita pondok

b)

b. carita babad

c)

c. donge'ng

d)

d. caritaan

7.

Prosés mindahkeun hiji amanat tina basa sumber kana basa panarima (sasaran) kalawan ngungkab ma'na jeung gaya basana mangrupa definisi (a)  

8.

Karya sastra mangrupa carita rěkaan (fiksi) anu ngandung unsur-unsur pamohalan (mustahil/tidak masuk akal). Umpamana baě sasatoan (binatang) jeung tatangkalan (pohon) boga paripolah (berperilaku) sarta bisa ngomong kawas jelema, parahu jadi gunung, jelema jadi maung kajajaděn.

Wacana di luhur mangrupa definisi (a)  

9.

Kulantaran kitu, tuluy manḗhna bḗbḗja ka Sakadang Monyḗt, menta tulung. Kie omongna “Sakadang Monyḗt, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naḗk, cing tulungan pangalakeun, engkḗ paparoan” 

 

Unsur nu pamohalan (teu asup akal) dina dongḗng di luhur nya ḗta (a)  

10.

Tarjamahkeun kalimah ieu di handap kana basa Sunda nu merenah!

Ayam tetangga sebelah mengotori tangga rumah

(a)  

11.

Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumeber di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng….

a)

pabel

b)

parabel

c)

sasakala

d)

mite

e)

sage

12.

Gaji sebesar itu tidak cukup untuk menutup kebutuhan sehari-hari.

Tarjamah anu merenah pikeun kalimat di luhur nyaěta….

a)

Gajih sagedě ěta henteu cukup pikeun nutup kabutuhan sapopoě.

b)

Gajih sagedě ěta henteu cukup pikeun nutup kabutuhan sapoě-poě.

c)

Gajih sakitu těh teu cukup pikeun nutupan pangabutuh sapopoě.

d)

Gajih sagedě kitu těh teu cukup pikeun nyumponan pangabutuh sapopoě.

e)

Gajih sakitu těh teu cukup pikeun nyumponan pangabutuh sapopoě.

13.

Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatěna keur barěto.

Tarjamah Bahasa Indonsia pikeun kecap anu digurat badag nyaěta….

a)

puas

b)

bahagia

c)

nelangsa

d)

bangga

e)

bahagia

14.

Tarjamah téh sok disebut ogé alih basa, nyaéta mindahkeun téks tina basa sumber (asal) kana basa séjén. Narjamahkeun disebut ogé nyalin atawa mindahkeun amanat ti hiji bas a ka basa séjén. Lian ti tarjamahan, aya ogé istilah saduran atawa nyadur. Saduran mah narjamahkeun karya sastra tina basa asing, ku cara nulad jalan caritana wungkul, ari ngaran tokoh jeung latar caritana mah diluyukeun kana kaayaan di urang.

a)

définisi tarjamah

b)

définisi saduran

c)

karakteristik tarjamah     

d)

bédana tarjamah jeung saduran 

e)

karakteristik saduran

15.

Watek sakadang kuya miboga hate dendam jeung hayang males kanyeuri ditunjukkeun ku kalimat…..

a)

“Sakadang Monyět, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naěk, cing tulungan pangalakeun, engkě paparoan”

b)

ah, ulah ngaganggu, uing těh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Děwata. Kakarka uing mah barang dahar ni’mat kieu.”

c)

“Sakadang Monyět, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon”

d)

Keur naon makě měrě ka maněh, kapan barěto gě maněh teu měrě cau ka uing, padahal ěta těh uing anu manggihana?”

e)

“Nya ari maksa-maksa teuing mah kop baě, tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!”

16.

“Hampura baě atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa paparin Děwata!” omongna deui lengas lengis.

Terjemahan tina kecap anu dibeureuman nyaěta….

a)

merebut

b)

mencuri

c)

memaksa

d)

menengadah

e)

memelas

17.

Sakadang Kuya mah teu diběrě sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak wě neureuyan ciduh. “Sakadang Monyět, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok. 

Tapi Sakadang Monyět teu malire, jongjon baě metikan jeung ngadaharan, kalahkah malědogan ku cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males. 

Watek tokoh monyět dina éta dongěng digambarkeun tina….

a)

kabiasaan jeung kaayaan lingkungan sabundeuranana

b)

disebutkeun langsung ku pangarangna

c)

caritaan tokoh séjén

d)

penampilan jeung réngkak polahna

e)

dedeg pangadeg jeung kahayangna

18.

Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta….

a)

téma

b)

palaku

c)

purwakanti

d)

amanah

e)

galur

19.

Dongéng mibanda ciri-ciri anu bisa ngabédakeunnana jeung wangun basa lancaran (prosa) lainna.

Di handap ieu nu teu kaasup ciri-ciri dongéng nyaéta….

a)

sakabéh eusi caritana bohong

b)

sumberna tatalépa sacara lisan

c)

awalna kagolong kana sastra lisan

d)

teu jelas nu ngarangna (anonim)

e)

ngandung unsur-unsur pamohalan

20.

Dina hiji poě Sakadang Kuya keur něangan kadaharan, ti isuk kěněh nepi ka beurang maněhana tacan keněh manggihan nanaon. Ngahaeut ka tengah poě, maněhna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naěk. 

Kulantaran kitu, tuluy maněhna běběja ka Sakadang Monyět, měnta tulung. Kie omongna “Sakadang Monyět, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naěk, cing tulungan pangalakeun, engkě paparoan” 

“Hadě,” tembal Sakadang Monyět. “Di mana?” Tuluy maraněhna arindit babarengan ka tempat tangkal cau těa. Sakadang Monyět, tuluy naěk, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan.  

Sempalan Dongéng diluhur kaasup kana jenis dongéng .....

a)

pabel

b)

parabel

c)

mite

d)

sasakala

e)

sage