wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ujian Tengah Semester Bahasa Sunda

Total questions: 40

Worksheet time: 2hrs 18mins

Name
Class
Date
1.

Baca paguneman di handap ieu pikeun soal nomer 1-5!

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

Si Kabayan jalma miskin taya kaboga, beda jeung tatanggana mah bandar munding nu kacida beungharna. Sakali mangsa tatanggana teh hajat gede, ngawinkeun anakna. Ondanganana kacida lobana, boh ti nu jauh atawa ti nu deukeut. Salembur eta diondang kabeh, iwal si Kabayan.

Si kabayan jeung Nyi Iteung pinalang saeunana, tuluy wae si Kabayan teh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, rek ngadeupaan lincar. Saemah reuwaseun nenjo kalakuan si Kabayan kit, pribumi oge norojol, gancang kaluar. Ari ret ka si Kabayan, “Kunaon Kabayan maneh teh ngadeupaan lincar? Jeung eta bet teu dibaju kitu, kawas budak wae”. Tembal si Kabayan, “Wah, ari kolot diondang”. Nu boga hajat pohara eraeunana, rumasa ngabeda-beda, gancang we si Kabayan dititah datang.

Dongeng di luhur kaasup kana dongeng…

a)

fabel

b)

parabel

c)

babad

d)

picontoeun

e)

sasakala

2.

Amanat dongeng si Kabayan di luhur nyaeta….

a)

kudu ngulem tatangga

b)

ulah ngalaan baju di mana wae

c)

ulah kukurilingan di deukeut imah nu hajat

d)

ulah ngadeupaan lincar

e)

Ulah sok ngabeda-bedakeun jalma

3.

Baca paguneman di handap ieu pikeun soal nomer 1-5!

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

Si Kabayan jalma miskin taya kaboga, beda jeung tatanggana mah bandar munding nu kacida beungharna. Sakali mangsa tatanggana teh hajat gede, ngawinkeun anakna. Ondanganana kacida lobana, boh ti nu jauh atawa ti nu deukeut. Salembur eta diondang kabeh, iwal si Kabayan.

Si kabayan jeung Nyi Iteung pinalang saeunana, tuluy wae si Kabayan teh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, rek ngadeupaan lincar. Saemah reuwaseun nenjo kalakuan si Kabayan kit, pribumi oge norojol, gancang kaluar. Ari ret ka si Kabayan, “Kunaon Kabayan maneh teh ngadeupaan lincar? Jeung eta bet teu dibaju kitu, kawas budak wae”. Tembal si Kabayan, “Wah, ari kolot diondang”. Nu boga hajat pohara eraeunana, rumasa ngabeda-beda, gancang we si Kabayan dititah datang.

Palaku antagonis dina dongeng di luhur nyaeta….

a)

Kabayan

b)

Nyi Iteung

c)

Semah

d)

nu hajat

e)

Mitoha

4.

Baca paguneman di handap ieu pikeun soal nomer 1-5!

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

Si Kabayan jalma miskin taya kaboga, beda jeung tatanggana mah bandar munding nu kacida beungharna. Sakali mangsa tatanggana teh hajat gede, ngawinkeun anakna. Ondanganana kacida lobana, boh ti nu jauh atawa ti nu deukeut. Salembur eta diondang kabeh, iwal si Kabayan.

Si kabayan jeung Nyi Iteung pinalang saeunana, tuluy wae si Kabayan teh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, rek ngadeupaan lincar. Saemah reuwaseun nenjo kalakuan si Kabayan kit, pribumi oge norojol, gancang kaluar. Ari ret ka si Kabayan, “Kunaon Kabayan maneh teh ngadeupaan lincar? Jeung eta bet teu dibaju kitu, kawas budak wae”. Tembal si Kabayan, “Wah, ari kolot diondang”. Nu boga hajat pohara eraeunana, rumasa ngabeda-beda, gancang we si Kabayan dititah datang.

Nu teu dicaritakeun dina dongeng di luhur nyaeta….

a)

si Kabayan teh jalma miskin taya kaboga

b)

tatanggana mah bandar munding

c)

tatanggana ngawinkeun anakna

d)

si Kabayan jeung Iteung bungaheun

e)

si Kabayan ngadeupaan lincar

5.

Baca paguneman di handap ieu pikeun soal nomer 1-5!

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

Si Kabayan jalma miskin taya kaboga, beda jeung tatanggana mah bandar munding nu kacida beungharna. Sakali mangsa tatanggana teh hajat gede, ngawinkeun anakna. Ondanganana kacida lobana, boh ti nu jauh atawa ti nu deukeut. Salembur eta diondang kabeh, iwal si Kabayan.

Si kabayan jeung Nyi Iteung pinalang saeunana, tuluy wae si Kabayan teh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, rek ngadeupaan lincar. Saemah reuwaseun nenjo kalakuan si Kabayan kit, pribumi oge norojol, gancang kaluar. Ari ret ka si Kabayan, “Kunaon Kabayan maneh teh ngadeupaan lincar? Jeung eta bet teu dibaju kitu, kawas budak wae”. Tembal si Kabayan, “Wah, ari kolot diondang”. Nu boga hajat pohara eraeunana, rumasa ngabeda-beda, gancang we si Kabayan dititah datang.

Latar tempat dongeng di luhur nyaeta…

a)

pipir imah nu boga hajat

b)

sakali mangsa teh tatanggana hajat

c)

salembur

d)

imah si Kabayan

e)

kaluar

6.

Dongeng nu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, sasatoan, atawa tutuwuhan disebut….

a)

fabel

b)

parabel

c)

sasakala

d)

mitos

e)

pamuk

7.

Unsur-unsur nu teu aya dina dongeng nyaeta….

a)

Palaku

b)

Latar

c)

Tema

d)

Amanat

e)

Gaya

8.

Dongeng nu nyaritakeun ngeunaan sasatoan nu bisa ngomong kawas jalma disebut.....

a)

fabel

b)

parabel

c)

sasakala

d)

mitos

e)

pamuk

9.

Di handap ieu nu teu kaasup dongeng fabel nyaeta….

a)

Kuya jeung Monyet Ngala Cau

b)

Kuya jeung Monyet Ngala Cabe

c)

Maung jeung Buhaya

d)

Suling Tulang Maung

e)

Dewi Sri

10.

Carita nu dumasar kana kajadian sajarah disebut....

a)

babad

b)

elmu sajarah

c)

dongeng

d)

carita sajarah

e)

carpon

11.

Bedana dongeng jeung carita pondok nyaeta.....

a)

dongeng teu kaasup karya sastra heubeul, carita pondok kaasup sastra moderen

b)

dongeng sumebar sacara lisan, carita pondok sacara lisan

c)

dongeng teu kanyahoan iraha jeung saha nu ngarangna, carita pondok kanyahoan iraha jeung saha nu ngarangna

d)

dongeng palakuna bisa saha wae, carita pondok palakuna babaraha jalma

e)

dongeng mah lobana bagian nu pamohalan (teu asup akal), sedengkeun carpon umumna carita kahirupan sapopoe nu teu kaharti ku akal

12.

Dina dongeng di luhur si Abdul teh ngabogaan sipat? HOTS

a)

Sabar jeung bodo

b)

gede adat

c)

Cilepeung

d)

licik

e)

Cerdik

13.

lamun ceuk paribasa mah sipatna si kuda teh ibarat…. HOTS

a)

hampang birit

b)

beurat birit

c)

ipis biwir

d)

ateul biwir

e)

ipis kulit beungeut

14.

Kuda Anu Ngedul

Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu ngaranna abdul. Unggal poé abdul ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu loba diperlukeun ku urang kota.

Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana nipu ka dununganana. Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku abdul, rék dagang uyah dua karung. éta karung téh terus ditalian dina tonggong kuda. Di tengah jalan jalan si kuda ngedul téh ngagejeburkeun manéh kana walungan.

Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta teu bisa ka pulung saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda. Tapi Abdul teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai.

Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana kuda. Jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh beak kabawa palid.

Bari jeung ambek Abdul terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana. Isukna, Abdul néangan akal sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga kamari. Abdul néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda.

Di tengah jalan jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi basa manéhna hanjat karasa kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh. Manéhna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manéhna kudu terus ka kota mamawa kapas anu sakitu beuratna.

Naon sababna Abdul asa ambek ka si kuda? HOTS

a)

si kuda geus ngabohong ka dunungannana lamun uyah nu dibawa teh dicolong

b)

si kuda menta bayaran nu gede ka si Abdul

c)

kakedulanna si kuda geus ngarugikeun si Abdul

d)

Uyah nu dibawa ku si kuda murag kana cai

e)

si Abdul beuki adat-adatan ka si Kuda

15.

Kuda Anu Ngedul

Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu ngaranna abdul. Unggal poé abdul ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu loba diperlukeun ku urang kota.

Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana nipu ka dununganana. Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku abdul, rék dagang uyah dua karung. éta karung téh terus ditalian dina tonggong kuda. Di tengah jalan jalan si kuda ngedul téh ngagejeburkeun manéh kana walungan.

Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta teu bisa ka pulung saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda. Tapi Abdul teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai.

Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana kuda. Jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh beak kabawa palid.

Bari jeung ambek Abdul terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana. Isukna, Abdul néangan akal sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga kamari. Abdul néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda.

Di tengah jalan jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi basa manéhna hanjat karasa kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh. Manéhna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manéhna kudu terus ka kota mamawa kapas anu sakitu beuratna.

kumaha akal nu dipake si Abdul abeh si Kuda teu ngalakukeun pagawean nu kamari? HOTS

a)

ngosongkeun barang bawaan nu rek dibawa ka kota

b)

eusi karung nu dibawa nyaeta batu hungkul

c)

mamawa pecut

d)

neangan kapas, tuluy dikarungan jeung ditalian dina tonggongna kuda

e)

neangan tarigu, tuluy dikarungan jeung ditalian dina tonggongna kuda

16.

Amanat dongeng Kuda anu Ngedul di luhur nyaeta.. HOTS

a)

Jadi jalma ulah sok ngabobodo batur sabab ngarusak kapercayaan

b)

Lamun jadi jalma mah ulah ngedul jeung ulah sok nipu ka batur, bisi ahirna kaduhung

c)

hirup ulah sarakah sarta boga niat licik

d)

jadi jalmi kudu bisa ngendalikeun hawa nafsu anu jore

e)

hirup mah kudu silih tulungan ka sasami jalmi boh nu beunghar jeung nu teu boga

17.

‘Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet Ngala Cabe’

Monyét jeung kuya ngala cabé ka kebon Pa Tani. Monyét buru-buru ngahakan cabé anu geus beureum. Monyét ladaeun, terus ngucap, seuhah... lata, ... lata,... lata. Pa Tani kaluar tina saung, Monyét lumpat sedengkeun kuya katéwak, sabab lumpatna boyot.

Geus kitu, kuya ku Pa Tani dikurungan, cenah isukna rék dipeuncit. Peutingna monyét ngadatangan kuya. Kuya nyaritakeun ka monyét yén manéhna rék dikawinkeun ka anak Pa Tani. Monyét kabitaeun, tuluy manéhna ménta nukeuran ka kuya. Si sakadang kuya ka luar tuluy sakadang monyét asup ka jero kurung.

Isukna, Pa Tani ngasah bedog maksudna rek meuncit kuya anu dikurungan. Monyet reuwas ngadenge Pa Tani rek meuncit sato nu dikurungan. Loba akal, monyet papaehan dina jero kurung.

Barang Pa Tani muka kurung, Pa Tani reuwas sabab di jero kurung lain kuya, tapi monyet paeh. Monyet dialungkeun ka kebon. Geus dialungkeun, berebet monyet lumpat sataker kebek. Pa Tani olohok sabab katipu ku kuya jeung monyet.

Dongeng di luhur kaasup kana dongeng? HOTS

a)

Parabel

b)

sasakala

c)

Fabel

d)

Babad

e)

Mite/mitos

18.

Dimana latar kajadianna?

a)

Sawah

b)

leweung

c)

Saung

d)

Kebon

e)

walungan

19.

Kumaha galur dina carita di luhur teh?

a)

galur merele/ maju

b)

galur mobok tengah

c)

galur mundur

d)

galur campuran

e)

galur hebel

20.

Dongeng Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet

Anu arek dipencit ku pa tani teh nyaeta.. HOTS

a)

Monyet

b)

Kuya

c)

Cabe

d)

Dua duana

e)

Manuk

21.

Dongeng Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet

naon akal akalan si kuya ka si monyet? HOTS

a)

Arek dibere kadahareun nu lewih ngeunah

b)

Arek dikawinkeun jeung anak Pa Tani

c)

Arek dipiara

d)

arek dipen

22.

Babad Limbangan

Dina hiji poe, kacaritakeun Aki Haruman, salasaurang tukang moro kapercayaan Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran, anjog ka mumunggang gunung. Ari breh teh ningal cahaya anu moncorong ti sisi walungan Cipancar. Horeng eta cahaya teh hiji putri nu keur mandi, anak Sunan Rumenggong nu ngawasa daerah limbangan.

Prabu siliwangi mere ngaran ka eta gunung teh nyaeta Gunung Haruman. Anjeunna kalawan gasik ngutus dua urang kapercayaanana nyaeta Gajah Manggala jeung Arya Gajah, keur ngalamar Nyi Putri, tapi eta putri teh nolak sabab Prabu Siliwangi tos gaduh garwa langkung ti saratus urang. Ahirna eta putri teh ngaleungit, tinggal seungitna wungkul nu kaangseu. Ahirna eta tempat  dingaranan Buniawangi. Teu lila eta putri teh teu tea ningali kolotna sedih, nya ahirna eta putri nembongan wujud dirina di hiji imah nu kacida leutikna, eta tempat disebut kampung sempil.

            Bakat ku dileukeunan diolo ku Sunan Rumenggong, ahirna eta putri teh daek ditikah ku Prabu Siliwangi. Sanggeus sapuluh taun, gaduh putra dua nyaeta Basudewa jeung Liman Sanjaya. Dua putra na teh digedekeun di Limbangan. Sanggeus sawawa umurna, Basudewa jadi Raja Limbangan, sedengkeun Liman Sanjaya ngawasa Dayeuhluhur.

tukang moro kapercayaan Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran teh nyaeta…

a)

aki-aki

b)

Aki Haruman

c)

Gajah Manggala

d)

Arya Gajah

e)

Aki Rumenggong

23.

carita babad di luhur teh nyaritakeun salasahiji wewengkon, nyaeta…

a)

Buniawangi

b)

Banyuwangi

c)

Kampung Sempil

d)

Cipancar

e)

Limbangan

24.

Babad Limbangan

Dina hiji poe, kacaritakeun Aki Haruman, salasaurang tukang moro kapercayaan Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran, anjog ka mumunggang gunung. Ari breh teh ningal cahaya anu moncorong ti sisi walungan Cipancar. Horeng eta cahaya teh hiji putri nu keur mandi, anak Sunan Rumenggong nu ngawasa daerah limbangan.

Prabu siliwangi mere ngaran ka eta gunung teh nyaeta Gunung Haruman. Anjeunna kalawan gasik ngutus dua urang kapercayaanana nyaeta Gajah Manggala jeung Arya Gajah, keur ngalamar Nyi Putri, tapi eta putri teh nolak sabab Prabu Siliwangi tos gaduh garwa langkung ti saratus urang. Ahirna eta putri teh ngaleungit, tinggal seungitna wungkul nu kaangseu. Ahirna eta tempat  dingaranan Buniawangi. Teu lila eta putri teh teu tea ningali kolotna sedih, nya ahirna eta putri nembongan wujud dirina di hiji imah nu kacida leutikna, eta tempat disebut kampung sempil.

            Bakat ku dileukeunan diolo ku Sunan Rumenggong, ahirna eta putri teh daek ditikah ku Prabu Siliwangi. Sanggeus sapuluh taun, gaduh putra dua nyaeta Basudewa jeung Liman Sanjaya. Dua putra na teh digedekeun di Limbangan. Sanggeus sawawa umurna, Basudewa jadi Raja Limbangan, sedengkeun Liman Sanjaya ngawasa Dayeuhluhur.

anu ngawasa daerah Limbangan teh nyaeta…

a)

Aki Haruman

b)

Gajah Manggala

c)

Arya Gajah

d)

Sunan Rumenggong

e)

Prabu Siliwangi

25.

Cahaya anu moncorong ti sisi Walungan Cipancar teh nyaeta…

a)

Hiji putri nu keur mandi, anakna Sunan Rumenggong

b)

Hiji putri Cipancar

c)

cahaya panon poe

d)

putri-putri nu keur Marandi di Cipancar

e)

teu aya jawaban nu bener

26.

Babad Limbangan

Dina hiji poe, kacaritakeun Aki Haruman, salasaurang tukang moro kapercayaan Prabu Siliwangi ti Karajaan Pajajaran, anjog ka mumunggang gunung. Ari breh teh ningal cahaya anu moncorong ti sisi walungan Cipancar. Horeng eta cahaya teh hiji putri nu keur mandi, anak Sunan Rumenggong nu ngawasa daerah limbangan.

Prabu siliwangi mere ngaran ka eta gunung teh nyaeta Gunung Haruman. Anjeunna kalawan gasik ngutus dua urang kapercayaanana nyaeta Gajah Manggala jeung Arya Gajah, keur ngalamar Nyi Putri, tapi eta putri teh nolak sabab Prabu Siliwangi tos gaduh garwa langkung ti saratus urang. Ahirna eta putri teh ngaleungit, tinggal seungitna wungkul nu kaangseu. Ahirna eta tempat  dingaranan Buniawangi. Teu lila eta putri teh teu tea ningali kolotna sedih, nya ahirna eta putri nembongan wujud dirina di hiji imah nu kacida leutikna, eta tempat disebut kampung sempil.

            Bakat ku dileukeunan diolo ku Sunan Rumenggong, ahirna eta putri teh daek ditikah ku Prabu Siliwangi. Sanggeus sapuluh taun, gaduh putra dua nyaeta Basudewa jeung Liman Sanjaya. Dua putra na teh digedekeun di Limbangan. Sanggeus sawawa umurna, Basudewa jadi Raja Limbangan, sedengkeun Liman Sanjaya ngawasa Dayeuhluhur.

Sanggeus sapuluh taun Nyi Putri ditikah ku Prabu Siliwangi, tuluy gaduh putra, nyaeta…

a)

Basudewa jeung Liman Sanjaya

b)

Liman Sanjaya jeung Ciung Wanara

c)

Ciung wanara jeung Nyi Putri

d)

Arya Gajah jeung Nyi Putri

e)

Nyi Putri Jeung Prabu Siliwangi

27.

nu disebut sajarah lokal, nyaeta…

a)

sajarah anu aya patalina jeung wewengkon tempat di mana urang cicing

b)

sajarah anu aya patalina jeung tokoh masyarakat

c)

sajarah Indonesia

d)

sajarah anu aya patalina jeung mahluk lelembut

e)

sajarah anu aya patalina jeung kahirupan sato lokal

28.

Carita babad teh kaasup kana wanda…

a)

mitos

b)

dongeng

c)

guguritan

d)

pedaran

e)

dongeng s

29.

Dina nangtukeun hiji tema, urang kudu…

a)

apal kacindekkan caritana

b)

maca heula carita sacara gembleng

c)

maca heula judul caritana

d)

paham naon amanat caritana

e)

paham kana galurna

30.

Mangpaat dongeng pikeun pamiarsa jeung pamaca nyaeta…

a)

hiburan, atikan moral, kritik sosial

b)

atikan moral, miceun waktu

c)

kritik social, mere carita pamohalan

d)

ngabobodo budak

e)

nyingsieunan budak

31.

Harti kecap nu sajalantrahna/sabenerna disebut harti..

a)

denotatif

b)

konotatif

c)

rajekan

d)

sampurna

e)

kumplit

32.

Pek teangan ku anjeun mana kalimah nu kaasup kana denotatif!

a)

Eta nyimpen piring teh ulah luhur teuing bisi engke hese nyokotna deui

b)

Jang Urip mah ngomongna teh sok luhur pisan

c)

Lamun aya kasedih, ulah sok jero teuing bisi matak gering

d)

Sinta unggal taun politik kaayaan teh sok panas wae.

e)

Jaman ayeuna, geus teu usum nyogok pikeun mereskeun sagala urusan teh

33.

di handap ieu mangrupa kalimah denotatif, iwal...

a)

Ieu mah kembang melati aromana

b)

Ari ka jalma anu lemah teh kudu ditulungan lain kalah ka dibeungkeutan

c)

panangan Kania mah meuni hampang

d)

peti es anu aya ni Palabuan teh dicandak ku kapal

e)

abdi tuang sareng hate muning nu dipeser si mamah di warung

34.

Pun Bapa ngala jukut make...

a)

Patik

b)

Sinduk

c)

peso

d)

etem

e)

arit

35.

Mun rek mesek batok kalapa teh make...

a)

Arit

b)

bedog

c)

patik

d)

parang

e)

peso

36.

abah nyiuk angeun kacang make...

a)

cucutik

b)

seeng

c)

Centong

d)

Sinduk

e)

kendi

37.

Pa Guru : Ngadahar naon kitu make jeung nyeri beuteung? Dili : Waktos wangsul ti pun paman, abdi .... rujak kenging meser ti WP. Reup wengi, kusial-kusial, dugi ka pulang anting cai. Pek eusian ku anjeun kecap nu merenah dina eta paguneman nu kosong!

a)

Dahar

b)

Nginum

c)

Lolodok

d)

Tuang

e)

nyatu

38.

Ema naheur cai make...

a)

Kendi

b)

tombolong

c)

seeng

d)

aseupan

e)

katel

39.

Jalma goreng adat kitu mah tara dipika resep lu batur. Kecap goreng adat dina kalimah di gigir mangrupakeun kecap...

a)

denotatif

b)

aktip

c)

konotatif

d)

reseptif

e)

pasip

40.

Kakakna Ibu disebut..

a)

Bibi

b)

Uwa

c)

Nini

d)

Aki

e)

Teteh