NEW
Font size
WorksheetsTéks Déskripsi Kampung Adat
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Kampung Naga
Kampung Naga téh mangrupa salah sahiji kampung adat di Tatar Sunda. Perenahna di Désa Néglasari, Kecamatan Salawu, Tasikmalaya. Tempatna henteu jauh ti jalan gedé antara Garut jeung Tasikmalaya.
Disebut kampung adat lantaran kabiasaan pendudukna anu masih kénéh pageuh nyekel adat kabiasaan karuhunna. Manéhna pantrang ngarempak adat anu geus diguratkeun ku karuhunna.
Bacaan di luhur téh ngagambarkeun kaayaan Kampung Naga salaku kampung adat di Jawa Barat.
Wacana samodél kitu kaasup karangan ….
Déskripsi
Éksposisi
Persuasi
Narasi
Kampung Naga téh perenahna di ...
Kabupatén Sumedang
Kabupatén Garut
Kabupatén Tasikmalaya
Kabupatén Bandung
Kampung Naga disebut kampung adat lantaran ….
Wargana masih kukuh kana adat karuhun
Mindeng ngalaksakeun upacara adat
Imahna mangrupa panggung adat
Jadi objék wisata adat
Kampung adat anu pernahna lain di wewengkon Kabupatén Bandung nya éta....
Kampung Pulo
Kampung Mahmud
Kampung Cireundeu
Kampung Naga
Kampung atawa lembur anu dina kahirupan sapopoé masarakatna masih mageuhan adat istiadat, panceg dina miara, ngajaga, ngaraksa, jeung ngamumulé warisan karuhunna, boh dina wangun imah, adat istiadat, pakasaban, jeung nu lianna disebut kampung?
Kampung Wisata
Kampung Gedé
Kampung Leutik
Kampung Adat
Ieu di handap mangrupa ciri-ciri kampung adat, iwal ....
Ngabogaan leuweung anu dikaramatkeun ku masarakatna.
Wangunan imah di wilayahna kudu imah panggung model suhunan julang ngapak.
Wargana meunang maké listrik
Wargana nyekel pageuh adat istiadat jeung tatali paranti karuhun.
Gambar digigir téh mangrupa suhunan?
Badak Heuay
Parahu Kumureb
Jogo Anjing
Julang Ngapak
Mana nu disebut suhunan badak heuay?
Di wewengkon Kampung Adat, hususna di Kampung Naga, wangunan imahna teu meunang aya panto anu pahareup-hareup dina saimah, lantaran nurutkeun kapercayaanana ....
Panto nu pahareup-hareup téh, upama aya tamu bisi salah asup.
Panto nu pahareup-hareup téh ngagampangkeun ka maling nu asup
Sangkan rejeki anu asup téh henteu bangblas kaluar deui.
Panto nu pahareup-hareup téh nyalahan aturan wangunan.
Kampung adat baduy perenahna di provinsi ?
Banten
Jawa Timur
Jawa Barat
Jakarta
