wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BASA SUNDA

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Gatrik Gatrik mangrupa kaulinan tradisional masarakat Sunda. Kaulinan ieu ngagunakeun pakakas dua potongan awi anu hiji nyarupaan iteuk ukuranana kira-kira 30 cm sarta nu séjénna ukuranana leuwih leutik. Kaulinan gatrik biasana dilakukeun di lapang. Jumlah pamaén lobana 2 tim, unggal tim diwangun ku 2-5 budak. Biasana maké batu (bata) minangka dadasar gatrik atawa barang séjén anu bisa dipaké minangka dadasar gatrik. Jejer/tema dina wacana di luhur nyaéta….

a)

Bata nu biasa dipaké dadasar kaulinan gatrik

b)

Lobana jumlah pamaen dina kaulinan Gatrik

c)

Prak prakanna maén kaulinan Gatrik

d)

Kaulinan gatrik biasana dilakukeun di Lapangan

2.

Alat utama nu biasa dipaké dina kaulinan loncat tinggi nyaéta…..

a)

karet ban 

b)

Kenténg disemplékan

c)

karet geulang

d)

Kaléci marmer

3.

Rupa-rupa kaulinan nu teu maké alat  nyaéta….

a)

Babandringan, Dodombaan, Papanggalan, jeung Cicinaan

b)

ucing sumput, cingciripit, endog-endogan

c)

Dodombaan, Cicinaan, Oray-orayan, jeung pérépét jéngkol

d)

barén, congkak, loncat tinggi

4.

Cing ciripit Tulang bajing kacapit Kacapit ku bulu paré Bulu paré seuseukeutna Jol pa dalang mawa wayang Jrék- jrék nong Jrék-jrék nong Gambar nu luyu jeung kakawihan di luhur nyaéta…..

a)

b)

c)

d)

5.

Ngaran kaulinan barudak dina gambar di luhur nyaéta…..

a)

Paciwit-ciwit lutung

b)

Pérépét jengkol

c)

Babandringan

d)

Oray-orayan

6.

Prakprakan atawa cara ngulinkeun kaulinan barudak pérépét jéngkol  nyaéta…..

a)

Pamaén nangtung ngajajar bari nyekel taktak hareupeunna, terus maju luar-léor ka kéncajeung ka katuhu, terus asup kana guha nu dijieun ku dua pamaén liana.buntut panungtungditéwak terus ditanya rék milu kasaha.

b)

Pamaén diuk ngajajar atawa nguriling bari diuk nyanghunjar. Bari ngawih, bincurang parapamaén ditepakeun ka salah saurang. Dina pada kawih panungtung budak nu katepak kudunikelkeun sukuna jadi émok.

c)

Dua rombongan pahareup-hareup bari ngawih patémbalan, budak nu kapilih ku rombongananu kabagian milih disebut ngaranna, pindah ti rombonganna bari engke-engkean sartadisurakan’maling endog maling endog’.

d)

dipaénkeun paling saeutik ku tiluan, masing-masing pamaen nyekel leungeun baripatukang-tukang terus sabeulah sukuna diangkat sarta bitisna dianyamkeun kanu séjénnepika pageuh. Terus leungeun masing-masing dilesotkeun bari luluncatan muter barikeprok.

7.

Kakawihan nu luyu jeung gambar nyaéta….

a)

Eundeuk eundeukan cangkuangBalé bandung pasébanMeunang peucang sahijiLeupas deui ku niniBeunang deui ku aki

b)

Géré tong géré tongNu éléh di potongGéré tong géré tongNu éléh di potong

c)

Paciwit-ciwit lutungsi lutung pindah ka tungtungpaciwit-ciwit lutungsi lutung pindah ka tungtung

d)

Ojok-ojok ami-amidirojok ku jaramiojok-ojok uat-uatngarojok nu dibuatojok-ojok aung-aungNgarojok nu di saung

8.

wanda/jenis kaulinan nu baisana sok biasana diulinkeun ku barudak awéwé diantarana....

a)

békles, congkak, péclé

b)

langlanyangan, békles, kaléci

c)

gobag sodor, barén, ucing sumput

d)

ucing es, congkak, barén

9.

salah sahiji mangpaat tina kaulinan békles nyaéta....

a)

ngalatih kaparigelan leungeun

b)

ngalatih kasaimbangan

c)

ngajarkeun hirup silih bantu

d)

ngajarkeun hirup sauyunan

10.

Pakakas nu digunakeun dina ieu kaulinan di antarana (dijieun tina kai/papan plastik, panjangna leuwih kurang 40 cm, lebarna kurang leuwih 15 cm, luhurna dilogakan  sababaraha hiji) jeung siki  (bisa kewuk, siki sirsak, siki salak, jsb). Unggal logak dieusian ku kewuk lobana tujuh siki. Cara maénna piligenti, tepi ka siki téh béak (arasup kana logak indung).

kaulinan nu dijelaskeun dina pedaran nyaéta....

a)

catur

b)

congkak

c)

gobag sodor

d)

békles