Font size
WorksheetsUH Bahasan Budaya Kelas XII
Total questions: 30
Worksheet time: 38mins
Babasan gedé hulu biasana dipaké pikeun nuduhkeun jalma anu…
(a)
Méméh aya listrik di jero imah téh cukup sacaang-caangna ku lampu...
(a)
Babasan nu merenah pikeun jalma anu katelah korét atawa hésé barang béré ceuk urang Sunda disebut...
(a)
Paribasa dina basa Sunda anu ngagambarkeun kaayaan hadé goréng ogé tetep dulur nya éta...
(a)
Kila-kila anu nuduhkeun yén biasana keur aya jalma anu ngomongkeun nya éta lamun...
(a)
Ieu gambar mangrupa runtuyan prosési tradisi pangantén, nya éta prosési...
(a)
Tina ieu gambar, ngaran prosési dina siraman calon pangantén nya éta...
(a)
Babasan nu merenah pikeun jalma anu katelah bedegong atawa hésé dibéjaan ceuk urang Sunda disebut...
(a)
Upacara Séba Baduy ogé ngandung bukti ayana pangakuan sacara adat jeung miboga tujuan pikeun silaturahmi antara Masyarakat Baduy jeung Pamaréntah boh di Kabupatén boh di Provinsi anu sacara informal jadi pamingpin masyarakat Baduy.
Bener
Salah
Dina tahun 1800-an Kampung Banceuy anu baheula ngaranna Désa Négla keuna ku bencana puting beliung, sakabéh imah di éta désa ruksak nepi ka teu bisa dicicingan. Pikeun ngungkulan éta masalah, warga éta désa ngayakeun sawala sangkan kahindar ti éta bencana. Ti éta kajadian mangrupa cikal bakal ayana tradisi Ngaruwat Bumi.
Bener
Salah
Tujuan utama tina tradisi Nyalin di wewengkon Karawang nya éta ngala paré pikeun dijadikeun indung paré anu dilaksanakeun ku cara nyadiakeun sababaraha barang pikeun ngajénan nu disebut Nyi Pohaci Sanghyang Asri dina kapercayaan Urang Sunda
Bener
Salah
Inti tina tradisi Séba masarakat Suku Baduy nya éta puasa salila 3 bulan pikeun nyucikeun diri tina nafsu jahat nu disebut prosési ritual Kawalu.
Bener
Salah
Juragan Apan mah ngarasa waé pang-aingna, padahal mah asalna ogé ti jalma biasa, Ibu Ramana ogé patani di lembur.
Gambaran carita di luhur téh kakeunaan ku paribasa asa aing uyah kidul.
Bener
Salah
Nu teu kaasup kana ajén inajén nu kakandung dina tradisi boh Hajat Laut di wewengkon Pangandaran boh Labuh Saji di Kabupatén Sukabumi nya éta...
Rasa sukur Ka Nu Maha Kawasa
Silih babagi antar masarakat basisir
Kasieunan ka Nu Ngageugeuh Laut kidul
Gotong royong masyarakat pikeun lumangsungna tradisi Hajat Laut
Mihormat ka karuhun
Masyarakat Baduy dina tradisina ngalaksanakeun upacara adat Séba nyekel pageuh kana filosofi...
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
Lojor teu meunang dipotong, pondok teu meunang disambung
Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak
Ngeduk cikur kedah mitutuh, nyokél jahé kedah micarék
Sacanggreud pageuh, sagolék pangkék
Anu teu kaasup ajén filosofis dina tradisi hajat/pésta nu sok biasa diayakeun di basisir laut kidul kabéhdieunakeun nya éta...
minangka wujud rasa sukur Ka Nu Maha Kawasa tina hasil laut pikeun para pamayang
minangka wujud sukur pamayang nu diwujudkeun ku ritual ngalarungkeun sajén ka tengah laut
sajén/tumbal pikeun tokoh mitos Nyi Roro Kidul sabab kasieunan
sangkan pamayang dibéré kasalametan dina néang lauk sapopoéna
silih babagi tur gotong royong di antara masarakat basisir dina ngamumulé tradisi satempat
Tujuan utama tina Upacara Séba Baduy, nya éta...
Salahsahiji runtuyan tina upacara kaagamaan masyarakat Baduy
Ngawanoheun suku Baduy ka masyarakat di luar wilayah Kanékés
Silaturahmi ka kerabat atawa dulur jeung tatangga dina ngumpulkeun hasil bumi
Lalampahan masyarakat Baduy sajauh 80 KM ka Provinsi Banten
Mawa amanat Pu'un (ketua adat suku Baduy), méré laporan, nepikeun harepan tur masrahkeun hasil Bumi ka Bapak jeung Ibu Gédé di Provinsi Banten
Puncak tina upacara Nyangku di Panjalu nya éta...
Mawa banda-banda pusaka anu disimpen di Pasucian “Bumi Alit”
Iringan kesenian Gembyung jeung lantunan Sholawat Nabi dina acarana
Pembersihan banda-banda pusaka ku tirta kahuripan jeung jeruk nipis, tuluy digaringkeun ku tungku anu eusina menyan nu diduruk minangka lambang pensucian diri
Kirab banda pusaka ka Pulau Nusa Gedé nu aya di tengah Situ Lengkong Panjalu, tempat dimakamkannya Raja Panjalu
Ritual tawasul (pembacaan doa) pikeun para karuhun Panjalu di makam Prabu Hariang Kancana
Ieu di handap mangrupa fungsi tina upacara adat Nyangku ti wewengkon Panjalu anu aya patalina jeung kalakuan tur kahirupan nu ngalaksanakeun ieu tradisi, nya éta...
sarana pikeun introspéksi diri tina kalakuan anu teu luyu jeung norma agama jeung norma adat
pikeun sarana susuci sabab cai tilas ngumbah banda pusaka dianggap bisa dipaké meresihan diri
pikeun kahindar tina cilaka anu bakal tumiba ka katurunan Sanghyang Prabu Borosngora
pikeun wujud penghormatan ka Sanghyang Prabu Borosngora ku jasana nyebarkeun agama Islam
pikeun ngaberesihan banda-banda pusaka nu disimpen di Bumi Alit
Prosési muka bekel (timbel sapuratina) nu dibawa ku patani tur saacanna dibuka éta bekel ngado'akeun heula ka kulawarga patani anu tos maot, karuhun lembur jeung wewengkon séjénna anu dianggap boga peran penting dina tradisi Nyalin di wewengkon Karawang disebut prosési...
rajah sumerah
mipit paré
ngaarwahan
tari cetok
sanduk-sanduk
Ngukusan dina salahsahiji prosési tradisi Nyalin di wewengkon Karawang nya éta...
persiapan saméméh tradisi Nyalin dilaksanakeun
meuleum empos minangka tanda dimimitianna tradisi Nyalin
prosési pamacaan rajah saméméh mipit paré
ngadatangkeun Nyi Pohaci ku cara ménta ijin ka mahluk anu aya patalina jeung Nyi Pohaci
Panen paré ngagunakeun étém
Puncak tina tradisi Upacara Adat Sérén Taun di Kuningan di tanggal 22 Bulan Rayagung dina pananggalan kalénder Sunda, nya éta...
Ngajayak jeung nutu paré dina lisung maké halu
Upacara Damar Séwu
Tari Sakral Pwah Aci (keur Nyi Pohaci)
Ngawinkeun Paré
Pésta Dadung
Prosési dina upacara Sérén Taun anu dilaksanakeun di Situ Hyang pikeun ngagambarkeun upacara tukang ngangon masyarakat jaman baheula anu miboga kaarifan anu patali jeung para sato lingkungan sabudeureunna. Mangsa harita tukang ngangon teu maéhan hama tutuwuhan tapi ngan sakur miceun éta hama, disebut...
Pésta Dadung
Damar Séwu
Ngajayak
Kidung Spiritual jeung Tari Pwah Aci
Ngarérémokeun
Puncak ritual tina tradisi Ngaruwat Bumi/Ruwatan Bumi nya éta prosési nguburkeun sasajén ku cara anu tangtu sangkan ngahurip bumi munar lemah hartina ngarah sakabéh nu dilakukeun ku masyarakat Kampung Adat Banceuy miboga mangpaat tur barokah disebut ...
ngadiukeun
ngalawar
dadahut
numbal
helaran
Prosési dina Ngaruwat Bumi nya éta nunda sasajén di unggal juru kampung ku sesepuh adat, tur biasana dimimitian ku nunda sasajén di titik puseur kampung, tuluy ditunda di opat juru mata angin, disebut ...
ngadiukeun
ngalawar
dadahut
numbal
helaran
Mana anu disebut prosési meuleum harupat dina prosési tradisi pangantén Sunda!
Dina upacara adat Tingkeban (7 Bulanan), aya anu miboga ma'na sangkan orok anu engké dilahirkeun téh bakal miboga kulit anu alus tur beresih, disimbolkeun ku upacara…
ganti samping 7 kali
siraman maké belut
sawéran
meulah kalapa konéng
ngarujak kanistrén
"Ulah bosenan ari diajar téh sok sing leukeun da moal burung bisa, geuning ceuk paribasa ogé………………………"
Paribasa nu merenah pikeun ngalengkepan sempalan kalimah tina eusi biantara di luhur, nya éta…
banda tatalang raga
cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
pindah cai pindah tampian
hadé gogog hadé tagog
uyah mah tara téés ka luhur
Babasan anu dibasakeun pikeun kaayaan jelema anu cicing waé diimah, tara indit-inditan jauh atawa teu resep nyaba jauh, nyaéta ….
hampang birit
amis daging
kurung batokeun
miyuni kembang
leumpeuh yuni
Prosési dina upacara nikahan Adat Sunda anu ngalambangkeun yén kudu sauyunan tur sabar dina laki-rabi (rumah tangga), ogé nu jadi pamajikan kudu jadi penengtrem haté salakina, nya éta…
Upacara nincak endog
Upacara meupeuskeun kendi
Upacara muka panto
Upacara meuleum harupat
Upacara siraman pangantén
