wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN BAHASA SUNDA KLS 9

Total questions: 100

Worksheet time: 2hrs 14mins

Name
Class
Date
1.

Lamun ditingali tina jumlah jajaran jeung purwakantina, lagu "Es Lilin" téh disusun dina wangun ...

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

wawangsalan

d)

papantunan

2.

Baca rumpaka ieu kawih!

Es lilin mah, aduh, kalapa muda,

dibantun mah, geuning, ka Sukajadi,

abdi isin, geuning, samar kaduga,

sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi.

Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaéta ...

a)

é-d-a-s

b)

da-di-ga-di

c)

muda-Sukajadi-kaduga-ngajadi

d)

a-i-a-i

3.

Eusi pada kahiji rumpaka kawih "És Lilin", nyaéta ...

a)

És lilin dijieunna tina kalapa muda

b)

Abdi isin samar kaduga sabab sieun teu ngajadi

c)

És lilin dijual ka Sukajadi

d)

Sieun teu jadi dibawa ka Sukajadi

4.

és lilin mah, aduh kalapa muda

dibantun mah geuning ka Sukajadi

abdi isin, geuning, samar kaduga

sok sieun mah, aduh, henteu ...


Kecap nu cocog piekeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ...

a)

ngajadi

b)

dunungan

c)

paduduan

d)

kamalinaan

5.

Munding dina kawih és lilin hartina ....

a)

kambing

b)

unta

c)

kuda

d)

kerbau

6.

Kecap "ceuceu" dina kawih és lilin hartina

a)

adi awéwé

b)

lanceuk lalaki

c)

lanceuk awéwé

d)

adi lalaki

7.

Ka Bandung ge meni ulah

Balik-balik rek ka mana

Ka Bandung arek kuliah

Balik-balik jadi Sarjana


Sisindiran di luhur ka asup kana jenis ...

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

sisindiran

d)

wawangsalan

8.

Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sangggakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad saw. Paragrap di luhur ka asup kana..…

a)

Panutup biantara

b)

Eusi biantara

c)

Bubuka biantara

d)

Bubuka jeung panutup biantara

9.

Baca!


Puji sinareng sukur urang sanggakeun ka...

a)

Sadaya nu hadir di ieu tempat

b)

Alloh Subhanahu Wa Ta'ala.

c)

Nabi Muhamad Solallohualaihi Wa Salam.

d)

Ka bapak sareng ibu guru

10.

Fungsi kalimah ieu mere randegan (menjeda) biantara, oge

pikeun museurkeun paniten nu hadir.

a)

Hadirin hormateun sim kuring!

b)

Bapa Lurah hormateun sim kuring!

c)

Puji sinareng sukur ka Gusti nu maha Agung.

d)

Bapak ibu guru hormaten simkuring

11.

Kawih es lilin karangan ....

a)

Mursih

b)

Mang Koko

c)

Dian

d)

Godi Suwarna

e)

Hendarso

12.

és lilin mah, aduh kalapa muda

dibantun mah geuning ka Sukajadi

..............................................................................

sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi


Kalimah nu cocog piekeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ...

a)

abdi isin, geuning, samar kaduga

b)

abdi isin jungjunan, duh bararingung

c)

raos mah gening ka bina bina

d)

ka mana mah dunungan ngaitkeun pikir

13.

Kecap impenan hartina ....

a)

Impian

b)

cita-cita

c)

kahayang

d)

lamunan

e)

tangisan

14.

Fungsi kalimah ieu mere randegan (menjeda) biantara, oge

pikeun museurkeun paniten nu hadir.

a)

Hadirin hormateun sim kuring!

b)

Bapa Lurah hormateun sim kuring!

c)

Puji sinareng sukur ka Gusti nu maha Agung.

15.

Baca ieu sempalan biantara!

Dina ieu waktos, sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX anu badé ngantunkeun SMP Santo Yusup. Saleresna mah rada rumegog waktos dipasihan ieu pancén téh, bilih anu baris dipisanggem kirang merenah sareng teu ngawakilan gerentes haté sadaya réréncangan. Namung ku margi ieu pancén dipasrahkeun ka sim kuring, kitu deui lbu sareng Bapa Guru ogé milih sim kuring, nya atuh teu tiasa nolak. Jalaran kitu, sateu acan ngadugikeun ieu biantara, sim kuring badé nyuhunkeun heula dihapunten, utamina pisan ka sadaya murid kelas IX, bilih baé pisanggem sim kuring téh kirang saluyu sareng harepan sadayana.

Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngeunaan naon eusina téh?

a)

paturay tineung

b)

hajat kawinan

c)

tujuh belasan

d)

karang taruna

16.

Naon anu disebut biantara téh?

a)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji hal dina hiji acara

b)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun ajaran agama

c)

nyarita di hareupeun balaréa salaku bagian tina acara

d)

nyarita di hareupeun balaréa dina hajatan

17.

Tema biantara nu luyu pikeun ditepikeun dina acara paturay tineung nya eta :

a)

miara kabersihan lingkungan

b)

ngalaksanakeun bakti sosial

c)

milih pergaulan nu sehat

d)

papisah lain hartina megatkeun silaturahmi

18.

...

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi bianta

d)

mamanis biantara

19.

Bagian-bagian dina biantara aya tilu, nya eta saperti ieu di handap, iwal

a)

eusi

b)

panutup

c)

bubuka

d)

salam panutup

20.

1) ngucapkeun salam

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun sukur ka allah

4) medar tema nu rek ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

21.

…….

Hadirin anu dipihormat, aya sawatara hal nu kudu disiapkeun ku urang sadayana dina mayunan ujian ieu, diantara urang kudu pinter ngatur waktu pikeun diajar, ulah loba teuing ulin, kudu ngalobakeun maca di perpustakaan, sing mindeng diskusi ngeunaan pelajaran jeung babaturan…..


Ungkara kalimah diluhur mang rupa conto bagian…..

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

harepan biantara

22.

Kauntungan saupama urang biantara ngagunakeun teks, diantarana nyaeta…..

a)

Urang bisa leuwih percaya diri dihareupeun hadirin nu hadir

b)

Urang kudu mikirkeun materi nu rek ditepikeun

c)

Urang tampil sangakan ka puji ku batur

d)

Urang moal salah macakeun teks biantara

23.

Jalma nu ahli biantara disebut …..

a)

orator

b)

hotib

c)

operator

d)

proklamator

24.

1) Miboga tujuan

2) eusina ngandung bebeneran

3) cara nepikeunana disaluyukeun jeng pamiarsa/audience

4) nyiptakeun suasana efektif jeng pamiarsa/ audience

5) cara nepikeunana jelas serta matak ngirut

6) nggunakeun intonasi, artikulasi sarta volume sora nu jelas.


sawatara hal diluhur nyaeta mangrupa…...biantara

a)

sifat biantara

b)

Tujuan biantara

c)

ciri-ciri biantara

d)

fungsi biantara

25.
Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut …..
a)
Dongeng
b)
Biantara
c)
Pupuh
d)
Pantun
26.

Hadirin sadayana.

Acara paturai tineung téh jadi panineungan kanggo abdi sareng réréncangan. Abdi moal tiasa lulus sepertos ayeuna, upami teu di didik sareng diaping ku ibu iwah bapa guru sadayana.

Ku kituna abdi sadaya ngahaturkeun séwu nuhun kasadaya, muga–muga waé amal kasaean ibu miwah bapa guru kénging ganjaran anu satimpal.


Saha nu biantara dina wacana diluhur téh !

a)

wakil murid

b)

wakil guru

c)

kepala sekola

d)

para siswa

27.

pamingpin ieu di handap anu handal dina biantara atawa disebut orator ulung

a)

b)

c)

d)

28.

Dina téhnik biantara aya anu disebut téhnik ékstémporan. Naon éta téh maksudna …

a)

téhnik maca naskah

b)

téhnik ngapalkeun

c)

téhnik ngapalkeun gurat badagna

d)

téhnik improvisasi

29.

Para hadirin anu ku simabdi dipikahormat, dina kasempatan ieu simabdi bade ngadugikeun hiji pidato atawa biantara nu judulna “pentingna ngalestarikeun budaya bahasa sunda dikalangan remaja atawa budak ngora di Jawa Barat”. Eta conto kalimah disebut ...

a)

sanduk-sanduk

b)

Du'a

c)

Nepikeun jejer

d)

Catur nuhun

30.

Cunduk waktu anu rahayu, ninggang mangsa anu sampurna, nitih wanci anu mustari. Ieu mamanis basa payus upama dilarapkeun dina ... biantara.

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Kacindekan

31.

1) ngucapkeun salam bubuka

2) nepikeun jejer

3) nepikeun kacindekan

4) sanduk-sanduk

5) catur hormat

6) salam panutup

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta ...

a)

1-2-3

b)

2-5-6

c)

1-2-5

d)

2-4-5

32.

1) sanduk-sanduk

2) ngucapkeun salam bubuka

3) nepikeun kacindekan

4) catur hormat

5) nepikeun jejer

6) salam panutup

Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara nyaeta ...

a)

1-3-5

b)

3-5-6

c)

1-3-6

d)

3-4-6

33.

Sajeroning biantara téh urang kudu nyarita kalawan lancar, henteu gugup, jelas, sarta henteu loba ngarandeg, disebut ogé ...

a)

Ngandung wirahma

b)

Alus basana

c)

Munel eusina

d)

Tatag nyaritana

34.

Eusi biantara téh kudu diluyukeun jeung sababarah hal, iwal ….

a)

Kulawarga anu biantaran

b)

Anu ngahadiran acarana

c)

Kalungguhan anu biantara

d)

Kapentingan acarana

35.

1) nangtukeun tujuan

2) nyieun rangkay karangan

3) latihan

4) nepikeun jejer

5) sayaga mental

Leuwih hade tatahar biantara teh sistematis saperti ...

a)

5-1-2-4-3

b)

5-2-1-4-3

c)

5-1-4-2-3

d)

5-4-1-2-3

36.

Di handap ieu mangrupa susunan biantara anu bener nyaéta….

a)

Salam pamuka, eusi, panutup, mukadimah, pangwilujeng do’a

b)

Salam pamuka, do’a, mukadimah, eusi, pangwilujeng, panutup

c)

Mukadimah, salam pamuka, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup

d)

Salam pamuka, mukadimah, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup

37.

“Sadaya puji kagungan Allah SWT, solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya nabi Muhammad SAW”

Kalimah di luhur mangrupa bagian tina biantara nu disebut…

a)

Do’a

b)

Mukadimah

c)

Salam pamuka

d)

Pangwilujeng

e)

Salam panutup

38.

1) ngucapkeun salam

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun sukur ka allah

4) medar tema nu rek ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

39.

Sisindiran asal kecapna tina sindir, hartina…

a)

Wangun puisi nu maké patokan pupuh

b)

Omongan nu teu puguh eusina

c)

Omongan nu teu langsung dicaritakeun maksudna

d)

Omongan anu teu miboga makna

40.

Peupeujeuh ari ka Dayeuh

Meuli kupat jeung gorengan

Peupeujeuh lamun geus euweuh

Tong ngupat kagorengan

Sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran wangun…eusina.....

a)

Paparikan sesebred

b)

Paparikan piwuruk

c)

. Rarakitan piwuruk

d)

Rarakitan silih asih

41.

Rarakitan ciri-cirina nyaeta …

a)

Padeukeut sora tungtungna

b)

Sasora (murwakanti)

c)

Teu diomongkeun maksudna

d)

Papak/sarua hareupna

e)

Raket sorana

42.

Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nyaeta...

a)

unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang

b)

padalisan katilu jeung kaopat disebut eusi

c)

padalisan kahiji jeung kadua disebut cangkang

d)

sapadana diwangun ku opat padalisan

e)

padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang

43.

(1) Sing getol nginum jajamu,

nu guna nguatkeun awak.

Sing getol neangan elmu,

nu guna dunya aherat.


(2) Daun kelor daun ganas,

kuciat jeung pacar keling.

Hutang motor tacan lunas,

sakilat aya nu maling.

(3)Los ka kulah los ka talun,

rek neangan bongborosan.

Insya Allah taun payun,

nepangan bade narosan.


(4) Aya lumat dina batu,

aya kuya di muara.

Sing tumut kana waktu,

di dunya ukur ngumbara.


Sisindiran anu ngandung piwuruk aya dina nomer...

a)

(1) jeung (2)

b)

(1) jeung(3)

c)

(2) jeung (3)

d)

(2) jeung (4)

e)

(1) jeung (4)

44.

Nu kaasup kana wangun rarakitan nyaeta...

a)

cau naon cau naon

cau kulutuk dihiru

bau naon bau naon

bau hitut nu di juru

b)

Sing getol nginum jajamu

nu guna nguatkeun anak

sing getol neangan elmu

nu guna dunya aherat

c)

Ti Soreang ka Garunggang

meser bensin satalenan

sanaos arang patepang

batin tetep sasarengan

d)

aya lumut dina batu

aya kuya di muara

kedah tumut kana waktu

di dunya urang ngumbara

e)

peupeujeuh ari ka dayeuh

meuli kupat jeung gorengan

peupeujeuh lamun geus euweuh

ulah ngupat kagorengan

45.

Dumasar kana watekna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

piwuruk, sésébréd, silih asih

c)

cangkang, eusi, wangsal

d)

wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

46.

“Palawargi anu dipikahornat, sakumna rahayat Indonesia, dimana waé ayana, kagungan hak kanggo nampi atikan. Unggal sélér bangsa diwajibkeun diajar sarta diwajibkeun daria dina nyukcruk élmu tilembut, ngulik pangarti ti leuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak.”

Ceuk nu biantara di luhur, urang kudu “nyukcruk élmu ti lelembut, ngulik pangarti ti leuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak.” éta kalimah téh ngandung harti …

a)

Kudu boga élmu

b)

Kudu daék diajar atawa sakola

c)

Kudu boga pangarti

d)

Kudu boga pangabisa

e)

Kudu jadi jalma pinter

47.

Nilik tina wangun puisina, sisindiran dina basa Sunda sarua jeung .... dina basa Indonesia

a)

pantun

b)

sajak

c)

gurindam

d)

puisi

48.

Sisindiran diwengku ku opat jajar, unggal jajar diwangun ku ... engang

a)

lima

b)

genep

c)

tujuh

d)

dalapan

49.

Jajar kahiji jeung kadua dina sisindiran disebut ...

a)

kulit

b)

cangkang

c)

bungkus

d)

eusi

50.

Rarakitan mah boga ciri anu mandiri, nyaeta katembong dina ...

a)

purwakantina diatur dua jajar dua jajar

b)

purwakantina ngan katembong dina jajaran eusi wungkul

c)

kecap dina awal jajaran cangkang dibalikan deui dina jajaran eusi

d)

kecap dina tungtung jajaran cangkan biasana sarua

51.

Beda jeung rarakitan sarta paparikan, wawangsalan mah ukur diwangun ku ...

a)

opat jajar

b)

sajajar

c)

tilu jajar

d)

dua jajar

52.

1. Kagolong kana wangun sisindiran

2. Diwangun ku dua jajar

3. Diwangun ku cangkang jeung eusi

4. Aya unsur tatarucingan

5. sajajarna diwangun ku 12 engang

6. Cara ngalarapkeunana dina omongan


Anu kaasup ciri-ciri wawangsalan nyaeta ...

a)

1,2,3,4,5

b)

1,2,3,4,6

c)

1,2,4,5,6

d)

1,3,4,5,6

53.

Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung


Wangsalna nyaeta ....

a)

tipung

b)

tutut

c)

butuh

d)

pare

54.

Sisindiran teh beda jeung istilah pantun dina bahasa Indonesia, sabab anu disebut pantun dina istilah basa sunda mah nyaeta....

a)

Carita panjang anu ditepikeun kujuru pantun anu eusinan nyaritakeun lalakon raja-raja sunda jeung turunanana

b)

Carita anu ditulis make guguritan sarta nyaritakeun rupa-rupa kajadian aneh jaman baheula

c)

Carita anu ditepikeun make wangun sisindiran sarta jumlah sisindiranana bisa ratusan pada

d)

P{uisi buhub anu nyaritakeunbjuru pantun jaman karajaan sunda

55.

Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut …..

a)
Dongeng
b)
Biantara
c)
Pantun
d)
Carita Wayang
56.

……...

Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….


Kalimah di luhur nya eta mangrupa conto ….

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

mamanis biantara

57.

1) Ngucapkeun salam

2) Nepikeun kasimpulan tina masalah nu dipedar

3) Ngucapkeun muji sukur ka Allah

4) Medar tema nu ditepikeun

5) Ngahaturkeun nuhun ka nu tos sumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

58.

Sawatara hal anu kudu diperhatikeun lamun urang keur biantara/pidato, iwal ...

a)

Sikep tenang jeung wajar ulah di jieun-jieun

b)

Eusi/ materi biantara kudu luyu jeng acara nu keur dilaksanakeun

c)

Tagog/penampilan kudu gaya

d)

Merhatikeun waktu nu disadiakeun ku panata acara

59.

Sawatara hal di handap ieu nyaeta tujuan biantara, iwal ...

a)

pikeun méré informasi atawa pamahaman ka batur

b)

pikeun mangaruhan batur sangkan daék milu kana maksud anu nepikeun biantara

c)

pikeun ngayakinkeun batur ngeunaan hiji perkara atawa pasualan

d)

pikeun nembongkeun kakuasaan nu biantara

60.

Bedana biantara jeung khutbah nyaeta....

a)

tehnikna

b)

padikana

c)

strukturna

d)

temana

61.

dina biantara aya nu disebut biantara resmi jeung biantara teu resmi, ieu dihandap mana nu kaasup kana biantara teu resmi...

a)

biantara ngaresmikeun sakola anyar

b)

biantara dina rapat DPR

c)

biantara sukuran boga imah anyar

d)

biantara dina upacara

62.

dina nyusun teks biantara eusina kudu munel,naon hartina kecap munel teh...

a)

loba mangfaat jeung loba pulungeunana

b)

strukturna kudu bener

c)

merhatikeun kaedah-kaedah biantara

d)

dumasar kana struktur biantara

63.

Perhatikeun 6 unsur biantara di handap ieu!

1) Salam bubuka

2) Bubuka Biantara

3) Panutup Biantara

4) Pangbagéa

5) Eusi Biantara

6) Salam Panutup


Urutan anu merenah tatkala rék migawé biantara nya éta…

a)

1-2-5-3-6-4

b)

2-5-3-1-6-4

c)

2-3-5-1-6-4

d)

1-4-2-5-3-6

64.

Kauntungan saupama urang biantara ngagunakeun teks, diantarana nyaeta…..

a)

Urang bisa leuwih percaya diri dihareupeun hadirin nu hadir

b)

Urang kudu mikirkeun materi nu rek ditepikeun

c)

Urang tampil sangakan ka puji ku batur

d)

Urang moal salah macakeun teks biantara

65.

…….

Hadirin anu dipihormat, aya sawatara hal nu kudu disiapkeun ku urang sadayana dina mayunan ujian ieu, diantara urang kudu pinter ngatur waktu pikeun diajar, ulah loba teuing ulin, kudu ngalobakeun maca di perpustakaan, sing mindeng diskusi ngeunaan pelajaran jeung babaturan…..


Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto bagian…..

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

harepan biantara

66.

1) biantara bubuka

2) biantara pengarahan/pituduh

3) biantara sambutan

4) biantara peresmian

5) biantara laporan

6) biantara pertanggung jawaban


Sawatara hal di luhur nya eta mangrupa ……...biantara.

a)

Jenis Biantara

b)

Fungsi Biantara

c)

Tujuan Biantara

d)

Wangenan Biantara

67.

Biantara ilaharna ngagunakeun ....., sabab ngajénan hadirin anu ngabandungan biantara.

a)

Basa Kasar

b)

Basa Wewengkon

c)

Basa Loma

d)

Basa Lemes

68.

Dinten ieu urang sadaya mieling dinten kamerdekaan bangsa Indonesia, ku kituna sim kuring dina denget ayeuna hoyong ngemutkeun urang sadaya kanggo ngeusi ieu kamerdekaan ku hal-hal anu positif. Urang kedah ngajenan pangurbanan para pahlawan anu tos gugur. Aranjeuna bajoang ngamerdekakeun bangsa urang teh tug dugi ka maotna.

Urang salaku generasi penerus ngagaduhan tanggung jawab kanggo neraskeun tur ngajaga kamerdekaan ieu kalayan pinuh sumanget. Hayu urang tingkatkeun sumanget urang, prestasi urang, oge gotong royong urang supados bangsa urang tambah maju.


Mana informasi anu bener tina teks biantara di luhur?

a)

urang kudu ngantepkeun kamerdekaan

b)

urang gaduh tanggung jawab kanggo neraskeun kamerdekaan

c)

gotong royong teh lain kawajiban urang

d)

biantara di luhur ngeunaan poe Kebangkitan Nasional

69.

Lamun urang biantara dina waktu isuk-isuk kudu ngucapkeun salam...

a)

wilujeng sonten

b)

wilujeng siang

c)

wilujeng wengi

d)

wilujeng enjing

70.

Struktur téks biantara anu isina aya salam panghormat ka hadirin ogé aya ngahaturkeun nuhun ka panta acara nyaéta ...

a)

Eusi

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

Sanduk-sanduk

71.

Dina nepikeun biantara hidep kudu merhatikeun sawatara hal salah sahiji kedah merhatikeun lentong. Lentong téh nyaéta ...

a)

Artikulasi (bedas tur béntés)

b)

Intonasi (tinggi rendahna nyarios)

c)

Irama

d)

Témpo

72.

Perhatoskeun kutipan biantara di handap!

Alhamdulillah sateuacanna, Kepala Désa parantos ngaresmikeun masjid anyar urang. Dimimitian ayeuna, hayu urang ngagunakeun masjid ieu mangrupakeun sarana ibadah dina ningkatkeun takwa.

Dumasar kana eusina, biantara di luhur téh kaasup kana biantara ...

a)

Sambutan

b)

Panghargaan

c)

Paresmian

d)

Laporan

73.

Es lilin mah didorong-dorong

Dibantun mah dibantun ka Sukajadi

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Rumpaka Kawih Es lilin ngagunakeun Wangun...

a)

Sajak

b)

Pupuh

c)

Wawangsalan

d)

Sisindiran

74.

Rumpaka kawih Es lilin diwangun ku .... padalisan

a)

4

b)

6

c)

8

d)

10

75.

Ieu di handap aya wawangsalan


Teu beunang di hurang sawah,

Teu beunang dipikameumeut.


Wangsalna nyaeta ....

a)

hurang

b)

simeut

c)

sawah

d)

beunang

76.

Hapunten abdi hapunten

Bilih aya kalepatan


Cangkang tina eusi sisindiran di luhur nyaeta...

a)

Saninten buah saninten, dibantun ka parapatan

b)

kawunganten kawunganten, ayana di majenang

c)

Panginten buah ramanten, horeng buah durian

d)

Meuli ali inten, hargana mahal pisan

77.

Ka mana jalan ka Yogya

Ka ditu ka Pangrumasan

Ka mana jalan ka Surga

Ka ditu ka pangaosan


kecap mimiti anu kahiji dina padalisan sarua jeung kecap mimiti anu ka tilu, kitu deui kecap mimiti padalisan anu kadua sarua jeung padalisan anu ka opat. Eta teh ciri-ciri tina sisindiran....

a)

Wawangsalan

b)

Paparikan

c)

Rarakitan

d)

sesebred

78.

...................................

Sono sok loba jajanan

Sono mondok sono nganjang

Sono patepang di jalan


Padalisan anu kahiji anu merenahna nyaeta...

a)

Sapanjang jalan Soreang

b)

Caangna ka mana-mana

c)

Sono ih ka kota kembang

d)

Akang tatan ngala kembang

79.

Mawa botol ka Cisaat

Pipiti di sisi cai

Lamun urang getol solat

Pasti dipiasih gusti


Ditilik tina wangunna, eta sisindiran kaasup kana wangun….

a)

Paparikan

b)

Wawangsalan

c)

Rarakitan

80.

Karasana keur sakarat

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah diliwat

Tara ngalakukeun solat


Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....

a)

Sa Padalisan

b)

Dua padalisan

c)

Tilu Padalisan

d)

Opat Padalisan

81.

Lamun hayang nyieun pager,

.................................................

Lamun hayang jadi pinter,

Kudu daek maca buku.


kalimah nu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur nyaeta...

a)

kudu indit meuli buku

b)

kudu daek make baju

c)

kudu indit ka Cipaku

d)

kudu daek mawa paku

82.

Paparikan kaasup kana wangun sisindiran anu sorana padeukeut sarta murwakanti dina tungtung kecap atawa padalisan (baris). Dina paparikan tiap pada (gundug) diwangun ku...

a)

3 padalisan

b)

4 padalisan

c)

5 padalisan

d)

6 padalisan

83.

Komputer bisa dijingjing,

top waé ari hayang mah.

Wangsal tina wangun sisindiran di luhur nya éta ....

a)

notebook

b)

hapé

c)

laptop

d)

Internét

84.

Anu mangrupa ciri-ciri sisindiran dituduhkeun ku nomer ...

1. diwangun ku opat jajar

2. unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang

3. jajaran kahiji jeung katilu mangrupa cangkang

4. jajaran kadua jeung kaopat mangrupa cangkang

5. engang panungtung jajaran kahiji kudu murwakanti jeung engang panungtungjajaran katilu

a)

1, 2, jeung 3

b)

1, 2, jeung 5

c)

1, 4, jeung 5

d)

2, 3, jeung 4

85.

Anu mangrupa ciri-ciri wawangsalan dituduhkeun ku nomer ....

1. Diwangun ku dua jajar

2. Jajaran kahiji mangrupa cangkang, sedeng jajaran kadua mangrupa eusi

3. Jumlah engang dina unggal jajar umumna dalapan engang

4. Aya wangsal anu nyambungkeun cangkang jeung eusi

5. Aya hiji kecap anu dibalibirkeun (ditarucingkeun) dina cangkang atawa dina eusi

a)

1, 2, jeung 3

b)

1, 2, jeung 5

c)

1, 4, jeung 5

d)

2, 3, jeung 5

86.

Mawa peti dina sundung,

dibawa ka Nusa Jawa.

Pangarti teu beurat nanggung,

kabisa teu beurat mawa.


Sisindiran di luhur mibanda sifat....

a)

silih asih

b)

sésébréd

c)

piwuruk

d)

silih asah

e)

silih asuh

87.

Dihandap ieu anu lain kaasup wangun sisindiran nyaeta . . .

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Pupujian

e)

panghormatan

88.

Ramo deukeut indung leungeun

Sing tumut kana piwuruk


Wangsalna nya eta....

a)

Jempol

b)

Curuk

c)

Jajangkung

d)

Jari manis

e)

Cinggir

89.

Miara marmot di tepas

Diparaban daun sampeu

Ngajajap kelas dualas

Anu lulus taun ieu


Sisindiran di luhur asup kana jenis sisindiran?

a)

Piwuruk

b)

Paparikan

c)

Wawangsalan

d)

Rarakitan

e)

wawansalan dan piwuruk

90.

Poé saptu metik entéh

bubukna arék dibeuleum

Deuleu itu aki manéh

buukna dipulas beureum


Sisindiran di luhur eusina ngeunaan?

a)

Piwuruk

b)

Silih asih

c)

Cinta

d)

Sésébréd

e)

rarakitan

91.

Kuring dahar arumanis

Arumanis anu kamari

Saha itu anu geulis

Singhoréng kabogoh abdi


Kaasup kana sisindiran dina wangun...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Cacaritaan

e)

Rarakitan dan Paparikan

92.

Mawa botol ka Cisaat

Pipiti di sisi cai

Lamun urang getol solat

Pasti dipiasih gusti


Ditilik tina eusina, sisindiran di luhur nuduhkeun…

a)

banyol

b)

piwuruk

c)

silihasih

d)

heureuy

93.

Meser bubur ka Cihaur

Jalanna mapay Cigowong

Ka batur mah nitah jujur

…………………………….


Eusi padalisan kaopat sisindiran di luhur nu luyu nyaeta…

a)

Manehna mah jalma sombong

b)

Manehna mah jalma lolong

c)

manehna mah tukang bohong

d)

manehna mah tukang noong

94.

Ngampar lawon keur netepan

Mugia getol ibadah

Wangsalna ....

a)

sapedah

b)

jubah

c)

sajadah

d)

wadah

95.

Ari anu disebut sisindiran dina basa sunda teh wangun sastra tradisional anu boga patokan-patokan ieu dihandap.

1). Sapadana bisa diwengku ku opat jajar atawa lima jajar (padalisan)

2). Ngandung cangkang jeung eusi

3). Tungtung-tungtungna jajaranana murwakanti

4). Jajaran dua jeung tilu disebut cangkang

5). Eusi sisindiran diebrehkeun dina dua jajar panungtung

6). Sisisndiran kagolong kana wangun puisi

7). Umumna unggal jajaran diwengku ku 8 engang.

Patokan anu bener ngeunaan sisindiran dituduhkeun ku nomer....

a)

1,3,5,6,7

b)

2,3,5,6,7

c)

1,2,3,4,5

d)

2,3,4,5,6

96.

 Titenan ieu sisindirin dihandap!


Mawa peti dina sundung

ditumpangan ku karanjang 

pangarti teu berat nanggung

tapi mangpaatna manjang

 Anu disebut cangkang dina sisindiran teh nyaeta….

a)

Mawa peti dina sundung, Pangarti teu beuret nanggung

b)

Mawa peti dina sundung, ditumpangan ku karanjang

c)

Pangarti teu berat nanggung, tapi mangpaatna manjang

d)

Mawa peti dina sundung, Ditumpangan ku karanjang

97.

Eusian wawangsalan dihandap ieu…

   Alat canggih dina leungeun

    ………………..............................

       (wangsalna hape)

a)

Samar bias kapimilik

b)

Mihape omongan abdi

c)

Kapidara diri abdi

d)

Sok isin lamun patepung

98.

Pek teangan wawangsalan dihandap ieu anu cangkang jeung eusina . wangsalna medsos

a)

Media di dunia maya, Loba warga menang bansos

b)

Alat keur nulis nu canggih, Neng Rita teh artis ngetop

c)

Kadaharan anu lada, Hate kuring asa nyeblak

d)

Tempat keur neangan elmu, Barudak keur maen bola

99.

Pek teangan wawangsalan dihandap ieu anu cangkang jeung eusina . wangsalna  (seblak)

a)

Media di dunia maya, Loba warga menang bansos

b)

Alat keur nulis nu canggih, Neng Rita teh artis ngetop

c)

Kadaharan anu lada, Hate kuring asa nyeblak

d)

Tempat keur neangan elmu, Barudak keur maen bola

100.

Diantara sisindiran ieu di handap anu mangrupa rarakitan, eusina piwuruk nyaeta….

a)
  1. Aya listrik dimasigit

Caangna kamana-mana

Aya istri jangkung alit 

Geulisna kabina-bina

b)
  1. Tikukur macokan kupat

kecok deui kecok deui

Dipupu jeung disipat

dekok deui dekok deui

c)
  1. Sapanjang jalan soreang

Moal weleh diaspalan

Sapanjang tacan kasorang

Moal weleh diakalan

d)
  1. Kaduhung ayun ayunan

Melak ganas dina eurih

Kaduhung abdi rayungan

Dipapanas di peupeurih

Similar Resources on Wayground