wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN NOVEL BASA SUNDA

Total questions: 24

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Karya sastra caritaan nu caritana leuwih kompleks, palakuna ogé rada loba, jeung wangunna prosa nyaéta ...

a)

Carpon

b)

Guguritan

c)

Dongéng

d)

Novel

2.

Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra wangun...

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Drama

d)

Anyar

3.

Judul novel Sunda nu mimiti nya éta ...

a)

Baruang ka nu Ngarora

b)

Nyi Halimah

c)

Patepung di Bandung

d)

Paturay Tineung

4.

Jalma anu ngalalakon dina carita, sok disebut....

a)

Jejer

b)

Tema

c)

Palaku

d)

Latar

e)

Galur

5.

Prasasti nu Ngancik dina Ati

(Popon Saadah)

Basa kuring keur ngaderes "Burni jeung Manusa" di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.

"Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.

"Yup!”

"Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!"

"Pamasihan."

"Pamasihan saha?"

Teu dijawab.

"Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?"

Manéhna ku kuring ukur dirérét.

"Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!"

Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.

"Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun." Manéhna mencrong kénéh.

"Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug masihan," kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.


Dina sempalan tek di luhur palakuna saha wae...

a)

Prasasti

b)

Kuring

c)

Prasasti, Kuring

d)

Kuring (Rin), Fauzan

e)

Prasasti, Fauzan, Rinega, Margareta

6.

unsur - unsur intrinsik novel nyaeta dihandap ieu,iwal....

a)

tema

b)

palaku

c)

galur

d)

amanat

e)

nada

7.

novel "Baruang ka nu ngarora" karangan...

a)

moh.Amri

b)

Aam amelia

c)

D.K. Adiwinata

d)

Dadan Sutisna

e)

Tatang sumarsono

8.

Novel teh mangrupa carita ...

a)

nyata

b)

rekaan

c)

hayalan

d)

mitos

9.

Nu teu kaasup kana unsur latar nyaeta....

a)

Sipat

b)

Suasana

c)

Tempat

d)

Waktu

10.

Nu teu kaasup papasingan (jenis) novel nyaeta....

a)

Novel barudak

b)

Novel dewasa

c)

Novel rumaja

d)

Novel sesepuh

11.

Dumasar kana eusina novel anu nyaritakeun masalah kulawarga palaku utamana disebut.....

a)

Novel Sosial

b)

Novel Silih asih

c)

Novel Kulawarga

d)

Novel Sajarah

12.

Gambaran kaayaan, waktu, tempat, pajamanan, lingkungan jst anu ngajalankeun lumangsungna kajadian dina carita disebut....

a)

Amanat

b)

Palaku

c)

Latar/Seting

d)

Galur

13.

Unsur dina carita nu mangrupa pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca sok disebut….

a)

Amanat

b)

Latar tempat

c)

Palaku

d)

Téma

14.

Ana kitu mah teu adil atuh dunya téh! Ari bangsat tobat bisa ditarima ku masarakat! Tukang tipu, copét ditampa ku masarakat. Na ari ungkluk geus tobat bet pada mikaceuceub baé? Pada mikaijid? Padahal sarua! Pagawéan hina, maling, nipu, jeung ngungkluk téh! Sarua hinana! (dicutat tina Novel kembang-kembang petingan karangan Holisoh ME).


Téma anu merenah pikeun sempalan novel di luhur téh nya éta…

a)

sosial

b)

budaya

c)

lalampahan

d)

agama

e)

rumah tangga

15.

Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter.


Latar tempat dina éta sempalan carpon nyaéta...

a)

Lapang

b)

Gudang

c)

Sakola

d)

Alun-alun

e)

Mobil

16.

Biasana jejer/tema dina novel Sunda dicokot tina....

a)

Kahirupan di alam aherat

b)

Kahirupan sapopoe

c)

Kahirupan sasatoan

d)

Kahirupan samemeh aya di alam dunya

17.

Nu lain ciri tina novel nya éta

a)

caritana panjang

b)

palaku rada loba

c)

teu aya pangarangna

d)

luyu jeung kahirupan sapopoé

18.

Nu kaasup novel barudak nya éta

a)
b)
c)
d)
19.

Baruang Ka Nu Ngarora diterbitkeun taun ...

a)

1914

b)

1924

c)

1945

d)

1918

20.

Galur teh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir. Galur aya tilu nya eta merele, mundur jeung bobok tengah. Galur bobok tengah sarua hartinna jeung....

a)

Campuran

b)

Maju

c)

Mundur

d)

Flashback

e)

Merele

21.

Muga baé tiwas-sucina Prabu Linggabuana heunteu jadi mamala. Kecap Mamala ngandung harti…

a)

ruksak

b)

bahaya

c)

prihatin

d)

apes

e)

sial

22.

unsur - unsur intrinsik novel nyaeta dihandap ieu,iwal....

a)

tema

b)

palaku

c)

galur

d)

amanat

e)

nada

23.

Nu kaasup unsur-unsur intrinsik novel nya eta..

a)

Tema, nada, rasa, amanat

b)

Tema, dialog, prolog, latar

c)

Tema, latar, tokoh, galur, sudut pandang

d)

Tema, latar, sudut pandang, pangarang

24.

Galur dibagi jadi 3, iwal....

a)

Maju

b)

Mundur

c)

Campuran

d)

Mandeg