wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan Soal Bab 4 Bahasa Sunda Kelas 5a

Total questions: 15

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Ceuk Paribasa mending ditiung samemeh hujan. Maksudna mending ngajaga kasehatan awak, tibatan diubar sanggeus .... kasakit.

Kecap anu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta...

a)

katepaan

b)

cageur

c)

katarajang

d)

gering

2.

Pikeun kabersihan awak mandi teh sakurang-kurangna sapoe ...

a)

sakali

b)

tilu kali

c)

dua kali

d)

opat kali

3.

Pakean anu luyu pikeun kasehatan teu kudu endah nu penting mah ...

a)

alus

b)

beresih

c)

mahal

d)

anyar

4.

Urang sarerea teh kudu ngajaga kasehatan awak dina waktu ...

a)

gering

b)

hudang gering

c)

hareeng

d)

cageur

5.

Nu disebut kadaharan anu hade teh anu gizina, vitamina, mineralna, proteina, lemakna , luyu jeung ...

a)

kahayang urang

b)

karesep urang

c)

kabutuh awak

d)

kabeuki urang

6.

Pucuk jambu batu anu digodog caina ditambahan uyah terus diinum pikeun ubar ...

a)

batuk

b)

nyeri beuteung mencret

c)

rieut

d)

nyeri cangkeng

7.

Godogan daun seureuh alus dipake ubar ...

a)

muriang

b)

mengi

c)

panas tiris

d)

batuk

8.

Hirup mah ulah tambarakan.

"Tambarakan" teh raket patalina jeung ...

a)

kadaharan

b)

kaulinan

c)

pakean

d)

nyanyabaan

9.

Bak di kamar mandi kudu beresih ulah aya ...

a)

caian

b)

lumpuran

c)

jentikan

d)

lumutan

10.

Loba pakean ngagarantung di kamar teu alus, sabab sok dipake sayang ...

a)

cakcak

b)

reungit

c)

laleur

d)

beurit

11.

Bapa ngaleueut kopi.

Kalimah samodel kieu kaasup kalimah wawaran

a)

basajan

b)

heureut

c)

jembar

d)

luas

12.

Murid kelas lima diajar basa Sunda.

Numutkeun warna kecapna diajar teh kaasup kecap ....

a)

barang

b)

kaayaan

c)

pagawean

d)

gaganti

13.

..... indung mah moal aya bandinganana, moal bisa kabayar ku harta nu ngaleuya.

Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah nyaeta...

a)

kahayang

b)

kanyaah

c)

pamere

d)

kakayaan

14.

Sapada (bait) pupuh Magatru diwangun ku ... padalisan

a)

tilu

b)

opat

c)

lima

d)

genep

15.

Aya sumur di awang-awang ngagantung

caina herang tur amis

eusi daging bodas alus

nyokotna estu babari

boh dicokel boh dikerok

Nu dimaksud ku sapada pupuh di luhur nyaeta...

a)

ganas/nanas

b)

kadu

c)

kalapa

d)

kelewih