Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

8 ASAS/PAS Bahasa Sunda 2024

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.
Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang Panon poe panon poe disasate Unggal bulan unggal bulan abdi teang Unggal poe unggal poe oge hade Situ Ciburuy laukna hese dipancing Nyeredet hate ninggali ngeplak caina Tuh, itu saha nu ngalangkung unggal enjing Nyeredet hate ningali sorot socana Tema kawih diluhur teh ngeunaan …
a)
Kaendahan alam
b)
Kaayaan hiji situ
c)
Kaendahan situ ciburuy
d)
Cinta
2.
Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang Panon poe panon poe disasate Unggal bulan unggal bulan abdi teang Unggal poe unggal poe oge hade Situ Ciburuy laukna hese dipancing Nyeredet hate ninggali ngeplak caina Tuh, itu saha nu ngalangkung unggal enjing Nyeredet hate ningali sorot socana Ceuk kawih di luhur, abdi teh sabenerna hayang diteang unggal …
a)
Poe
b)
Waktu
c)
Minggu
d)
Bulan
3.
“Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang” Anu sok dibubuy mah…
a)
Jagong
b)
Lauk
c)
Sampeu
d)
Oncom
4.
“Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang” Ungkara di luhur miboga harti…
a)
Sabenerna
b)
Sajalantrahna
c)
Denotatif
d)
Konotatif
5.
Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang Panon poe panon poe disasate Unggal bulan unggal bulan abdi teang Unggal poe unggal poe oge hade Situ Ciburuy laukna hese dipancing Nyeredet hate ninggali ngeplak caina Tuh, itu saha nu ngalangkung unggal enjing Nyeredet hate ningali sorot socana Lamun kuring ningali situ ciburuy, sok nyeredet hate, sabab…
a)
Endah kaayaanana
b)
Ngenclong caina
c)
Lega situna
d)
Loba parahu
6.
Ku naon kuring lamun ningali jalma nu biasa ngalangkung, sok nyeredet hate? Ku sabab ningali…
a)
Pameunteuna kasep
b)
Budi basana nu hade tur sopan
c)
Jalmana nu pikaresepeun
d)
Sorot soca ti eta jalma
7.
Rumpaka kawih kagolong kana wangun…
a)
Lancaran
b)
Ugeran
c)
Lalaguan
d)
Sajak
8.
Kalimah ieu di handap anu miboga harti konotatif, nyaeta…
a)
Kuring ka pangajian make baju hejo
b)
Yani dibere tiung warna hejo ku neng nani
c)
Maneh mah mani hejo ningali dut gepokan teh
d)
Kuring mah resep pisan kana warna hejo teh
9.
“Panonpoe, panonpoe disasate” Ungakara di luhur miboga harti…
a)
Sabenerna
b)
Sajalantrahna
c)
Denotatif
d)
Konotatif
10.
“Situ Ciburuy laukna hese dipancing” Guru wilangan jeung guru lagu anu aya dina ungkara diluhur, nyaeta…
a)
8-pancing
b)
8-cing
c)
8-ing
d)
8-i
11.
Magelarkeun rupa-rupa gending teu kudu dina upacara adat wae, tapi bisa oge mirig dina acara kaagamaan. Kamari dina bulan Maret 2016 nu kaliwat, wanoja Pasirlayung Kecamatan Cibeunying Kidul Kota Bandung ngagelar gending ti daerah ka daerah diacara ngaraketkeun tali silaturahmi warga Pasirlayung. "Kaleresan di dieu mah padumukna rupi-rupi seler, aya urang Sunda, Jawa, Sumatra, atuh pintonanna oge rupi-rupi. Nu ditonjolkeun teh gending ciri mandiri daerah masing-masing," ceuk Badrudin, M.Ag., Ketua Bagian Pendidikan jeung Budaya DKM Nurul Iman Pasirlayung. Nurutkeun rumusan warta (5 W + 1 H), nu luyu pikeun pananya di luhur, nyaeta…
a)
Naha kudu eta upacara teh dilaksanakeun?
b)
Iraha “Pagelaran Gending di Pasirlayung” teh dilaksanakeunana?
c)
Naon cirina yen “Pagelaran Gending di Pasirlayung” teh dilaksanakeunana?
d)
Ku naon “Pagelaran Gending di Pasirlayung” teh dilaksanakeunana?
12.
Tujuan acara “Pagelaran Gending di Pasirlayung” dilaksanakeun kusabab…
a)
Pikeun ngahangkeutkeun deui acara pesta rahayat
b)
Pikeun ngahudang karep masarakat kana seni
c)
Pikeun ngarakeutkeun tali silaturahmi warga Pasirlayung
d)
Pikeun ngamotivasi para pamuda di Pasirlayung
13.
Ku sabab pintonan kasenian di Pasirlayung teh rupa-rupa ku sabab…
a)
Padumuk warga Pasirlayung mah ngahiji, sok sanajan beda agama
b)
Padumuk warga Pasirlayung mah tara papaseaan
c)
Padumuk warga Pasirlayung mah ti rupa-rupa seler
d)
Padumuk warga Pasirlayung mah resep magelarkeun rupa-rupa kesenian
14.
Iber atawa beja ngeunaan hiji perkara kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan nu diumumkeun dina media massa, disebut ...
a)
Wawaran
b)
Wawancara
c)
Warta
d)
Warna carita
15.
Warta teh mangrupa beja anu dumasar kana kanyataan atawa fakta sarta dikumpulkeun ngaliwatan tilu cara, nyaeta…
a)
Nalungtik, dokumentasi, jeung wawancara
b)
Observasi, wawancara, jeung riset media
c)
Riset media, dokumentasi, jeung pemotretan
d)
Rekaman, pemotretan, jeung observasi
16.
Struktur warta kabagi jadi tilu bagean, nyaeta…
a)
Tema, headline, lead
b)
Judul (headline), tema jeung bubuka
c)
Judul (headline), lead (bubuka, intro), jeung tubuh (body) warta
d)
Bubuka, eusi, panutup, jeung riset teknologi
17.
Warta mah beja dumasar kanyataan atawa fakta anu dikumpulkeun ngaliwatan tilu cara…
a)
Nalungtik, dokumentasi, jeung wawancara
b)
Observasi, wawancara, jeung riset media
c)
Riset media, dokumentasi, jeung pemotretan
d)
Rekaman, pemotretan, jeung observasi
18.
Kecap warta teh asalna tina basa Sanskerta nu hartina…
a)
Beja
b)
Bewara
c)
Iklan
d)
Dokumentasi
19.
Perhatikeun paragraf ieu! Pagelaran dituluykeun kana jaman peperangan. Digelar dina umbul-umbul nu pabaliut, muter bari mamawa beker, para juragan neunggeulan jampana. Tepi kana gending sunda, nembongkeun urang sunda nu wedel iman ngabring bari solawat, bareng rarubah, gambaran gotong royong sauyunan. Pikiran anu utama aya dina paragraf kahiji nyeta…
a)
Pagelaran dituluykeun kana jaman peperangan
b)
Digelar dina umbul-umbul nu pabaliut, muter bari mamawa beker, para juragan neunggeulan jampana
c)
Pegalaran digelarkeun salila saminggu
d)
Tepi Gending Sunda, nembongkeun yen urang Sunda nu wedel iman ngabring bari solawat, breng rarubuh, gambaran gotong royong sauyunan
20.
Nu lain tujuan pegelaran gending nu aya di Pasirlayung teh, nyaeta…
a)
Ulah aya papaseaan sasama warga dibarengan ku beresih hate
b)
Kudu akur sasama warga, sok sanajan beda etnis
c)
Hirup kudu akur jeung batur, sok sanajan pasalia paham
d)
Sauyunan dina sagala widang tur dibarengan ku beresih hate
21.
Abdi teh kapiring leutik, Kaisinan ku gamparan. Wangsalna…
a)
piring
b)
Leutik
c)
Kaisinan
d)
Pisin
22.
Ngala hurang dikorangan, dihanjatkeun ti walungan. Hayu urang…. Ngaronjatkeun pangwangunan. Pikeun ngeusian titik-titik di luhur, bisa ngagunakeun kecap.
a)
Tingalian
b)
Babarengan
c)
Gotong royong
d)
Sabilulungan
23.
Ngala hurang dikorangan, dihanjatkeun ti walungan. Hayu urang…. Ngaronjatkeun pangwangunan. Nurutkeun sipatna, wangun ungkara di luhur teh…
a)
Heureuy
b)
Guyon
c)
Piwuruk
d)
Silih asih
24.
Bedana antara rarakitan jeung paparikan, nyaeta …
a)
Rarakitan mah kecapanana kudu murwakanti, paparikan mah henteu perlu murwakanti
b)
Tina rarakitan, kecap awal dina cangkang sok dibalikeun deui; dina eusi paparikan mah henteu
c)
Paparikan guru lagu teu sarua, rarakita mah sarua kecapna
d)
Paparikan sapadana dua padalisan, rarakita mah sapadana opat padalisan
25.
Sisindiran nu diwangun ku dua padalisan, sarta padalisan ka hijina cangkang, padalisan kaduana eusi kalayan aya jawabanana, disebut...
a)
Paparikan
b)
Sisindiran
c)
Rarakitan
d)
Wawangsalan
26.
Baju kudu hereut pola, dikelin teu dijalujur, mun teu cucud ti sakola, arisin balik ka lembur. Wangun diluhur disebutna…
a)
Sisindiran
b)
Rarakitan
c)
Paparikan
d)
Wawangsalan
27.
Lamun urang melak cabe, Moal matak jadi bonteng, Lamun urang melak hade, Moal matak jadi goreng. Wangun di luhur disebutna…
a)
Sisindiran
b)
Rarakitan
c)
Paparikan
d)
Wawangsalan
28.
Tulisan atawa karangan nu ngaguar hiji hal nu dinggap penting tur aktual (anyar), disebut…
a)
Eksposisi
b)
Makalah
c)
Narasi
d)
Artikel
29.
Bedana artikel jeung karangan sejen saperti makalah teh, nyaeta…
a)
Makalah mah disusun ku saha wae
b)
Artikel mah bisa dijieun ku saha wae
c)
Artikel mah dimuat dina koran atawa majalah
d)
Makalah mah dimuat dina koran atawa majalah
30.
Ku lantaran artikel mah dimuat dina media citak, cara nulisna ge kudu diluyukeun jeung aturan anu geus ditangtukeun ku…
a)
Redaktur koran atawa majalah
b)
Wartawan koran atawa majalah
c)
Jurnalis koran atawa TV
d)
Reporter TV atawa radio
31.
Teu beda jeung adegan karangan lianna, raraga atawa kerangka pedaran ngabogaan tilu bagean, nyaeta…
a)
Bubuka, eusi, jeung tema
b)
Amanat, tema, jeung eusi
c)
Bubuka, eusi, jeung pamungkas
d)
Eusi, amanat, jeung pamungkas
32.
Ieu dihandap aspek-aspek nu teu kaasup dina prakna nulis artikel, nyaeta…
a)
Nyieun judul artikel
b)
Nyusun alinea bubuka
c)
Nyusun alinea eusi
d)
Nyusun daptar pustaka
33.
Dina tatakrama Sunda mah, tuang teh aya aturanana. Hal-hal anu dipantrang waktu tuang teh, nyaeta…
a)
Tuang bari ngadeg
b)
Tuang bari ceplak
c)
Tuang bari ngobrol
d)
Tuang bari emok atawa sila
34.
Paribasa nu hartina ‘muji atawa ngagulkeun diri sorangan’ nyaeta…
a)
Goong nebeuh maneh
b)
Goong saba karia
c)
Cul dogdog tinggal igel
d)
Lir wayang dipolah dalang
35.
Abong kena ngaran sato Butek bodo taya kanyaho Hirup genah ku dicocombo Gagah tanduk ranggah, tapi bodo Dicombo, dicoba parab dihade-hade Ditatap, diusap, tambah ogo Dinangna-nengne, dipale, dimumule Domba adu seubeuh ku panyombo Sato nu aya dina ungkara di luhur teh…
a)
sapi
b)
Domba
c)
Embe
d)
Munding
36.
Abong kena ngaran sato Butek bodo taya kanyaho Hirup genah ku dicocombo Gagah tanduk ranggah, tapi bodo Dicombo, dicoba parab dihade-hade Ditatap, diusap, tambah ogo Dinangna-nengne, dipale, dimumule Domba adu seubeuh ku panyombo Watek sato anu aya dina ungkara di luhur teh…
a)
Pinter tapi taya kanyaho
b)
Loba akalna tapi elehan
c)
Butek bodo taya kanyaho
d)
Gagah tapi bodo
37.
Abong kena ngaran sato Butek bodo taya kanyaho Hirup genah ku dicocombo Gagah tanduk ranggah, tapi bodo Dicombo, dicoba parab dihade-hade Ditatap, diusap, tambah ogo Dinangna-nengne, dipale, dimumule Domba adu seubeuh ku panyombo Pakarang nu di pibanda ku ieu sato, nyaeta …
a)
Tanduk
b)
Suku
c)
Sirah
d)
Awak
38.
Abong kena ngaran sato Butek bodo taya kanyaho Hirup genah ku dicocombo Gagah tanduk ranggah, tapi bodo Dicombo, dicoba parab dihade-hade Ditatap, diusap, tambah ogo Dinangna-nengne, dipale, dimumule Domba adu seubeuh ku panyombo Parab atawa kahakanan ieu sato, utamana nyaeta …
a)
Huut
b)
Daging-dagingan
c)
Jagong
d)
Jukut
39.
Abong kena ngaran sato Butek bodo taya kanyaho Hirup genah ku dicocombo Gagah tanduk ranggah, tapi bodo Dicombo, dicoba parab dihade-hade Ditatap, diusap, tambah ogo Dinangna-nengne, dipale, dimumule Domba adu seubeuh ku panyombo Ieu sato teh ku nu ngukutna atawa nu bogana kacida …
a)
Ogo
b)
Ngogona
c)
Ogoanana
d)
Diogona
40.
Abong kena ngaran sato Butek bodo taya kanyaho Hirup genah ku dicocombo Gagah tanduk ranggah, tapi bodo Dicombo, dicoba parab dihade-hade Ditatap, diusap, tambah ogo Dinangna-nengne, dipale, dimumule Domba adu seubeuh ku panyombo Ceuk ungkara di luhur, ieu sato ku nu ngukutna dipikanyaah kacida, sabab…
a)
Ieu sato teh sok diadukeun
b)
Ieu sato teh bodo taya kanyaho
c)
Ieu sato teh loba nguntungkeuna
d)
Ieu sato teh gagah tandukna ranggah