wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ASAS BAHASA SUNDA KELAS 7

Total questions: 50

Worksheet time: 1hrs 26mins

Name
Class
Date
1.

Paguneman tèh dilakukeun ku ...

a)

Saurang bari sorana takih

b)

Saurang bari sorana laun (pelan)

c)

Duaan atawa leuwihan ngomongna saurang-saurang gantian

d)

Duaan tapi nu ngomong saurang

2.

Paguneman dilaksanakeun ...

a)

di jero imah

b)

di mana waé

c)

dina kaayaan dinas

d)

bari dariuk dina korsi

3.

Anu kaasup paguneman tèh nyaèta ...

a)

dialog

b)

epilog

c)

monolog

d)

prolog

4.

Santi : "Nepangkeun nami abdi Santi. Kumaha damang?"

Eusi : "_____________________"

Pikeun nyalengkeupan paguneman di luhur nyaèta

a)

cageur

b)

gering

c)

saè pangèstu

d)

wilujeng

5.

Lamun urang ngobrol jeung babaturan saumur biasana sok ngagunakeun basa ...

a)

lemes

b)

hormat

c)

hormat pisan

d)

loma

6.

Asep : "Badè angkat ka mana, Pa?"

Pa Dudung : "_______________"

Pikeun nyalengkepan paguneman di luhur nyaèta ...

a)

Haturnuhun

b)

Badè mios ka Surabaya

c)

Kadè sing atos-atos di jalan

d)

Wilujeng ènjing

7.

Istilah dina basa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung kecap paguneman, nyaeta...

a)

Perintah

b)

Percakapan

c)

Bercakap

d)

Berbicara

8.

Mang Utas : “Lo.. Kadieu sakeudeung, urang ngopi

heula!”

Si Alo : “Aeh.. sugan teh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah.”

Mang Utas : “Puguh Lo, amang teh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis. Amang mah asa di Kutub, Lo.”


Tema/topik paguneman di luhur, nyaeta...

a)

Hawa lembur nu tiis

b)

Liburan ka kutub

c)

Nginum kopi

d)

Mang Utas jeung Alo

9.

Baca Sempalan paguneman ieu di handap!


Ahmad : “Wan, urang lalajo Persib di imah urang, yu!”

Irwan : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng.”

Ahmad : “Kumaha mun ngajak Engkus jeung Nanang?”

Irwan : “Enya atuh, di-sms we..”


Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa...

a)

Kasar

b)

Lemes

c)

Hormat

d)

Loma

10.

Dedeh : “Assalamualaikum.”

Udin : “Wa’alaikumsalam.”

Dedeh : “Ieu Dedeh, punten bade tumaros, dinten

kamari aya tugas?”

Udin : “Oh muhun.. aya tugas Basa Sunda. Ku naon

atuh kamari teu sakola, Deh?”

Dedeh : “............”


Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur, nyaeta...

a)

"hayu atuh urang ngerjakeun isukan"

b)

"muhun sakedap deui dugi"

c)

"kamari teh abdi udur, nyeri patuangan"

d)

"kedah ngerjakeun naon PR bahasa Sunda teh?"

11.

di handap ieu anu mangrupakeun tatakrama ngalakukeun paguneman, nyaeta...

a)

mun batur nyarita, urang kudu motong caritaan batur

b)

teu kudu nyambung jeung jejer/tema

c)

sora kudu haharewosan

d)

sora kudu ngoncrang, ulah haharewosan

12.

Kalimah ieu di handap nu make tatakrama basa nu merenah, nyaeta...

a)

Abdi mah parantos tuang

b)

Terang henteu kamari aya supa di kebon

c)

Pa Usman nembe sumping ti Jakarta

d)

Pa Angga wangsul ti payun

13.

Pipit : ” punten !”.

Otin : . . .

Pipit : ” Dupi ifadah aya kitu ? ”.

Otin : ” Ifadah teh kaleureusan nuju dipiwarang ku ema. Bade aya naon kitu ? ”.


Keur ngalengkepan paguneuman di luhur anu tepat nyaeta ...

a)

” mangga!”

b)

” monggo! ”

c)

” ya! ”

d)

” yoi!”

14.

Kaulinan Barudak nyaéta kaulinan  …

a)

ayeuna

b)

nu aya dina hapé

c)

tradisional

d)

modéren

15.

Saha nu biasa maénkeun kaulinan barudak téh?

a)

ibu-ibu jeung bapa-bapa

b)

barudak gedé

c)

aki-aki jeung nini-nini

d)

barudak leutik

16.

Di handap ieu waktu nu sok dipaké ulin, IWAL …

a)

balik sakola

b)

asar

c)

peré sakola

d)

peuting

17.

Di handap ieu tempat nu sok dipaké ulin, IWAL ...

a)

lapang

b)

buruan

c)

jero imah

d)

masigit

18.

1) balik sakola

2) asar

3) peré sakola

4) tengah peuting

Waktu nu sok dipaké barudak ulin, dituduhkeun ku nomer …

a)

1, 2, & 3

b)

1 & 3

c)

2 & 4

d)

4

19.

1) lapang

2) buruan

3) jero imah

4) masigit

Tempat nu sok dipaké barudak ulin, dituduhkeun ku nomer …

a)

1, 2, & 3

b)

1 & 3

c)

2 & 4

d)

4

20.

Dina panganteur ulin, wanda Kaulinan Barudak dibagi dua, nyaéta …

a)

maké kakawihan jeung & maké kakawihan

b)

sorangan & baladan

c)

pahareup-hareup & pajauh-jauh

d)

ngumpulkeun poin & sistim gugur

21.

conto Kaulinan barudak nu maké kakawihan, nyaéta …

a)

galahsin

b)

punten-mangga

c)

péclé

d)

boyboyan

22.

1) paciwit-ciwit lutung

2) oray-orayan

3) cingciripit

4) békles

Kaulinan Barudak nu maké kakawihan, dituduhkeun ku nomer …

a)

1, 2, & 3

b)

1 & 3

c)

2 & 4

d)

4

23.

1) Jajangkungan/égrang

2) congklak

3) damdaman

4) endog-endogan

Kaulinan Barudak nu teu maké kakawihan, dituduhkeun ku nomer …

a)

1, 2, & 3

b)

1 & 3

c)

2 & 4

d)

4

24.

Salahsahiji unsur dina Kaulinan Barudak nyaéta Waras (Fair Play), hartina …

a)

kaadilan maén yén urang jeung lawan miboga hak nu sarua

b)

rancinges jeung parigelna sakabéh awak sacara téknis

c)

pola cara anu calakan pikeun permainan anu éféktif

d)

silih rojong satujuan ngawangun kémistri

25.

Naon ngaran kaulinan nu aya dina gambar?

a)

Beklen

b)

Congklak

c)

Luncat tali

d)

Sondah

26.

Sedengkeun ngaran kaulinan nu aya dina gambar ka-4 nyaeta?

a)

Ambil-ambilan

b)

Ucing sumput

c)

Oray-orayan

d)

Boy-boyan

27.

Budaya daérah nu mangaruhan puisi pupujian nya éta ...

a)

Melayu

b)

Jepang

c)

Belanda

d)

Arab

28.

Ditingali tina eusina, mangka puisi pupujian teu leupas tina pendidikan ...

a)

Kasenian

b)

Kaagamaan

c)

Olahraga

d)

Organisasi

29.

Jumlah padalisan (baris) tiap pada (bait) dina pupujian nya éta...

a)

Dua

b)

Tilu

c)

Opat

d)

Lima

30.

Cara nepikeun pupujian nya éta ...

a)

Dibaca laun (pelan)

b)

Ditalar (dihapal)

c)

Dibaca bedas (keras)

d)

Dilagukeun

31.

Tempat ngagunakeun pupujian nya éta ...

a)

Di masjid

b)

Di madrasah

c)

Di sakola

d)

Di pasar

32.

Pupujian asalna tina kecap ...

a)

karya sastra

b)

puisi

c)

puji

d)

kawih

33.

Eling-eling umat muslim jeung ...

a)

muslimat

b)

mu'minat

c)

musyrikat

d)

muslimin

34.

Eling-eling umat mangrupakeun pupujian nu eusina ...

a)

du'a jeung taubat

b)

solawat nabi

c)

pangajaran agama

d)

pepeling

35.

Pardu wudu aya genep sadayana

Hiji niat kadua ngumbah beungeutna


Pupujian di luhur eusina ngeunaan ...

a)

pepeling

b)

solawat nabi

c)

pangajaran kaagamaan

d)

muji ka gusti

36.

Di handap ieu, nu teu kaasup rupa pupujian nyaeta ..

a)

Pepeling

b)

Muji ka gusti

c)

Solawat nabi

d)

Muji ka jin

37.

Ari solat dina sapoe sapeuting

Eta aya ...

a)

Lima. Waktu anu penting

b)

Opat. Waktu anu penting

c)

Lima. Waktu nu teu penting

d)

Opat. Waktu nu merenah

38.

Alloh anu maha akbar

Nu rohmatna maha jembar


Pupujian di luhur, eusina ngeunaan ...

a)

Pepeling

b)

Solawat nabi

c)

Muji ka gusti

d)

Du'a jeung taubat

39.

Kajadian anu kungsi karandapan/kaalaman boh ku urang boh ku batur disebut …

a)

Karesep

b)

Pangalaman

c)

Karangan

d)

Paguneman

40.

Karangan anu eusina ngébréhkeun atawa nyaritakeun kajadian anu bener-bener kaalaman ku urang dina kahirupan sapopoé, sok disebut …

a)

Karangan Pedaran

b)

Karangan Déskripsi

c)

Karangan Argumentasi

d)

Karangan Pangalaman

41.

Nyieun karangan mah teu bisa diwangwang (khayalan), tapi kudu dumasar …

a)

Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman

b)

Data anu nyata, data anu kungsi katingali atawa kaalaman

c)

Naon waé anu dipikaresep ku urang atawa ku batur

d)

Kungsi aya dina implengan (hayalan) urang atawa batur

42.

Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina waktu nyieun carita pangalaman nyaéta …

a)

Nutup carita sakahayang urang

b)

Ngagunakeun basa Sunda nu sakasar-kasarna

c)

Muka carita bisa dumasar kana panutup karangan

d)

Ngagunakeun kalimah anu jéntré tur merenah (baik dan benar)

43.

Pangalaman anu karandapan ku sorangan disebut …

a)

Pangalaman batur

b)

Pangalaman pribadi

c)

Pangalaman asli

d)

Pangalaman hayalan

44.

Pangalaman abdi nyaéta waktos pun Nini ngantunkeun di Padalarang. Abdi kacida sedihna, kumargi pun Nini téh kacida nyaaheunana ka abdi. Abdi gé ngaraos kaleungitan ku kanyaah pun Nini anu sakitu ageungna. Lamun abdi mondok di bumi Nini, ku anjeunna sok disadiakeun katuangan anu raraos. Sok diajak balanja ka pasar. Teras dijajanan sawaregna.


Téma tina karangan pangalaman di luhur nyaéta …

a)

Ninina ngantunkeun

b)

Ninina nyaaheun

c)

Ninina sok ngajajanan

d)

Ninina aya di bumi

45.

Ilikan ungkara ieu di handap!

(1) Nini sok nyayogikeun katuangan jeung ngajajanan

(2) Abdi kacida sedihna

(3) Kusabab Nini nyaaheun ka abdi

(4) Nini ngantunkeun


Upama tina pangalaman di luhur dijieun galurna, anu merenah nyaéta …

a)

(2) – (4) – (1) – (3)

b)

(2) – (4) – (3) – (1)

c)

(4) – (2) – (3) – (1)

d)

(4) – (2) – (1) – (3)

46.

Saacan nyieun karangan pangalaman, urang kudu nyieun heula …

a)

Paguneman

b)

Rangkay karangan

c)

Kakawihan

d)

Kajadian

47.

Pangalaman anu pikasieuneun sareng pikalucueun kanggo abdi, nyaéta waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun ku kuburan. Padahal apan anu tos maot mah moal tiasa hirup deui. Tapi angger wé sieun. Abdi sareng réréncangan leumpang téh pacepeng-cepeng panangan.

Éta carita pangalaman mangrupa pangalaman anu karandapan nalika …

a)

Ulangan di sakola

b)

Mintonkeun drama

c)

Jurit malam pramuka

d)

Jiarah ka kuburan

48.

Pangalaman anu pikasieuneun sareng pikalucueun kanggo abdi, nyaéta waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun ku kuburan. Padahal apan anu tos maot mah moal tiasa hirup deui. Tapi angger wé sieun. Abdi sareng réréncangan leumpang téh pacepeng-cepeng panangan.

Numutkeun caritana, éta pangalaman téh karandapan atawa dialami …

a)

Ku sorangan

b)

Ku kulawarga

c)

Tina radio

d)

Tina televisi

49.

Pangalaman anu pikasieuneun sareng pikalucueun kanggo abdi, nyaéta waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun ku kuburan. Padahal apan anu tos maot mah moal tiasa hirup deui. Tapi angger wé sieun. Abdi sareng réréncangan leumpang téh pacepeng-cepeng panangan.


Sipat pangalaman tina conto karangan pangalaman di luhur nyaéta …

a)

Pikabungaheun jeung pikaseurieun

b)

Pikaseurieun jeung pikaéraeun

c)

Pikasieuneun jeung pikalucueun

d)

Pikaéraeun jeung pikasediheun

50.

Simkuring kamari hudang kabeurangan indit ka sakola. Rususuhan pisan indit teh, naek ojek online. Ari geus nepi, kuring buru-buru turun tina ojeg, bari salam, nyium leungeun si mamang Gojek bari tuluy lumpat ka gerbang sakola. Terus si mamang Gojek ngagorowok "Neng, ongkosna sapuluh rebu, eta punten helmna dibuka heula!"


Pangalaman di luhur teh kaasup pangalaman anu....

a)

Pikasediheun

b)

Pikabungaheun

c)

Pikaeraeun

d)

Pikasieuneun