NEW
Font size
WorksheetsUjian Bahasa Sunda Kelas 6
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Abdi … rada rurusuhan ku margi tos disamper ulin.
emam
dahar
neda
tuang
Riwayat hiji jalma anu ditulis ku jalma sejen disebut ….
biografi
cerpen
otobiografi
autobiografi
Nu teu ka asup kecap pagawean, nyata . . . .
bodas
macul
sasapu
nyeseuh
Pék ilo kalimah ieu di handap!
“wa’alaikum salam warohmatullohi wabarokatuh”
Kalimah di luhur dina bagian biantara disebut . . . .
salam bubuka
bagian panutup
bagian eusi
salam panutup
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci
Bapak Ibu sareng rerencangan sadayana perkawis kabersihan ngarupakeun hiji hal anu peryogi ku urang diperhatoskeun. Margi ngarupikeun hiji konci kahirupan urang di alam dunya. Dimana urang biasa ngarawat kabersihan dilingkungan imah atanapi sakola ,hartosna urang tos ngalaksanakeun sabagian tina iman. Ku kitu na kawajiban urang salaku siswa kedah ngalaksanakeun kabersihan sakola
Eusi dina biantara di luhur nyaéta . . . .
nyaritakeun pentingna ngajaga silaturrahmi diantara siswa
nyaritakeun pentingna ngajaga kabersihan di lingkungan imah sareng sakola
nyaritakeun pentingna kaimanan dina kahirupan sapopoé
nyaritakeun sakola anu lingkunganna beresih
Cep Somad meuni teu daék cicing kaditu kadieu wae keur di ajar teh, kawas . . . .
ucing jeung anjing
adat ka kurung ku iga
lauk jaer kasaatan
goong nabeuh manéh
kabersihan mangrupikeun hiji hal anu peryogi kuurang diperhatoskeun, margi kabersihan mangrupikeun sabagian tina . . . .
Kabutuhan
Kahirupan
lman
kayakinan
Lamun keyeng tangtu pareng. Nu dimaksud keyeng nyaéta . . . .
Hayang
Bener
Enya-enya
Daék
Tong paraséa wae! Jeung dulur téh kudu akur, kudu sauyunan, ulah . . . .
kawas ngaliarkeun taleus ateul
kawas ucing jeung anjing
Kawas lutung ka sarung
Kawas jaer kasaatan
Kurig mah ngan ukur katempuhan . . . . maung, da anu boga salahna mah si Udin.
Hulu
Sihung
Buntut
Kumis
Kurupuk mah lamun … sok liat. Kecap nu cocok pikeun ngalengkeupan kalimah di luhur nyaeta …
Katiisan
tiisan
Ditiisan
tiis keneh
Nu rek rapat teh geuning can (datang). Rarangkeun nu diselapkeun kana kecap datang nyaeta ….
-ar-
-al-
-um-
-in-
Bibilintik ti leuleutik, babanda ti bubudak … Terusna tina kalimah nu ngagunakeun kecap diluhur, nya eta ….
mun hayang kari meulikeun
geus loba kari ngajual
mun loba geura beulikeun
geus gede ngan kari make
(1) Malah Doni jeung Yana mah lulumpatan di jero kelas
(2) Kumargi aya keperyogian ke Kapala Sakola
(3) Teu aya Ibu Guru, barudak raribut
(4) Ibu guru nyelang heula ka luar ti kelas .
Susunan kalimah pikeun paragrap nu sampurna nyaeta ….
(4), (2), (1), (3)
(4), (1), (2), (4)
(2), (1), (3), (4)
(2), (4), (3), (1)
(1) Komputerna dua
(2) Buku bacaan teh rame
(3) Raksukan teh tos gararing
(4) Bu Yani angkat ka Mekah
Nu kaasup kalimah pagawean dina kalimah- kalimah di luhur, nyaeta nomor …
(3)
(4)
(1)
(2)
Pun bibi … tadi wengi tabuh tujuh.
Kata anu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ….
datangna
balikna
sumpingna
dongkapna
Mang Maman gawena pundah pindah wae tara betah di hiji tempat.
Babasan anu luyu jeung kalimah di luhur nyaeta ….
hampang birit
laeur gado
hejo tihang
gurat batu
Kecap anu make rarangken -ar- nyaeta ….
piwejang
lumeho
sinareng
nyareri
Abdi meser kertas HVS pangaosna Rp 500,00/ lambar.
Tanda / di sebutna …. Tanda panyeluk
tanda gurat condong
tanda tanya
tanda kekenteng
tanda panyeluk
Kecap anu make rarangken tengah -um-, nyaeta….
piwejang
gareulis
humaseum
laleumpang
Asep Sunandar Sunarya
Sigana teu bireuk deui ka ngaran Asep Sunandar Sunarya, utamana ka nu resep lalajo wayang. Asep Sunandar Sunarya teh ka asup dalang tenar. Ieu dalang lahir di jelekong, kabupaten Bandung, dina tanggal 5 Mei 1955. Keur leutik mah ngaranna Asep Sukana.
Ngaran Asep Sunandar Sunarya keur letikna, nyaeta ….
Asep Sunandar
Asep Sunarya
Asep Sukana
Abeng Sunarya
Dina raraga mieling Hardiknas tanggal 2 Mei 2024, SD Negeri 011 Cibuntu ngayakeun lomba futsal antar sakola. Pendaftaran dilaksanakeun tanggal 25-30 April 2024. Syarat-syarat pendaftaran ngeusian formulir jeung pas foto salambar ukuran 3x4.
Bandung, 24 April 2024
Panitia
Saha nu nyieun bewara?
Guru olahraga
Kapala Sakola
Panitia
Dewan Guru
Dina raraga mieling Hardiknas tanggal 2 Mei 2024, SD Negeri 011 Cibuntu ngayakeun lomba futsal antar sakola. Pendaftaran dilaksanakeun tanggal 25-30 April 2024. Syarat-syarat pendaftaran ngeusian formulir jeung pas foto salambar ukuran 3x4.
Bandung, 24 April 2024
Panitia
Kagiatan naon nu rek dilaksanakeun?
fitness
futsal
football
voliball
Pun bapa teu tiasa …. ka kantor jalaran nuju teu damang. Kecap nu merenah keur ngeusian titik-titik di luhur nyaeta ….
indit
angkat
mios
mulih
Rudi batur sakelas kuring keur …. buku gambar di toko buku.
Kecap nu merenah keur ngeusian titik-titik di luhur nyaeta ….
ngagaleuh
meser
barangbeuli
meuli
"Bunga mawar dipetik ku Siti" mangrupakeun kalimah...
Aktif
perintah
Pasif
Tanya
Kalimat "Ujang ngadahar bakso" pami diubah jadi kalimat pasif jadi ....
Bakso dianggo ku Ujang.
Bakso didahar ku Ujang
Ujang dianggo ku bakso.
Ujang ngadahar.
Buku dibaca ku Udin, pami diubah jadi kalimah aktif janten ....
Udin maca buku
Maca buku ku Udin
Buku maca Udin
Udin dibaca ku buku
Mun leumpang nyorang jambatan
Kade ulah mapay sisi
Mun urang boga jabatan …………………………………
Kalimah nu bener pikeun ngalengkepan bagian eusi guguritan di luhur nyaeta ….
ulah loba basa-basi
kade ulah korupsi
kudu sieun ku Pulisi
kade ulah rek korupsi
Papatah tinu jadi kolot teh kudu ….
diregepkeun
regepkeun
ngaregepkeun
Karegepkeun
