wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

B SUNDA

Total questions: 13

Worksheet time: 7mins

Name
Class
Date
1.

I.      Baca sing gemet téks di handap ieu!

Panyawah

Pakasaban masarakat Sunda lolobana jadi patani, tukang nambang keusik, jeung ngahuma di kebon atawa leuweung. Nepi ka abad 19 loba masarakat Sunda anu ngahuma ku cara pipindahan. Masyarakat suku Sunda ogé loba anu néangan jeung boga kasab di kota. Aya anu jadi buruh pabrik, jadi pagawé nagri, jeung jadi pembantu rumah tangga atawa asistén rumah tangga. Anu sok dagang nguriling di komplék perumahan ogé loba urang Sunda, utamana urang Tasik jeung Garut. Maranéhanna ngajual rupa-rupa kadaharan jeung rupa-rupa parabot rumah tangga.

Patani téh nyaéta tukang ngagarap/ ngolah taneuh terus dipelakan supaya kaala hasil tatanénna. Pagawéan tani di antarana baé nyawah,ngebon, ngahuma, jeung anu séjénna anu sipatna ngolah taneuh ku cara pepelakan tutuwuhan sangkan ngahasilkeun jeung bisa dipanén.

Urang Sunda nu dumuk di pilemburan, pakasabanana umumna kana tatanén. Ari tatanén anu poko nyaéta melak paré. Baheula mah ilaharna ngahuma, nyaéta melak paré di lamping atawa di pasir kucara diaseuk.Ayeuna mah geus langka anu ngahuma téh da leuweungna ogé geus ampir teu aya.

Melak paré ayeuna mah di sawah, disebutna nyawah. Kaasup tatanén poko nyawah téh, da ari tatanén nu séjénna mah, upamana baé melak sampeu atawa palawija, kaasup kana pagawean panyelang laku tamba tambuh waktu nunggu pepelakan anu poko, minangka panyelang tina melak paré.

Prak-prakan nyawah téh aya sababaraha tahapan. Pagawéan anu munggaran disebut ngabaladah, nyaéta nyacar jarami atawa jujukutan nu aya dina kotakan sawah: Geus kitu tuluy macul, nyaéta malikkeun taneuh ku pacul ngarah bagian taneuh anu suburna aya di luhur.Saterusna ngawuluku, nyambut, ngararata, tandur, jeung nu séjénna nepi ka mangsana panén atawa dibuat.

Dimana kajadian tabrakan teh

Kalimah di luhur sakuduna mah make tanda . . .

a)

pananya

b)

pangutip

c)

panyeluk

d)

panalek

2.

kolecer bisa muter kusabab . . .

a)

hampang

b)

angin

c)

beurat

d)

batu

3.

Istilah energi alternatif, nyaeta energi . . .

a)

pangganti

b)

utama

c)

pangeusi

d)

pokok

4.

kalimat anu bener di handap ieu anu make tanda koma nyaeta . . .

a)

Jang, pang hurungkeun kompor!

b)

Jang, Pang hurungkeun kompor

c)

Jang pang, hurungkeun kompor!

d)

Jang pang hurungkeun, kompor!

5.

Kacap di handap ieu bener make rarangken nyaeta . . .

a)

kabogana

b)

katel hideungna

c)

kaleng susu

d)

kawas bukuna

6.

Anu nyieun Gulampo mah Ma Uneh urang Ciawi.

Jadi Ma Uneh tukang . . . .

a)

Opak

b)

sorabi

c)

gula

d)

dagang

7.

Panon poe dimangpaatkeun ku patani waktu panen nyaeta . . .

a)

moe pare

b)

nyaangan imah

c)

moe baju

d)

manasan awak

8.

Kincir di walungan bisa muter kusabab ayana tanaga atawa energi tina gerakna . . .

a)

cai

b)

angin

c)

hujan

d)

listrik

9.

“Junjunan urang sarerea kanjeng nabi anu mulya, ibuna Siti Aminah”

Kalimah di luhur sabagaena tina pupujian anu eusian ngeunaan . . .

a)

Nabi Yusuf

b)

Nabi Muhammad

c)

Nabi Ibrohim

d)

Nabi Daud

10.

Kecap Dwi Purwa anu bener di handap ieu nyaeta . . .

a)

pipiti

b)

pipilih

c)

dadas

d)

dadar

11.

Nyebor kekembangan mah make . . .

a)

pacul

b)

tugal

c)

arit

d)

sendok

12.

“Kalakuan” anu alus kudu diconto”. Kecap kalakuan make rarangken . . .

a)

ka- (awalan) jeung -an (akhiran)

b)

kalakuan asalna tina kecap

c)

kecap

d)

an ka

13.

Bukti nyaah ka sato anu dipiara nyaeta ku cara di bere . . .

a)

pacul

b)

ulin

c)

sare

d)

kadaharan.