Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SAS GANJIL BASA SUNDA

Total questions: 50

Worksheet time: 13hrs 30mins

Name
Class
Date
1.

Langit masih béngras, padahal geus liwat ti tabuh lima soré. Kabeneran poé ieu mah teu hujan. Éta pangna barudak arulinna bangun anu hayang saseubeuhna. Sawaréh ngariung di émpér masjid. Meureun ari dina poé-poé saméméhna mah ari pasosoré téh sok hujan waé, da keur usumna.

“Enggeusan arulinna, barudak, geus téréh magrib,” ceuk Uwa Sumantri ka barudak anu keur ucing-ucingan di buruan masjid. Aya

welasna urang, awéwé-lalaki. Éta masjid téh di deukeut lawang kompléks perumahan.

Naon sababna barudak arulinna bangun anu hayang saseubeuhna?

a)

Sabab lila kénéh ka maghrib.

b)

Sabab barudak acan carapéeun.

c)

Sabab langit béngras teu hujan.

d)

sabab loba batur

2.

Langit masih béngras, padahal geus liwat ti tabuh lima soré. Kabeneran poé ieu mah teu hujan. Éta pangna barudak arulinna bangun anu hayang saseubeuhna. Sawaréh ngariung di émpér masjid. Meureun ari dina poé-poé saméméhna mah ari pasosoré téh sok hujan waé, da keur usumna.

“Enggeusan arulinna, barudak, geus téréh magrib,” ceuk Uwa Sumantri ka barudak anu keur ucing-ucingan di buruan masjid. Aya

welasna urang, awéwé-lalaki. Éta masjid téh di deukeut lawang kompléks perumahan.

Kunaon Uwa Sumantri ngabéjaan supaya barudak enggeusan arulinna?

a)

Sabab gues téréh maghrib.

b)

sabab barudak garandéng waé.

c)

sabab barudak arulinna picilakaeun.

d)

sabab érék hujan

3.

Pupujian asalna tina kecap puji. Pupujian nyaéta karya sastra dina wangun puisi. Ditepikeunnana biasana dinadomkeun atawa dikawihkeun. Kukituna pupujian mibanda mangpaat dina pakumbuhan, nyaéta ngomunikasikeun pangajaran kaagamaan.

Pupujian nyaéta karya sastra dina wangun…

a)

carita

b)

pupuh

c)

bacaan

d)

puisi

4.

Pupujian asalna tina kecap puji. Pupujian nyaéta karya sastra dina wangun puisi. Ditepikeunnana biasana dinadomkeun atawa dikawihkeun. Kukituna pupujian mibanda mangpaat dina pakumbuhan, nyaéta ngomunikasikeun pangajaran kaagamaan.

Pupujian ditepikeun ku cara....

a)

dibacakeun

b)

dinadomkeun

c)

dicatet

d)

dideklamasikeun

5.

Pupujian asalna tina kecap puji. Pupujian nyaéta karya sastra dina wangun puisi. Ditepikeunnana biasana dinadomkeun atawa dikawihkeun. Kukituna pupujian mibanda mangpaat dina pakumbuhan, nyaéta ngomunikasikeun pangajaran kaagamaan.

Mangpaat pupujian dina pakumbuhan nyaéta….

a)

Ngomunikasikeun pangajaran kaagamaan

b)

ngomunikasikeun berita

c)

Ngomunikasikeun bewara

d)

ngomunikasikeun pangajaran sakola umum

6.

Dupi sadayana cai

nu sok dianggo susuci

éta aya tujuh rupi

walungan anu kahiji

Cai laut kaduana

cai sumur katiluna

cai ibun kaopatna

cai és nu kalimana

Cai nyusu kagenepna

cai hujan katujuhna

éta cai sadayana

sok dianggo susucina

Numutkeun kana pupujian di luhur cai anu bisa dipaké susuci kabéhna aya ....

a)

genep

b)

tujuh

c)

dalapan

d)

salapan

7.

Dupi sadayana cai

nu sok dianggo susuci

éta aya tujuh rupi

walungan anu kahiji

Cai laut kaduana

cai sumur katiluna

cai ibun kaopatna

cai és nu kalimana

Cai nyusu kagenepna

cai hujan katujuhna

éta cai sadayana

sok dianggo susucina

Di handap ieu cai anu bisa di paké susuci numutkeun pupujian di luhur, iwal ti....

a)

cai ibun

b)

cai laut

c)

cai es

d)

cai alkohol

8.

Saacan sholat urang kudu susuci heula.

Susuci hartina....

a)

meuli cai anu suci

b)

sholatna di tanah suci

c)

indit ka tanah suci

d)

beberesih, upamana wudu

9.

Bari ngadagoan Ustad Rahmat anu keur solat sunat, barudak

ngapalkeun pupujian.

Ustad nyaeta ....

a)

guru agama atawa guru ngaji

b)

anu mingpin sholat

c)

anu sok adzan di masjid

d)

anu sok meresihan masjid

10.

Di madrasah diajarkeun pupujian.

Madrasah  hartina…

a)

tempat imam mingpin solat berjamaah

b)

tempat paranti ngaji Qur’an

c)

sakola anu lolobana ngajarkeun pangajaran agama

d)

tempat keur solawatan

11.

Kang Asép salaku muadin, datang ka masigit sok pangheulana.

Muadin hartina…

a)

jalma anu sok adan

b)

jalma anu sok ngaji Qur’an

c)

jalma anu mingpin solat

d)

jalma anu sok solawatan

12.

Rebun – rebun kénéh barudak geus lalumpatan ka basisir.

Rebun – rebun sarua hartina jeung ….

a)

wanci isuk – isuk kénéh

b)

wanci surup panon poé

c)

wanci geus beurang

d)

wanci geus peuting

13.

Wanci sareupna mah, biasana barudak geus araya di masjid.

Sareupna  sarua hartina jeung....

a)

wanci isuk – isuk kénéh

b)

wanci surup panon poé

c)

wanci geus beurang

d)

wanci geus peuting

14.

Kalimah di handap ieu nu maké kecap anu dirarangkénan di- nyaéta….

a)

Kembang téh dipacokan hayam wae

b)

Abah keur meulahan suluh di pipir imah.

c)

Azfa diuk di gigireun Movic

d)

Ambu keur meuli sayur di pasar

15.

Kalimah - kalimah di handap ieu ngandung kecap anu maké rarangkén di-, iwal ti....

a)

Unggal indit ka sakola, kuring pasti dibéré bekel ku si Mamah

b)

Kuring kamari diajakan ulin ka Dadaha ku Bapa

c)

Buku téh sigana mah disumputkeun ku si Tétéh.

d)

Ema keur ngagoréng lauk di dapur.

16.

Kalimah di handap ieu nu maké kecap anu dirarangkénan ka- nyaéta….

a)

Unggal isuk Walid indit ka sakola.

b)

Ceu Ijem keur ka pasar meuli béas

c)

Usum halodo mah loba masarakat anu kakurangan cai.

d)

Ali dititah meuli céngék ka warung.

17.

Di handap ieu kalimah anu kecapna maké rarangkén ti-, nyaéta....

a)

Resti jeung Septi mésér kurupuk ti warung.

b)

Asad jeung Irsad nembé uih ti bumi Azriel.

c)

Listy nembe uih ti sakola.

d)

Abah nyeurieun suku sabab kamari titajong kana batu.

18.

Nabi urang saréréa

Kangjeng Nabi anu mulya

Muhammad jenenganana

Arab Qurés nya bangsana

Numutkeun kana pupujian di luhur Kanjeng Nabi Muhammad téh asalna ti bangsa (a)  

19.

Ibuna Siti Aminah

ramana Sayid Abdulloh

dibabarkeunna di Mekah

wengi Senén taun Gajah

Jenengan ibuna Nabi Muhammad nyaéta (a)  

20.

Ari bilangan taunna

lima ratus cariosna

tujuh puluh panambahna

sareng sahiji punjulna

Kangjeng Nabi Muhammad dibabarkeun taun....

a)

570

b)

571

c)

572

d)

573

21.

Dina ajaran Islam, ... kaasup kana pagawéan mulya.

a)

popoyok

b)

papaok

c)

sodakoh

d)

teuteunggeul

22.

Jalma nu ... ka Alloh bakal salamet dunya ahérat.

a)

taat

b)

ingkar

c)

teu iman

d)

teu percaya

23.

Saméméh maca Quran kudu ngucapkeun heula ....

a)

istighfar

b)

ta'ud

c)

tasbih

d)

takbir

24.

Sadaya ibu guru di sakola abdi sok nganggo ....

a)

kopeah

b)

jilbab

c)

sarung

d)

sajadah

25.

Ieu acara urang tutup ku maca ... sasarengan.

a)

istighfar

b)

basmallah

c)

hamdallah

d)

tasbih

26.

“Ayeuna téh tanggal 22 Oktober. Ku pamaréntah geus ditangtukeun yén tanggal 22 Oktober téh Hari Énergi Sedunia. Ku kituna, sakumna bangsa di ieu dunya, dina poé ayeuna téh babarengan miélingna. Tujuanana mah sangkan urang saréréa hémat kana énergi,” saur Pa Guru.

Miéling Hari Énergi Sedunia nyaéta tanggal...

a)

22 September

b)

22 Oktober

c)

22 Nopember

d)

22 Desember

27.

“Ayeuna téh tanggal 22 Oktober. Ku pamaréntah geus ditangtukeun yén tanggal 22 Oktober téh Hari Énergi Sedunia. Ku kituna, sakumna bangsa di ieu dunya, dina poé ayeuna téh babarengan miélingna. Tujuanana mah sangkan urang saréréa hémat kana énergi,” saur Pa Guru.

Tujuan miéling Hari Énergi Sedunia nyaéta ...

a)

sangkan énergi beuki loba

b)

sangkan énergi beuki saeutik

c)

sangkan urang saréréa hémat kana énergi

d)

sangkan urang saréréa mareuli énergi

28.

Di handap ieu salah sahiji cara pikeun ngahémat énérgi nyaeta...

a)

ngahurungkeun lampu pas beurang

b)

nyetél TV sapopoé sapeupeuting

c)

ngocorkeun cai sanajan bak geus pinuh

d)

mareuman keran mun geus teu dipaké

29.

Di handap ieu anu kaasup kana énérgi, iwal ti....

a)

keretas

b)

bénsin

c)

listrik

d)

cai

30.

Hémat énérgi mangrupa kawajiban...

a)

pajabat

b)

sepuh

c)

unggal jalma

d)

barudak

31.

Munding jeung Buhaya

Hiji mangsa di jero leuweung geledegan nu tacan kasaba ku jelema, aya Buhaya nu meunang kacilakaan. Awakna katindihan ku tangkal kai anu rungkad waktu hujan gedé peuting kamarina. Manéhna ugal-ugil hayang ngalesotkeunawakna tapi lantaran tangkal kai téh gedé tur beurat, batan bisa lésot kalah beukipageuh. Tungtungna Buaya teh ngelempreh bari haharegungan.

Ngadéngé nu humaregung, sasatoan lianna nu aya di éta leuweungnyalampeurkeun ka lebah datangna sora, tapi barang geus deukeut sarta katingaliaya Buaya nu katindihan kai gedé, hiji gé taya nu daék ngadeukeutan, lantaranngarasa teu sanggup nulungan. Lian ti moal kaduga nyengkatkeun kai, sato-satoleuweung geus arapaleun yén Buhaya téh sato galak nu sok hianat ka sato lianna.

Teu kungsi lila aya Munding nu datang ka lebah dinya sarta katingali ku Buhaya. Ningali awak Munding nu gedé sarta tandukna nu kuat, Buhaya tuluy lungas-lengis ménta tulung."Emh, Sakadang Munding, tulungan kuring, awak kuring nyeri pisan, lamun teuditulungan, kuring tangtu paeh.

Saha nu katindihan tangkal kai teh?

(a)  

32.

Ka saha buhaya menta tulungna?

(a)  

33.

Ngadéngé nu humaregung, sasatoan lianna nu aya di éta leuweung nyalampeurkeun ka lebah datangna sora, tapi barang geus deukeut sarta katingaliaya Buaya nu katindihan kai gedé, hiji gé taya nu daék ngadeukeutan, lantaranngarasa teu sanggup nulungan. Lian ti moal kaduga nyengkatkeun kai, sato-satoleuweung geus arapaleun yén Buhaya téh sato galak nu sok hianat ka sato lianna.

Teu kungsi lila aya Munding nu datang ka lebah dinya sarta katingali ku Buhaya. Ningali awak Munding nu gedé sarta tandukna nu kuat, Buhaya tuluy lungas-lengis ménta tulung."Emh, Sakadang Munding, tulungan kuring, awak kuring nyeri pisan, lamun teuditulungan, kuring tangtu paeh.

Kunaon sababna sasatoan sejen hiji gé taya nu daék ngadeukeutan?

a)

sabab Buhaya téh sato galak nu sok hianat ka sato lianna

b)

sabab kabéh sato keur rariweuh

c)

sabab kabéh sato keur sararé

d)

sabab kabéh sato keur laliar

34.

Dina dongéng Munding jeung Buhaya kacaritakeun yén Munding mibanda sipat....

a)

licik

b)

resep tutulung

c)

loba rumasa

d)

hayang méré

35.

Buhaya kaasup kana golongan sato ...

a)

galak

b)

ingon - ingon

c)

insékta

d)

bedas

36.

Ingon - ingon téh kudu ... sangkan teu kabur.

a)

diparaban

b)

dikandangan

c)

dipeuncit

d)

dipiara

37.

Pagupon mangrupakeun kandang ....

a)

japati

b)

singa

c)

buhaya

d)

maung

38.

Unggal isuk Danu ... hayamna.

a)

maraban

b)

masihan tuang

c)

masihan neda

d)

ngajak ulin

39.

Hampang birit dilarapkeun ka jalma nu ....

a)

tara jadian pepelakanana

b)

daékan, gancang migawé paréntah

c)

gampang teuteunggeul

d)

kurang kawani

40.

Hampang leungeun dilarapkeun ka jalma nu...

a)

tara jadian pepelakanana

b)

daékan , gancang migawé paréntah

c)

gampang teuteunggeul

d)

kurang kawani

41.

Rebun - rebun Mang Ahdi geus saged rék indit ka sawah. Pangpangna bisi kabeurangan.

Sikep Mang Ahdi nuduhkeun yén Mang Ahdi ... dina pagawéanana.

a)

disiplin

b)

jujur

c)

tanggung jawab

d)

kedul

42.

Tujuan hiji jalma mibanda pakasaban nyaéta....

a)

tamba kesel

b)

pikeun nyumponan pangabutuh

c)

néangan babaturan

d)

supaya gampang ulin

43.

Pakasaban mayoritas urang Sunda di padésaan nyaéta...

a)

padagang

b)

pagawé pabrik

c)

patani

d)

buruh

44.

Pakasaban anu aya di sabudeureun pasar nyaéta....

a)

patani

b)

padagang

c)

tukang jait

d)

koki

45.

Jalma nu .... mah dipikaresep ku saréréa.

Babasan anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta....

a)

hampang birit

b)

hampang leungeun

c)

beurat birit

d)

panjang leungeun

46.

Bari nyunyuhun paré pibiniheun, Mang Ahdi nyorén bedog dina cangkéng.

Kecap rajékan dwipurwa nu aya dina kalimah di luhur nyaéta....

a)

pabinihan

b)

nyorén

c)

cangkéng

d)

nyunyuhun

47.

Pakasaban anu dianggap hina tapi sabenerna mulya tur ngabantu masarakat nyaéta....

a)

baramaén

b)

dokter

c)

tukang sampah

d)

tukang jait

48.

Tukang ngala lauk di laut nyaéta ....

a)

pamayang

b)

jagal

c)

palika

d)

béngkong

49.

Pagawéan nu kudu dijauhan nyaéta....

a)

kuli

b)

copét

c)

guru

d)

koki

50.

Sakumaha pakasaban atawa pagawéan kudu luyu jeung aturan....

a)

juraganana

b)

agama jeung darigama

c)

masarakat

d)

sorangan