wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SUMATIF AKHIR SEMESTER

Total questions: 50

Worksheet time: 36mins

Name
Class
Date
1.

Istilah dina basa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung kecap paguneman, nyaeta...

a)

Perintah

b)

Percakapan

c)

Bercakap

d)

Berbicara

2.

Aya tilu syarat lamun urang rek ngalakukeun paguneman, salah sahijina nyaeta paguneman teh kudu dilakukeun ku...

a)

Tujuhan

b)

Limaan

c)

Duaan atawa leuwih

d)

Saurang

3.

Mang Utas : “Lo.. Kadieu sakeudeung, urang ngopi

heula!”

Si Alo : “Aeh.. sugan teh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah.”

Mang Utas : “Puguh Lo, amang teh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis. Amang mah asa di Kutub, Lo.”


Tema/topik paguneman di luhur, nyaeta...

a)

Hawa lembur nu tiis

b)

Liburan ka kutub

c)

Nginum kopi

d)

Mang Utas jeung Alo

4.

Baca Sempalan paguneman ieu di handap!


Ahmad : “Wan, urang lalajo Persib di imah urang, yu!”

Irwan : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng.”

Ahmad : “Kumaha mun ngajak Engkus jeung Nanang?”

Irwan : “Enya atuh, di-sms we..”


Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa...

a)

Kasar

b)

Lemes

c)

Hormat

d)

Loma

5.

Dedeh : “Assalamualaikum.”

Udin : “Wa’alaikumsalam.”

Dedeh : “Ieu Dedeh, punten bade tumaros, dinten

kamari aya tugas?”

Udin : “Oh muhun.. aya tugas Basa Sunda. Ku naon

atuh kamari teu sakola, Deh?”

Dedeh : “............”


Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur, nyaeta...

a)

"hayu atuh urang ngerjakeun isukan"

b)

"muhun sakedap deui dugi"

c)

"kamari teh abdi udur, nyeri patuangan"

d)

"kedah ngerjakeun naon PR bahasa Sunda teh?"

6.

di handap ieu anu mangrupakeun tatakrama ngalakukeun paguneman, nyaeta...

a)

mun batur nyarita, urang kudu motong caritaan batur

b)

teu kudu nyambung jeung jejer/tema

c)

sora kudu haharewosan

d)

sora kudu ngoncrang, ulah haharewosan

7.

Kalimah ieu di handap nu make tatakrama basa nu merenah, nyaeta...

a)

Abdi mah parantos tuang

b)

Terang henteu kamari aya supa di kebon

c)

Pa Usman nembe sumping ti Jakarta

d)

Pa Angga wangsul ti payun

8.

Aya tilu wangun tatakrama basa sunda, iwal ti...

a)

Basa Lemes

b)

Basa Loma

c)

Basa Kasar

d)

Basa Sorangan

9.

Kalimah di handap ieu nu make bahasa lemes nu bener, nyaeta...

a)

kuring indit ka sakola

b)

Teh Dina permios bade ka Bandung

c)

antosan sakedap, abdi dahar heula

d)

Mamah diuk gigireun Bapa

10.

Pipit : ” punten !”.

Otin : . . .

Pipit : ” Dupi ifadah aya kitu ? ”.

Otin : ” Ifadah teh kaleureusan nuju dipiwarang ku ema. Bade aya naon kitu ? ”.


Keur ngalengkepan paguneuman di luhur anu tepat nyaeta ...

a)

” mangga!”

b)

” monggo! ”

c)

” ya! ”

d)

” yoi!”

11.

Kecap nu dibalikan deui engang mimitina disebut kecap rajekan....

a)

dwimadya

b)

dwipurwa

c)

dwimurni

d)

dwireka

12.

tujang-tajong, bulak-balik, kaasup kana conto kecap rajekan....

a)

dwimurni

b)

dwireka

c)

dwipurwa

d)

dwimadya

13.

Kacap rajekan nu dirajek/diulang engang tengahna disebut kecap rajekan....

a)

dwimurni

b)

dwipurwa

c)

dwireka

d)

dwimadya

14.

Nu teu kaasup kana rupa-rupa kecap rajekan nya eta....

a)

dwimadya

b)

dwikora

c)

dwilingga

d)

trilingga

15.

Nu mangrupa conto kalimah nu ngalarapkeun kecap rajekan dwipurwa nya eta....

a)

Manehna bulak-balik wae ti tatadi.

b)

Ibu-ibu PKK ngayakeun kagiatan sosial di Bale Desa.

c)

Unggal isuk, budak teh meuni rajin sasapu.

d)

Aya sababaraha rupa merek HP anu ditawarkeun ku si Papih keur hadiah milangkala/ulang taun.

16.

Kabayang lamun ka Palestina blang-bling-blong sora bom, matak ketir.

kecap anu didengdekeun dina kalimah di luhur kaasup kana conto kecap rajekan....

a)

dwilingga

b)

trilingga

c)

trimurni

d)

trireka

17.

Gambar di luhur nya eta gambar papatong. Papatong kaasup kana conto kecap rajekan....

a)

dwipurwa

b)

dwimurni

c)

semu/titiron

d)

dwimadya

18.

Nu kaasup kana conto kecap rajekan dwimadya nya eta....

a)

sapeupeuting, sababaraha

b)

beberes, tatajong

c)

dar-der-dor, plak-plik-pluk

d)

bulak-belok, sura-seuri

19.

"din eta baju ganti sapeupeuting di pake wae , henteu bau kitu."

kecap anu kaasup kana kecap rajekan nya eta ...

a)

ganti

b)

sapeupeuting

c)

dipake wae

d)

bau

20.

"si fulan kahiji jeung si fulan kadua pagaweanna teh trang-tring-trung wae,, jadi rudet ningalina".

kecap anu kaasup kana kecap rajekan trilingga nya eta ...

a)

si fulan kahiji jeung si fulan kadua

b)

pagaweanna

c)

trang-treng-trong

d)

trang-tring-trung

21.

Barudak arulin ucing sumput dina waktu ….

a)

isuk - isuk

b)

sore

c)

beurang

22.

Kaulinan beklen mah make bal leutik jeung ….

a)

kewuk

b)

batu

c)

karet

23.

Dina ucing sumput pamaenna kudu nyumput ….

a)

paheula-heula

b)

pabuni-buni

c)

pajauh-jauh

24.

Onih nyepeng kana tihang bari meungpeun ….

a)

suku

b)

awak

c)

beungeut

25.

Kaulinan budak lalaki diantarana ….

a)

congkak

b)

gatrik

c)

sondah

26.

Kaulinan budak awewe diantarana ….

a)

sapintrong

b)

sermen

c)

panggal

27.

Kaulinan nu bisa diulinkeun ku budak lalaki atawa budak awewe nyaeta ….

a)

mengbal

b)

aanjangan

c)

ucing-ucingan

28.

Alex ngahongkeun lamun aya pamaen nu … dina nyumputna.

a)

kapanggih

b)

kabur

c)

katewak

29.

Nu ucing ngitungna nepi ka ….

a)

dua puluh

b)

sapuluh

c)

lima

30.

Nu maenkeun beklen jeung congkak sok ….

a)

opatan

b)

duaan

c)

tiluan

31.

Gatrik dijieunna tina …, aya nu Panjang aya nu pondok.

a)

jukut

b)

palapah kalapa

c)

awi

32.

Dina sapintrong, hiji nu ajrag-ajragan, nu duaan mah … tali.

a)

nyumput

b)

ngayun

c)

lalumpatan

33.

Nu pangheulana jadi ucing dina bacaan “Ucing Sumput” nyaeta ….

a)

Onih

b)

Udin

c)

Siti

34.

Ulin gatrik kudu ati-ati, bisi ….

a)

kabetrik

b)

katarik

c)

murag

35.

Maen sermen teh … tina awi.

a)

pedang

b)

panggal

c)

gatrik

36.

Maen gobak sodor, langlayangan kudu di … ngarah lega.

a)

pawon

b)

lapangan

c)

kamar

37.

Kaulinan oray-orayan nu maenna ….

a)

sorangan

b)

duaan

c)

lobaan

38.

Wati jeung Winda keur maen congkak, alatna make … jeung …

a)

bal, congkak

b)

kewuk, congkak

c)

kewuk, bal

39.

Langlayangan ngapung luhur kabawa ….

a)

angin

b)

guludug

c)

bentar

40.

Barudak arulin kalawan …, saruka bungah pikaresepeun.

a)

gelut

b)

akur

c)

hiri dengki

41.

Satrio nitipkeun buku ka Defand.Kalimah tanya anu luyu piken kalimat di luhur nya eta ....

a)

Ka saha Satrio nitipkeun buku ?

b)

di mana satrio nitipkeun buku ?

c)

Ka mana satrio nitipkeun buku ?

d)

iraha satrio nitipkeun buku ?

42.

manuk titiran diinuman ku rezel.

huruf kapital anu bener dumasar kalimah di luhur nya eta ...

a)

Manuk titiran diinuman ku Rezel

b)

manuk Titiran diinuman ku Rezel

c)

Manuk titiran diinuman ku rezel

d)

manuk titiran diinuman ku Rezel

43.

Bapa nuju maos koran di tepas . Kalimah di luhur mun dirobah jadi kalimat pasif jadi ...

a)

Koran nuju diaos Bapa di tepas

b)

Di tepas Bapa nuju maos koran

c)

Koran maos Bapa di tepas

d)

Maos koran Bapa di tepas

44.

....ku sien beretek , Habbit teh lumpat . Kecap nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya eta ...

a)

bakating

b)

awahing

c)

mangkanig

d)

kersaning

45.

Keyne teu sakola.

Keyne nuju teu damang

Kalimah di luhur mun disusun make kecap panyambung , jadi ...

a)

Keyne teu sakola lantaran nuju teu damang.

b)

Keyne teu sakola lantaran Keyne nuju teu damang

c)

Keyne nuju teu damang lantaran teu sakola

d)

Keyne nuju teu damang ku kituna teu sakola

46.

Risa putrana Bu Hani. Bu Hani kagungan ibu namina Ma Diah. Hubungan pancakaki Risa ka Ma Diah nya eta ...

a)

incu

b)

nini

c)

buyut

d)

ua

47.

Di antara kalimah - kalimah ieu di handap, mana nu kaasup kalimah parentah ..

a)

Mudah-mudahan hujanna gancang raat !

b)

Ti mana wae Davo, dipilarian ti tadi teu aya !

c)

Punten Elvan, pangnyandakeun buku Ibu di kantor !

d)

Sabaraha pangaos hui Cilembu sakilona Mang !

48.

Imah kuring di Ciwastra. Ragam basa hormat anu luyu pikeun kalimah di luhur nya eta ....

a)

Bumi abdi di Ciwastra

b)

Rumah abdi di Ciwastra

c)

Rorormpok abdi di Ciwastra

d)

Lembur kuring di Ciwastra

49.

Di antara kalimah di handap nu kaasup kana kalimah barang nya eta ...

a)

Sapatuna tina Kulit Domba

b)

Indungna kakara datang

c)

Bapana nu Polisi keur jaga

d)

Hargana dua welas rebu

50.

Harga buku teh opat puluh rebu rupiah. Kaasup kana kalimah ....

a)

barang

b)

bilangan

c)

pagawean

d)

sifat