NEW
Font size
WorksheetsSumatif AKhir Semester Bahasa Sunda Kelas XI
Total questions: 20
Worksheet time: 25mins
Karya sastra anu direka dina basa lancaran prosa anu kalawan ukuranna pondok disebut ...
Novel
Biantara
Carpon
panumbu catur
sajak
Ukuran carpon saupama dibaca, kurang leuwih …. menit.
5-10 menit
2-7 menit
10-15 menit
2-5 menit
15-30 menit
Caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé, caritana kaitung pondok, tokohna teu réa. Ieu kaasup kana… carpon.
Harti carpon
Ciri-ciri carpon
Sajarah Carpon
Ukuran Carpon
Kamekaran Carpon
Hal atanapi gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana disebut ....
Amanat
Galur
Latar
Tema
Tokoh
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian carita disebutna ....
Tema
Jejer
Latar
Galur
Tokoh
Kagiatan nyarita di hareupeun balarea disebut....
Biantara
Dongeng
Nyajak
Ngawih
Nembang
Tehnik nepikeun biantara nyaeta...
importmu, ekstemporan, naskah jeung ngapalkeun
importmu, ekstemporan, guluyur, nyarita
importmu, ekstemporan, ngawih, ngahaleuang
importmu, ekstemporan, nyarita, ngalagena
ngawih, nembang, nyarita,
Tujuan biantara pikeun ngajak balarea kana hiji perkara disebut....
persuasif
subjektif
informatif
komunikatif
komunikata
Maksud tina paribasa "lain mamatahan ngojay ka meri" nyaeta...
lain maksud mamatahan kanu leuwih ngarti
mamatahan kanu jadi kolot
mamatahan sorangan
mamatahan matah
mamatahan matuh
Struktur biantara kalayan runtuy nyaeta...
salam bubuka, bubuka, eusi, panutup, jeung salam panutup
bubuka, eusi, salam bubuk, panutup
eusi, salam bubuka, panutup
panutup, salam panutup, salam bubuka, bubuka
bubuka, panutup, salam panutup
Enas-enasna nu disebut biantara teh komunikasi hiji jalma rea anu sipatna langsung sacara....
Lisan
Tulisan
lisan jeung tulisan
lisan jeung isarat
tulisan jeung isarat
Najan kasebutna komunikasi langsung, tapi komunikasi dina biantara mah lumangsung...
Saarah
dua arah
tilu arah
patembal-tembal
pacental-cental
Muji ka Alloh sarta ngahaturkeun solawat ka Kanjeung Nabi teh dina biantara mah sok disebut....
Salam pamuka
salam pangwilujeng
pangbagea
mukadimah
sanduk-sanduk
Biantara nu make catatan inti biantara disebut.....
Ekstemporan
Impromtu
Langsung
Improp
Catatan
Di handap ieu tugas-tugas utama panata acara,salasahiji tugas panata acara saméméh lumangsungna diskusi nyaéta .....
ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
teu kudu ngawasa masalah anu luyu jeung téma diskusi
henteu jadi panengah lamun aya konflik
teu méré kasempetan ka pamilon pikeun nanya
teu kudu ngatur lumangsungna diskusi
Anu dimaksud panumbu catur nyaéta.....
Jalma nu nyatet sakur kajadian salila kagiatan.
Jalma nu nyiapkeun alat panuduh waktu.
Jalma nu mandu acara sangkan acara téh lancar jeung suksés.
Jalma nu nyepeng kendali (ngatur jeung ngokolakeun) dina hiji jirangan (sési) kagiatan.
Jalma nu ngaping tahapan-tahapan dina hiji acara.
Naon anu dimaksud debat........
Kagiatan sawala pikeun ngaréngsékeun pasualan.
Kagiatan ngadu pamadegan (arguméntasi) antara dua pihak.
Sawala kelompok nu lumangsung pikeun medar topik.
Sawala pikeun silih tukeur sawangan ngeunaan hiji pasualan.
Sawala paraahli (pakar) pikeun medar pasualan.
Jalma anu miluan kana kagiatan diskusi disebut . . . .
Pamilon
Patandang
Panata Calagara
Narasumber
Pangjejer
Panumbu catur jeung MC mibanda kalungguhan séwang-séwangan. Dumasar kana pancénna, kumaha kalungguhan panumbu catur jeung MC dina prak-prakan hiji kagiatan/acara........
MC anu paling utama
Panumbu catur anu paling utama
MC leuwih luhur batan panumbu catur
MC jeung panumbu catur kalungguhanna sarua
Panumbu catur leuwih luhur batan MC
Ieu di handap minangka tatakrama dina sawala, iwal ti . . . .
Nyarita ulah diborong ku sorangan
Omongan kudu matak jaheut ka batur.
Ulah ngomong nyorongot bari popolotot.
Ulah megat atawa motong omongan batur.
Kudu sopan dina nepikeun perkara saupama teu satuju atawa teu sugema.
