wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UJIAN AKHIR SEMESTER B, SUNDA

Total questions: 55

Worksheet time: 53mins

Name
Class
Date
1.

Rupina cekap sakieu wae pisanggem ti simkuring, hapunten nu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah”. Eta kekecapan teh mangrupi .... tina biantara.

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Kacindekan

d)

Panutup

2.

Dina danget ieu tos samistina sim kuring umajak ka sadayana. Yu, urang sasarengan ronjatkeun deui ajén budaya Sunda anu luhung, ngalangkungan rupaning kagiatan kasundaan! Urang ramékeun deui tatar Parahiyangan ku masarakat nu nyunda. Masarakat nu campur gaulna ngagunakeun basa Sunda. Masarakat nu ngahibur dirina ku seni Sunda. Mugia baé di jaman kasajagatan kiwari, Sunda salawasna nanjun


Eusi sempalan naskah biantara di luhur nya éta ....

a)

ajén budaya Sunda nu sumebar téh kacida luhungna

b)

masarakat Sunda sakuduna geus nyunda sagala rupana

c)

di tatar Parahiyangan masarakatna geus nyunda

d)

ajakan ka masarakat Sunda sangkan ngaronjatkeun ajén budaya Sunda

3.

Dina danget ieu tos samistina sim kuring umajak ka sadayana. Yu, urang sasarengan ronjatkeun deui ajén budaya Sunda anu luhung, ngalangkungan rupaning kagiatan kasundaan! Urang ramékeun deui tatar Parahiyangan ku masarakat nu nyunda. Masarakat nu campur gaulna ngagunakeun basa Sunda. Masarakat nu ngahibur dirina ku seni Sunda. Mugia baé di jaman kasajagatan kiwari, Sunda salawasna nanjung.


Harepan nu bisa kagambar tina naskah biantara di luhur nya éta ....

a)

Sunda salawasna nanjung di alam kasagatan

b)

masarakat Sunda babarenagn ngaronjatkeun ajén budaya Sunda

c)

masarakat ngaramékeun Ki Sunda ku rupa-rupa kagiatan kasundaan

d)

ngaramékeun tatar Parahiyangan ku masarakat nu nyunda

4.

Katilu, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’ana ti sadayana. Mugia baé mungkurna ti ieu sakola, tiasa neraskeun léngkah ka sakola nu langkung luhur. Kalihna ti éta, pamugi baé sadaya cita-cita miwah harepan nu dipikaangen ku simkuring saparakanca tiasa kahontal kalawan nyugemakeun.

Kaopat, husus ka adi-adi, teruskeun sagala hanca perjuangan lenceuk-lanceuk hidep. Sakur ucapan jeung réngkak paripolah nu hadéna kudu dijadikeun tuladeun sedengkeun nu kurang hadéna dijadikeun pieunteungeun.

Amanat nu hayang ditepikeun ku anu biantara ka adi-adi kelasna dina sempalan naskah biantara di luhur nya éta .....

a)

miharep cita-cita nu dipikaangen ku adi kelasna bisa kahontal

b)

ngadu’akeun adi kelasna sangkan sakola anu leuwih luhur

c)

sangkan paripolah hadé dijadikeun picontoeun ku adi kelasna

d)

sangkan paripolah anu kurang hadé dijadikeun tuladeun ku adi kelasna

5.

Katilu, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’ana ti sadayana. Mugia baé mungkurna ti ieu sakola, tiasa neraskeun léngkah ka sakola nu langkung luhur. Kalihna ti éta, pamugi baé sadaya cita-cita miwah harepan nu dipikaangen ku simkuring saparakanca tiasa kahontal kalawan nyugemakeun.

Kaopat, husus ka adi-adi, teruskeun sagala hanca perjuangan lenceuk-lanceuk hidep. Sakur ucapan jeung réngkak paripolah nu hadéna kudu dijadikeun tuladeun sedengkeun nu kurang hadéna dijadikeun pieunteungeun.


Dihandap ieu anu kudu diperhatikeun dina nepikan biantara, nya eta...

a)

Teteg dina nyaritana

b)

Loba seuri waktu nyarita

c)

Roman anu baeud

d)

Bubuka mah teu penting teuing.

6.

Dihandap ieu anu lain mangrupa unsur TAGOG dina biantara ..

a)

Teteg nyaritana

b)

Alus eusina

c)

Gerak awakna merenah

d)

Ngandung kalimah pangajak

7.

Dihandap ieu anu lain mangrupa unsur TAGOG dina biantara ..

a)

Teteg nyaritana

b)

Alus eusina

c)

Gerak awakna merenah

d)

Ngandung kalimah pangajak

8.

Metodeu biantara dina prak-prakna tara make naskah, nu rek diomongkeuna dirarancang heulakalaan taliti, nya eta metodeu...

a)

Impromtu

b)

Ngapalkeun

c)

Naskah

d)

Ekstemporan

9.

Kecap nu dimaksud pambagea randegan dina biantara, aya dina kalimah...

a)

“Puji sareng sukur urang sanggakan ka Allah SWT

b)

“Bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipihormat”

c)

“Dina kasempatan ieu simkuring ngawakilan rerencangan sadaya .....”

d)

“Assalamu’alaikum warrohmatullahi wabarokatu

10.

Tutup hateup sapanjang sambungan suhunan, tempat patepungna kenteng dina puncak suhunan, disebut...

a)

Lalangit

b)

Suhunan

c)

Wuwung

d)

Jandela

11.

Wangunan tempat digawena panday (tukang nyieun parabot tina beusi), nya eta ...

a)

Bale

b)

Karapyak

c)

Gosali

d)

Pagupo

12.

Dina wangunan tradisional aya istilah pagupon, nya eta ...

a)

Kandang hayam

b)

Kandang japati

c)

Kamar leutik

d)

Kandang kuda

13.

Novel Sunda mimiti gelar dina awal abad ...

a)

20

b)

19

c)

18

d)

17

14.

Dina kasusastra Sunda novel nu judulna “Baruang ka nu Ngarora”mimiti medar dina taun ...

a)

1914

b)

1926

c)

1928

d)

1940

15.

Pokok pasualan carita anu hayang ditepikeun ku pangarang kanu maca, kaasupkanu unsur novel ...

a)

TEMA

b)

PALAKU

c)

AMANAT

d)

LATAR

16.

Novel kaasup kana karya sastra moderen, anu lahirna dina sastra Sunda sabada dunya kasusastraan di urang kapangaruhan ku kasusastraan Barat, pangpangna nagara ....

a)

Inggris, Walanda, Perancis

b)

Inggris, Perancis, Jerman

c)

Walanda, Perancis, Jerman

d)

Inggris, Walanda, Jerman

17.

Maranéhna dianteur ku Pa Oding pikeun nepungan Aki, kokolot di éta lembur. Tuluy Maranéhna ngawanohkeun diri anu diwakilan ku Emod. Sanggeus kitu Aki nyaritakeun ngeunaan hajat lembur jeung ngadongéngkeun ngeunaan Leuweung Tutupan anu teu meunang disaba ku jelema.

Galur carita sempalan novel diluhur judulna ......

a)

Misteri Haur Geulis

b)

Nganti-Nganti Dawuh

c)

Rasiah Geulang Rantay

d)

Sri Panggung

18.

Pikeun barudak mah bulan puasa mangsa katukang téh ngadatangkeun kabagjaan nu tan wates wangen. Anu jadi alesanana, sakola peré. Kitu deui ngaji, sarua peré. Anu biasana ti mimiti Asar nepi ka Subuh idek liher di masjid, salila bulan puasa mah euweuh kagiatan, iwal ti solat berjamaah, tarawéh, jeung tadarus.

Pasosoré anu biasana ngabring ka masjid, salila bulan puasa mah diganti ku kagiatan ngabuburit. Loba pisan kamonésan anu dipilampah salila ngabuburit téh, di antarana ucing-ucingan, galah, pocés, ngadu panggal, susumputan, jeung hahayaman. Ieu kagiatan téh eureun lamun layung ti belah kulon mimiti némbongan. Hartina, marebot anu aya di masjid jami dina waktu anu moal lila deui baris méré tangara ku cara nakol kohkol. Éta tangara téh méré iber ka sakumna nu puasa sangkan geuwat baruka.

..............................


Bulan puasa téh pikeun barudak mah ngadatangkeun kabagjaan anu tan wates wangen. Ieu hal téh dibalukarkeun .....

a)

salila bulan puasa bisa tadarusan

b)

salila bulan puasa aya kagiatan tarawéh

c)

salila bulan puasa kagiatan sakola peré

d)

salila bulan puasa bisa ngadulag saban wanci

19.

Pikeun barudak mah bulan puasa mangsa katukang téh ngadatangkeun kabagjaan nu tan wates wangen. Anu jadi alesanana, sakola peré. Kitu deui ngaji, sarua peré. Anu biasana ti mimiti Asar nepi ka Subuh idek liher di masjid, salila bulan puasa mah euweuh kagiatan, iwal ti solat berjamaah, tarawéh, jeung tadarus.

Pasosoré anu biasana ngabring ka masjid, salila bulan puasa mah diganti ku kagiatan ngabuburit. Loba pisan kamonésan anu dipilampah salila ngabuburit téh, di antarana ucing-ucingan, galah, pocés, ngadu panggal, susumputan, jeung hahayaman. Ieu kagiatan téh eureun lamun layung ti belah kulon mimiti némbongan. Hartina, marebot anu aya di masjid jami dina waktu anu moal lila deui baris méré tangara ku cara nakol kohkol. Éta tangara téh méré iber ka sakumna nu puasa sangkan geuwat baruka.


Salila bulan puasa, pasosoré umumna barudak ....

A. C. B. D.

a)

ngabring ka masjid

b)

tadarus di masjid

c)

idek liheur di masjid

d)

ngabuburit

20.

Pikeun barudak mah bulan puasa mangsa katukang téh ngadatangkeun kabagjaan nu tan wates wangen. Anu jadi alesanana, sakola peré. Kitu deui ngaji, sarua peré. Anu biasana ti mimiti Asar nepi ka Subuh idek liher di masjid, salila bulan puasa mah euweuh kagiatan, iwal ti solat berjamaah, tarawéh, jeung tadarus.

Pasosoré anu biasana ngabring ka masjid, salila bulan puasa mah diganti ku kagiatan ngabuburit. Loba pisan kamonésan anu dipilampah salila ngabuburit téh, di antarana ucing-ucingan, galah, pocés, ngadu panggal, susumputan, jeung hahayaman. Ieu kagiatan téh eureun lamun layung ti belah kulon mimiti némbongan. Hartina, marebot anu aya di masjid jami dina waktu anu moal lila deui baris méré tangara ku cara nakol kohkol. Éta tangara téh méré iber ka sakumna nu puasa sangkan geuwat baruka.


Salila bulan puasa, pasosoré umumna barudak ....

A. C. B. D.

a)

ngabring ka masjid

b)

tadarus di masjid

c)

idek liheur di masjid

d)

ngabuburit

21.

Potongan suhunan imah anu teu maké wuwung, kaasup kana suhunan imah ....

a)

jolopong

b)

parahu kumureb

c)

badak heuay

d)

tagog anjing

22.

Potongan suhunan imah anu tungtung suhunanana maké awi atawa kai dicagakkeun. Nya éta potongan imah ...

a)

Julang ngapak

b)

Jolopong

c)

Badak heuay

d)

Capit gunting

23.

Potongan wangunan saung anu ampir sarua jeung potongan badag heuay, nya éta ...

a)

jolopong

b)

parahu kumureb

c)

badak heuay

d)

tagog anjing

24.

Potongan wangunan imah anu bagian tukang jeung hareupna maké sorondoy, nya éta ...

a)

Julang ngapak

b)

Jolopong

c)

Badak heuay

d)

Capit gunting

25.

Metodeu anu make catetan-catetan mangrupa gurat badag atawa rangkay omongan anu rek ditepikeun dina biantara, kaasupkana metodeu ...

a)

Impromtu

b)

Naskah

c)

Ekstemporan

d)

Ngapalkeun

26.

Kecap Geulis + .... → gumeulis, maké rarangkén tengah ...

a)

eu

b)

me

c)

um

d)

is

27.

Kecap Geulis + .... → gumeulis, maké rarangkén tengah ...

a)

eu

b)

me

c)

um

d)

is

28.

Adegan wangunan anu biasana ditémpélkeun ka imah utama, diadegkeunana dihareup,salegana buruan atawadi buruan pipir imah, disebut...

a)

Bédéng

b)

Karapyak

c)

Balé

d)

Saung ranggon

29.

Enjing-enjing pun bapa ........ ka kantor

a)

Miang

b)

Angkat

c)

Indit

d)

Mios

30.

“Barudak silih rérét, anu pangmindengna di rérét téh Emod. Pédah capétang nyarita ku basa Sunda meureun. Emod surti kana maksud babaturanana”. Watek palaku dina sempalan novel Misteri Haur Geulis, kagambar yén Emod ...

a)

Pikaseurieun

b)

Pikaéraeun

c)

Wanteran/ beuki ngomong

d)

Pikasediheun

31.

1. Pa Dida :“Punten, dupi rorompok téh di mana?

2. Pa Endin :”Rorompok mah di Cimahpar”

3. Pa Dida :”Gening tebih. Dupi mios sok tabuh sabaraha?

4. Pa Endin : “Numawi sok rada nyubuh angkat teh bilih kasiangan.”

Numutkeun tatakrama basa, ungkara nu bener aya din nomer ...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

32.

Ungkara ieu di handap nu cara ngagunakeun tanda koma nu bener nya eta ....

a)

Adina, badeur tapi lanceukna bageur

b)

Adina badeur tapi, lanceukna bageur

c)

Adina, badeur, tapi lanceukna bageur

d)

Adina badeur, tapi lanceukna bageur

33.

........., kuring ngaku salah. Kecap nu mérénah pikeun ngalengkepan kalimah tadi nu luyu jeung tatakrama basa Sunda, nyaéta...

a)

Neda sihapunten

b)

Hampura

c)

punten

d)

Maaf

34.

Pilih salah sahiji a, b, c, atawa d, anu diangggap pangbenerna !

Titenan teks biantara ieu !

Bapa-bapa,ibu-ibu sadayana nu parantos sumping,sim kuring ngahaturkeun wilujeng tepang.Mugia urang sadaya dipasihan kasehatan,kabagjaan,kabarokahan,ku ALLAH Nu Kagungan,Nu Mahasehat. Nu bade didugikeun ku sim kuring dina kasempetan ayeuna perkara demam berdarah. Dumasar kana teks,

kaasup kana jenis biantara naon ?

a)

Binatara perpisahan

b)

Biantara kampanye

c)

Biantara kasehatan

d)

Biantara kanegaraan

35.

pancen panata acara diantarana...

a)

nangtukeun nu ngeusi acara

b)

muka jeung nutup acara

c)

mere pangbagea kana lumangsungna acara

d)

ngawakilan panata acara

36.

Tawis kabingah mangga urang sami tutup ieu sawala ku ngedalkeun hamdalah, ungkara di luhur biasana diucapkeun ku panumbu catur...sawala

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

amanat

37.

Titenan teks ieu !

Assalamualaikum,warahmatullahi wabarakatuh

bapa wakil kepala sekolah bidang kasiswaan anu ku sim kuring dipihormat, alhamdulillah puji syukur hayu urang panjatkeun ka Allah nu ngawasa, salawat sinareng salam mugi dilungsurkeun ka kanjeng nabi Muhammad, ka para karabatna , sahabatna, sareng urang nu janten umatna. Biantara di luhur teh mangrupakeun....

a)

panutup

b)

bubuka

c)

eusi

d)

puji syukur ka gusti Allah

38.

anu kaasup kana babasan nyaeta...

a)

kaendahan alam

b)

kembang malati

c)

amis budi

d)

miara tutuwuhan

39.

upacara melak batu ngaruntuy dina sawatara kagiatan...

a)

ngunduh watu, ngunduh matur, makukeun

b)

loba kawungna

c)

kasenian parebut seeng

d)

boga imah panggung

40.

Titenan teks laporan kagiatan ieu pikeun ngajawab nomer 13 nepi ka nomer 13 !

Laporan kagiatan 17 agustusan

1) kasang tukang

17 agustus teh mangrupa poe nu boga sajarah pikeun bangsa Indonesia, sebab tanggal 17 agustusan 1945 teh Indonesia geus bebas ti penjajah anu geus ngajajah Indonesia.

2) Tujuan kagiatan

nguatkeun tali silaturahmiantar wargi bangsa

3) waktos jeung tempat kagiatan

sabtu, dipayunen pasar cikembulan

4) rupi-rupi kagiatan

pamilon anu ngiluan nyaeta warga lembur salawi kagiatannana nyaeta balap karupuk, balap kaleci jst.

5) waragad nyaeta konsumsi, hadiah, riasan jeung panutup.

rupa-rupa kagiatan anu dilaksanakeun dina agustusan nyaeta...

a)

pikeun mere program sakola osis

b)

sangkan para pamilon bisa nembang pupuh

c)

nguatkeun tali silaturahmi antar wargi desa

d)

pikeun proses hasil dina kagiatan

41.

upacara melak batu ngaruntuy dina sawatara kagiatan nyaeta...

a)

ngunduh watu, ngunduh matur, makukeun

b)

loba kawungna

c)

kasenian parebut seeng

d)

boga imah panggung

42.

Dina taun 1840 Elias nikah, sarta diparengkeun boga budak tilu. Elias ngarandapan

gering.Salila gering téh Elias mindeng nyaksian istrina ngaput.Jorojoy hayang nyiptakeun mesin

kaput nu niron gerakan leungeun keur ngaput. Elias terus mikir hayang ngawujudkeun gagasanana.

Terus-terusan nyoba, sanajan can ngarasa sugema. Manéhna nyieun mesin niron gerakan leungeun

nu keur kakaput maké jarum nu liangna dina tungtung luhur. Gagal.Manéhna terus mikir daria naker,

nepi ka kabawa ngimpi.Ngimpi aya saabrulan jalma kanibal anu nubles-nubleskeun tumbak kana

beuteungna sacara ngawirahma. Elias terus nempokeun gerakna tumbak, tétéla di tungtung tumbak

téh aya liangan.Tungtung tumbak ieu nu jadi inspirasina.


Kumaha mimitina pangna manehna hoyong nyiptakeun mesin kaput ?

a)

Lantaran gering lila pisan.

b)

Lantaran sering nyaksian istrina ngaput, jadi hoyong nyiptakeun mesin kaput niron gerakan leungeun nu ngaput.

c)

Lantaran manehna ngimpi jalma kanibal.

d)

Lantaran kaahlianana kana mesin.

43.

nitahan - Tong - batur - cokot - buku - atuh - ku sorangan - teh !

Susunan kalimah di luhur nu bener nyaeta ... .

a)

Tong nitahan batur atuh ku sorangan teh cokot buku !

b)

Nitahan teh tong batur atuh cokot buku teh ku sorangan!

c)

Tong nitahan batur atuh, cokot ku sorangan buku teh!

d)

Cokot ku sorangan buku teh, nitahan batur tong!

44.

PILIH SALAH SAHIJI JAWABAN ANU KU HIDEP DIANGGAP BENER


Pucuk tiwu akar bangban

Amis mata disusukan

Mun rek milu geuwat dangdan

Cimata geura susutan


Wacana di luhur disebutna…..

a)

Sisindiran

b)

Rarakitan

c)

Paparikan

d)

sajak

45.

Pucuk tiwu akar bangban

Amis mata disusukan

Mun rek milu geuwat dangdan

Cimata geura susutan


Ditingali tina wangunna eta sisindiran di luhur kaasup….

a)

Sisindiran

b)

Rarakitan

c)

Paparikan

d)

Sajak

46.

1. Baca sempalan paguneman ieu di handap

Panji: " Aeh, NaonPR basa sunda teh ?'

Dika: "kudu ngarang sajak. Temana bebas. Minggu hareup dikumpulkeun. cenah ceuk bu Evi, lamun sajakna alus rek dikirimkeun ka majalah sunda ."

Panji: " Atuh mun kktu mah urang rek meuli heula majalahna ah !"

Dika:"Urang ge arek, sugan weh sajak urang bisa dimuat."

Patalekanana.......

Karangan anu alus teh ku BU Evi rek di kirimkeun ka....

a)

koran galura

b)

KOran Sunda

c)

Majalah Sunda

d)

Majalah mangle

47.

20." harita teh, kuring leumpang dina trotoar sabari gogonjakan jeung babaturan. teu ditingali aya jalan anu leueur. blug......kuring labuh , kuring ceurik sabari ngusapan suku anu karasa nyeri"

pangalaman di luhur ngagambarkeun rasa...

a)

kanyeri

b)

kasieun

c)

kaambek

d)

kabungah

48.

20." harita teh, kuring leumpang dina trotoar sabari gogonjakan jeung babaturan. teu ditingali aya jalan anu leueur. blug......kuring labuh , kuring ceurik sabari ngusapan suku anu karasa nyeri"

pangalaman di luhur ngagambarkeun rasa...

a)

kanyeri

b)

kasieun

c)

kaambek

d)

kabungah

49.

19. kecap awal (mimiti)anu diucapkeun upama rek ngahubungi guru dina hape....

a)

"hai bu..."

b)

"Assalamualaikum bu...

c)

Bu....

d)

ping......

50.

16. "Alhamdulillah peunteun ulangan basa Sunda urang panggedena, teu sia-sia urang ngapalkeun teh...."

pangalaman diluhur ngagambarkeun rasa...

a)

kuciwa

b)

bungah/ bersyukur

c)

kesel

d)

hanjakal

51.

Jelasken naon anu dimaksud biantara teh?

4 lines
52.

Buatkeun contoh biantara anu ngndung tema pendidikan?

4 lines
53.

Sebutken 10 macen istilah Wangunan anu aya di imah?

4 lines
54.

Jelasken naon anu dimaksud novel?

4 lines
55.

Sebutkeun 3 pengarang novel sunda sareng ngaran judul novel na?

4 lines