Font size
WorksheetsSOAL BAHASA SUNDA SMPN 6 SURADE
Total questions: 35
Worksheet time: 9hrs 45mins
Wacana Pidato
Assalamualaikum warohmatulloh wabarokatuh Wilujeng énjing sadayana (1) Bapa Wakil Kapala Sakola Bidang Kesiswaan anu ku simkuring dipihormat. Para ketua kelas ti tiap kelas di SMP Tarapti Munggaran (2) Alhamdulillahi robbil alamin. Puji sareng sukur hayu urang haturkeun ka Alloh SWT. Nu ngawasa ieu alam. Salawat sinareng salam mugi dilungsurkeun ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, katut ka para kulawargana, sahabatna sareng urang sadaya salaku umatna.(3). Sim kuring salaku pupuhu atanapi ketua OSIS SMP Tarapti Munggaran ngahaturkeun nuhun kana kasayogian bapa sareng para ketua kelas ngahadiran ieu acara. Pamugi kasaéan bapa miwah para sadérék janten amal ibadah nu ditampi ku Alloh Subhanahu Wataala. Amin.(4) Sakedap deui urang bakal mendakan deui kaping 2 Méi. Kaping 2 Méi téh nyaéta Hari Pendidikan Nasional téa. Sakumaha biasana di sakola urang, SMP Tarapti Munggaran, tiap taun dina raraga miéling Hari Pendidikan Nasional téh sok ngayakeun lomba Cerdas cermat. Rupina, dina taun ieu ogé éta tradisi téh badé dihirupkeun deui.(5) Ku margi kitu, kalayan widi sareng pangaping ti bapa kalih pangrojong para ketua kelas dina dinten ieu urang sasarengan nangtoskeun panitia cerdas cermat taun 2019. Anu kaleresan kapilih janten panitia pamugi kersa nampi amanat ti sadayana warga SMP Tarapti Munggaran.(6) Upami téa mah nu kapilih téh kirang percaya diri pédah teu acan aya pangalaman janten panitia, ulah hariwang. Bapa Wakasek Bidang kesiswaan sareng sadayana murid SMP Tarapti Munggaran bakal ngarojong. Anggap waé ieu téh sarana kanggo diajar berorganisasi. Diajar téh kapan kacida pentingna. Diajar téh sanés mung ngalangkungan maca sareng ngupingkeun pangajaran ti para guru waé, tapi tiasa langsung prakték dina kahirupan sapopoé.(7) Tah, rupina sakitu waé pamapag ti simkuring. Kirang langkungna neda dihapunten. Pamugi ieu maksad urang téh sing kénging pituduh ti Alloh Subhanahu wata’ala.Amin. Hatur nuhun. Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.(8)
Naon istilah bahasa sunda pidato .........
Bantaran
Bintara
Bantara
Biantara
Naon jejer pidato diluhur .........
Rapat Wakil Kapala Sakola
Rapat Ketua OSIS jeung pengurus OSIS
Rapat dina nangtukeun Panitia cerdas Cermat
Rapat dina nangtukeun ketua unggal kelas
Dihareupeun saha waé éta biantara téh ditepikeunana ....
Wakil kapala sakola jeung para ketua kelas
Siswa siswi SMP Tarapti Munggaran
Wakil kapala sakola jeung siswa siswi
Para ketua kelas jeung pengurus OSIS
Rék ngayakeun naon dina raraga Miéling Hari Pendidikan Nasional téh .....
Lomba Cerdas Cermat
Lomba Maca Sajak
Lomba Biantara
Lomba Kebersihan
Nomer sabaraha nu nuduhkeun salam bubuka...
No 4
No 3
No 2
No 1
Nomer sabaraha nu nuduhkeun ungkara hormat/sapaan...
No 4
No 3
No 2
No 1
Nomer sabaraha nu nuduhkeun eusi pidato...
No 2,3,4
No 3,4,5
No 4,5,6
No 5,6,7
Nomer sabaraha nu nuduhkeun bagian panutup?
No 8
No 7
No 6
No 5
Saha nu keur pidato téh ....
Kepala sakola
Wakil kapala sakola
Ketua Osis
Perwakilan kelas IX
Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Ungkara di luhur mangrupa struktur biantara naon?
Mukadimah
Salam bubuka
Eusi
Panutup
Sateuacan urang tampil biantara, urang kudu boga kamampu pikeun mikanyaho kahayang jeung kondisi audience/ anu lalajo. Kamampuan anu dimaksud kaasup kana bagian….
parigel muka biantara
parigel nutup biantara
écés atawa jelas
pasemon (mimik)
Tengetan runtuyan téks ieu di handap!
1) nepikeun informasi
2) ngucapkeun hatur nuhun
3) salam bubuka
4) pangbagéa/ anu dipihormat
5) salam panutup
6) kacindekan
Dumasar kana runtuyan téks di luhur, anu biasana sok aya dina bagian bubuka biantara nyaéta….
1 jeung 2
2 jeung 3
3 jeung 4
4 jeung 6
Tengetan sempalan biantara ieu di handap!
“Mugia Bapa miwah Ibu kersa ngahapunten kana kalepatan sareng kaluputan sim kuring saparakanca, mugia bangblas, mugia balungbang timur, jalan gedé sasapuan, caang bulan opat welas.”
Sempalan biantara di luhur kaasup kana…biantara.
bubuka
eusi
panutup
kacindekan
Urang Sunda mikawaoh undak-usuk basa/ lével ngagunakeun basa Sunda. Saupama hidep ngobrol atawa gunem catur jeung guru atawa jeung saluhureun, jenis basa Sunda anu digunakeun nyaéta….
Basa Sunda kasar
Basa Sunda lemes/ hormat
Basa Sunda loma
Basa Sunda campur
Tengetan runtuyan kecap ieu di handap!
1) tuang
2) balik
3) mulih
4) sumping
5) dongkap
6) mésér
Dumasar runtuyan kecap di luhur, anu kaasup kana basa sunda lemes/ hormat keur batur nyaéta nomer….
1, 2, jeung 3
3, 4, jeung 5
4, 5, jeung 6
1, 3, jeung 4
Saméméh diajar basa Sunda, Pa Asep mah pasti sok dimimitian ku ngadu’a jeung ngabsén hiji-hiji siswa anu aya di kelas. Nalika ngaran siswa anu disebut, husus dina pelajaran basa Sunda mah teu meunang nyebut hadir. Istilah hadir/ datang dumasar kana undak-usuk basa Sunda anu bener nyaéta….
dongkap
sumping
mulih
wangsul
Tengetan téks ieu di handap!
Pa Asép di kelas keur nepikeun matéri ngeunaan biantara, ti mimiti wangenan atawa définisi, struktur biantara, nepi ka jenis-jenis biantara. Sahingga, siswa anu asalna teu ngarti naon ari biantara téh ayeuna mah jadi apal jeung ngarti.
Dumasar kana téks di luhur, kaasup kana sifat biantara nyaéta….
informatif
propagandistis
édukatif
simulasi
Kampung Adat Ciptagelar sok disebut oge kampung Gede Kasepuhan Ciptagelar. Masarakat anu dumuk di kampung Ciptagelar disebutna masarakat kasepuhan. Istilah kasepuhan hartina tempat dumuk para sesepuh atawa adat kabiasaan sepuh atawa kolot. Kasepuhan oge nuduhkeun sistim kapamingpinan di masarakat anu dumasar kana adat kabiasaan sepuh atawa kolot.
Masarakat anu dumuk di kampung Ciptagelar disebutna ... .
masarakat kasepuhan
kampung Gede Kasepuhan
sistim kapamingpinan
kasepuhan Ciptagelar
Anu has ti Kampung naga nya eta wangunan imah warga jeung pamangku
Kampung (Adat). Wangun imahna panggung, suhunan capit gunting. Bahan
imahna ti awi jeung kai. Hateup imahna tina kiray nu ditutupan ku injuk.
Lantena dijieun tina palupuh atawa papan. Pipindingna ku bilik make
anyaman sasag. Aya pantangan yen imah di Kampung Naga henteu menang
dicet, iwal dimeni jeung dipulas ku apu. Warga Kampung Naga oge tabu
nyieun imah gedong. Sakabeh imah warga Kampung Naga kudu
nyanghareup ka kaler atawa ka kidul, ngujur ngulon atawa ngetan.
Pantangan imah di Kampung Naga nya eta ... .
menang dicet
nyanghareup ka wetan
henteu menang dicet
dipulas ku kapur
Bahan utama imah di Kampung Naga nya eta ... .
suluh jeung batu
kai jeung batu
awi jeung injuk
kai jeung awi
Hirup beresih teh diutamakeun pisan di Kampung Dukuh mah. Ieu teh
ebreh tina tanda wates-wates jeung pantangan anu teu sagawayah jalma
bisa asup. Ngan ukur anu beresih hatena tur suci nu menang asup teh ka
tempat-tempat nu tangtu di Kampung Dukuh. Lamun warga kampung
daratang ka kuburan Syeh Abdul Jalil,lain keur menta barokah, tapi keur
ngadungakeun nu tos tilar dunya. Ati barokahna mah tos dipasihkeun ku
Syeh Abdul Jalil dina wangun kahadean, nyaah ka warga, basajan, jeung
takwa.
Anu diutamakeun pisan ku masarakat Kampung Dukuh nya eta ... .
beresih hate
beresih awak
hirup beresih
jarah ka makam
Eta gambar disebut suhunan imah ... .
capit gunting
parahu kumureb
badak heuay
tagog anjing
Kampung anu masih keneh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung ....
buhun
adat
babakan
dusun
Bentuk wangunan parahu kumureb teh nyaeta ....
Bangunan imah asli sunda nyaeta ....
Perhatikeun gambar diluhur
Ngaran wangun suhunan diluhur nyaeta....
Parahu kumureb
Badak heuay
Jogo anjing
Julang ngapak
Perhatikeun gambar diluhur
Ngaran wangun suhunan diluhur nyaeta....
Parahu kumureb
Badak heuay
Jogo anjing
Julang ngapak
Kampung Pulo
Kampung Pulo nyaeta ngaran hiji kampung atawa tempat nu aya di desa Cangkuang, kecamatan Leles kabupaten Garut. Disebut kampung Pulo ku sabab eta kampung teh deukeut ka situ, nepi ka ayeuna nelah Situ Cangkuang. Malah di tempat eta oge aya candi, nyaeta Candi Cangkuang.
Masarakat kampung Pulo teh ngagem agama Islam. Tokoh nu mimiti nyebarkeun agama Islam nyaeta Arif Muhammad. Asalna mah utusan ti Mataram anu meunang pancen ti Subhan Ageung pikeun nyerang VOC di Batavia dina abad ke-17. Ku sabab gagal, waktu mulangna deui kalah betah di eta kampung.
Kampung Pulo mimiti aya dina abad ka ….
15
16
17
18

soal!
Kampung Pulo ayana di daerah ….
Bandung
Tasikmalaya
Garut
Subang
Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar
Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di Kampung Sukamuya Désa Simaresmi Kecamatan Cisolok di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupaten Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa kantor Pemda di Cisaat kénéh.
Najan deukeut ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Ciptagelar mah pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan para karuhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan urang Sunda pituin anu can kacampuran ku pangaruh modérn, salah sahijina dina potongan imah.
Tatacara kahirupan nu masih kénéh pageuh dicekel ku masarakat Kampung Gedé Ciptagelar asalna tina kabiasaan …
modern
para karuhun
kolonial
animisme
Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar
Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di Kampung Sukamuya Désa Simaresmi Kecamatan Cisolok di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupaten Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa kantor Pemda di Cisaat kénéh.
Najan deukeut ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Ciptagelar mah pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan para karuhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan urang Sunda pituin anu can kacampuran ku pangaruh modérn, salah sahijina dina potongan imah.
Wacana artikel Kampung Gedé Ciptagelar eusina ngeunaan …
pendidikan
pakasaban
sajarah
budaya
Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar
Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di Kampung Sukamuya Désa Simaresmi Kecamatan Cisolok di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupaten Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa kantor Pemda di Cisaat kénéh.
Najan deukeut ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Ciptagelar mah pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan para karuhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan urang Sunda pituin anu can kacampuran ku pangaruh modérn, salah sahijina dina potongan imah.
Salah sahiji kapunjulan urang Kampung Ciptagelar nya éta …
pageuh nyekel tali paranti
perenahna di Kabupatén Sukabumi
réa kagiridig ku nu ngadon ulin
imahna tina bilik
Di Sunda teh aya istilah-istilah arsitektur, nyaeta ngaran-ngarah bentuk imah. Di handap ieu mangrupakeun istilah arsitektur Sunda, iwal ti ....
badak heuay
julang ngapak
kuda heuay
parahu kumureb
Dimana perenahna kampung gede kasepuhan Ciptagelar teh?
Cianjur
Sukabumi
Garut
Pagalengan
Wangunan eta di sebutna .......
saung leuit
saung guah
saung lisung
saung beas