wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

sunda

Total questions: 42

Worksheet time: 59mins

Name
Class
Date
1.

Naon anu digunakeun dina kaulinan congklak?

a)

Kertas sareng pensil

b)

Papan jeung biji-bijian

c)

Bal jeung gawang

d)

Tali jeung batu

2.

Sabaraha urang anu biasana maénkeun congklak?

a)

Dua urang

b)

Tilu urang

c)

Lima urang

d)

Sapuluh urang

3.

Kaulinan congklak ogé bisa ngalatih naon?

a)

Kaparigelan olahraga

b)

Kamampuan mikir strategi

c)

Kakuatan fisik

d)

Kreativitas nyieun karya seni

4.

Naon hartina kecap "oray-orayan" dina teks di luhur?

a)

Kaulinan anu mirip oray

b)

Kaulinan anu merlukeun alat

c)

Lagu barudak ngeunaan oray

d)

Kaulinan barudak di sawah

5.

Naon maksud kecap "gandéngkeun" dina kalimah: Pamaén ngagandéngkeun leungeun bari nyanyi lagu Oray-orayan?

a)

Meungkeut

b)

Nyambungkeun

c)

Ngalungkeun

d)

Nyeredkeun

6.

Naon maksud kecap "sirah oray" dina kaulinan Oray-orayan?

a)

Pamaén anu nyieun lingkaran

b)

Pamaén anu mimitian maén

c)

Pamaén anu di hareup jadi pamimpin

d)

Pamaén anu di tukang

7.

Naon hartina kecap "kabersamaan" dina kalimah: Kaulinan ieu dipaénkeun pikeun nguatkeun kabersamaan?

a)

Ngajaga kaséhatan

b)

Ngumpul jeung silih bantosan

c)

Ngalakukeun hiji-hal sorangan

d)

Ngahibur pamaén séjén

8.

Naon anu dilakukeun ku barudak dina gambar di luhur?

a)

Ngalungkeun batu kana wadah

b)

Nangtung dina kai panjang bari ngajaga kasaimbangan

c)

Lumpat ngurilingan lapang

d)

Nyanyi lagu kaulinan barudak

9.

Naon anu dianggo barudak pikeun maén egrang?

(a)  

10.

Naon anu dianggo barudak pikeun maén egrang?

a)

Batu jeung kaleng

b)

Kai panjang

c)

Tali panjang

d)

Bal jeung gawang

11.

Naon kauntungan tina maén egrang?

a)

Ngaronjatkeun kamampuan mikir strategi

b)

Ngajaga kasaimbangan jeung kaparigelan fisik

c)

Ngumpulkeun poin panglobana

d)

Ngalatih kamampuan komunikasi

12.

Naon anu dimaksud ku kecap "tokecang" dina kakawihan ieu?

a)

Sebutan pikeun pamaén kaulinan

b)

Sebutan sato anu lincah

c)

Jenis alat musik

d)

Kalimah pikeun nambahkeun suasana gumbira

13.

Aturan anu penting dina ngawihkeun kakawihan?

a)

Ngagunakeun alat musik

b)

Tempo jeung nada kudu cocok

c)

Milih lagu nu pang populerna

d)

Dina suasana tiisen

14.

Naon maksud tina kecap "balageur" dina kakawihan di luhur?

a)

Jalma anu kreatif

b)

Jalma anu bageur jeung sopan

c)

Jalma anu lincah

d)

Jalma anu pinter

15.

Pilih kalimah di handap anu ejahana bener!

a)

Barudak keur ngulisikkan di sawah.

b)

Barudak keur ngulinkeun kaulinan tradisional.

c)

Barudak keur nyanyi di buruan.

d)

Barudak keur ngaajarkeun sasama barudak.

16.

Kecap "Ngembun dina daun" kedah dibaca ku cara kumaha?

a)

Kalayan sora anu lemes sareng ngarasa kagum

b)

Gancang tanpa jeda

c)

Kalayan sora tarik

d)

Kalayan sora anu ngagambarkeun rasa sedih

17.

Naon tujuan tina maca sajak kalawan intonasi anu merenah?

a)

Supaya sora kedéngé tarik waé

b)

Supaya sajak bisa ngagambarkeun suasana anu ditepikeun ku sajakna

c)

Supaya pamiarsa ngarasa kaget

d)

Supaya anu maca leuwih cepet selesai

18.

Naon hartina kecap "ngagelebug" dina teks di luhur?

a)

Angin anu lemah

b)

Angin anu tarik

c)

Hawa anu panas

d)

Hujan anu deras

19.

Naon hartina kecap "gugur" dina kalimah "Daun-daun gugur"?

a)

Daun anu masih kénéh nempel

b)

Daun anu murag tina tangkal

c)

Daun anu mekar

d)

Daun anu ngahiji

20.

Ulah makmak-mekmek teuing, agéhan batur. Makmak-mekmek hartina ….

a)

dahar bari teu napsu

b)

dahar napsu siga embung ngagéhan batur

c)

dahar bari poho ka babaturan

d)

dahar lila

21.

Béntang teh mani baranang. Kecap baranang hartina ….

a)

loba jeung caraang

b)

loba jeung paroék

c)

loba jeung remeng-remeng

d)

loba jeung ragragan

22.

Béntang teh mani baranang. Kecap baranang hartina ….

a)

loba jeung caraang

b)

loba jeung paroék

c)

loba jeung remeng-remeng

d)

loba jeung ragragan

23.

Loba kolot di lembur, nu ayeuna geus sirna ti alam dunya. Kecap sirna hartina ….

a)

leungit

b)

araya kénéh

c)

geus indit

d)

pupus

24.

Ulah sok ngomongkeun kolot, pamali. Kecap pamali hartina ….

a)

sok aya hasilna

b)

sok aya akibatna

c)

sok aya tungtungna

d)

sok aya carita

25.

Kandang hayam disebut ….

a)

paranjé

b)

pagupon

c)

karapyak

d)

karangkeng

26.

Nu sok lolodok nyaéta ….

a)

soang

b)

meri

c)

hayam

d)

manuk

27.

Nu sok néjéh nyaéta ….

a)

maung

b)

kuda

c)

singa

d)

badak

28.

Sabaraha urang anu biasana maénkeun congklak nyaéta ….

4 lines
29.

Kaulinan tradisional sapertos congklak biasana dipaénkeun di ….

4 lines
30.

Hartina kecap "tempo" dina kakawihan oray-orayan nyaéta ….

4 lines
31.

Di …. anu lega biasana kaulinan egrang dipaénkeun.

4 lines
32.

Kakawihan biasana dipaénkeun ku barudak dina waktu ….

4 lines
33.

"Daun-daun gugur tur ngapung dina hawa" Naon hartina kecap "ngapung" nyaéta ….

4 lines
34.

Jempling, sabalikna tina ….

4 lines
35.

Béréhan, sabalikna tina ….

4 lines
36.

Nu sok hihieum, nyaéta sato ….

4 lines
37.

Nu sok ngaléor, nyaéta sato ….

4 lines
38.

Kumaha cara ngagunakeun egrang!

4 lines
39.

Pék tulis kalimah: "ibu masak sangu di dapur" ngagunakeun huruf kapital nu bener!

4 lines
40.

Tulis ku huruf sambung kalimah, "Barudak keur ngalakukeun kaulinan oray-orayan,"!

4 lines
41.

Sebutkeun 3 ngaran kandang/tempat sato!

4 lines
42.

Sebutkeun 3 sora sasatoan!

4 lines