wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SAS Bahasa Sunda kelas 9

Total questions: 20

Worksheet time: 38mins

Name
Class
Date
1.

Perhatikeun sisindiran di handap ieu !

aya manuk dina pager

na sukuna aya bola

lamun urang hayang pinter

kudu getol ka sakola

amanat anu didugikeun dina sisindiran nyaeta…

a)

kudu getol sakola

b)

kudu nyaah ka sasama

c)

kudu getol sakola

d)

kudu sauyunan

2.

  wawangsalan nyaeta puisi anu di susun ku sindir jeung eusi.

kendang gede pakauman

dag-dig-dug rasaning ati

wangsalna tina .....

a)

Simeut

b)

bedug

c)

lutung

d)

kaso

3.

baca teks di handap !

‘’ hadirin anu ku sim kuring dipikahormat’’

   dina ieu kasempetan sim kuring bade ngadugikeun biantara anu jejrena ngaronjatkeun

   kareueus nonoman sunda basa jeung budayana.Kalintang bagjana alatan simkuring dina ieu

   kasempetan tiasa jabung tumalapung ngiringan pasanggiri biantara.Mudah-mudahan kagiatan

   pasanggiri biantara basa sunda sapertos kieu teh janten salasawios buktos yen nonoman sunda

   seueur keneh anu neundeun kareueus kana basa jeung budayana.

 pidato di luhur kaasup kana bagean,..

a)

bubuka

b)

panutup

c)

eusi

d)

salam bubuka

4.

   ‘’ langkung ti payun mangga urang sami-sami muji sukur ka nu Maha Agung.Allah SWT.  

  Solawat miwah salam mugi langgeng ngocor ka kanjeng Nabi Muhammad SAW.Nabi tuladan  utama

 teks bacaan di luhur kaasup kana …

   miwah salam mugi langgeng ngocor ka kanjeng Nabi Muhammad SAW.Nabi tuladan utama.

   teks bacaan di luhur kaasup kana …

a)

panutup

b)

eusi

c)

bubuka

d)

salam bubuka

5.

Mugia urang sadaya tetep ngajaga basa jeung budaya Sunda supados teu leungit ku jaman."
Naon tujuan tina panutup pidato ieu,…

a)

Ngajak ngajaga basa Sunda   

b)

Ngajak ninggalkeun budaya Sunda    

c)

ngajarkeun pentingna adaptasi kana jaman

d)

ngajaga budaya sunda tetep hirup

6.

"Hadirin anu dipikahormat, hatur nuhun kana perhatosan sareng waktuna. Hayu urang salawasna ngahargaan jasa guru sareng mugi-mugi urang tiasa janten murid anu nyugemakeun."
Kalimat anu diucapkeun ku Siti kaasup kana bagian....

a)

bubuka pidato

b)

eusi pidato

c)

panutup pidato

d)

salam bubuka

7.

Dina pidato ngeunaan lingkungan, Andi nyarios dina bubuka:
"Hadirin anu dipikahormat, kumargi kitu urang kedah sadar yén lingkungan anu beresih téh penting pisan pikeun kahirupan urang sadaya."
Naon tujuan tina bubuka pidato Andi ?

a)

Nyieun hadirin teu fokus

b)

Ngajak hadirin merhatikeun lingkungan       

c)

nyarioskeun ngeunaan budaya sunda

d)

ngajak hadirin pikeun silaturahmi

8.

Perhatikeun penyataan di handap ieu !

1)      midangkeun biantara ku cara ditalar

2)      tiap padalisan di susun ku dalapan engang

3)      biantara di talar bari henteu nyiapkeun naskah heula.

4)      ngagunakeun  basa lancaran

5)      biantara ku cara maca naskah

6)      mangrupa wangun sisindiran

               nu kaasup kana tehnik talaran jeung tehnik naskah ditunjukkeun nomor….

a)

1 jeung 3

b)

1 jeung 5

c)

3 jeung 4

d)

2 jeung 5

9.

Perhatikeun sisindiran di handap ieu !

Ngala cai kana kalapa,
Cai tiris jadi inuman.
Lamun budi luyu sareng basa,
Urang disegani di pangumbaraan.”
Naon hikmah anu tiasa dicandak tina sisindiran ieu?

 

a)

Kasopanan bakal ngajadikeun urang dihargaan

b)

Cai tiris mangrupakeun tanda kesederhanaan

c)

Basa anu lemah lembut penting dina kahirupan

d)

Pangumbaraan bakal ngahasilkeun harta anu berlimpah

10.

10. ‘’ cing naon anu di udag lumpat, didagoan cicing kaasup kana ,..

a)

wawangsalan

b)

paparikan

c)

tatarucingan

d)

rarakitan

11.

Perhatikeun Pernyataan  di handap ieu !

1)      ‘’leuh , ku beresih sapatu teh .’’

2)      di jero kelas aya budak ngan ngobrol wae, ceuk guru teh, ‘’tuh, ngobrolna di luar !’’

3)      ‘’ Geuning rajin pisan Neni mah, ngapalkeun tara kaliwat ,’’ ceuk Wawan ka Neni babaturannana nu melid ( males ) ngapalkeun.

4)      ‘’ sakalian datang teh jam salapan .’’ ceuk guru ka siswa nu kabeurangan

    mana nu kaasup kana gaya basa ngomong seukeut nyaeta,..

a)

1 jeung 2

b)

1 jeung 4

c)

3 jeung 4

d)

2 jeung 3

12.

baca teks ieu di handap pikeun ngajawab soal nomer 12- 13 !

Kamana jalan ka Yogya

ka ditu ka Pangrumasan

Ka mana jalan ka Sorga

ka ditu ka pangaosan

sisindiran di luhur kaasup kana wanda,…

a)

tatarucingan

b)

wawangsalan

c)

rarakitan

d)

paparikan

13.

Kamana jalan ka Yogya

ka ditu ka Pangrumasan

Ka mana jalan ka Sorga

ka ditu ka pangaosan

jumlah engang dina tiap pada sisindiran di luhur nyaeta,..

a)

tujuh

b)

dalapan

c)

salapan

d)

sapuluh

14.

baca teks ieu di handap pikeun ngajawab soal no 14 - 15 nyaeta …
      “Meumeujeuhna mangsa panén,
       Boga tatangga ulah dipohokeun.
       Lamun silih tulungan ti baheula,
       Hirup bakal salamet sabaraha kénéh.”
       Naon hikmah tina sisindiran ieu?

a)

Silih tulungan bakal ngajamin kahirupan anu hadé

b)

Mangsa panén nunjukkeun kasuksesan

c)

Ulah mopohokeun tatangga dina susah atawa senang

d)

Salamet ngan gumantung kana mangsa panén

15.

“Meumeujeuhna mangsa panén,
       Boga tatangga ulah dipohokeun.
       Lamun silih tulungan ti baheula,
       Hirup bakal salamet sabaraha kénéh.”

dumasar kana teks di luhur, eusi sisindiran aya dina padalisan,..

a)

kahiji

b)

kadua

c)

kahiji jeung kadua

d)

katilu jeung kaopat

16.

Baca sisindiran di handap ieu !

Melak salasih di pasir

handapeun tangkal kadaka

…………………………..

masing nyaah ka sasama

       kalimah anu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur nyaeta,..

a)

caangna ka mana-mana

b)

masing asih ka nu pakir     

c)

sing getol neangan elmu

d)

lamun urang hayang pinter

17.

baca teks di handap ieu !

‘’ dina kasempetan, sim kuring bade, …. tutungkusan kalbu, nu salami ieu dipendem dina ati  sanubari '' 

  kecap keur ngeusian titik-titik di luhur nyaeta,…

a)

ngadugikeun

b)

nepikeun

c)

nyaritakeun

d)

ngedalkeun

18.

babasan kaasup kana pakeman basa nyaeta ungkara anu has tur matok jeung teu bisa dihartikeun

      langsung nurutkeun harti tatabahasa.

“Sanggeus seueur pangalaman, Ujang ayeuna henteu deui gedé hulu.”
Naon maksud tina babasan gedé hulu?

a)

Sombong jeung angkuh 

b)

Jalma anu pinter tapi hina   

c)

sok ngabageakeun batur

d)

jalma anu ngahormatan batur

19.

Baca sisindiran di handap ieu !

tara-tara aya oplet

naha harianeun pisan

diajar tanpa internet

bakal katinggaleun jaman

  nurutkeun sifatna, sisindiran di luhur kaasup kana, .....

a)

piwuruk

b)

sesebred

c)

silih asih

d)

pikabungaheun

20.

Ceramah anu tujuannana pikeun medar informasi penting ka pamiarsa gunana mangrupa

      pangajak ka pamiarsa di sebut ceramah, .....

a)

ceramah rekreatif  

b)

ceramah persuatif          

c)

ceramah informatif

d)

ceramah ngagunakeun tehnik naskah