Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda 7

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Dadan  : “Bagi euy saeutik …”

Deni     : ”Euweuh ah,maneh mah punta penta wae.”

Basa nu dipake dina paguneman di luhur nyaeta….

a)

Basa hormat

b)

Basa cohag

c)

Basa lemes

d)

Basa loma

2.

Pungsi tatakrama basa, nyaeta….

a)

Nepikeun ekspresi sopan santun

b)

Ngabeda-bedakeun harkat jeung darajat sasama

c)

Ngahormat ka saluhureun

d)

Tradisi

3.

"Ibu, abdi bade … heula ka sakola." Kecap nu diloyong pikeun nyampurnakeun eta kalimah, nyaeta….

a)

Angkat

b)

Indit

c)

Mantog

d)

Mios

4.

Baca sempalan paguneman ieu samemeh ngajawab 

Dana : “Bob, urang lalajo Persib di imah urang, yu... !

Boby : “ Hayu, ajak atuh nu sejen. Urang lalajo bareng.”

Dana : “ Kumaha mun ngajak Si Doni Jeung Rian?”

Boby: “ Enya atuh, di WA we.”

Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa....

a)

Basa lemes keur sorangan

b)

Basa lemes keur batur

c)

Basa loma

d)

Basa kasar

5.

Baca sempalan paguneman ieu samemeh ngajawab 

Dana : “Bob, urang lalajo Persib di imah urang, yu... !

Boby : “ Hayu, ajak atuh nu sejen. Urang lalajo bareng.”

Dana : “ Kumaha mun ngajak Si Doni Jeung Rian?”

Boby: “ Enya atuh, di WA we.”

Topik nu jadi paguneman di luhur nyaeta....

a)

Lalajo babarengan

b)

Lalajo Persib di imah

c)

Ngajak ulin

d)

Ulin bareng

6.

Baca sempalan paguneman ieu samemeh ngajawab 

Dana : “Bob, urang lalajo Persib di imah urang, yu... !

Boby : “ Hayu, ajak atuh nu sejen. Urang lalajo bareng.”

Dana : “ Kumaha mun ngajak Si Doni Jeung Rian?”

Boby: “ Enya atuh, di WA we.”

Dina paguneman di luhur, saha nu rek di ajakan lalajo di imahna Dana....

a)

Boby

b)

Doni

c)

Doni jeung Rian

d)

Rian

7.

Baca sempalan paguneman ieu samemeh ngajawab

Anton   : “Assalamulaikum”

Bondan  : “Waalaikumsalam, sareng saha?”

Anton   : “Abdi Anton”

Bondan    : “Oh Anton, aya naon?”

Anton     : “Ieu Bon, ari anjeu ngeus nyieun PR basa Sunda can?

Bondan    : Aduh enya Ton kuring poho, aya PR basa Sunda nya?

Dina sempalan paguneman diluhur, eta mangrupa jenis paguneman….

a)

Langsung

b)

Lisan

c)

Teu langsung

d)

Tulisan

8.

Baca sempalan paguneman ieu samemeh ngajawab

Anton   : “Assalamulaikum”

Bondan  : “Waalaikumsalam, sareng saha?”

Anton   : “Abdi Anton”

Bondan    : “Oh Anton, aya naon?”

Anton     : “Ieu Bon, ari anjeu ngeus nyieun PR basa Sunda can?

Bondan    : Aduh enya Ton kuring poho, aya PR basa Sunda nya?

Eusi ti paguneman di luhur nyaeta….

a)

Nanyakeun kabar

b)

Nanyakeun PR basa Sunda

c)

Nanyakeun saha guru basa Sunda

d)

Ngajakan ulin

9.

Baca sempalan paguneman ieu samemeh ngajawab

Anton   : “Assalamulaikum”

Bondan  : “Waalaikumsalam, sareng saha?”

Anton   : “Abdi Anton”

Bondan    : “Oh Anton, aya naon?”

Anton     : “Ieu Bon, ari anjeu ngeus nyieun PR basa Sunda can?

Bondan    : Aduh enya Ton kuring poho, aya PR basa Sunda nya?

Eusi ti paguneman di luhur nyaeta….

a)

Nanyakeun kabar

b)

Nanyakeun PR basa Sunda

c)

Nanyakeun saha guru basa Sunda

d)

Ngajakan ulin

10.

Si Dana jeung opat babturanna keur ulin salah hiji

kaulinan sunda, Si Dana  ngasongkeun dampal leungeunna ka tengah riungan bari narangtung. Babaturan nu sejenna ngasongkeun curukna sewang-sewangan ditapelkeun kana luhureun dampal leungeun si Dana. Sanggeus kitu barudak anu ngasongkeun curukna sewang-sewangan tea, ngangkat jeung nurunkeun curukna sewang-sewangan bari ngawih cing ciripit. Saha nu kacekel curukna hartina eta nu eleh atawa nu emeng kudu ngudak barudak sejen nu teu kacekel curukna. Nu sejen lalumpatan ngajauhan nu emeng, tuluy mun aya nu kacabak salah saurang budak berarti jadi pindah budak eta nu emeng jeung kudu nyabak atawa ngaemengkeun barudak sejenna.

Dina wacana di luhur kaulinan anu di ulikeun ku si Dana, nyaeta….

a)

Bebentengan

b)

Bekeul

c)

Ucing Kuriling

d)

Cingciripit

11.

Baca sempalan kaulinan barudak ieu samemeh ngajawab

Si Dana jeung opat babturanna keur ulin salah hiji

kaulinan sunda, Si Dana  ngasongkeun dampal leungeunna ka tengah riungan bari narangtung. Babaturan nu sejenna ngasongkeun curukna sewang-sewangan ditapelkeun kana luhureun dampal leungeun si Dana. Sanggeus kitu barudak anu ngasongkeun curukna sewang-sewangan tea, ngangkat jeung nurunkeun curukna sewang-sewangan bari ngawih cing ciripit. Saha nu kacekel curukna hartina eta nu eleh atawa nu emeng kudu ngudak barudak sejen nu teu kacekel curukna. Nu sejen lalumpatan ngajauhan nu emeng, tuluy mun aya nu kacabak salah saurang budak berarti jadi pindah budak eta nu emeng jeung kudu nyabak atawa ngaemengkeun barudak sejenna.

Kaulinan di luhur kaasup jinis kaulinan….

a)

Reresepan

b)

Olahraga

c)

Lalaki

d)

Awewe

12.

Dina gambar diluhur anu kaasup kaulinan jinis olahraga nyaeta….

a)

1 jeung 2

b)

1 jeung 4

c)

2 jeung 3

d)

2 jeung 4

13.

Gambar no 2 jeung 3 kasup jinis kaulinan jinis….

a)

Kompetisi

b)

Make alat

c)

Olahraga

d)

Reresepan

14.

Ngaran kaulinan gambar no 3 nyaeta….

a)

Gatrik

b)

Nagdu karbit

c)

Pepeletokan

d)

Sorodot gaplok

15.

Baca ieu kakawihan dihandap!

Cang Ucang-ucang angge
Mulung muncang ka parangge
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu pa lebe
Ari gog, gog cungungung

Kakawihan di luhur biasa dikawihkeun dina kaulinan….

a)

Cang kacang panjang

b)

Cingciripit

c)

Oray-orayan

d)

Ucang-ucang angge

16.

Baca sempalan park-prakan dihandap!

  1. Mimiti nyecekel taktak, nu tukang nyekel taktak nu hareupeunana jeung saterusna 

  2. Maju ka kenca ka katuhu ngaleor siga oray bari ngawih , luar-leor mapayan jalan ngurilingan nu keur jaga 

  3. Nepi asup salah saurang budak , uluy dititah milih rek kamana

  4. Rek milu ka kelompok katuhu atawa ka kenca, 


Park-prakan (cara) di luhur digunakeun dina kaulinan….

a)

Boy-boyan

b)

Oray-orayan

c)

Susumputan

d)

Ucing kuriling

17.

Kaulinan anu sok diulinkeun ku barudak awewe nyaeta….

a)

Beklen

b)

Boy-boyan

c)

Gatrik

d)

Jajangkungan

18.

Kaulinan anu sok diulinkeunn ku barudak lalaki nyaeta….

a)

Jajangkungan jeung beklen

b)

Congklak jeung beklen

c)

Congkak jeung gatrik

d)

Boy-boyan jeung gatrik

19.

Baca sempalan pupujian ieu !


Eling-eling dulur kabeh

Ibadah  ulah  campoleh

Beurang  peuting  ulah weleh 

Bisi kaburu  paeh


Simpulan  tina pupujian diluhur  nyaeta…..

a)

Kana ibadah kudu dipohokeun

b)

Kudu eling kana ibadah

c)

Ulah mikirkeun kana ibadah

d)

Ibadah ulah taat teuing

20.

Baca sempalan pupujian ieu !


Eling-eling dulur kabeh

Ibadah  ulah  campoleh

Beurang  peuting  ulah weleh 

Bisi kaburu  paeh

Tujuan Pupujian diluhur  nyaeta….

a)

Pepeling

b)

Solawatan

c)

Tata cara ibadah

d)

Muji Gusti Allah

21.

Eling-eling dulur kabeh

Ibadah  ulah  campoleh

Beurang  peuting  ulah weleh 

Bisi kaburu  paeh


Kata nu  hese  tina pupujin diluhur nyaeta….

a)

Weleh

b)

Paeh

c)

Ibadah

d)

Dulur

22.

Baca sempalan pupujian ieu!

Karasana keur sakarat 

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah diliwat

Tara ngalakukeun solat


 Jalma nu kumaha nu bakal ngarasakeun nyerina sakarat teh ....

a)

Teu bisa pupujian

b)

Teu bisa ngaji

c)

Tara solat

d)

Tara ulin

23.

Baca sempalan pupujian ieu!

Karasana keur sakarat 

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah diliwat

Tara ngalakukeun solat


Rumpaka pupujian di luhur teh jumlah padalisanna aya ....

a)

4

b)

6

c)

8

d)

9

24.

Baca sempalan pupujian ieu !


Teu Anu Kuat

Teu aya anu leuwih kuat

Anu gagah nu perkasa

Mugia Gusti ngajaga

Ti  jalma nu zolim dosa

He Alloh anu ngamankeun 

Ka abdi tina  kasieun

Mugi  Gusti  nyalametkeun

Ka abdi tina kasieun.


Isi tina pupujian di luhur nyaeta….

a)

Pepeling kana kamaotan

b)

Ngucap syukur ka Gusti Alloh

c)

Inget kana dosa

d)

Alloh nu gaduh kuasa ti sadayana

25.

Baca sempalan pupujian ieu !


Teu Anu Kuat

Teu aya anu leuwih kuat

Anu gagah nu perkasa

Mugia Gusti ngajaga

Ti  jalma nu zolim dosa

He Alloh anu ngamankeun 

Ka abdi tina  kasieun

Mugi  Gusti  nyalametkeun

Ka abdi tina kasieun.


Amanat tina pupujian  di luhur nyaeta….

a)

Kudu taat

b)

Ulah ngedul ibadah

c)

Ulah adigung

d)

Rajin kana ibadah

26.

Baca sempalan pupujian ieu !


Teu Anu Kuat

Teu aya anu leuwih kuat

Anu gagah nu perkasa

Mugia Gusti ngajaga

Ti  jalma nu zolim dosa

He Alloh anu ngamankeun 

Ka abdi tina  kasieun

Mugi  Gusti  nyalametkeun

Ka abdi tina kasieun.


Jumlah engang tina jajaran ka hiji nyaeta….

a)

7

b)

8

c)

6

d)

9

27.

Baca sempalan pupujian ieu


Dupi sadaya cai

Nu sok dianggo rupi

Walungan anu kahiji


Purwakanti tina pupujian di luhur nyaeta....

a)

a-a-a-a

b)

e-e-e-e

c)

u-u-u-u

d)

i-i-i-i

28.

Baca sempalan pangalaman ieu!


Nu sok diobor teh bangkong, simeut, jeung belut. Puguh bae aya bedana ngobor sato nu tilu teh. Ngobor bangkong (hejo) mah biasana mun sawah geus rengse dipacul, atawa pare ges dirambet sakali.


Topik dina sempalan pangalaman nyaeta....

a)

Ngobor bangkong hejo

b)

Pare nu ges dirambet

c)

Sato nu sok di obor

d)

Sawah nu geus dipacul

29.

Baca sempalan pangalaman ieu!


Inget harita teh poe ahad. Kira wanci haneut moyan, kuring jeung babaturan ges ngariung. Maksudna rek ngaliwet di sisi walungan Cikembang.

Tokoh utama untuk carita di luhur nyaeta....

a)

Babaturan

b)

Kuring

c)

Ahad

d)

Walungan Cikembang

30.

Ngobor bangkong hejo mah biasana mun sawah geus dipacul


Kalimah pananya anu bener jeung jawaban pernyataan diluhur nyaeta....

a)

Naon anu disebut bangkong hejo teh?

b)

Iraha rek ngobor bangkong hejo teh?

c)

Iraha arek ngobor teh?

d)

Iraha waktu nu hade keur ngobor bangkong hejo disawah?

31.

Paguneman mangrupa komunikasi basa anu sipatna silih tempas.

a)

Benar

b)

Salah

32.

Eusi carita kaasup salah sahiji unsur-unsur paguneman.

a)

Benar

b)

Salah

33.

Suasana paguneman, nyaeta kaayaan jalma nu keur gunem catur.

a)

Benar

b)

Salah

34.

Nu kaasup palaku dina paguneman nyaeta eusi paguneman.

a)

Benar

b)

Salah

35.

Kaulinan barudak mangrupa hasil karancagean seniman Sunda.

a)

Benar

b)

Salah

36.

Pungsi kaulinan barudak nyaeta pikeun olahraga.

a)

Benar

b)

Salah

37.

Anu disebut pupujian teh nyaeta salah sahiji hasil karya sastra sunda dina wangun puisi.

a)

Benar

b)

Salah

38.

Unsur pupujian anu bener nyaeta amanat-rasa-purwakanti-nada-jejer.

a)

Benar

b)

Salah

39.

Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina waktu nyaritakeun pangalaman teh muka caritaan bisa nitah ka babaturan.

a)

Benar

b)

Salah

40.

Beurat birit babasan nu hartina nuduhkeun watek jalma nu hese dititah.

a)

Benar

b)

Salah