wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SOAL LATIHAN ASAS BASA SUNDA

Total questions: 15

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.
Kaulinan Barudak di Padesaan Di hiji lembur anu ayem, barudak sok milu maén kaulinan tradisional saperti engklek, oray-orayan, jeung galah asin. Dina waktos peuting, maranéhna sok ngumpul di buruan imah bari ngahaleang kawih kaulinan. Dina kaulinan oray-orayan, aya hiji budak anu jadi indung oray, anu séjén nuturkeun bari nyanyi, "Oray-orayan hulu jeung buntut, sing ulah popotongan." Éta kaulinan teu ngan ukur nyenangkeun, tapi ogé ngajarkeun ngeunaan silih tulungan jeung rasa babarayaan. Barudak di lembur téh ogé resep maén kaulinan sanés saperti boy-boyan, anu ngalatih konsentrasi sarta stratégi. Naon kaulinan anu dilakukeun ku barudak nalika peuting?
a)
Engklek
b)
Boy-boyan
c)
Oray-orayan
d)
Galah asin
2.
Pilih dua kaulinan anu ngajarkeun rasa babarayaan jeung silih tulungan!
a)
Galah asin
b)
Engklek
c)
Oray-orayan
d)
Boy-boyan
3.
Juno (balik) sok babarengan jeung Rafka. Kecap dinu jero kurung anu merenah lamun make rarangkeun –na nyaeta ....
a)
balik
b)
balikan
c)
balikan-na
d)
balikna
4.
Kecap kadaharan asal kecapna ....
a)
kadahar
b)
dahar
c)
didahar
d)
dahareun
5.
Dina kalimah "Urang kudu ngajaga kabersihan lingkungan supaya hirup leuwih sehat," kecap anu ngandung akhiran -an nyaéta ....
a)
Lingkungan
b)
Kabersihan
c)
Sehat
d)
Jaga
6.
Hartina paribasa "Ulah pagiring-giring calik, pagirang-girang tampian" nyaeta ....
a)
Ulah hirup saukur nurutkeun kahayang batur.
b)
Ulah ngabohong ka sasama.
c)
Ulah ngalakukeun hal anu teu jujur.
d)
Ulah lali kana budi.
7.
Baca paguneman ieu di handap! A : "Kumaha carana supaya awak tetep sehat?" B : "Urang kudu rajin olah raga, dahar sayuran, jeung ulah poho nginum cai anu cukup." Naon wae anu disarankeun pikeun ngajaga kasehatan?
a)
Nginum cai jeung dahar kadaharan goreng
b)
Olah raga jeung dahar sayuran.
c)
Sare sareng istirahat
d)
Dahar anu lada
8.
Ngalayad, neang nu gering Kecap nu merenah pikeun ngalengkeupan kalimah diluhur nyaeta ....
a)
rusuh
b)
gering
c)
ngalongok
d)
miara
9.
Panyakit huntu bisa disababkeun ku kabiasaan henteu ngajaga kabersihan huntu. Anu katelah karees téh gejalana antara séjén nyeri dina huntu, huntu beureum, jeung bisa ngabalukarkeun radang. Pikeun ngubaran karies, cara nu bisa dilakukeun nyaéta ...
a)
Ngadahar obat pangilang nyeri anu dipésér di apotek
b)
Ngaleutikan dahar anu ngandung gula.
c)
Ngumbah huntu kalayan sikat huntu anu leres jeung rutin.
d)
Ngalakukeun pembedahan huntu.
10.
(bakat) ku nyeuri, budak teh nepi ka ceurik gogoleran. Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta .....
a)
bakatan
b)
bakateun
c)
bakating
d)
pibakateun
11.
Pilih pernyataan anu leres dumasar kana istilah panyakit dina basa Sunda. Perhatoskeun parnyataan di handap ieu!
a)
Bisul nyaéta kasakit handapeun kulit, bareuh anu ngandung nanah sarta mataan.
b)
Panyakit-panyakit leutik sapertos jerawat sering disebut budug.
c)
Nyeuri sirah disebut migrain dina istilah Sunda.
d)
Turuwisen nyaéta cenang anu aya dina biwir panon.
12.
(Leutik) baju teh ngarah cukup! Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta .....
a)
pangleutikeun
b)
leutikan
c)
leutikeun
d)
pangleutikan
13.
Beurang kénéh harita téh. Oman kudu balik ka imah, sanggeus latihan Pramuka ti sakola. Jalanna kudu ngalewat ka kuburan. Geus sepi deuih. Oman rada luak-lieuuk waktu ngalewat ka kuburan téh. Keur kitu gorobas, tina eurih sisi jalan aya nu ngarobas. Puguh Oman téh reuwas. Manéhna satengah ngajerit bari rék lumpat. Tapi teu lila kaluar ucing tina rungkun eurih. Sigana baé keur ngudag beurit. Oman ngusap dada. Naon anu nyebabkeun Oman reuwas?
a)
Suara gorobas
b)
Ningali ucing jakuar
c)
Ucing kaluar tina rungkun
d)
Usap dada
14.
Pilih kalimah anu bener di handap! Ceu – wadah – ngumbah – Marni – dapur – di
a)
Marni ceu ngumbah wardah di dapur
b)
Marni ngumbah ceu di wadah dapur.
c)
Ceu ngumbah Marni di dapur
d)
Ceu Marni ngumbah wadah di dapur.
15.
Di Tengah Sasak Usep Romli HM Kareta mogok di tengah sasak beungeut-beungeut ngadadak haropak Getih diseuseup kalewang Biwir pias tingkecewis Pangarang sajak dilihur nyaeta ....
a)
Sutan Takdir Alisjahbana
b)
Ahmad Tohari
c)
A.A. Navi
d)
Usep Romli HM