Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Soal Bahasa Sunda Kelas VII

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Mang Utas   : “Lo… kadieu sakeudeung, urang ngopi heula!”

Si Alo          : “Aéh… sugan téh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah”

Mang Utas        : “Puguh Lo, amang téh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang Tasik mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis, amang mah asa di Palutungan Kuningan Lo.

Lamun ditilik tina jumlahna, anu keur paguneman téh aya ….

a)

Saurang

b)

Duaan

c)

Tiluan

d)

Opatan

2.

Mang Utas   : “Lo… kadieu sakeudeung, urang ngopi heula!”

Si Alo          : “Aéh… sugan téh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah”

Mang Utas        : “Puguh Lo, amang téh kabulusan, geus saminggu ieu di lembur urang Tasik mun peuting dugi ka isuk-isuk karasa nyecep tiis, amang mah asa di Palutungan Kuningan Lo.

Jejer paguneman di luhur nyaéta ….

a)

Ceu Iroh

b)

Hawa Tasik nu tiis

c)

Mang Utas

d)

Nginum kopi

3.

Vokal mandiri dina aksara Sunda jumlahna nyaéta ….

a)

Lima

b)

Genep

c)

Tujuh

d)

Dalapan

4.

Kecap nyléngcé diwangun ku sabaraha konsonan ….

a)

Opat

b)

Lima

c)

Genep

d)

Dalapan

5.

Satria

Aya maung, keur ngalungsar baé handapeun kiara, geus teu bias walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih. Beurang peuting gawéna nga humaregung, kahujanan kapanasan téh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna kaduga pindah, geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna ngan empés-empés waé, sahoseun téh éstu lain bobohongan.

“Euleuh kuat kitu cucungik nu sok nekuk batur aing téh! Cik pék aing udag deuleu!” omong peucang ditompokeun kana ceuli maung, bari keletrak tarang maung ditéké.

 

“Na sakandang Kuda ngan dikir waé, mun jeplak waé ka dinya, sépak tah lebah iga burungna! Na teu inget baréto anak sampéan dikerekeb ku ieu mengkeluk?” ceuk peucang.

Sato anu boga sipat satria nyaéta ….

a)

Peucang

b)

Kuda

c)

Maung

d)

Munding

6.

Peucang ngabogaan sifat ….

a)

Jujur

b)

Picik

c)

Sopan

d)

Wanian

7.

Nurutkeun susunan basana, dongéng kaasup kana wangun ….

a)

Pantun

b)

Prosa

c)

Puisi

d)

Sajak

8.

Di handap ieu anu kaasup dongéng parabél nyaéta ....

a)

Si Kabayan ngala oray

b)

Kuya jeung Monyet

c)

Sangkuriang

d)

Déwi Sri

9.

Pesen nu hayang ditepikeun dina dongéng disebut ....

a)

Amanat

b)

Galur

c)

Téma

d)

Tokoh

10.

Émberan, wawaran, atawa pengumuman ngeunaan hal-hal penting anu perlu ditepikeun ku sala saurang ka balaréa, nyaéta ….

a)

Artikel

b)

Biografi

c)

Béwara

d)

Carpon

11.

Dina raraga miéling poé basa iIndung, SMP Tunas Jaya baris ngayakeun lomba ngarang carita pondok. Katangtuan dina lomba di antarana :

1.       Siswa SMP Tunas Jaya

2.       Carita pondok nu dikirimkeun ka panitia asli tulisan sorangan, lain meunang niru ti nu séjén

3.       Carita pondokna tacan kungsi dimuat dina majalah atawa kalawarta séjénna

4.       Kaputusan juri teu bisa diganggu gugat

          Pinunjul kahiji baris meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.500.000, pinunjul kadua meunang ajén piala jeung duit Rp. 1.000.000, sarta pinunjul katilu meunang ajén piala jeung duit Rp. 500.000.

          Pinunjul kahiji baris diilukeun kana lomba di tingkat Kota. Ieu lomba teu dipungut waragad.

 

Bandung, 11 Fébruari 2015

Panitia Pasanggiri Carpon SMP Tunas Jaya

Topik anu dibéwarakeun nyaéta ...

a)

Osis SMP Tunas Jaya

b)

Lomba teu dipungut waragad

c)

Lomba Ngarang carita pondok

d)

Piala jeung duit

12.

Sakur anu kalakonan, karandapan, jeung kasaksian dina kahirupan sapopoé disebut ….

a)

Amal ibadah

b)

Kebiasaan

c)

Pangalaman

d)

Pangaweruh

13.

Puguh waé kuring téh beuki keueung pas nyaho malem juma'ah téh. Mana diimah sorangan, da Ibu jeung Bapa keur ka imah Uwa. Tapi mun kuring ngilu, meureun PR nu loba téh moal dikerjakeun. Tema pangalaman nu diluhur nyaéta hal nu matak ….

a)

Pikabungaheun

b)

Pikasediheun

c)

Pikareuwaseun

d)

Pikasieuneun

14.

Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa papapantes, tapi kudu dumasar ….

a)

data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman

b)

data anu nyata, anu kungsi katempo atawakaalaman

c)

kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang

d)

naon wae anu dipikaresep ku urangatawa ku batur

15.

Baca sempalan karangan di handap ! Baréto mah populérna minyak keletik. Tapi ayeuna mah éta istilah geus langka dipaké, lantaran urang nyebutna sok disebut minyak kalapa waé. Pangna disebut minyak kalapa téh sabab bahan pokona tina kalapa. Sempalan karangan di luhur nyaritakeun ....

a)

Kagunaan minyak keletik

b)

Tahap awal dina nyieun minyak keletik

c)

Bahan poko pikeun nyieun minyak keletik

d)

Definisi minyak keletik

16.

Titénan kalimah-kalimah di handap! Tatali agama jeung adat dina pergaulan rumaja katingalina geus beuki ngendoran. Tangtuna waé ieu kaayaan téh lain alatan tali agama atawa adat nu ngendoran, tapi parapalaku nu ngajalankeunana anu geus mopohokeunana. Agama jeung adat geus teu pati diperhatikeun demi kasenangan hirupna. Kalimah - kalimah di luhur téh kaasup ... dina hiji pedaran.

a)

Bubuka

b)

Eusi

c)

Panutup

d)

Rarakay

17.

Perhatikeun susunan dihandap ieu : 1. Prak-prakan nyieun témpé 2. Naon ari témpé 3. Bahan-bahan pikeun nyieun témpé 4. Cara midangkeun témpé Susunan rangkay karangan bahasan / Eksposisi nu bener nyaéta ….

a)

2 - 1 - 4 - 3

b)

2 - 3 - 1 - 4

c)

3 - 1 - 2 - 4

d)

4 - 1 - 3 - 2

18.

Carita dongéng anu nyaritakeun sajarah model baheula disebut ….

a)

Babad

b)

Fabel

c)

Mitos

d)

Parabel

19.

Bandung mangrupakeun ibukota propinsi Jawa Barat. Ayana di daratan luhur (plateau) 768 méter (mean sea level) di saluhureun laut, di daérah kalér luhurna nyaéta + 1050 msl, di beulah kidul luhurna nyaéta + 675 msl, ti kordinat 1070 BW (Bujur Wétan) jeung 60 55’ LK (Lintang Kidul), legana kota Bandung kurang leuwih 16.767 héktar, dikurilingan ku pagunungan, jadi mangrupakeun cekungan (Bandung Basin) sésa dano Bandung anu kabentuk alatan bituna Gunung Sunda, jumlah pangeusina kurang leuwih 2.1 juta jiwa. Kabupatén Bandung mangrupakeun daérah “suburban” sakuriling Kota Bandung.

Gagasan utama dina alinéa di luhur nyaéta ....

a)

Bandung mangrupakeun ibukota propinsi Jawa Barat

b)

Ayana di daratan luhur palteau 768 méter (mean sean level) di saluhureun laut

c)

Kota Bandung legana kurang leuwih 16.767 héktar

d)

Kabupatén Bandung mangrupakeun daérah "suburban" Kota Bandung

20.

Bandung mangrupakeun ibukota propinsi Jawa Barat. Ayana di daratan luhur (plateau) 768 méter (mean sea level) di saluhureun laut, di daérah kalér luhurna nyaéta + 1050 msl, di beulah kidul luhurna nyaéta + 675 msl, ti kordinat 1070 BW (Bujur Wétan) jeung 60 55’ LK (Lintang Kidul), legana kota Bandung kurang leuwih 16.767 héktar, dikurilingan ku pagunungan, jadi mangrupakeun cekungan (Bandung Basin) sésa dano Bandung anu kabentuk alatan bituna Gunung Sunda, jumlah pangeusina kurang leuwih 2.1 juta jiwa. Kabupatén Bandung mangrupakeun daérah “suburban” sakuriling Kota Bandung.

Kalimah nu saluyu jeung eusi alinéa di luhur nyaéta ....

a)

Jawa Barat téh puseur dayeuh Kota Bandung

b)

Bandung téh ngurilingan daerah suburban

c)

pangeusi Gunung Sunda téh kurang leuwih 2,1 yuta jiwa

d)

Kota Bandung téh dilingkung ku pagunungan.

21.

Sarat lumangsungna hiji paguneman kudu aya … jeung …

a)

Nu nyarita

b)

Nu ngaregepkeun

c)

Nu nyarita jeung nu ngaregepkeun

d)

Jalma jeung baturna

22.

Paguneman kaasup kana komunikasi ….

a)

Isarat

b)

Lisan

c)

Surat

d)

Tulisan

23.

Pipit : ” punten !”.

Otin : . . .

Pipit : ” Dupi ifadah aya kitu ? ”.

Otin : ” Ifadah teh kaleureusan nuju dipiwarang ku ema. Bade aya naon kitu ? ”.

Keur ngalengkepan paguneuman di luhur anu tepat nyaeta . . . .

a)

"mangga!"

b)

"ya!"

c)

"monggo!"

d)

"yoi!"

24.

Si Alo                     : “Ceunah cék béja Mang Utas anu

          sakitu hirupna pas-pasan, kiwari geus ngadadak kaya, bener kitu?”

          Kang Ewok    : “Ngarana ogé jalma, aya jayana aya keur apesna, hirup mah jiga ‘roda berputar’. Jalma anu keur nangkuban ogé ari geus dikersakeun jeneng mah nya nangtung.”

Nu jadi catur dina paguneman di luhur nyaéta ....

a)

jelema beunghar

b)

Mang Utas

c)

jelema apes

d)

Kang Ewok

25.

Baca sempalan paguneman ieu di handap

          Ahmad     : “Wan, urang lalajo PERSIB di imah urang, yu ….!

          Irwan        : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng.”

          Ahmad     : “Kumaha mun ngajak Si Engkus jeung Si Nanang ?”

          Irwan        : “Enya atuh, disms wae.”

Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa …….

a)

Kasar

b)

kasar

c)

hormat

d)

loma

26.

Rék Dikadék

Pasosoré dina poe katilu kuring di SKP I, harita téh kuring keur dijero “camp”, gogoléran, di luar kadéngé aya nu ngomong teugeug, maké basa Sunda ka Si Udin, Ngadéngé aya nu maké basa Sunda, kuring gagancangan kaluar ti camp, katempo aya jelema duaan keur dirariung ku babaturan. Nu hiji geus aya umur (40-50 taunan), ari nu hiji deui mah budak …(32)…, kira-kira umur 20 taunan.

Kecap pikeun ngalengkapan carita diluhur nyaéta ….

a)

Geulis

b)

Kasép

c)

Kolot

d)

Ngora

27.

Pangalaman anu dicaritakeun di luhur téh kajadianana dina wanci ….

a)

Tengah poé

b)

Tengah peuting

c)

Isuk-isuk

d)

Pasosoré

28.

Jalma nu medar pangalaman di luhur téh nyaéta ....

a)

Si Udin

b)

Bah Willy

c)

Si Bapa

d)

Urang Bandung

29.

Riwayat atawa lalakon hirup hiji jalma dina wangun tulisan disebut ….

a)

Artikel

b)

Biografi

c)

Carpon

d)

Dongéng

30.

Mang Koko, keur kolot jeung budak urang Sunda tangtos geus teu bireuk deui, kawéntar kamana-mana kakoncara ka mancanagara. Kasohorna mah Mang Koko. Kolot budak nyarebut Mang Koko. Kakasih aslina mah Haji Koko Koswara. Dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10 April 1917. Pupus di Bandung tanggal 4 Oktober 1985. Nami ramana Ibrahim alias Sumarta, masih kokocoran ti Hasanudin Sultan Banten, ngagaduhan putra 8 urang. Pendidikan HIS (1932), MULO Pasundan (1935), taat sareng patuh kana agama (Islam) nu diulik ti bubudak.

 

Padamelan ti taun 1937 tug ka pupusna taun 1985 nyaéta ngawitan di Balé pamulangan Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank, Harian Cahaya (Cahaya Sinbun), Harian Suara Merdéka, Jawatan Penerangan Prop. Jabar, Guru nu salajengan janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda Bandung(1961 – 1973), Dosén Luar Biasa di Asti Bandung.

Jalma anu jadi biografi di luhur nyaéta ....

a)

Hasanudin Sultan Banten

b)

Haji Koko Koswara

c)

Direktur Konservatori

d)

Cahaya Sinbun

31.

Carita rekaan (êksi) anu ngandung hal-hal pamohalan disebut oge .........

a)

Legenda

b)

Sajak

c)

Dongeng

d)

Pupujian

32.

Kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan. Disebut.....

a)

ucing bandera

b)

ucing-ucingan

c)

ucing sumput

d)

ucing 20

33.

Naon maksudna fungsi ekspresi dina pupujian teh........

a)

Pikeun ngebrehkeun kereteg ati anu ngarangna

b)

Pikeun mere pangajaran atawa mepelingan ka balarea

c)

Pikeun ngebrehkeun pangalaman

d)

Pikeun sisindiran

34.

Bapa badé …................ayeuna ? Abdi badé neda ti payun atuh.

a)

emam

b)

neda

c)

tuang

d)

dahar

35.

Nabi urang sadayana Kanjeng nabi anu mulya Muhammad jenengannana Arab Qurés nya bangsana Ibuna Siti Aminah Ramana Sayid Abdullah Dibabarkeunna di Mekah Wengi Sénén tahun gajah Pupujian diluhur eusina ngagambarkeun :

a)

Puji ka Allah

b)

Solawat Nabi

c)

Pépéling

d)

kaagamaan

36.

Kembang Jambe nyaeta........

a)

Mayang

b)

Mencenges

c)

Uceng

d)

jamotrot

37.

Paguneman teh asal kecapna tina gunem anu hartina?.....

a)

nyarita lemes

b)

nyarita sorangan

c)

nyarita silih tempas

d)

nyarita kasar

38.

Naon ari hartina pupujian teh.......

a)

Carita basa sunda

b)

Pupujian anu dilagukeun

c)

Puisi buhun nu eusina nyaoko kana ajaran agama islam

d)

Puisi basa sunda

39.

Dihandap ieu kaasup conto antonim nyaéta .....

a)

Benghar

b)

Wawuh x wawoh

c)

Salam

d)

Gedé x Leutik

40.

Lamun urang nelepon, kabeneran anu nampana lain jalma anu rék dituju, urang kudu …

a)

Ménta idin ka jalma nu nampa telepon yén urang rék nyarita jeung jalma anu rék dituju

b)

Nitah éta jalma sangkan ngageroan atawa néangan jalma anu rék diajak nyarita

c)

Nanyakeun naha lain jalma anu rék dituju anu nampa teleponna.

d)

Gancang nutupkeun telepon sabab lain jalma éta anu rék diajak nyarita