wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

bab 1 sej indo tradisi sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

1. Salah sahiji ciri penting tradisi anu hirup di lingkungan masarakat Sunda téh nyaéta ayana unsur

a)

kasenian

b)

kaadilan

c)

hiburan

d)

kapercayaan

e)

kaumuman

2.

2. Hiji tradisi sakapeung nimbulkeun pro kontra lantaran patali jeung kayakinan/ kapercayaan nu mekar di masarakat kiwari, tapi anu tétéla dina hiji tradisi sok kakandung ajén Inajén nu teu kapanggih di lingkungan masarakat modérn anu wujudna mangrupa

a)

bebeneran

b)

kawijaksaan

c)

kearifan lokal

d)

kabasajanan

e)

peduli lingkungan

3.

3. Tradisi Sunda anu bisa kapanggih di mamana lantaran geus dianggap tradisi anu umum di lingkungan masarakat di antarana nyaéta

a)

Rebo wekasan

b)

ngalaksa

c)

ngarot

d)

ngubek leuwi

e)

sawér pangantén

4.

4. Tradisi pésta laut di basisir Palabuanratu Sukabumi nuduhkeun yén hiji tradisi téh dipangaruhan pisan ku....

a)

alam jeung lingkungan

b)

kapercayaan ka mahluk gaib

c)

dukungan masarakat

d)

dukungan pamaréntah

e)

waragad (biaya) keur ngalaksanakeunana

5.

5. Tradisi sérén taun di Cigugur Kuningan jeung di Ciptagelar Kabuyutan Banten Kidul

diayakeun keur ngébréhkeun rasa

a)

bungah réh geus turun hujan

b)

reueus mapag taun anyar

c)

sukur kana ayana milik anu gedé

d)

hariwang kana panyakit nu timbul

e)

sukur ka Pangéran sabada panén

6.

6. Kasenian henteu bisa disebut tradisi lamun dina prakna taya hubunganana jeung ....

a)

alat-alat kasenian

b)

kabiasaan sapopoé

c)

kapercayaan dina hiji tradisi

d)

budaya nu hirup

e)

budaya nu mekar

7.

7. Kasenian nu jadi bagian tina tradisi ngalaksa di Racakalong Sumedang nyaéta

a)

bangklung

b)

tari badaya

c)

penca

d)

tari topéng

e)

tarawangsa

8.

8. Kasenian nu jadi bagian tina tradisi sérén taun di Cigugur Kuningan nyaéta ....

a)

tari merak

b)

tari badaya

c)

penca

d)

tari jaipong

e)

tari topéng

9.

9. Kasenian nu sok dipaké dina tradisi ngaruat bumi nyaéta

a)

wayang golék/kulit

b)

kuda lumping

c)

tari badaya

d)

macapat

e)

wayang wong

10.

10. Tradisi nu patali jeung siklus kahirupan manusa di antarana

a)

muludan

b)

rajaban

c)

ngaruat burni

d)

Rebo wekasan

e)

tingkeban

11.

11. Tradisi dina upacara sunatan di lingkungan urang Sunda téh unik pisan, di antarana nyaéta

a)

ngalaksa

b)

meuleum harupat

c)

nyadiakeun sato béla

d)

sungkeman

e)

ngaruat bumi

12.

12. Titénan:

1) seserahan

2) walimahan

3) sungkem

4) nyawér

Upacara adat Sunda dina kawinan anu eusina méré papatah ka pangantén sabada dirapalan dituduhkeun ku nomer

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

e)

taya nu bener

13.

13. Saupama urang rék nyieun infografik ngeunaan tradisi Sunda, hal anu bisa jadi bahan pedaran téh di antarana

a)

lila henteuna

b)

saha nu lalajona

c)

kumaha prak-prakanana

d)

pangaruhna

e)

modalna

14.

14. Nyusun infogra k tradisi Sunda tuluy dipublikasikeun dina média sosial kayaning facebook atawa instagram di antarana baé mangpaat pikeun....

a)

ngawanohkeun tradisi bari komunikatif

b)

nimbulkeun pro kontra di masarakat

c)

miara tradisi sangkan henteu punah

d)

ngajak reueus ka masarakat

e)

ngondang publik keur nga -like

15.

15. Tradisi Sunda anu patali jeung peristiwa kaagamaan di antarana ....

a)

walimatussafar

b)

solat barjamaah

c)

kuramasan

d)

Rebo wekasan

e)

ngabuburit

16.

16. "Sakumaha ilaharna masarakat adat séjénna, urang Kampung Dukuh ogé boga pacaduan anu nepi ka kiwari tetep dijaga bari pengkuh. Pacaduan Kampung Dukuh téh aya sababaraha rupa, di antarana pacaduan imah, pacaduan jiarah, jeung pacaduan leuweung."

Kecap "pacaduan" dina éta cutatan kalimah téh ngandung harti

a)

hal anu dikudukeun

b)

hal anu kudu dititznan

c)

hal anu kudu dizstokeun

d)

hal anu kudu dijalankeun

e)

hal anu dilarang

17.

17. 1) buka pintu

2) sawér pangantén

3) meuleum harupat

d. hal anu kudu dijalankeun

e. hal anu dilarang

4) nyadiakeun sato béla

5) ngaleupaskeun manuk japati

1 6) huap lingkung

Tradisi Sunda anu nyampak dina upacara adat kawinan dituduhkeun ku nomer

a)

1, 2, 3, 4

b)

1, 2, 3, 5

c)

, 3, 4, 5

d)

2, 3, 4, 6

e)

3, 4, 5, 6

18.

18. Tradisi sawér pangantén dina upacara adat kawinan intina boga maksud pikeun

a)

méré naséhat ka calon pangantén sangkan ulah sok ngadahar hulu hayam

b)

méré naséhat ka pangantén anyar sangkan rumahtanggana runtut raut

c)

ngélingan indung bapa sangkan ulah kaleungitan anak nu anyar kawin

d)

méré pituduh kumaha cara ngaréngsékeun masalah dina kahirupan rumah- tanggangélingan ka pangantén sangkan ulah mopohokeun indung bapa sanggeus rumahtangga

e)

méré pituduh kumaha cara ngaréngsékeun masalah dina kahirupan rumah- tangga

19.

19. Tradisi hajat anu umumna kapanggih di wewengkon basisir, boh kalér boh kidul, dilaksanakeun ku pamayang jeung kulawargana keur sukuran kana hasil nu geus kapetik sarta nepikeun do'a kasalametan salila di laut sok disebut tradisi .....

a)

pésta basisir

b)

hajat pamayang

c)

hajat lauk

d)

pésta pamayang

e)

hajat laut

20.

20. Saupama urang rék nyusun infogra k ngeunaan tradisi sérén taun di Cigugur

Kuningan, bahan anu kudu dikumpulkeun téh di antarana

a)

dana anu dipaké ku panitia keur ngayakeun kagiatan sérén taun

b)

sikep masarakat dina ngajénan upacara sérén taun nu diayakeun kalawan

mayeng

c)

dukungan pamaréntah jeung lembaga swadaya masarakat kana éta kagiatan

d)

sajarah, prak-prakan, parabot, kasenian, jeung unak-anik kagiatan sérén taun.

e)

ngadata masarakat anu datang kana acara sérén taun.