NEW
Font size
WorksheetsPENILAIAN AKHIR SEMESTER BAHASA SUNDA KELAS VIII
Total questions: 40
Worksheet time: 1hrs 20mins
Bandung
sanggian: mang Koko
Bandung…Bandung…
Bandung nelah kota kembang
Bandung…Bandung…
Sasakala sangkuriang
Dilingkung gunung
Heurin ku tangtung
Puseur
kota nu mulya parahyangan
Bandung…Bandung…
Pada muru di jarugjugan
Bandung…Bandung…
Tingrunggunuk nyanding gunung
Bandung…Bandung…
Dipasieup cikapundung
Di Bandung mungpung
Jalma ti kamping
Ngadon reureuh di kota nyinglar kabingung
Bandung…Bandung…
Pangbeberah nu nandang wuyung
Tema atawa jejer rumpaka kawih " Bandung " teh nyaritakeun ngeunaan…
kaendahan Kota Bandung
kaayaan Kota Bandung
sasakala Parahiyangan
sasakala Sangkuriang
Dumasar kawih diluhur, bandung teh nelah ku istilah…
Kota Kembang
Paris van Java
Kota Bermartabat
Kota Sangkuriang
Naon maksudna "Heurin ku tangtung" dina rumpaka kawih diluhur?
Bandung pinuh ku runtah
Bandung loba toko jeung suoermarket
Bandung pinuh ku gedong-gedong jarangkung
Bandung kacida ramena lantaran gegek pendudukna
Dina karawitan sunda, antara kawihjeung tembang teh dibedakeun. dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung…
ketukan (tempo)
konci nada
padalisan
jajaran
Kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak lantaran…
dikawihkeunnana ku barudak sakola
dikawihkeunnana dina kaulinan barudak
wajib dihaleuangkeun ku barudak sakola
eusi rumpaka kawihna ngeunaan barudak
Ieu dihandap judul-judul kakawihan barudak nu populer dina sastra sunda, nyaeta…
oray-orayan
pacicipoci
hompimpa
talak tilu
Kawih, kakawihan, jeung tembang teh umumna ditulis dina wangun sastra…
Prosa liris
drama
prosa
puisi
Gagasan pokok anu rek ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca disebut…
purwakanti
suasana
tema
nada
Padeukeutna sora-sora dina unggal padalisan rumpaka kawih disebutna…
Purwadaksi
purwakanti
nada lagu
suasana
Pek baca rumpaka kawih dihandap!
Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung satria
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Rumpaka kawih diluhur teh mibanda purwakanti...
runtuyan
rantayan
maduswara
cakraswara
Baca sempalan warta ieu di handap!
Museum Konfrensi Asia Afrika (MKAA), dina poe Rebo (4/8), mitembeyan Program Festival Konfrensi Asia Afrika (FKAA) 2010 nu boga tema “Cerita Kota”. Eta program nu di alpukahan ku MKAA rukun gawe jeung Netzwerk katut Smart convex teh minangka program advokasi di widang diplomasi
kecap dialpukahan nu diketik di dengdekeun dina sempalan naskah warta diluhur teh mibanda harti…
diringkeskeun
diheureuyan
dipaparin
dipokalan
salasahiji tujuan diayakeun program FKAA teh, iwal…
ngageuing deui ajen histori jeung modal politisi KAA di Bandung taun 1955
ngaraketkeun deui rukun gawe papada nagradi Asia afrika
ngabeungkeut urang bandung dina acara FKAA
ngaronjatekeun daya saing sektor atikan jeungindustri kreatif
Sosialisasi jeung kampanyeu ngeunaan Konferensi Asia Afrika katut diplomasi publik ka masarakat teh dilalakonan ku cara ngayakeun dua kagiatan…
Youth Diplomat (YD) jeung The Teaching Way (TTW)
Young Diplomacy (YD) jeung The Teacher’s Way (TTW)
Young Diplomacy (YD) jeung The T-shirt Way (TTW)
Young Diplomat (YD) jeung The Teacher’s Way (TTW)
Program Young Diplomacy (YD) teh dipiharep mampuh ngarojong para pamilon jadi…
diploma unggul
anggota dewan
siswa kreatif
guru teladan
Iber atawa beja ngeunana perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, anu dumasar kana kanyataan nu di umumkeun dina media massa disebut…
wawaran
warta
bewara
wawartos
Warta mah beja dumasar kanyataan atawa fakta anu dikumpulkeun ngaliwatan tilu cara…
naluktik, dokumentasi, jeung wawancara
observasi,wawancara, jeung riset media
riset media, pemotretan, jeung pemotretan
rekaman, pemotretan, jeung observasi
Struktur warta teh kabagi tilubagian…
tema (theme), headline, lead
judul (headline), tema ,jeung bubuka
judul (headdline), lead (bubuka, intro), jeung tubuh warta
bubuka, isi, panutup, pjeung riset dokumentasi
Judul karya seni nu rek dipagelarkeun dina wanda drama musikal teh…
Lutung kasarung
Lutung leutik
Mundinglayan di kusumah
Prabu siliwangi
Tokoh nu mibanda gagasan atawa anggapan yen "Musikal Lutung Kasarung" teh salahsahiji pilot project di Jawa Barat pikeun metakeun anlehna mojang jajaka(Moka) Jabar dina widang drama teh…
H. Mashudi
H. Ahmad Heryawan
H. Dede Yusuf
H.Uu Rukmana
Baca sempalan warta ieu dihandap!
“ Simkuring optimis, carita-carita rayat Jawa Barat bakal ditampi tur diapresiasi di luar negri. Ku kituna, pintonan Lutung Kasarung teh bakal digarap kalayan daria bari inovatif,” ceuk Dede Yusuf.
Kecap daria anu diketik di dengdekeun dina sempalan paragraf warta di luhur mibanda harti…
apik
enya-enya
apilain
gede
Baca kalimat ieu dihandap!
“Opat urang pamaen arunggah ka panggung, ngigel bari rampak nembangkeun sisindiran.”
Kecap rampak dina kalimah diluhur mibanda harti…
sosorangan
babarengan
rerencangan
ngamimitian
Sisindiran ieu dihandap anu eusina nuduhkeun jasa para pahlawan…
kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyom kajalan
sono mondok sono nganjang
sono patepang dijalan
Munara di cihanjuang
kaiuhan tatanglkalan
maranehna nu berjoang
ngabela kamerdekaan
Mawa pita dibungkusan
mawa kai di kunjalan
hayang pesta agustusan
dagang cai tengah jalan
Tumpak kuda ka cikarang
jalana lempeng kacida
pamuda dilembur urang
teu kabita ku narkoba
Salasahiji pancen pelajar dina raraga ngeusian kamerdekaan teh…
daek ngapalkeun
getol diajar
milu ujian
lulus ujian
Tilu pasipatan anu kudu dipibanda ku nonoman sunda kiwari teh…
barangasan, daekan, jeung rapekan
songong, someah, jeung taligeuh
motekar, parigel, jeung rancage
ngajago, balaga, jeung alewoh
Bacasisindiran ieu dihandap!
Tumpak kuda ka cikarang
jalanna lempeng kacida
pamuda dilembur urang
……………..
Kalimah anu merenah keur ngalengkepan padalisan (4) sisindiran di luhur…
teu kabita ku narkoba
mun kaabita ku narkoba
loba nu bogaeun kuda
beungeutna siga kuda
Baca ieu sisindiran!
lamun hayang nyieun pager
……………………………….
lamun hayang jadi pinter
kudu daek maca buku
Kalimah anu merenah keur nglengkepan sisindiran diluhur, nyaeta…
kudu indit meuli buku
kudu indit ka cipaku
kudu daek make baju
kudu daek mawa paku
ieu dihandap aya wawangsalan:
“Teu beunang di hurang sawah
Teu beunang di pikameumeut”
wawangsalan nyaeta…
hurang
simeut
sawah
beunang
Ieu aya cangkang sisindiran:
Kanikir buah kanikir
Cangkudu beunang panimu
Eusi tina eta cangkang sisindiran teh, nyaeta…
bakal kaduhu diahir, mun hirup teu boga elmu
kapikir beuki kapikir,hirup loba elmu
kapikir beuki kapikir, kudu getol nginum jajamu
lamun keur diajar, kudu ningkatkeun elmu panemu
Ieu aya esi tina sisindiran:
(1).........................................
(2)..........................................
(3) hapunten abi hapunten
(4) bilih aya kalepatan
Cangkang tina eusi sisindiran diluhur, nyaeta…
Saninten buah saninten, di bantun kaparapatan
Kawunganten Kawunganten, ayana di majenag
panginten buah ramanten, horeng buh durian
meuli ali mata inten, hargana mahal pisan
Pupuh teh kaasup wangun karya sastra…
prosa
puisi
pantun
prosa lirik
Gaya basa anu ngagunakeun omongan sakabeh pikeun sabagian disebut…
Raguman
hurunan
tunggalan
rarahulan
Ungkara wangun kalimah atawa klausa anu susunanana geus matok sastra ngandung harti babandingan disebut…
babasan
gaya basa
paribasa
basa basi
Basa diudag anjing, barudak…. lalumpat.
koceak
ngoceak
tingkoceak
gorowok
"Kuring rek dipangmeulikeun hp anyar…. peunteun basa sunda 100"
tapi
lamun
jeung
sanggeus
"..... make sapatu, manehna …..lumpat ka lapangan"
ari….piraku
sanggeus… tuluy….
boro-boro….oge…..
lain….tapi….
".... lalaki….awewe, euweuh bedana'
boh…. boh….
rek …. lain….
sanggeus…. tuluy….
ari…. piraku….
"Gara-gara maen bal, si Dudu sukuna…..getihan"
nepi
meni
nepika
ka
"Mun gering nginum ubar…cageur"
lamun
ambeh
gara-gara
lantaran
Wawangasalan “kapal”. Ari wawangsalannana nyaeta….
Gedong duwur kasilambung, dicicingan jalma rea
kendang gede, dag-dig-dug rasaning ati
Gedong tengah sagara, ulah kapalang nyabela
Teu beunag dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang
Ieu dihandap aya conto kalimah anu ngandung gaya basa mijalma, nyaeta…
gunung dirundung halimun isuk
ah, abdi mah ukur gaduh kebon satalapok jengkol
pun aki teh parantos kirang dangu
persib,maung bandung kamari jadi juara dina piala presiden
