NEW
Font size
WorksheetsREMEDIAL ASAS B.SUNDA 8 SMT 1
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Kawih, kakawihan jeung tembang téh umumna ditulis dina wangun sastra...
Prosa liris
Drama
Prosa
Puisi
Dina karawitan sunda antara kawih jeung tembang téh dibédakeun. Dina kawih mah aya birama jeung (wiletan) jeung...
Ketukan (témpo)
Konci nada
Padalisan
Jajaran
Kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak lantaran...
Dikawihkeuna ku budak sakola
Dikawihkeunana dina kaulinan barudak
Wajib dihaleuangkeun ku barudak sakola
Eusi rumpaka kawihna ngeunaan barudak
Gagasan poko anu rék ditepikeun kunu ngarang rumpaka kawih kanu maca disebutna...
Purwakanti
Suasana
Téma
Nada
Padeukeutna sora-sora dina unggal padalisan rumpaka kawih disebutna...
Purwadaksi
Purwakanti
Nada lagu
Suasana
Naon bedana kawih jeung tembang...
Kawih teu kauger ku aturan, sedengkeun tembang kauger
Kawih kauger ku aturan, sedengkeun tembang teu kauger
Kawih kauger ku aturan, kitu oge tembang kauger
Kawih teu kauger ku aturan, kitu oge tembang teu kauger
Kawih kabagi jadi dua unsur nyaéta...
Unsur intrinsik jeung ekstrinsik
Unsur lahir jeung unsur batin
Unsur sastra jeng unsur seni
Unsur internal jeung unsur eksternal
Sikap anu nulis rumpaka kawih nu karasa urang salaku nu maca bisa ngarasa reueus tur hayang mibanda sikap kawas pahlawan...
Jejer
Rasa
Wirahma
Purwakanti
Dina kalimah "puseur kaéndahan" puseur artina...
Tengah
Palebah
Sisi
Gigir
Warta mah béja dumasar kanyataan atawa fakta anu dikumpulkeun ngaliwatan tilu cara nyaéta...
Nalungtik, dokuméntasi, jeung wawancara
Observasi, wawancara, jeung risét média
Risét média, dokuméntasi, jeung pemotretan
Rekaman, pemotretan, jeung dokuméntasi
Struktur warta téh kabagi jadi tilu bagian, nyaéta...
Téma, headline, lead
Judul, téma jeung bubuka
Judul, bubuka jeung tubuh warta
Bubuka, eusi, panutup jeung risét dokuméntasi
Dina warta aya unsur-unsur anu disebut...
W + H
5W + 1H
5WH + 1H
5WH + 1W
Katerangan atawa béja bisa disebut warta upama...
Ditulis ku wartawan
Aya dina rohang média
Dikirim ka média
Dibéré ku balaréa
Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nyaéta kajadian...
Anu dianggap penting pikeun urang
Anu dianggap penting pikeun kulawarga urang
Anu dianggap penting pikeum pamimpin
Anu dianggap penting pikeun saréréa
Warta anu ditulis téh kudu dumasar kana...
Hayalan
Fakta
Rékaan
Gosip
"Kahuruan téh kajadiana poé kémis 1 november 2024". Kalimah diluhur kaasup kana...
How
When
Where
Why
Ditilik tina wangunna, sisindiran dina Basa Sunda dibagi kana sabaraha wangun...
1
2
3
4
Ciri nu ngabédakeun sisindiran wangun Rarakitan jeung Paparikan nyaéta…
Rarakitan mah sarua sora vokalna
Rarakitan mah aya kecap numindoan
Paparikan mah murwakanti
Rarakitan diwangun ku 2 padalisan
Sisindiran asal tina kecap sindir nu hartina ....
Ngahina
Sapasang
Henteu togmol
Ngahiji
Dina sapada wawangsalan aya sabaraha padalisan...
1 padalisan
2 padalisan
3 padalisan
4 padalisan
Karangan bahasan anu eusina ngaguar, medar, ngabahas hiji perkara dumasar pakta jeung data nu di anggap penting tur aktual disebut...
Pedaran
Karangan
Artikel
Carita
Mun hidep maca salahsahiji artikel, sangkan eusina gampang kacangkin sahenteuna kudu nyindekel kana hal...
Pisahkeun lead anu sakirana hésé dipikahartina
Catetkeun hal-hal penting tina eusi artikel
Tulisana ngaguluyur sangakn gampang kaharti
Kecap-kecap anu digunakan kudu basajan
Teu béda jeung adegan karangan liana, raraga atawa kerangka pedaran ngabogaan tilu bagéan nyaéta...
Bubuka, eusi, jeung téma
Amanat. Téma, jeung eusi
Bubuka, eusi, jeung pamungkas
Eusi, amanat, jeung pamungkas
Wacana atawa karangan anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana jeung gunana disebut...
Majalah
Dongeng
Warta
Pedaran
Ku lantaran artikel mah dimuat dina media citak, cara nulisna gé kudu diluyukeun jeung aturan anu geus ditangtukeun ku...
Rédaktur koran atawa majalah
Wartawan koran atawa majalah
Jurnalis koran atawa TV
Réporter TV atawa radio
