NEW
Font size
Worksheetskuis harian siswa
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
1. Sisindiran nyaeta karya sastra sunda dina wangun?...
a. Lancaran
b. Prosa
c. Ugera atawa puisi
d. Bebas
2. Dihandap ieu nyaeta karya sastra anu teu kaasup sisindiran...
a. Paparikan
b. Guguritan
c. Wawangsalan
d. Rarakitan
3. Dina sapada paparikan jeung rarakitan aya... padalisan
a. Hiji
b. Dua
c. Tilu
d. Opat
4. Din Sisindiran aya anu disebut bagéan..
a. Cangkang jeung eusi
b. Pupuh
c. Tembang
d. Kawih
5. Dina sapada wawangsalan aya... padalisan
a. Hiji
b. Dua
c. Tilu
d. Opat
6. Kembang culan kembang tanjung
kembang saga jeung domdoman
lamun urang hayang nanjung
ulah sagala bosenan
Karya sastra diluhur di sebut...
a. Pupujian
b. Sajak
c. Puisi
d. Sisindiran
7. Dumasar kana aturan sisindiran, padalisan ka 1 jeung ka 2 disebutna...
a. Eusi
b. Cangkang
c. Engang
d. Pada
8. Dumasar kana aturan sisindiran, padalisan ka 3 jeung ka 4 disebut..
a. Eusi
b. Cangkang
c. Engang
d. Pada
9. Ieu mangrupa ciri tina sisindiran, iwal..
a. Diwangun ku 4 padalisan
b. Padalisan ka 1 murwakanti jeung ka 3
c. Diwangun ku 4 pada
d. Padalisan ka 2 murwakanti jeung ka 4
10. Sisindiran anu papak/midoan kawit (sarua) sora kecap nu hareup na, salahsahijina ciri sisindiran jenis..
a. Wawangsalan
b. Paparikan
c. Silih asih
d. Rarakitan
