NEW
Font size
WorksheetsPenilaian Semester 6
Total questions: 25
Worksheet time: 50mins
Iteung: Kang Kabayan, cing pangalakeun tutut, Ambu jeung Abah hayangeun dahar tutut.
Kabayan: Naha lain Ambu jeung Abah waé atuh anu ngala tutut téh, pan meureun barisaeun? Akang mah tunduh kénéh!
Iteung: Aéh ari Kang Kabayan, pan Ambu jeung Abah téh meureun hayangeun tutut meunang ngala minantuna.
Kabayan: Ari tutut mah sarua waé, boh minantu boh mitoha!
Watek si Kabayan dina sempalan carita drama di luhur nyaéta …...
ngedul
getol
pinter
soméah
kréatif
Bapa Boncél : Doraka manéh téh Boncél, pasti doraka! Utamana ti indung manéh. Hég rarasakeun akibatna!
Dalem Boncél : Doraka ti mana horéng, da aing mah teu boga kolot siga kitu. Barina ogé indung jeung bapa aing mah geus lila maot. Hayoh pangawal gancang sina nyingkir aki-aki jeung nini-nini tukang baramaén jeung kurang saeudan téh!
Ieu di handap mangrupa carita nu ngabalukarkeun Dalem Boncél doraka, iwal ……
Dalem Boncél ngusir indung bapana
Dalem Boncél nyebut indung bapana tukang baramaén (pengemis)
Dalem Boncél nyebut indung bapana kurang saeudan (jalma gélo)
Dalem Boncél tara méré duit ka indung bapana
Dalem Boncél embung ngaku ka nu jadi kolot
Purbararang: (Bari ngacungkeun curuk) Rama Prabu téh teu adil. Naha anu dijungjung jadi ratu bet Si Purbasari, budak bau cikur? Naha? Naha lain Aceuk anak nu pangkolotna? Aceuk teu tarima!”
Pangrasa haté nu keur dirasa ku Purbararang téh rupa-rupa, iwal ……
séwot
kuciwa
kasirihan
teu ridho
éra
Salim: Édi, ulah gancang teuing bahaya!
Édi: Jah! Ari peuting mah sepi, moal nanaha! (Salim nyusul tuluy ditarik ka tukang)
Salim: Urang ngeureunan heula!
Édi: Lah! Atuh amih téréh anjog!
Salim: Urang téh mawa surat penting!
Édi: Nu matak éta!
Salim: Eureun, Édi! Tanggungjawab mun aya nanaon!
Édi: Siap, Lim! Komando aya di manéh.
Konflik dina sempalan drama di luhur nyaéta ……
Pacogrégan anatara Salim jeung Édi
Hayang eureun sabab hayang istirahat.
Parebut komando
Hariwang mawa surat penting sing teu salamet
Sieun indit-inditan ti peuting
Kadéngé sora narator: Pajajaran nagri asri sugih mukti pasir wukir lohjinawi, nagara kerta raharja. Sepi paling towong rampog, parentul gunung nu subur, tegalan ancal-ancalan, lembur tingrunggunuk, rahayatna suka bungah, murah sandang murah pangan, reumbeuy beuweungeun, rambay alaeun.
Éta cutatan teh bagian carita nu mimiti diwanohkeun ka panongton. Dina wangun carita drama éta bagian disebutna …….
dialog
prolog
monolog
epilog
candraan dina awal babak
Dina bagian ahir pintonan drama, sok aya omongan keur méré kacindekan (kesimpulan) carita atawa amanat pikeun nu nongton drama, nu disebut .......
prolog
épilog
dialog
monolog
adegan
Di kantin sakola pas jam istirahat Férdi jeung Dito keur ngobrol.
Férdi : Dito, isukan urang kerja kelompok Basa sunda yu?
Dito : Emang aya tugas kelompok? Urang poho euy!
Ferdi : Yéh, manéh mah pohoan, pan rék prakték drama, kudu nyieun téksna heula.
Dito : Eh… heueuh nya, hayu atuh, isukan di imah maneh!
Di mana Dito jeung Ferdi rék kerja kelompok ….
di sakola
di kelas
di kantin
di imah Dito
di imah Férdi
Nu mangrupa kalimah teu langsung nyaéta ......
Saur bu guru tugasna kempelkeun minggon payun.
Bapa naros ka Galih, "Naon nu rék disumbangkeun ka nu kabanjiran téh?"
"Enjing abdi badé ngempelkeun sumbangan kanggo korban bencana alam banjir. " saur Aa ka Ibu.
"Sabaraha urang nu maot dina musbah banjir téh Bu?" saur Bu Ika ka Bu Néndén.
"Hayu angkat, bilih hujan mantén!" ceuk Adi ka Zaénal.
Nu mangrupa kalimah langsung nyaéta ......
"Hapus heula borna!" saur Bu Guru ka Hadiman.
Bu Guru miwarang ka ketua kelas sangkan nyandak buku paket di perpustakaan.
Rani nyarita yén kamari manéhna geus ulin ka Pangandaran.
Saur Pa Guru dinten enjing latihan drama.
Rani ngajak kuring ulin ka Pangandaran.
Purbararang: (Bari ngacungkeun curuk) Rama Prabu téh teu adil. Naha anu dijungjung jadi ratu bet Si Purbasari, budak bau cikur? Naha? Naha lain Aceuk anak nu pangkolotna? Aceuk teu tarima!”
Bagian kramagung dina dialog Purbararang nyaéta dina kalimah ........
Rama Prabu téh teu adil.
Naha lain Aceuk anak nu pangkolotna?
Aceuk teu tarima!
(Bari ngacungkeun curuk)
Naha anu dijungjung jadi ratu bet Si Purbasari, budak bau cikur?
Sarip: Buru lalaunan-lalaunan!
Arip: Buru bantuan! Lain lalaunan-lalaunan!
Sarip: Sip atuh, urang gancangan asupkeun kana karungna!
Arip: Bawa atuh katél jeung sosodokna!
Éta téks drama kaasup kana bagian ..........
dialog
aside
candraan
prolog
épilog
Di jalan aya tiluan keur tugas ronda.
Ujang: Cing urang sénteran, aya teu nya di beulah ditu?
Juhro: Urang marisah waé ayeuna mah. Ujang ka kalér, kuring jeung Hansip ka kulon.
Ujang: Urang sorangan atuh? Kumaha mun panggih jeung garong?
Juhro: Pan tadi rék dikerekeb geuningan?
Ujang: Heueuh maksudna mah ku tiluan.
Dumasar kana éta téks, latar tempatna téh lumangsung di ......
jalan
pos ronda
kebon
imah Juhro
imah hansip
Di jalan aya tiluan keur tugas ronda.
Ujang: Cing urang sénteran, aya teu nya di beulah ditu?
Juhro: Urang marisah waé ayeuna mah. Ujang ka kalér, kuring jeung Hansip ka kulon.
Ujang: Urang sorangan atuh? Kumaha mun panggih jeung garong?
Juhro: Pan tadi rék dikerekeb geuningan?
Ujang: Heueuh maksudna mah ku tiluan.
Dumasar kana éta téks, latar waktuna téh lumangsung dina wanci ......
sareupna
isuk
sore
peuting
beurang
Aya imah sisi lembur mencil pisan, simpé.
Hateupna eurih, bilikna awi butut, teu agréng.
Nu bogana Mang Kabayan, jalma nu geus kasohor.
Mang Kabayan huleng jentul taya gawé, ngedul.
Unggal poé luntang-lantung jeung nundutan, ngagolér.
Mindeng saré tibra na golodog (tangga imah) nyanding tihang, nyangéyéng.
Kalimah nu teu luyu jeung éta téks drama nyaéta ..........
aya imah sisi lembur mencil ti nu lian
imah téh hateupna eurih, bilikna awi butut
nu boga imah téh jalma nu geus kasohor
Mang Kabayan téh jalma getol tur pinter
unggal poé Mang Kabayan gawéna saré baé.
Aya imah sisi lembur mencil pisan, simpé.
Hateupna eurih, bilikna awi butut, teu agréng.
Nu bogana Mang Kabayan, jalma nu geus kasohor.
Mang Kabayan huleng jentul taya gawé, ngedul.
Unggal poé luntang-lantung jeung nundutan, ngagolér.
Mindeng saré tibra na golodog (tangga imah) nyanding tihang, nyangéyéng.
Dumasar kana éta téks drama, pagawéan Mang Kabayan nyaéta ..........
teu daék cicing
ngabersihan imah batur
tukang awi
luntang lantung teu boga pagawéan
ngabebenah baé imah
Bagian drama anu diucapkeun ku salah saurang tokoh carita tur paguneman langsung jeung panongton disebut ......
pertélaan palaku
kramagung
dialog
solilokui
aside
Nu kaasup kana téater balaréa (médium lisan) nyaéta .........
gending karesmén
banjet
purna drama
drama konvénsional
drama absurd
Ujang : (PUPUH MIJIL)
Ieu Nyai cing itu tingali,
Ku Nyai pék tempo,
Kalangkang téh éstuning anéh,
Nutur-nutur teu weléh ngukuntit,
Cik tѐwak ku Nyai,
Asupkeun kana saku.
Sarѐrѐa : (PUPUH DURMA)
Nagri urang katelah Indonesia,
Diriksa tur dijaring.
Sumirat komarana,
Berkahna Pancasila,
Ageman éstuning nagri,
Yu sauyunan,
Ngawangun lemah cai.
Eta téks drama dipintonkeun kalawan dialog-dialogna ditembangkeun, nu sok disebut .......
longsér
drama absurd
purna drama
gending karesmén
drama konvénsional
Téater anu pintonanana ngandelkeun gerak, ibing, lagu, musik jeung sajabanna disebut .......
téater verbal
téater non verbal
gending karesmén
purna drama
banjet
Purbararang: (Molotot) Naon, manéh ngahina ka Aceuk, Purbadéwata?
Kecap "(molotot)" mangrupa bagian drama nu sok disebut ..........
Aside
Monolog
Kramagung
Dialog
pertélaan palaku
Drama anu lengkep saperti ayana unsur dialog, tari, musik (karawitan), sajak, jeung narasi disebut ..........
drama absurd
purna drama
drama konvénsional
gending karesmén
téater nonverbal
Nu kaasup kana kalimah teu langsung nyaéta ..........
Bu Guru sasauran, "baca ku hidep naskah dramana!"
Ceuk Wéndi, "kumaha jadi latihan drama téh?"
"Iraha aya pagelaran drama Sunda?" Dadan nanya ka Éka
"Iraha rék milu ulin ka Cianjur téh?" ceuk Dédi ka Tuti.
Galih nyarita yén poé ieu moal bisa latihan drama lantaran awakna keur teu séhat.
Ujang: Assalamualaikum, Sip!
Hansip: Waalaikumsalam. Wah, jadi sialing ka dieu ning?
Ujang: Éh da amanah atuh, Sip!
Hansip: Sedep kana kopi?
Juhro: Sip, kumaha jadi ngurilingUjang: Enya atuh. Ceuk Pa RT ogé mun tunduh nginum cikopi.
an kampung téh?
Hansip: Jadi atuh pan keur kasalametan warga urang.
Juhro: Tapi mun panggih jeung garong kumaha néwakna?
Ujang: Pasrahkeun ka Ujang, urang kerekeb!
Éta téks drama téh nyaritakeun ..........
Pa RT nitah Hansip jeung nu ngaronda nginum cikopi lamun tunduh
Juhro nu teu bisa néwak garong
Garong nu rék asup ka imah Pa RT
Hansip nu keur paadu omong jeung garong
Hansip, Ujang, jeung Juhro nu keur ronda
Ujang: "Assalamualaikum, Sip!"
Hansip: "Waalaikumsalam. Wah, jadi sialing ka dieu ning?"
Ujang: "Éh da amanah atuh, Sip!"
Hansip: "Sedep kana kopi?"
Ujang: "Enya atuh. Ceuk Pa RT ogé mun tunduh nginup cikopi."
Juhro: "Sip, kumaha jadi ngurilingan kampung téh?"
Hansip: "Jadi atuh pan keur kasalametan warga urang."
Juhro: "Tapi mun panggih jeung garong kumaha néwakna?"
Ujang: "Pasrahkeun ka Ujang, urang kerekeb!"
Pernyataan nu teu luyu jeung éta téks drama nyaéta .........
Palaku dina téks drama aya tilu urang
Hansip, Ujang, jeung Juhro keur ronda di imah Pa RT
Upama Hansip, Ujang, jeung Juhro panggih jeung garong, rék dikerekeb
Kajadian dina éta téks drama lumangsung wanci peuting
Hansip, Ujang, jeung Juhro keur ngaronda rék ngurilingan kampung
Karya sastra téh aya tilu: prosa, puisi, jeung drama. Nu ngabédakeun drama jeung karya sastra séjénna nyaéta ayana unsur …….
téma
latar
galur
dialog
palaku
