NEW
Font size
WorksheetsPakeman Basa
Total questions: 20
Worksheet time: 2hrs 40mins
Ungkara basa Sunda nu kekecapanna geus mato, puguh entep seureuhna, sarta miboga harti anu beda jeung harti kecap asalna, disebut...
Idiom
Uga
Cacandran
Rakitan Lantip
Babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun omongan (runtuyan kalimah nu geus puhuh eunteup seureuhna (sistematikan) sok disebut?
Paribasa
Babasan
Rakitan lantip
Caturangga
Paribasa nu eusina ngeunaan pangalaman anu geus lumrah di masarakat, sarta bahan babandingan pikeun laku lampah urang sok disebut...
Wawaran luang
Pangjurung laku hade
Panyaram lampah salah
Paribasa
Paribasa nu usina ngeunaan pangjurung pikeun milampah kahadean. Bisa dipiheulaan ku kecap "kudu", bisa oge henteu sok disebut....
Wawaran luang
Pangjurung laku hade
Panyaram lampah salah
Rakitan lantip
Paribasa nu eusina panyaram lampah salah, angkan ulah migawe pagawean anu matak rugi, boh keur diri sorangan boh keur batur. Biasana dipiheulaan ku kecap"ulah", disebut...
Wawaran luang
Pangjurung laku hade
Panyaram lampah salah
Paribasa
Pakeman basa anu eusina mangrupa tujuman anu nataan atawa nerangkeun kaayaan hiji daerah, disebutna...
Rakitan lantip
Uga
Cacandran
Caturangga
“Bandung heurin ku tangtung” mangrupa salah sahiji conto tina pakeman basa nu kaasup kana wangun...
Cacandran
Paribasa
Babasan
Uga
Babasan “Amis budi” miboga harti?
Someah
Judes
Medit
Reserp mere
Anu kaasup kana cacandran nyaeta...
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
Cianjur katalanjuran
Cul dog dog tinggal igel
Amis Budi
Anu kaasup kana paribasa pangjurung laku hade, nyaeta....
Kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan
mapatahan ngojay ka meri
Ayakan mah tara meunang kancra
Cul dog dog tinggal igel
Pakeman basa nu mangrupa siloka nu patali jeung tanda-tanda pikeun nganyahokeun hadé goréngna watek kuda, disebut....
Rakitan Lantip
Uga
Caturangga
Cacandran
Kalimah anu teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita, ka asup kana ciri-ciri....
Babasan
Paribasa
Pakeman basa
Cacandran
stilah séjén tina pakeman basa sok disebut....
Idiom
Paribasa
Babasan
Rakitan lantip
“Si Dudung mah panjang leungeun budakna sok resep nyokotan barang batur” dina pakeman basa, panjang leungeun kaasup kana...
Paaribasa
Cacandran
Babasan
Uga
Ieu di handap nu kaasup kana pakeman basa, iwal ti...
Uga
Babasan
Paribasa
Sisindiran
Jalma anu sok mapatahan ka jalma anu geus leuwih nyaho bisa diumpamakeun ngagunakeun paribasa, nyaeta....
Cul dog dog tinggal igel
Mapatahan ngojay kameri
Moro julang Ngaleupaskeun peusing
Buburuh nyatu diupah beas
"Emh bau nu ngagoreng bawang. Jadi, nu bau teh lain nu ngagoreng bawangna tapi goreng bawangna" kaasup kana conto?
Uga
Cacandran
Babasan
Rakitan Lantip
Ninggalkeun pagawean baku, ngalampahkeun pagawean nu taya hartina....
Moro julang ngaleupaskeun peusing
Cul dog dog tinggal igel
Awak sampayan
Basa mah teu kudu meuli
Babasan "hampang birit" miboga harti.....
Babari dititah
Kacida reuwasna
Teu bisa cicing
Jangkung leutik
Jalma anu sombong sok disebut....
Gede hulu
Amis budi
Beurat birit
Birit Aseupan
