Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Bédana prosa jeung sajak dina segi basa nyaéta ....

a)

wangunna panjang

b)

wangunna pondok

c)

disusun dina basa ugeran

d)

disusun dina basa lancaran

2.

Tia mah resep maké basa Indonesia ngomong téh, basa Sunda mah hése

Pasualan kalimah di luhur nyaéta ....

a)

mikacinta kana bahasa Sunda

b)

mikacinta kana bahasa Indonésia

c)

teu resep kana bahasa Sunda

d)

teu resep kana Bahasa Indonesia

3.

Nuni         :”Eh, kadé pohonya, poé minggu tanggal 10 Méi miéling ulang taun.”

Siti           :“Ulang taun nu ka sabaraha kitu?.”

Nuni         :” Nu ka sabelas atuh.”]

Anu luyu jeung eusi paguneman di luhur, nyaéta....

a)

Nuni ulang taun

b)

Siti ulang taun

c)

Ulang taun nu ka sabelas

d)

Tanggal 10 Méi

4.

Si Iis mah pikasebeleun, sok ngaliarkeun taleus ateul

Ngaliarkeun taleus ateul hartina....

a)

Ngadéngékeun kagoréngan batur

b)

Nyebarkeun kagoréngan batur

c)

Jail baé ka batur

d)

Méré mawééh ka batur

5.

Hapunten mung cai wungkul teu aya lalawuhna.

Kalimah di luhur ngagunakeun gaya basa....

a)

mijalma

b)

ngasor

c)

kaleuleuwihi

d)

lalandian

6.

Favorit kecap serepana ....

a)

nu ditaliti

b)

nu dijagokeun

c)

nu dipikaresep

d)

nu dipikawanoh

7.

Yusuf       :(Ngabalangkeun langlayangan)“Bapa...., Fajar rék dipangmelikeun HP!”

Pa Kasim :(Nyentak bari ngagebrak mééja) ”Heueuh, mengké heula! Loba teuing

  Kahayang manéh téh atuh. Isuk ku déwék dipangmeulikeun, lamun motor geus kajual”.

Yusuf        :(Melong ka Pa Kasim)”Euleuh, motor rék dijual Pa! Apan jang Ojég”.

Pa Kasim  : “Moal Ojég deui, sugan manéh  rék teu dahar, Paduli!”

Eusi dina carita drama di luhur nyaéta....

a)

Hayang HP

b)

Hayang motor

c)

Hayang Tv

d)

Hayang langlayangan

8.

Pupuk keur bonténg aya dua rupa, organik jeung anorganik. Pupuk dasarna mah ku pupuk kandang, urea, TSP jeung KCL, sangkan teu pait rasana ulah réa teuing pupuk uréana. Usum panén mun umurna geus 6 atawa 8 minggu.

Eusi kalimah di luhur nyaéta....

a)

pupuk kandang alus jang melak bonténg

b)

pupuk uréa ngajadikeun bonténgna leubeut

c)

loba teuing pupuk kandang bonténgna pait

d)

pupuk keur bonténg teh pupuk organik jeung anorganik

9.

Nuju istirahat abdi mésér somay, Pa Guru mah .... baso.

Kanggo ngalengkeupan kalimah di luhur ngagunakeun kecap ....

a)

meuli

b)

mésér

c)

ngagaleuh

d)

Ngadahar

10.

Sakumaha legana taman nasional ujung kulon téh?

Kalimah nu bener tanda bacana aya dina kalimah ....

a)

Sakumaha legana Taman Nasional ujung kulon téh?

b)

Sakumaha legana taman nasional Ujung Kulon téh?

c)

Sakumaha legana Taman Nasional Ujung Kulon téh?

d)

sakumaha legana Taman Nasional Ujung Kulon téh?