NEW
Font size
WorksheetsUS Bahasa Sunda Tahun 2022-2023
Total questions: 40
Worksheet time: 22mins
Harta kekayaan kesepuluh orang yang ikut dalam pemilihan Gubernur Jawa Barat belum bisa diketahui masyarakat. (dicutat tina PR Februari 2018).
Tuduhkeun mana tarjamahan nu pangbenerna!
Harta kakayaan sapuluh urang nu baris makalangan dina pemilihan Gubernur Jawa Barat can bisa dipikanyaho ku masrakat.
Harta kakayaan kasapuluh urang nu baris makalangan dina pemilihan Gubernur Jawa Barat can bisa kanyahoan ku masrakat.
Harta kakayaan sapuluh urang patandang nu baris makalangan dina milih Gubernur Jawa Barat can bisa dipikanyaho ku masarakat.
Harta kakayaan kasapuluh urang nu baris makalangan dina pamilihan Gubernur Jawa Barat can bisa dipikanyahokeun ku masrakat.
Harta kakayaan sapuluh urang nu baris makalangan dina pemilihan Gubernur Jawa Barat can bisa dipikanyahoan ku masrakat.
Baca téks di handap kalawan saregep!
Sedikit ngerti ngaku udah paham
Kerja sedikit maunya kelihatan
Otak masih kayak TK kok ngakunya sarjana
Ngomong-ngomongin orang udah kayak jagoan
Tong kosong nyaring bunyinya
Klentang klentong kosong banyak bicara
Oceh sana sini gak ada isi
Paribasa Tong kosong nyaring bunyinya sarua hartina jeung ...
Gentong kosong ngelentrung
Kohkol kosong ngelentrung
Lodong kosong ngelentrung
Gentong kosong tarik sorana
Tong kosong ditakol
Baca paguneman di handap kalawan saregep!
Nana : “Basa kamari, aya dulur kuring ti Jakarta, nya kapaksa kuring teh rada mamalayuan.”
Agus : “Na kumaha kitu?”
Nana : “Enya bingung kumaha narjamahkeun kana basa Indonesia tina basa Sunda, atuda bingung.”
Nana : “Cik kumaha kalimahna?”
Agus : “Nya ku kuring teh jadi kieu we, silahkan makannya yang dapat.”
Nana : “Oh ceuk basa Sundana mah ....
Jawaban nu merenah pikeun paguneman di luhur nya éta...
mangga sing kenging dituang
mangga, sing dituang kenging
mangga, sing dicobian kenging
mangga sing kekengingan taruangna
mangga sing diraraosan kengingna
(1) Sumebar sacara tinulis
(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal (pamohalan)
(3) Caritana basajan
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén atikan
(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(7) Ngandung unsur seni
(8) Sumebar sacara lisan
(9) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan
Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng diantarana ...
1, 2, 3, 4
2, 3, 5, 8
2, 4, 6, 8
5, 7, 8, 9
1, 6, 8, 9
Titénan sempalan-sempalan dongéng di handap!
(1) Si Kabayan ti barang gék diuk dina korsi geus lelenggutan waé nundutan. Saperti biasa tukang cukur téh ari ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih.
(2) Waktu Prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nya éta Pajajaran Wétan jeung Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi kentring Manik Mayang Sunda anu nuju bobot.
(3) Baheula Islam mimiti asup ka wewengkon Rancakalong, dibawana ku tilu jalma sepuh ti Cirebon, nya éta nu katelah Éyang Purwa, Éyang Singalanto jeung Éyang Bagus Pangéling.
(4) Dina hiji dinten putri aya pamundut, tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan. Atuh gantawang waé nyeuseulan séséépan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-awur payuneun ramana.
(5) Kacaritakeun sakadang monyét ngajak ngala cabé ka sakadang kuya, ngalana teh di kebon patani, waktu keur ngala cabé kapanggih ku patani sakadang monyét mah bisaeun kabur ari sakadang kuya mah katéwak ku patani sabab teu bisa lumpat.
Sempalan dongéng di luhur nu kagolong kana wangun parabél nyaéta….
1
2
3
4
5
Baca sempalan dongéng di handap!
Dina hiji poé, waktu keur aya di jero leuweung, raja teu kiateun hoyong kahampangan. Ari éta cai kahampangannana katandéan ku batok urut duwegan. Kabeneran, sajungna raja ninggalkeun tempat urut kahampanganana téa, aya bagong bikang ngaliwat. Éta bagong ngaranna Wayungyang téh bangun halabhab naker, da barang nempo aya acai nguyumbang dina batok téh langsung diinum. Anéhna, teu lila ti tas nginum cai dina batok anu taya lian cai kahampangan raja, Wayungyang langsung reuneuh. Malah teu lila ti harita Wayungyang téh ngalahirkeun. Anakna jelema, awéwé. )Dicutat tina buku Panggelar Basa Sunda).
Hal nu pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah ....
Kahampanganna ditandéan ku batok urut dawegan.
Bagong nginum cai nu nguyumbang dina batok.
Raja ninggalkeun tempat urut kahampangan.
Bagong Wayungyang ngalahirkeun anak jalma.
Bagong Wayungyang bangun halabhab.
Indung tunggul rahayu bapa tangkal darajat.
Kalimah di luhur lamun ditulis dina aksara Sunda nyaéta...
Dihandap ieu mangrupa hal-hal nu aya dina laporan kegiatan:
(1) Kasang Tukang
(2) Wengkuan Kagiatan
(3) Maksud jeung Tujuan
(4) Dasar Hukum
Susunan bubuka laporan kegiatan anu bener nya éta ....
(1), (3), (4), (2)
(2), (4), (3), (1)
(1), (4), (3), (2)
(4), (2), (1), (3)
(3), (1), (2), (4)
Kiwari mah wayang golék téh geus loba inovasi anu dilakukeunana.
Harti kecap inovasi dina éta kalimah miboga harti ....
Kamekaran
Parobahan
Kaanéhan
Kaistiméwaan
Pangrojong
Baca sing gemet téks wawancara di handap!
Akmal : “ Assalamualaikum, Pa, damang? ”
Pa Hasan : “Waalaikumussalam, pangestu alhamdulillah”
Akmal : “ Nepangkeun pa, wasta pun Akmal, punten pami jenengan sareng saha?”
Pa Hasan : “ Mangga, abdi sareng Pa Hasan”
Akmal : “ Bapak, abdi badé tumaros perkara aturan lalu lintas di jalan raya. Conto aturan lalu lintas téh naon waé?
Pa Hasan : “Seueur aturan lalu lintas mah, contona wae upami Ujang berkendara motor, éta kedah ngaggé hélem, gaduh Surat Izin Mengemudi (SIM), kedah taat kana rambu-rambu lalu lintas, jrrd."
Akmal : “……………………….”
Pa Hasan : “Tangtu waé aya, misal kanggo pengendara motor di jalan raya kena tilang, teras henteu gaduh SIM, éta dipidana ku pidana kurungan panglamina 4 bulan atawa denda pangseueuerna sajuta rupiah”.
Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan wawancara di luhur nya éta ....
“Aya sanksi anu tangtu henteu upami urang ngarempak éta aturan?”
“Teras saé atanapi henteu upami éta aturan teu aya?”
“Kumaha carana urang taat kana aturan lalu lintas?”
“Kumaha kamandang bapak ngeunaan aturan lalu lintas?”
“Naon fungsina aturan lalu lintas téh?”
Baca sing gemet téks wawancara di handap!
Euis : “ Sampurasun, punten Ibu ngawagel”
Bu Encas : “Rampés, mangga néng hoyong naon?”
Euis : “Ieu bu abi badé tumaros, harga céngék ayeuna sabaraha?
Bu Encas : “ Mahal puguh néng, kamari mah sakilo 20 rébu, ayeuna mah naék jadi 35 rébu sakilona téh”
Eusi : “ Kumaha harga-harga anu sanésna?
Bu Encas : “ Kantena geulis” Euis : “ Hatur nuhun ibu kanggo informasina”
Bu Encas :“ Sawangsulna”
Eusi téks wawancara di luhur téh nya éta ….
harga sembako
harga céngék
harga sayur
naékna harga
néng euis ngajak wawanohan ka tukang sayur
Baca téks wawancara di handap!
Nu nanya : “Tarékah naon kinten-kintenna sangkan jalma-jalama hususna generasi ngora teu kalibet nggunakeun narkoba?”
Narasumber :”Anu leuwih utamana mah dibina ku kolotna di lingkungan kulawarga. Barudak salaku generasi ngora kudu dididik, diatik ku ajaran agama, sangkan kandel kaimanan. Barudak kudu apal yén narkoba téh barang haram nu dilarang ku agama jeung pamaréntah, sabab bakal ngarusak méntal jeung runtuhna nagara”.
Ragam basa nu digunakeun ku narasumber dina wawancara di luhur nyaéta ....
lemes keur sorangan
lemes keur ka batur
loma
kasar
cohag
Baca teks sajak di handap!
Pananjung
Ku éndah laut
lauk ngibing sela-sela lukut
Ku éndah pagunungan
manuk ngelak dina dahan
Laut jeung pagunungan
di Pananjung sasalaman
(dicutat tina Basa Sunda Urang)
Kecap ngibing dina sajak di luhur saharti jeung ....
nyelap
ngojay
ngéngklak
napel
muntang
Baca téks sajak di handap!
Priangan
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan……..
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(dicutat tina Tepung di Bandung)
Unsur rasa nu nyangkaruk dina sajak di luhur nyaéta….
sedih
bungah
reueus
keuheul
éndah
Baca teks sajak di handap!
Pananjung
Ku éndah laut
lauk ngibing sela-sela lukut
Ku éndah pagunungan
manuk ngelak dina dahan
Laut jeung pagunungan
di Pananjung sasalaman
(dicutat tina Basa Sunda Urang)
Parafrase sajak di luhur nyaéta….
nyaritakeun laut pananjung
nyaritakeun éndahna pagunungan
nyaritakeun lauk ngibing
nyaritakeun kaéndahan laut pananjung
nyaritakeuk manuk euntreup dina dahan
Baca ieu teks biantara di handap!
Cai dina Angen-angen Urang Sunda
a) Assalamu’alaikum
b) Sadaya puji kagungan Alloh Nu Murbéng Alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
c) Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun rewu nuhun, réhna simkuring dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara perkara “Cai dina Angen-angen urang Sunda”
d) Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai,nepi ka dina kahirupan urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai, katitén tina ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka, Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur tatanén atawa ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
e) Hadirin anu sami rawuh, Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
f) Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka. Hatur nuhun.
g) Wassalamu’alaikum.
Ungkara anu luyu jeung eusi biantara di luhur nya éta.....
Patempatan di tatar Sunda asalna lain tina cai
Kahirupan manusa tara dipatalikeun jeung alam
. Kahirupan moal lumangsung lamun taya cai
Cai téh dianggap kabutuhan nu teu pati penting
Kahirupan urang Sunda dipatalikeun jeung cai
Baca ieu teks biantara di handap!
Cai dina Angen-angen Urang Sunda
a) Assalamu’alaikum
b) Sadaya puji kagungan Alloh Nu Murbéng Alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
c) Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun rewu nuhun, réhna simkuring dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara perkara “Cai dina Angen-angen urang Sunda”
d) Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai,nepi ka dina kahirupan urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai, katitén tina ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka, Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur tatanén atawa ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
e) Hadirin anu sami rawuh, Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
f) Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka. Hatur nuhun.
g) Wassalamu’alaikum.
Nu kaasup bagian bubuka dina biantara “Cai dina Angen-angen Urang Sunda”, aya dina bagian…
(a)
(b)
(c)
(d)
(e)
Bapa Pupuhu Sakola maparin biantara dina acara paturay tineung ngagunakeun catetan leutik. Ditilik tina métodeuna Bapa Pupuhu Sakola ngagunakeun métodeu...
biantara ku cara ngapalkeun
biantara ku cara maca naskah
biantara ékstémporan
biantara kontémporér
biantara impromptu
Hadirin anu sami rawuh,
Sateuacan sim kuring ngadadarkeun perkawis pentingna diajar dina kahirupan sapopoé namung hapunteunna sanés maksad badé mapatahan ngojay ka meri, namung éstu sim kuring kapapancénan kedah ngadugikeun perkawis hal ieu.
Ungkara “mapatahan ngojay ka meri”dina téks di luhur ngandung harti....
kudu silih élingan ngeunaan pentingna cai
mapatahan ka jalma anu pinter
kudu sauyunan, sapapait-samamanis
mun rék tatanén kudu diatur ku ulu-ulu
kudu ngutamakeun miara cai
Titénan ieu pancén panata calagara.
(1) Nyebutkeun jejer jeung pasualan anu rék disawalakeun
(2) Ngatur saha anu kudu nyarita
(3) Ngatur lumangsungna acara kalayan tandes
Dumasar kana pedaran di luhur, éta pancén téh mangrupa pancén pikeun….
pengjejer
pamilon
panumbu catur
girang serat
girang pangajen
Dina hiji acara di sakola haladir sepuh (orang tua)/wali murid, guru, jeung pupuhu (kepala) sakola. Lamun sadayana kudu maparin pamapag/pangbagéa, urutan nu nepikeun pamapag/pangbagéa nu merenah nyaéta ....
pupuhu sakola, guru, jeung sepuh murid
guru, pupuhu sakola, jeung sepuh murid
guru, sepuh murid, jeung pupuhu sakola
sepuh murid, guru, jeung pupuhu sakola
sepuh murid, pupuhu sakola, jeung guru
Hadirin hormateun sim kuring aya waktos 30 menit deui kanggo bagéan dialog. Bilih diantawis sadérék aya kapanasaran, atanapi badé ngadugikeun kamandangna mangga dihaturanan.
Ungkara di luhur kaasup kana ...
salam bubuka
ngawanohkeun diri
ngamimitian sawala
ngahaturanan pamilon
mungkas sawala
Nanging sateuacan kelompok VII menyampaikan materina, sim kuring badé ngenalkeun saurang-saurangna.
Kecap anu merenah pikeun kecap nu dikandelan diluhur nyaéta . . .
ngadugikeun, ngenalkeun
nepikeun, ngenalkeun
nyampékeun, ngenalkeun
méré nyaho, ngawanohkeun
ngadugikeun, ngawanohkeun
Baca sempalan carita pondok ”Tukang Kembang” karya Gagah Nugraha Aulia ieu di handap!
Saréréa. Saimah-imah. Pa Gumbira, Apana Inggit. Bu Gumbira, indungna. nyaah pisan ka si Aki. Atuda Unggal si Aki mulang ka lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oléholéh husus keur Inggit. Nu dimaksud si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langgangan bu Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa jeung baraya. Mana komo sanggeus Si Aki tukang kembang siga nu nyaaheun pisan ka Inggit. Malah pok deui-pok deui nyebutkeun asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung baraya baé Urang Panjalu si Aki téh. Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora kénéh geus bubuara ka Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang jeung rancatan. Ka béh dieu ganti ngajualan kembang.Sabulan atawa dua bulan sakali, sok mulang ka lemburna. Ku sabab geus teu asa jiga téa., ku Bu Gumbira sering dibahanan oléh-oléh bawaeun ka lemburna. Aya gula, kopi, sirop, kué kaléng, sakapeung pakéan urut batur keur babasah. Anu tara téh ngongkosan, lantaran keukeuh tara ditarima. Teu sangka nya, si Aki tukang nyunyurung roda kembang téh, putra-putrana maraju. Diantarana waé anu natamu ka pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi sagala, cenah, anjeunna téh.
Dumasar kana sempalan carita pondok di luhur, mana anu teu kaasup ajén atikan anu bisa dipaké tur dipatalikeun jeung kahirupan sapopoé di masarakat....
ulah ngajén jalma tina tagogna (pangawakanana)
upama urang bageur ka batur, pasti batur ogé bageur ka urang
kahirupan dina éta carita teu mustahil bakal kajadian
Si Aki urang Panjalu. Ari urang Panjalu osok marerih.
jalma anu beunghar teu salawasna boga sikep adigung
Titénan sempalan carita pondok “Putri Jin” ieu di handap!
“Putra Aria Wangsagoparana teteg manahna. Anjeunna geus aya deui dina pangcalikanana anu biasa, batu démprak di gunung cadas. Jung ngadeg, nyawang kasakuriling bungking. Lapat-lapat kasawang alam paraméan anu kedah disorang ku anjeunna. Aing lain ngan ukur incuna Sunan Ciburang, lain ukur anakna Wangsagoparana, aing téh Wiratanudatar. Haté aing geus teteg, suku aing geus panceg, ngadeg dina tangtungan sorangan. Aing geus sanggup manggul kawayiban, sabab lemahna ayeuna mah geus sadia, nya éta martabat aing sorangan.(CPPJ:47)”
Dumasar kana sempalan téks carpon di luhur, watek Putra Aria Wangsagoparana anu kapanggih dina éta carita nyaéta...
Loba kasieun
Adigung
Panceg Kayakinan
Borangan
Sieunan
Dumasar kana data di na tabel, mana anu kaasup kana ciri-ciri carita pondok...
3, 4, 5,6,8,9,10,12,13
2,3,4,6,7,8, 10, 14, 15
1,3,4,6,7,9,10,12,13
1,3,4,6,7,9,11,12,13
4,5,9,10,12,13, 14, 15
Dumasar tabél, nu kaasup unsur biografi nu bener ditunjukeun ku nomer....
1-2-3-4-5-6-8-9
1-2-3-5-6-7-8-9
1-2-3-4-5-7-8-9
1-2-4-5-7-8-9-10
1-3-4-6-7-8-9-10
Baca teks biografi di handap!
Mohammad Toha
Toha diwedalkeun di Jalan Banceuy, Desa Suniaraja, Bandung dina taun 1927. Bapana namina Suganda sarta indungna anu asalna ti Kedunghalang, Bogor Kaler, Bogor, namina Nariah. Toha barobah kaayaan anak pahatu sabot dina taun 1929 bapana maot. Indung Nariah saterusna nikah deui ka Sugandi, adi bapa Toha. Nanging henteu lami, duanana pirak sarta Muhammad Toha dicokot ku aki sarta nini na ti pihak bapa (Bapa Jahiri sarta Ibu Oneng). Toha mimiti lebet Volk School (Sakola Rahayat) dina umur 7 taun dugi kelas 4. Sakolana kaeureunkeun sabot Perang Dunya II.
Dina mangsa pendudukan Jepang, Toha mimiti mikawanoh dunya militer kalawan ngasupan Seinendan. Sapopoe Toha oge ngabantuan akina di Biro Sunda, saterusna didamel di bengkel motor di Cikudapateuh. Satuluyna, Toha diajar jadi montir mobil sarta didamel di bengkel militer Jepang. Ku kituna, manehna oge sanggem nyarios ka Jepang.
Sanggeus Indonesia merdika, Toha kataji kanggo gabung kana badan perjuangan Jajaran Rakyat Indonesia (BRI), anu dipingpin ku Ben Alamsyah, mamang Toha sorangan. BRI setuluyna dibeungkeutkeun kalawan Jajaran Pelopor anu dipingpin ku Anwar Sutan Pamuncak barobah kaayaan Jajaran Banteng Republik Indonesia (BBRI). Dina laskar ieu manehna diuk minangka Komandan Seksi I Haturan Penggempur. Nurutkeun katerangan Ben Alamsyah, mamang Toha, sarta Rachmat Sulaeman, tatangga Toha oge Komandanna di BBRI. Toha nyaeta saurang nonoman anu calakan, tumut ka sepuh, ngabogaan disiplin anu kuat sarta dipikaresep ku babaturanana. Dina taun 1945 eta, Toha digambarkeun minangka nonoman gede wananen kalawan pancaran panon anu seukeut.
Sanggeus penandatanganan jangji-jangji kapitulasi Jepang, sakumna persenjataan Soldadu Kekaisaran Jepang dibikeun tanpa sarat ka Soldadu Sekutu anu bade mulangkeun kakawasaan Belanda di Hindia-Belanda. Nanging persenjataan Soldadu Kekaisaran Jepang seueur direbut ku pajoang kamerdikaan Republik Indonesia. Dina ping 21 Nopember 1945
Sumber: indraabaikkers.blogspot.com
Dumasar sempalan téks biografi di luhur, naon nu ngabalukarkeun Toha bisa wanoh ka dunia militer....
lantaran pendudukan Jepang
sabada lebet kana Sainendan
mamangna gé pingpinan BRI
sabab dibéré jabatan komandan
damel di béngkél tumpakan jepang
Numutkeun sistematika nulis bahasan, aya léngkah-léngkah nu dumasar kana unsur-unsurna, nya éta ...
Nèangan ilham/ide, nangtukeun jejer, nyusun rangka tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun judul
Nangtukeun judul, nangtukeun téma, néangan idé, patokan basa
Nyusun rangka tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun jejer, nangtukeun judul,
Néangan idé, nangtukeun téma, nyusun rangka, nangtukeun judul, patokan basa
Néangan idé, nangtukeun téma, nyusun rangka tulisan, basa nu digunakeun
Dina ngajéntrékeun atawa medar hiji perkara, aya rupa-rupa téhnik nu dipaké dina nulis karangan diantarana ...
téhnik idéntifikasi, klasifikasi, définisi,
téhnik idéntifikasi, prosedural, prosés
téhnik prosés, definisi, prosedural
téhnik definisi, isian, prosedural
téhnik definisi, idéntifikasi, prosedural
Dina ngawangun imah teu meunang maké bata, jeung semén, réhabna kudu ngagunakeun kai jeung awi (1). Ogé teu meunang dipaseuk ku paku nu dijieun tina beusi atawa baja (2). Kitu deui hateup imah kudu maké kiray atawa injuk kawung (3). Ku kituna sangkan bahan keur piimaheun tetep nyampak, unggal marga mun ngabogaan anak, sapoé sanggeusna éta orok gubrag ka dunya, bapana kudu melak tutuwuhan pangpangna kai jeung kiray (4). Susunkeun rarancang nu merenah kalimah di luhur ....
1, 2, 3, 4
1, 3, 2, 4
2, 3, 1, 4
2, 1, 3, 4
3, 4, 2, 1
Upama ditilik tina strukturna tulisan résénsi téh ilaharna ngawengku....
pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung analisis karya
pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung kritik karya
pedaran ngeunaan riwayat penerbit buku, tingkesan atawa gurat badag carita jeung analisis karya.
pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung publikasi karya
pedaran ngeunaan riwayat hirup pangarang, tingkesan atawa gurat badag carita, jeung publikasi karya
Carita rékaan anu ukurana paranjang, gelarna dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun tur dipirig ku kacapi diebut...
Dongeng
Wawacan
Carita pantun
Carita wayang
Guguritan
Palaku utama teh ahirna bisa mulang/balik deui ka nagara asalna sangeus ngalalana meunang rupa-rupa dodoja, cocoba, sarta pribadina beuki punjul. Ungkara samodel kieu kaasup kana galur ...
Galur simpay
Galur leunjeuran
Galur maju
Galur mundur
Galur mobok tengah
Kacaritakeun patih dua sakembaran, Patih Purawesi, Patih Puragading, sejanna kapasamoan, bawana hayam hiji, patepung di alun-alun jeung Ciung Wanara. Eta ungkara kasuup bagian ...
Rajah pamuka
Narasi
Dialog
Monolog
Rajah pamungkas
Tokoh-tokoh anu dilalakonkeun dina carita pantun teh umumna, nya eta ...
satria atawa putri ti Karajaan Galuh jeung Pajajaran
rayat biasa ti Tatar Sunda
raja-raja di Tatar Sunda
raja-raja di luar Tatar Sunda
sing saha wae nu aya hubunganana jeung Tatar Sunda
Epik Mahabrata
Dumasar Gambar di luhur Duryudana ka Barata pernahna ...
anak
bapa
buyut
uwa
aki
Titénan ieu pernyataan di handap!
(1) Gagasan nu diangkat dina tulisan kudu patali jeung kapentingan jalma réa.
(2) Miboga gagasan nu aktual jeung atawa kontrovérsial
(3) Ditulis kalayan référénsial ku visi nu inteléktual
(4) Sipat tulisanana kudu naratif jeung subjéktif’
(5) Aya ngaran nu nulisna
Artikel nu ditulis pikeun kalawarta atawa majalah mibanda ciri-ciri nya éta .....
1 - 2 - 3
1 - 2 - 4
3 - 4 - 5
2 - 3 - 4
1 - 3 - 5
(1) Ceuk kolot baheula, maksud upacara téh pikeun sukuran duméh geus hasil panén. (2) Upacara anu pentingna mah nya éta upacara Ampih Paré. (3) Aya deui hiji kabiasaan anu sok dilaksanakeun unggal taun nya éta Upacara Sérén Taun. (4) Lilana upacara téh tilu poé peuting. (5) Dilaksanakeun dina poé kahiji, lolobana mah hiburan wungkul. Urutan kalimah di luhur ngawangun paragrap nu bener nya éta ...
No (1), (2), (3), (4), jeung (5)
No (3), (1), (4), (2), jeung (5)
No (1), (3), (2), (5), jeung (4)
No (2), (1), (4), (3), jeung (5)
No (5), (4), (1), (3), jeung (2)
Sempalan dina carita pantun Mundinglaya di Kusumah:
Astagfirullahhaladim
Astagfirullahhaladim
Astagfirullahhaladim
Astagfirullahhaladim
Opat puluh kali astagfirullahhaladim
Bulkukus ngelun kamanggung
Ka manggung ka sang rumuhun
Ka batara kabatari
Ka batara neda suka
Ka batara neda suci
Ka nu Agung neda maap
Dumasar kana sempalan carita pantun di luhur kaasup kana bagian...
Narasi
Dialog
Rajah panutup
Deskripsi
Rajah Pamuka
