NEW
Font size
WorksheetsPANGAJARAN 3 SAJAK
Total questions: 20
Worksheet time: 7mins
Puisi anu eusina mangrupa carita nyaéta...
Sajak
Sisindiran
Wawacan
Guguritan
Kawih
Karya sastra Sunda modérn anu kaasup karya sastra wangun puisi jeung ditulis dina wangun ugeran anu teu kauger ku patokan wangunna disebut...
Sajak
Sisindiran
Guguritan
Kawih
Wawacan
Asupna wangun sajak kana sastra Sunda téh kira-kira taun...
1940-an
1950-an
1960-an
1970-an
1980-an
Anu teu kaasup kana ciri-ciri sajak nyaéta...
Kaasup kana karya sastra Sunda modérn
Mangrupa karya sastra sampeuran
Ditulis dina wangun ugeran
Jumlah jajar, bait, atawa engangna bebas
Kaasup kana karua sastra Sunda buhun
Di handap ieu nyaéta panyajak anu kasohor, iwal...
Raden Suraadiredja
Rahmat M Sas Karana
Agus Sur
Godi Suwarna
Kis W S
Paroman dina maca sajak nyaéta...
Kontrol sora anu bedas jeung béntés
Mimik atawa ekspresi anu saluyu jeung sajak
Ébréhan rarasaan anu hayang ditepikeun
Inti tangtungan karangan rékaan
Pasang peta leungeun jeung suku
"Ujang Ogé Hayang Sakola" nyaéta sajak anu ditulis ku...
Hikmat Sadkar
Yayat Hendrayana
Kis W S
Agus Sur
Gumiwang Tresna K
Di handap ieu nyaéta amanat anu deuk ditepikeun ku Gumiwang Tresna dina sajak "Ujang Ogé Hayang Sakola", iwal...
Kudu boga rasa syukur bisa sakola
Sakola téh kudu junun
Boga émpati pikeun jelema sejenna
Kudu bisa nurut kanu jadi guru
Nunjukkeun pentingna ngahargaan waktu
Sajak anu ngagambarkeun rasa jeung pikiran pangarangna bari henteu ngalalakon disebut...
Sajak épik
Carita babad
Sajak lirik
Sisindiran
Carita pantun
Anu asup kana adegan batin dina sajak nyaéta...
Tipografi
Pilihan kecap (diksi)
Wirahma
Gaya basa (Majas)
Purwakanti
Padeukeutna sora basa dina tungtung rumpaka sajak disebut...
Tipografi
Diksi
Purwakanti
Majas
Wirahma
Gaya basa anu ngibaratkeun barang atawa sasatoan boga kalakuan siga jelema nyaéta...
Gaya basa personifikasi
Gaya basa similé
Gaya basa rarahulan
Gaya basa lalandian
Gaya basa sindir
Conto gaya basa mijalma atawa personifikasi nyaéta...
Citarum babalongkéngan
Adi lanceuk téh meni akur sauyunan lir gula jeung peueut
Sawah Kang Amir mah luasna satungtung deuleu
Hayu atuh urang turun kahandap
Tulisan Éri siga cékér hayam
Gaya basa similé nyaéta...
Gaya basa mijalma
Gaya basa ngupamakeun
Gaya basa anu ngaleuleuwih
Gaya basa anu ngandung harti teu kudu
Gaya basa anu nyindi
Kacang ninggang kajang miboga harti...
Beungeutna beureum
Pingsan
Mirip pisan
Ngomong waé/ngorocos
Teu daék cicing
Pilih kalimah anu bener!
Nita diwedak camerok kawas careuh bulan
Basa dicarékan téh manehna ngeluk tungkul siga bueuk meunang mabuk
Budak teh diukna teu bisa cicing siga cacing kapanasan
Bakat ku ambek, beungeutna beureum siga beusi atah beuleum
Adi lanceuk teh siga cai jeung minyak, teu bisa ngahiji!
Sajak dibacakeun ku cara ngandung elemen teater disebut...
Musikalisasi sajak
Maca sajak
Teater sajak
Dramatisasi sajak
Musik sajak
Sajak anu kungsi didramatisasi nyaéta "Janté Arkidam" karya...
Ajip Rosidi
Agus Sur
Rahmat M Sas Karana
Kis WS
Godi Suwarna
Cara maca sajak anu dipirig ku musik disebut...
Musikalisasi sajak
Musik sajak
Dramatisasi sajak
Teater sajak
Maca sajak
Sajak anu kungsi dimusikalisasi salah sahijina "Grand Prix" karya...
Juniarso Ridwan
Hadi AKS
Godi Suwarna
Rahmat M Sas Karana
Ari Ardiansyah
