wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Lanceukna indung/bapa disebutna....

a)

bibi

b)

paman

c)

ua

d)

suan

2.

Di handap ieu nu lain kalimat aktif, nyaeta....

a)

Mang Nana keur ngala buah.

b)

Kang Dudung meuncit hayam.

c)

Bapa ngala lauk di balong.

d)

Jang Adang kacugak paku.

3.

Di handap ieu kecap-kecap nu ngandung rarangken tukang -ing/-ning, iwal....

a)

mungguhing

b)

kersaning

c)

ceceting

d)

bakating

4.

Dawegan teh keur meujeuhna (leho).

a)

lehoan

b)

lelehoan

c)

ngaleho

d)

lumeho

5.

Kalimah di Handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana, nyaeta....

a)

Hayu ah urang ucing sumput.

b)

Barudak kelas VI keur diajar basa Sunda.

c)

Iraha kang Ajat Sumpingna?

d)

Doni, Pangnyandakeun buku di perpustakaan!

6.

"Lina teh sakolana geus kelas VI" Kalimah pananya anu cocok keur eta jawaban, nyaeta....

a)

Dimana Lina teh sakolana?

b)

Sok kana naon Lina teh indit sakolana?

c)

Kelas sabaraha Lina teh sakolana?

d)

Saha nu geus sakola kelas VI teh?

7.

Kecap nu teu ngandung rarangken tengah -ar-, nyaeta....

a)

arindit

b)

jaragjag

c)

baralik

d)

karadak

8.

Dina karangan carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal....

a)

galur

b)

latar

c)

wirahma

d)

palaku

9.

Pupuh pucung ngabogaan watek .....

a)

pikaseurieun atawa banyol

b)

piwuruk, wawaran atawa kakaget

c)

kaprihatinan atawa pinalangsaeun

d)

laku tamba kesel jeung pangangguran

10.

Baca pupuh di handap!

Utama jalma kudu rea batur

keur silih tulungan

silih titipkeun nya diri

budi akal lantaran ti pada jalma

Dumasar kana pupuh di luhur, ku naon pangna jalma kudu rea batur ....

a)

sangkan bisa silih tulungan jeung kulawarga

b)

sangkan bisa silih asih, asah, asuh jeung kulawarga

c)

sangkan silih titipkeun diri tur silih tulungan jeung pada jalma

d)

sangkan dipikanyaah ku guru, kolot, jeung babaturan

11.

Baca pupuh di handap ieu!

Utamana jalma kudu rea batur

Keur silih tulungan

Silih titipkeun nya diri

Budi akal lantaran ti pada jalma

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur nyaeta ....

a)

9a-8i-7a-12a

b)

12u-6a-8i-12a

c)

12i-12u-8a-8u

d)

12a-8i-6a-12a

12.

Baca pupuh dihandap!

Utama jalma kudu rea batur

keur silih tulungan

silih titipkeun nya diri

budi akal lantaran ti pada jalma


guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur nyaeta .. .

a)

9a,8i,7a,2i

b)

12u,6a,8i,12a

c)

12i,12u,8a,8u

d)

12a,8i,6a,12u

13.

pek baca pupuh dihandap!

Negri urang katelahna Indonesia

diriksa tur dijaring

sumirat kamarana

berkahna pancasila

ageman eusing nagari

yu sauyunan

ngawangun lemah cai

pupuh diluhur disebutna pupuh ....

a)

durma

b)

kinanti

c)

sinom

d)

asmarandana

14.

Pupuh durma miboga watek ...

a)

ambek

b)

Sedih

c)

Prihatin

d)

Gumbira

15.

Pupuh mijil miboga watek ...

a)

Sedih

b)

Gumbira

c)

Ambek

d)

Bungah

16.

Guru lagu nya éta ...

a)

engang / sukukata

b)

hurup vokal ditungtung kalimah

c)

baris

d)

bait

17.

Guru wilangan nya éta ...

a)

engang/ suku kata

b)

hurup vokal ditungtung kalimah

c)

baris

d)

bait

18.

Pupuh Durma dina sapada aya ... padalisan

a)

7

b)

5

c)

3

d)

1

19.

Nu dimaksud sapada nya éta ...

a)

sabait

b)

Dua bait

c)

baris

d)

duabaris

20.

Nu dimaksud padalisan nya éta ...

a)

sabait

b)

duabait

c)

baris

d)

dua baris

21.

Ungkara sastra anu winangun dumasar kana pupuh nya éta ...

a)

Biantara

b)

Warta

c)

Guguritan

d)

Sisindiran

22.

Ulah sok ... lantaran kurang hade eta teh. alusna mah urang teh handap asor


kalimah di luhur lengkepan pake paribasa nu merenah nyaeta ....

a)

ngadu angklung

b)

ngelmu angklung

c)

goong saba karia

d)

goong nabeuh maneh

23.

ninggalkeun pagawean nu utama, ngagarap pagawean sejen nu taya hasilna


arti paribasa nu di luhur nyaeta ....

a)

cul dogdog tanggel igel

b)

goong nabeuh maneh

c)

ngadu angklung

d)

darma wawayangan

24.

Hirup urang teh ... beurang peuting aya nu ngusik malikkeun


kalimah di luhur lengkepan pake paribasa nu merenah nyaeta ....

a)

dogdog pangrewong

b)

darma wawayangan

c)

cul dogdog tanggel igel

d)

ngadu angklung

25.

Paribasa "ngadu angklung" artina nyaeta ....

a)

parebut omong hayang paagul-agul

b)

menta bayaran memeh digawe

c)

milu nyarita dina pasamoan, milu nembrong

d)

datang sorangan ka nu kariaan lain lantaran diondang

26.

joledar atawa ngantep ka kolot


arti paribasa nu di luhur nyaeta ....

a)

darma wawayangan

b)

dogdog pangrewong

c)

pupulur memeh mantun

d)

ngelmu angklung

27.

Da kitu adatna, sok sunggrak-sanggrok ka nu hajat ngadon dahar wungkul. Siga paribasa ....

a)

ngadu angklung

b)

kawas wayang pangsisina

c)

goong saba karia

d)

dogdog pangrewong

28.

Tacan nanaon geus menta buruh, anggeuskeun heula atuh sasapuna, ulah ... engke ge ku bapa diburuhan


kalimah di luhur lengkepan pake paribasa nu merenah nyaeta ....

a)

dogdog pangrewong

b)

darma wawayangan

c)

pupulur memeh mantun

d)

goong saba karia

29.

sok ngagulkeun diri sorangan, arti di paribasa ....

a)

goong nabeuh maneh

b)

ngadu angklung

c)

ngelmu angklung

d)

cul dogdog tanggel igel

30.

Paribasa "kawas wayang pangsisina" artina nyaeta ....

a)

jalma nu hirup teh aya nu ngatur, nyaeta Pangeran

b)

rupana goreng patut

c)

joledar atawa ngantep ka kolot

d)

parebut omong hayang paagul-agul

31.

Lauk anu diasakan ku cara dipais nyaeta....

a)

goreng lauk

b)

acar lauk

c)

pais lauk

d)

beuleum lauk

32.

Gula kawung teh asalna dijieun tina...

a)

cai tiwu

b)

bubuahan

c)

cai lahang

d)

cai atah

33.

Anu kaasup kana kadaharan has Sunda nyaeta....

a)

sirop

b)

anggur

c)

bajigur

d)

jus

34.

Kadaharan has ti daerah Cililin nyaeta....

a)

wajit

b)

dodol

c)

kalua

d)

galendo

35.

Kadaharan has ti daerah Cianjur nyaeta...

a)

tauco

b)

kiripik

c)

tahu

d)

ladu

36.

Ieu dihandap kadaharan anu tara biasa dipais, nyaeta...

a)

lauk

b)

oncom

c)

tahu

d)

kacang

37.

Ieu dihandap nu heunteu kaasup kana rupa-rupa bubur, nyaeta...

a)

bubur hayam

b)

bubur sangu

c)

bubur kacang

d)

bubur lemu

38.

Ieu dihandap nu heunteu kaasup kana rupa-rupa kadaharan has Sunda nyaeta...

a)

burayot

b)

karedok

c)

bibika ambon

d)

kalua

39.

kalua jeruk teh dijieunna tina

a)

buah jeruk

b)

cangkang jeruk bali

c)

cai jeruk

d)

kulit jeruk

40.

Ieu dihandap anu heunteu kaasup kana rupa-rupa kadaharan anu asalna tina tipung beas, nyaeta....

a)

ali agrem

b)

nagasari

c)

surabi

d)

comro