NEW
Font size
WorksheetsSTS BAHASA SUNDA GENAP X 24-25
Total questions: 25
Worksheet time: 1hrs 6mins
Sasiki béntang napel na pipi hiji mojang tapi di langit weléh asa euweuh nu leungit Ditilik tina wangunna, sajak kaasup jenis karya sastra…..
Bebas
Drama
Lancaran
Prosa
Puisi
Sajak jeung puisi téh dua istilah nu raket patalina, tapi boga harti nu béda. Nu ngabédakeun antara sajak jeung puisi dina sastra Sunda nya éta…..
Sajak ditangtukeun polana, puisi teu ditangtukeun polana
Sajak kauger ku guru wilangan, puisi kauger ku guru lagu
Sajak salah sahii jenis karya sastra, puisi salah sahiji jenis sajak
Sajak salah sahiji jenis puisi, puisi salah sahiji jenis karya sastra
Sajak ditulis dina wangun ugeran, puisi ditulis dina wangun lancaran
Wasiat Konglomerat
yasana: Taufik Faturohman
Lamun Apih paéh
pangbungkuskeun ku salambar boéh
ladang ngélékéték
tina rupa-rupa proyék
Lamun Apih nemahan pati
pangmesenkeun padung jati
ladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa-rupa korupsi
Kontrak-kontrak nu can ditéken
jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun
awurkeun luhureun paésan
na tetengerna heug tulisan
"parantos mulih ka kalanggenan
Apih, konglomerat tuladan"!
1992
Téma nu nyampak tina sempalan sajak Wasiat Konglomerat nyaéta….
Budaya Sunda
Kaayan sosial
Kaayaan alam
Parobahan jaman
Parobahan moral
Wasiat Konglomerat
yasana: Taufik Faturohman
Lamun Apih paéh
pangbungkuskeun ku salambar boéh
ladang ngélékéték
tina rupa-rupa proyék
Lamun Apih nemahan pati
pangmesenkeun padung jati
ladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa-rupa korupsi
Kontrak-kontrak nu can ditéken
jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun
awurkeun luhureun paésan
na tetengerna heug tulisan
'"arantos mulih ka kalanggenan
Apih, konglomerat tuladan"!
1992
Dina sajak Wasiat Konglomerat, pangarang nempatkeun diri minangka…
anak koruptor nu éra ku kalakuan kolotna
jalma nu reueus kana kabeungharanna
koruptor nu reueus kana hasil gawéna
masarakat nu teu resep ka koruptor
rahayat nu ripuh lantaran koruptor
Wasiat Konglomerat
yasana: Taufik Faturohman
Lamun Apih paéh
pangbungkuskeun ku salambar boéh
ladang ngélékéték
tina rupa-rupa proyék
Lamun Apih nemahan pati
pangmesenkeun padung jati
ladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa-rupa korupsi
Kontrak-kontrak nu can ditéken
jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun
awurkeun luhureun paésan
na tetengerna heug tulisan
"parantos mulih ka kalanggenan
Apih, konglomerat tuladan"!
1992
Amanat nu hayang ditepikeun ku pangarang dina sajak Wasiat Konglomerat nyaéta…
ngungudag dunya mah moal aya tungtungna
harta moal bisa salawasna nyalametkeun manusa
jalma jaman kiwari geus loba nu leungiteun kaéra
harta jeung pangkat ngajadikeun manusa gedé hulu
Status sosial téh nangtukeun sikep hiji jalma
Cinta
Sasiki béntang napel na pipi hiji mojang
tapi di langit weléh asa euweuh nu leungit
Sajak Cinta nyaritakeun ngeunaan…
béntang nu teu pernah ngaleungit
jajaka nu bogoh ka hiji mojang
jajaka nu resep ningali béntang
mojang nu boga karang dina pipina
mojang nu geulisna siga béntang
Eusi sajak bisa dicaritakeun deui dina wangun basa nu séjén (prosa). Robahna sajak kana wangun basa séjén disebut parafrase. Ieu di handap nu kaasup sempalan parafrase padalisan kadua sajak Panginten nyaéta…..
anjeun téh jadi carita dina haté kuring
saban waktu kuring tutuluyan inget ka anjeun
nepika iraha anjeun teu malire kuring
nepika iraha anjeun trésna ka manéhna
kuring capé tuluy miharep anjeun
Amanat nu nyampak tina sempalan sajak Di Panugaran Batu Curug Sigay nyaéta…..
Digawé téh kudu soson-soson sangkan meunang hasil nu hadé
Jalma beunghar loba nu kalakuanna goréng
Kudu silih tulungan papada manusa
Lamun digawé téh kudu nyaho hasil gawéna jadi naon
Sakabéh pagawéan kudu dilakonan kalayan ihlas
Citraan (imaji) kalebet kana unsur sajak....
Adegan Lahir
Adegan Batin
Tipografi
Wirahma
Wangun Sajak
Sasiki béntang napel na pipi hiji mojang tapi di langit weléh asa euweuh nu leungit Ditilik tina wangunna, sajak kaasup jenis karya sastra…..kecap citraan dina kalimat diluhur nyaéta....
Sasiki béntang
Napel
Pipi
Mojang
Sasiki
Ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahkeun atawa nyelapkeun kekecapan, nepi ka sajak téh kaharti eusi atawa maksudna disebut….
a. Dramatisasi
b. Parafrase
c. Déklamasi
d. Musikalisasi
e. Maca Sajak
Téks:
Sawah upluk-aplak
salin jinis robah wanda
ngajirim jadi kebon beusi beton
pabrik industri
Sawah sakotak
di tutugan dua gunung
di sisi dua lamping
dimurah-maréh
Sabada dianalisis, eusi sajak di luhur nyaéta....
a. masih kénéh loba pasawahan di sabudeuran urang
b. di mana-mana masih aya sawah anu ngahéjo
c. harga sawah ayeuna geus murah
d. kaéndahan alam teu robah najan zaman geus robah
e. kaéndahan alam geus robah ku sabab diteureuy zaman
Tanah Sunda
Karya: Ajip Rosidi
…..
Kuring tungtung teuteupan
Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian geutih ngabayabah
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Maranéhna nu mikacinta lemah cai
Ngalungsar teu walakaya
Rasa anu kapanggih sabada maca puisi di luhur nyaéta….
a. Bungah
b. Bagja
c. Nyeuri
d. Tegang (Keueung)
e. Daria
Citraan atawa imaji téh nyaéta pangaruh kecap ka nu maca sajak. Biasana mah aya patalina jeung naon nu karasa, katempo, jeung kadéngé ku maca tina kecap-kecap anu aya dina sajak. Ti sajak “Tanah Sunda” di luhur, kecap “Héjo pagunungan” kaasup citraan….
a. Auditif
b. Visual
c. Taktil
d. Motorik
e. Imajinati
Tanah Sunda
Karya : Ajip Rosidi
Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring
Dumasar sajak di luhur, anu kelir (warna)na héjo téh nyaéta….
a. Pagunungan
b. Lautan
c. Pakebonan
d. Walungan
e. Padataran
Tétéh Intan kelas XII KA 1 jadi béntang di acara wisuda angkatan Taun kamari.
Kecap béntang di luhur harti sabenerna nyaéta….
a. Pangsohorna
b. Pangkedulna
c. Panggeulisna
d. Pangresepna kana benda langit
e. Pangpunjulna
ZAMAN KIWARI
Karya: Man Suparman
Nu kudu dibuni-buni
Disingsat-singsat dibuka-buka
Disingkab-singkab ditémbong-témbong
Nyalindung satukangeun
Seni jeung hak azasi
Sabada dianalisis, eusi sajak di luhur nyaéta....
a. Muka aurat mangrupakeun hak azasi manusa
b. Aurat dibuka-buka, disingkab-singkab luyu jeung zaman
c. Aurat disingkab-singkab jeung ditémbong-témbong teu menang dikomplén
d. Seni jeung hak azasi leuwih luhur ti batan agama jeung moral
e. Watir ku kondisi zaman kiwari anu nyalindung di tukangeun seni jeung hak azasi sanajan ngalanggar aturan agama jeung moral misal muka jeung nyingkab aurat
“Munding téh geus dicangcang dina tangkal.”
Kecap dicangcang ngandung harti denotatif anu sarua hartina jeung….
a. Diduitan
b. Diparaban
c. Ditalian
d. Ditawarkeun
e. Diantepkeun
Sajak téh mibanda unsur-unsur pangwangun anu ngadeudeul kana jengléngan rumpakana téa. Ieu di handap anu teu kaasup kana adegan batin sajak nyaéta….
a. Téma (sense)
b. Rasa (feeling)
c. Wangun (tofografi)
d. Wirahma (tone)
e. Amanat (intention)
Salasahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi), tapi teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebutna….
a. Pupuh
b. Guguritan
c. Sajak
d. Sisindiran
e. Wawangsalan
Jalmi anu sok ngadamel sajak disebut panyajak, ieu di handap salah sahiji ngaran-ngaran panyajak Sunda anu kasohor, iwal ....
a.Ajip Rosidi
b. Godi Suwarna
c. Hetty Koesendang
d. Dedy Widiyagiri
e. Taufik Fathurohman
Maca sajak téh kudu dibarung ku paroman (mimik) anu luyu jeung bagian sajak anu ditepikeun. Upama macakeun bagian sajak anu pikabungaheun, paromanna berarti ....
a. Ambek
b. Reuwas
c. Sedih
d. Marahmay
e. Lucu
LEMBUR KURING
Karya : Gilang
éndah pisan lembur kuring
Disawang ti kaanggangan
Biru paul pagunungan
Kasimbutan ku halimun
Pasawahan anu upluk aplak
Patani keur barangpelak
Saban poé ngucur kesang
Engke panen bakal senang
Manuk manuk ngahariring
Dina tangkal dadap cangkring
Deudeuh teuing deudeuh teuing
Nungguan pare Konéng
Waas pisan lembur kuring
Tempat endah mantak tingtrim
Alam paparin Pangéran
Kudu diriksa dijaring
Tema sajak di luhur nyaéta .....
a. Sawah
b. Alam
c. Lembur
d. Kaéndahan
e. Taneuh nu subur
LEMBUR KURING
Karya : Gilang
éndah pisan lembur kuring
Disawang ti kaanggangan
Biru paul pagunungan
Kasimbutan ku halimun
Pasawahan anu upluk aplak
Patani keur barangpelak
Saban poé ngucur kesang
Engke panen bakal senang
Manuk manuk ngahariring
Dina tangkal dadap cangkring
Deudeuh teuing deudeuh teuing
Nungguan pare Konéng
Waas pisan lembur kuring
Tempat endah mantak tingtrim
Alam paparin Pangéran
Kudu diriksa dijaring
Sajak di luhur aya sabaraha padalisan……
a. 16
b. 5
c. 10
d. 18
e. 9
Priangan (Karya Rahmat M. Sas Karana)
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti enjing dugi ka sonten
Upami wengi dipepende bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
Sasaruaan kecap srangéngé dina priangan téh nyaéta...
a. Sareupna
b. Balébat
c. Cai panon
d. Panon poé
e. Hulu cai
