NEW
Font size
WorksheetsPSAJ
Total questions: 50
Worksheet time: 2hrs 40mins
Nu teu kaasup kana ciri-ciri carita pantun nya éta ..........
sumebar sacara lisan
caritana pondok
ngandung hal-hal nu pamohalan
ditepikeun ku juru pantun
ditepikeun kalawan dipirig ku kacapi
Ti dinya tuluy dibanjur hayamna Ciung Wanara, datang ka élingna pisan, gancangna dicandak deui kana pakalangan téa. Tuluy diabenkeun jeung hayam Prabu Ratu. Keur kitu hayam diadu, datang Nagawiru téa ti Gunung Padang, nyurup ka hayam Ciung Wanara.
Éta téks carita pantun kaasup kana bagéan .......
rajah
narasi
déskripsi
dialog
monolog
Itu teuneung ieu ludeung
Wani sarua daékna
Hayam téh prak baé abar
Silih pacok ku pamatuk
Silih peupeuh ku sukuna
Hayam sarua bedasna
Éta téks eusina ngagambarkeun kajadian ......
keur adu hayam
dipacok ku hayam
keur parebut hayam
keur néwak hayam
dibeberik ku hayam
Geus indit ti Nini Sugih, jalanna ka alun-alun, prok tepang jeung Ciung Wanara. Tuluy Léngsér téh ditanya, pokna, "Rék ka mana Uwa?"
"Rék ka Paséban, milu ka Uwa?"
"Embung, teu wawuh."
"Teu umum teu wawuh jeung kuring."
"Enya teu wawuh, da papanggih gé kakara."
Éta téks carita pantun kaasup kana bagéan .......
Rajah
Narasi
Déskripsi
Dialog
Monolog
Tamat nulad wawacan Rengganis, poé Saptu nuju jam sabelas, geus deukeut ka tengah poé, tanggal dalapan likur, Silih-Mulud Rabiul-ahir, nalika taun Hijrah, séwu tilu ratus, dua taun nu lumampah (1302), jeung marengan opat belas Pébruwari dalapan puluh lima (1885).
Éta téks wawacan téh mangrupa bagian ......
manggalasastra (alofon/bubuka)
panutup (kolofon)
munculna masalah (konflik)
eusi
wiwitan carita (carita mimiti)
Dina wawacan Surya Ningrat ditétélakeun yén karajaan Banuringsit diparéntah ku Raja Suryanagara. Éta raja téh boga putra ngarana Surya Ningrat. Ari Surya Ningrat téh boga garwa ngaranna Ningrumkusumah, anak patih. Sanggeus raja Suryanagara tilar dunya, Radén Surya Ningrat diangkat jadi raja.
Éta kajadian dina galur wawacan kaasup kana bagian ......
wiwitan carita
puncakna masalah
wekasan carita
munculna masalah
lelerna masalah
Wiwitan anu digurit, aya sahiji nagara, gedé sarta leuwih ramé, ngaran nagara Riskomar, dina jaman harita, kamashur ku tina unggul, ti saban nagara lian.
Keréta sartana mukti, henteu aya kakurangan, sumémbor ka nagri séjén, tina kamulyaanana, sagala kahasilan, samalah enggeus kasebut, huluwotan dayeuh lian.
Dumasar kana éta téks wawacan, nu teu luyu (tidak sesuai) jeung kaayaan nagara Riskomar nya éta ..........
nagara nu gedé sarta leuwih ramé
nagara nu kamashur ku tina unggul
nagara nu rahayatna loba nu susah
nagara nu henteu aya kakurangan
nagara anu mulya, sagala kahasilan
Pupuh anu mindeng dipaké dina wawacan mah nya éta pupuh sekar ageung. Nu kaasup kana pupuh ageung nya éta ..........
kinanti, sinom, asmarandana, durma
kinanti, sinom, maskumambang, durma
kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula
maskumambang, durma, asmarandana, dangdanggula
maskumambang, dangdanggula, wirangrong, mijil
Kalimah nu salah ngeunaan bédana carita pantun jeung wawacan nyaéta ..........
wawacan kauger ku patokan pupuh, carita pantun mah henteu
carita pantun mah aya rajah, wawacan mah henteu
carita pantun mah tokohna raja-raja, wawacan mah bisa naon waé
carita pantun karya sastra sampakan, wawacan karya sastra sampeuran
carita pantun karya sastra sampeuran, wawacan karya sastra sampakan
Énjingna Gatotkaca majeng, mingpin paraprajurit maju ka médan perang. Kawantu sarua gagah jeung sakti, perang antara Karna jeung Gatotkaca ka cida ragotna. Nepi ka tengah poé, can katara saha nu bakal unggul, saha nu bakal éléh. Lila-lila ku sabab ngarasa kadesek, Karna kapaksa ngaluarkeun Konta.
Kecap "médan perang" dina éta téks nuduhkeun ..........
latar tempat
latar waktu
latar suasana
watek tokoh
ngaran tokoh
Énjingna Gatotkaca majeng, mingpin paraprajurit maju ka médan perang. Kawantu sarua gagah jeung sakti, perang antara Karna jeung Gatotkaca ka cida ragotna. Nepi ka tengah poé, can katara saha nu bakal unggul, saha nu bakal éléh. Lila-lila ku sabab ngarasa kadesek, Karna kapaksa ngaluarkeun Konta.
Dumasar kana éta téks, Karna ngarasa kadesek lantaran ..........
Perang nu lila, teu daék aya nu éléh
waktu nu geus ka tengah poé
panon poé nu keur meumeujeuhna panas
Gatotkaca nu sarua saktina
Karna can siap ngalawan Gatotkaca
Nu mangrupa lalakon carita wayang Ramayana nyaéta ......
Arjuna Sasrabahu
Gatotkaca Perlaya
Pandawa Dipperdaya
Kumbakarna Gugur
Jajatén Arjuna
Marica ngésodkeun salirana. Cédok nyembah deui. Sakali ieu mah tarangna ampir adek kana alketip. Ti dinya hég narik ambekan rada panjang, maksud ngumpulkeun deui pangacian. Carana gampang kabina-bina. Manéhna deuk ngarobah wujud jadi kidang.
Dumasar kana éta téks, aya bagian nu pamohalan nyaéta ..........
cédok nyembah deui
manéhna ngarobah wujud jadi kidang
tarangna ampir adek kana alketip (samak)
narik ambekan rada panjang
ngumpulkeun deui pangacian (konséntrasi)
Tradisi nu patali jeung kaagamaan nya éta ..........
tradisi 40 poéna nu tos maot
tradisi ngawinkeun
tradisi rajaban
tradisi sérén taun (syukuran hasil bumi) di Cigugur Kab. Kuningan
tradisi Cingcowong (ménta hujan) di Luragung Kab. Kuningan
Tradisi ruwatan bumi atawa tulak bala pikeun kasalametan sarta nyinglar rupa-rupa bahla (panyakit, musibah, cocoba jeung sajabana) kaasup kana jenis tradisi ......
nu patali jeung siklus kahirupan
nu patali jeung adat mandiri hiji kelompok masarakat
nu patali jeung kaagamaan
nu patali jeung seni budaya
nu patali jeung peristiwa alam atawa kajadian penting
Méméh bulan puasa, geus ilaharna sok papada ménta hampura. Kitu deui sabadana. Ti bihari nepi ka kiwari, éta tradisi téh terus dipiara.
Dumasar kana hal éta, bisa disebutkeun yén tradisi nyaéta ......
aturan anyar nu kudu dibiasakeun
kabiasaan nu geus dilaksanakeun ti baheula sacara turun-temurun sarta geus jadi bagian tina kahirupan kelompok masarakat
aturan nu aya di masarakat nu kudu dilaksanakeun
kabiasaan nu geus kapopohokeun
hiji cara hirup nu ngaronjat hasil tina pangaweruh manusa
Mun urang laha-loho ka Kampung Kuta moal manggihan astana atawa kuburan. Ceuk Karman, lemburna ngan keur jalma hirup, ulah ngubur bugang naon baé, kaasup mayit, cenah sangkan éta lembur beresih, anggang tina panyakit, pangpangna mah amanat ti karuhun nu ngaharamkeun aya astana di lemburna.
Dina éta téks pedaran tradisi, aya amanat ti karuhun, nyaéta ..........
lemburna kudu pikabetaheun
lemburna leutik jadi euweuh tempat keur astana
lemburna kudu beresih tina bugang, kaasup mayit
urang Kuta kudu dikurebkeun di kampung Kuta
urang Kuta tara pirajeunun ngurebkeun mayit jauh ti lemburna
Nurutkeun katerangan, masarakat Cireundeu mimiti ngadahar sampeu ti taun 1918. Cenah, harita Cireundeu ngalaman paila (kakurangan dahareun). Saurang sesepuh kampung néangan tarékah, tuluy meunang pituduh sangkan ulah ngadahar kadaharan tina béas. Urang Cireundeu nyobaan ganyol jeung taleus. Tapi teu kuat lila, ahirna pindah kana sampeu nei ka kiwari.
Gagasan utama tina éta téks pedaran tradisi nyaéta nyaritakeun ...........
mimitina masarakat Cireundeu ngadahar sampeu
masarakat Cireundeu nu pernah ngalaman paila
saurang sesepuh nu néangan tarékah sangkan urang Cireundeu hirup makmur
saurang sesepuh nu meunang pituduh sangkan ulah ngadahar béas
urang Cireundeu nu nyobaan ganyol jeung taleus saméméh ngadahar sampeu
Sanaos kitu anjeunna tetep panasaran, palay tepang sareng satria nu dijangjikeun téa. Cai laut teras diubek, niat milarian satria. Éta sababna pangna laut kidul kasohor gedé ombakna. Lantaran hayoh waé diubek-ubek ku Nyi Roro kidul.
Dumasar kana caritana, éta dongéng téh kaasup kana dongéng ……
Sasatoan (fabel)
Sajarah (sagé)
Mitos (mite)
Sasakala (legénda)
Jalma biasa (parabel)
“Puji teu kendat urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Puja salawasna urang sébakeun ka Allah Nu Maha Kawasa. Solawat sinareng salam, mugi langgeng ngocor ngagolontor ka Jungjunan alam, nabi anu mulya, Muhammad SAW.”
Eta téks biantara kaasup kana bagian ……
Salam pamuka
Mukadimah
Salam panghormat
Eusi biantara
Panutup
Ku lumého bubur lemu
Murag basa naék béca
Buku téh pancuran élmu
Ngocorna kudu dibaca
Amanat tina sisindiran di luhur nyaéta ……
kudu jajan bubur lemu
ulah sok naék béca
kudu rajin maca buku
kudu rajin meuli buku
ulah jajan bubur lemu
Parawargi sadaya, Alhamdulillah sadaya runtuyan acara parantos kahaturkeun kalawan lulus banglus. Upami téa mah seueur kakiranganana sareng kirang nyugemakeun, kalawan asmana panata calagara sim kuring neda sih hapuntenna.
Eta téks panata acara kaasup kana bagian ……
Salam pamuka
Mukadimah
Salam panghormat
Salam panutup
Panutup
Bilih aya anu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék.
Éta paribasa téh mindeng dikedalkeun dina bagian panutup acara nu maksudna pikeun ……
Nepikeun pangwilujeng
Ngahaturan para tamu
Sanduk-sanduk (sasadu, nyuhunkeun dihapunten)
Ngabagéakeun hadirin
Nepikeun du’a
Tadi peuting hujan bangun nu marudah, dur bedug adan awal kakara kanjat raat. Matak teu hélok nalika pasusubuh hawa karasa nyecep tiis. Ayeuna téh poé pasar, kuring tuturubun muru parahu Mang Ohi nu biasa miang pasusubuh. Ngahaja indit subuh-subuh, sabab mun rada beurang mah sok tara kabagéan tahu jeung témpé, sabab éta nu pangpayuna di warung kuring.
Tokoh “kuring” indit dina waktu ……
Beurang
Peuting
Isuk
Soré
Janari (dini hari)
Enya, pagéto téh mangrupa poé nu anyar keur kuring. Poé anu hamo bisa dipopohokeun, sakali saumur hirup. Jangji anu dipatri pasini, moal pegat ku kolotna umur. Moal luntur ku gantina waktu.
Dumasar kana éta téks carpon, bisa katitén yén témana nya éta ngeunaan ……
sosial
budaya
kaéndahan alam
silih asih (cinta)
atikan (pendidikan)
Boh ramana boh pamanna kamashur raja nu jujur, wijaksana, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun agama. Sikep sarupa kitu téh turun Ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna dibekelan élmu katut kasaktiana loba pisan. Prabu Niskala Wastu Kancana ageung jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahiyangan.
Dumasar kana éta téks carita babad, nu jadi palaku (tokoh) utamana nyaéta .........
ramana Prabu Niskala Wastu Kancana
Prabu Niskala Wastu Kancana
babaturan
Prabu Niskala Wastu Kancana
pamanna Prabu Niskala Wastu Kancana
dulurna Prabu Niskala Wastu Kancana
Nincak kana acara kadua nyaéta maoskeun ayat suci Al-Qur'an anu badé dioaskeun ku sadérék Muhammad Zaza. Mangga ka sadérék Muhammad Zaza dihaturanan.
Éta sempalan téks mangrupa téks ........
biantara
panata acara
béwara (pegumuman)
warta (berita)
modérator
Kecap "tinggal kebulna" dina éta sajak mangrupa pilihan kecap (diksi) nu hartina ......
loba kebulan
tinggal dibaca
tinggal kenangan
katutup ku kebul
loba kenangan
Dina sajak Terminal Cilémbang aya kecap "bangku beton ukur saksi nu méh bari". Éta kecap téh ngagunakeun gaya basa ......
lalandian (métafora)
rautan (eufimisme)
Kadalon (pléonasme)
rarahulan (hiperbola)
mijalma (personifikasi)
Asép: “Katulah…? Kumaha ari katulah téh, Ema?”
Ema Asép: “Doraka ti kolot… ti indung, ti bapa. Nu matak sing bageur ari jadi budak, sing nurut kana papatah kolot, ulah bahula. Mun bangor sok katulah… Hayang katulah ku kolot?”
Kalimah nu digurat handapan dina éta téks drama nuduhkeun ……
Latar waktu
Latar tempat
Latar suasana
Amanat
Ngaran palaku jeung watekna
Beling lenjang dituruban,
Totol-totol kacirina.
Eta wawangsalan téh wangsalna nyaéta ..........
Kaca
Botol
Cangkir
Piring
Toplés
(1) Samangka melak di tonggoh,
(2) melak pala di nu bala.
(3) Tong waka boga kabogoh,
(4) sakola tamatkeun heula.
Sisindiran diwangun ku cangkang jeung eusi. Nu mangrupa cangkang nyaéta padalisan ka..........
1 jeung 3
2 jeung 4
3 jeung 4
1 jeung 2
1 jeung 4
Kalimah nu nuduhkeun yén ngan ka Gusti Allah urang ménta tulung nyaéta ……
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Nyanggakeun sadaya-daya
Ya Allah Robbul Izzati
Taya deui pamuntangan
Rumpaka kawih "Ulah Ceurik" ngagambarkeun pangrasa haté nu keur……
Keuheul
Sedih
Bingung
Bungah
Reuwas
Éta kecap dina aksara Sunda dibaca ........
Khotib Jumat
séhat walafiat
kawan ceria
sobat akrab
sohib creative
"Kanjeng Prabu Siliwangi", upama disalin kana aksara Sunda nyaéta .......
Carita pantun "Mundinglaya Dikusumah" nyaritakeun lalampahan putra mahkota Pajajaran, Radén Mundinglaya Dikusumah nu dititah ku Prabu Siliwangi pikeun ngarebut Jimat Layang Sakala Domas di Jabaning Langit nu bakal dipaké di Pajajaran téh bisa meunangkeun hasil. Tujuanna, jimat digunakeun sangkan ulah aya pacogrégan jeung perang di Pajajaran.
Éta carita kaasup kana galur simpay sabab .......
Sabab caritana ngaleunjeur, palaku utama teu balik deui ka nagara asalna sanggeus hasil ngahontal pamaksudan
Sabab dina caritana palaku utama balik deui ka nagara asalna sanggeus hasil ngahontal pamaksudan
Sabab dina caritana palaku utama bisa hasil ngahontal pamaksudanna
Sabab caritana nyaritakeun satria Pajajaran nu sakti
Sabab caritana nyaritakeun satria Pajajaran nu siap narima tantangan ti Prabu Siliwangi pikeun ngarebut jimat
Puun Sapuuuun Hyang Prabu Wastu
Pangampura anu diseja
Boh bisi langkung nya saur
Boh bisi bahé nya carék
Kami ngan darma mitutur
Lalakon dilalakonkeun
Puun Sapuuuun Hyang Suwargi
Dina carita pantun, cutatan di luhur kaasup kana bagian ……
Rajah pamuka
Rajah panutup
Narasi
Dialog
Déskripsi
Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milang kori, henteu puguh nu dijugjug, balik paman sadaya, nu ti mana tiluan semu rarusuh, Lurah bégal ngawalonan, aing ngaran Jayapati.
Guru wilangan jeung guru lagu dina éta wawacan nyaéta ........
8a-11i-8u-7a-12u-8a-8i
8a-12i-8u-8a-12u-8a-8i
7a-11i-8u-7a-11u-8a-8i
8a-11i-8g-7a-12h-8n-8i
8a-12i-8g-8a-12h-8n-8i
Dangding Sunda sakajudi, titisan ti pupuhunan, beubeunangan soson-soson, kekel kana tatarosan, ti bangsa nu budiman, prabujangga juru lagu, nu paham kadongkarian.
Éta téks dina galur wawacan kaasup kana bagian ......
Manggalasastra
eusi
panutup
wiwitan carita
wekasan carita
Nilik kana eusina, nu kaasup kana carita babad nyaéta ……
Syéh Kuro muji sukur ka Allah nu Maha Agung lantaran Sang Prabu Siliwangi geus dipaparin hidayah tepi ka ngagem agama Islam.
Ti harita Si Kabayan téh kapokeun tara daékeun deui hitut di mana waé. Komo di areupeun urang Walanda mah. Mun sakalieun hayang hitut, sok ditahan sataker tanaga.
Baheula aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit nu kacida pisan kumedna kakeueum caah gedé jeung sakabéh pakayana nepi ka jadi situ nyaéta Situ Bagendit.
Bakat ku hanaang, Si Aki antukna ngali taneuh, nyieun sumur. Can gé jero ngalina, ana burial téh kaluar cai. Nya tiis nya hérang canembrang.
Kacaritakeun sakadang monyét jeung sakadang kuya waktu keur ngala cabé, kapanggihan ku patani. Sakadang monyét mah bisaeun kabur ari sakadang kuya mah katéwak ku patani sabab teu bisa lumpat.
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray béntang.
Panon poé, panon poé disasaté.
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang.
Unggal poé, unggal poé abdi hadé.
maksud nu hayang ditepikeun ku pangarang dina rumpaka kawih bubuy bulan nyaéta ........
nyaritakeun panon poé nu karasa panas
nuduhkeun kaayan peuting nu éndah ku bulan jeung béntang
ménta dijemput unggal bulan
ngedalkeun rasa sono anu jero
hayang panggih unggal poé
Tanah Sunda
(Karya: Ajip Rosidi)
Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring
Masing di mana kuring nangtung
Masing ka mana kuring leumpang
Tanah lémbok matak betah
Angin nyéot nyiuman tarang
Dina sajak "Tanah Sunda" nggunakeun imaji (citraan) .......
panempo (héjo pagunungan paul lautan) jeung pangrampa/karasa (langit na haté kuring)
panempo (héjo pagunungan paul lautan) jeung pangrampa/karasa (angin nyéot nyiuman tarang)
panempo (héjo pagunungan paul lautan) jeung pangrungu/kadéngé (angin nyéot nyiuman tarang)
pangrampa/karasa (langit na haté kuring) jeung pangangseu/penciuman (angin nyéot nyiuman tarang)
pangrampa/karasa (tanah lémbok matak betah) jeung pangangseu/penciuman (angin nyéot nyiuman tarang)
Sanajan lahir ti kulawarga anu basajan di pasisian Sumedang, Radén Déwi Sartika teu weléh sumanget ngudag atikan. Dina mangsa harita, katresna kanu kaom wanoja Sunda sangkan pinter jeung mandiri jadi dorongan utamana. Ku kituna, dina taun 1904, anjeunna hasil ngadegkeun "Sakola Istri" anu munggaran di Bandung, sanajan narima panolakan ti sababaraha pihak anu kurang satuju kana kamajuan wanoja. Jasa-jasana dina widang atikan wanoja kacida ageungna, ku kituna pamaréntah masihan gelar Pahlawan Nasional.
Unsur "Keteladanan Tokoh" dina biografi Radén Déwi sartika nyaéta ........
Lahir ti kulawarga anu basajan di pasisian Sumedang.
Narima panolakan ti sababaraha pihak anu teu satuju.
Sumanget ngadegkeun sakola khusus pikeun wanoja sangkan mandiri.
Dipasih gelar Pahlawan Nasional ti pamaréntah.
Lingkungan tempat lahir di pasisian Sumedang.
Nalika kuring umur lima taun, kuring mimiti diajar ngaji di madrasah anu teu jauh ti imah. Pangalaman éta anu ngajadikeun kuring micinta kana élmu agama dugi ka ayeuna."
Dumasar basana, éta téks téh kaasup kana téks ........
Biografi, sabab riwayat hirup tokoh ditulis ku batur.
Autobiografi, sabab riwayat hirup ditulis ku palakuna sorangan.
Biografi, sabab eusina mangrupa fakta lain carita nu pamohalan.
Autobiografi, sabab riwayat hirup tokoh ditulis ku batur.
Biografi, sabab riwayat hirup ditulis ku palakuna sorangan.
Kompos organik mangrupa pupuk alami nu hadé keur taneuh, sabab bisa ngajaga struktur taneuh jeung nambahan unsur hara. Di sababaraha désa, warga geus ngamangpaatkeun sampah rumah tangga pikeun kompos, sangkan teu numpuk di TPA (Tempat Pembuangan Akhir). Salian ti éta, ngolah sampah sorangan ogé bisa ngurangan polusi udara akibat tina tumpukan sampah nu buruk di hawa kabuka. Ku kituna, kasadaran masarakat pikeun misahkeun sampah ti mimiti di imah kacida diperlukeun.
Hal anu bakal kajadian lamun masarakat teu misahkeun sampah organik jeung anorganik ti mimiti di imah nyaéta .........
Sampah organik bakal leuwih gampang dijadikeun kompos.
TPA bakal leuwih bersih jeung rapih.
Tumpukan sampah di TPA beuki numpuk jeung ngabalukarkeun polusi.
Masarakat bakal leuwih gampang ngolah runtah.
Taneuh bakal leuwih subur ku sampah anorganik.
Kompos organik mangrupa pupuk alami nu hadé keur taneuh, sabab bisa ngajaga struktur taneuh, taneuh jadi subur jeung nambahan unsur hara. Di sababaraha désa, warga geus ngamangpaatkeun sampah rumah tangga pikeun kompos, sangkan teu numpuk di TPA (Tempat Pembuangan Akhir). Salian ti éta, ngolah sampah sorangan ogé bisa ngurangan polusi udara akibat tina tumpukan sampah nu buruk di hawa kabuka. Ku kituna, kasadaran masarakat pikeun misahkeun sampah ti mimiti di imah kacida diperlukeun.
Implikasi (dampak) jangka panjang lamun kabiasaan ngamangpaatkeun sampah rumah tangga pikeun kompos ieu diterapkeun di sakabeh kota nyaéta .......
Warga bakal bosen ngolah sampah.
TPA bakal beuki pinuh ku sampah organik.
Taneuh kota bakal beuki subur tur polusi ngurangan.
Harga pupuk kimia bakal naék drastis.
Masarakat bakal miceun sampah ka walungan.
Asép: "Manéh mah kitu waé, Jang! Proyék sakitu gedéna bet ditolak. Pan keur nambahan modal usaha urang!"
Ujang: "Lain ditolak, Sép. Tapi kuring nyaho duitna meunang ngarekayasa. Kuring embung usaha nu hasilna teu berkah."
Asep: (Ngeupeul leungeun) "Ulah sok suci manéh! Hirup mah kudu réalistis!"
Nu lain mangrupa sabab musabab ayana konflik antara Asép jeung Ujang nyaéta .............
Asép jeung Ujang parebut proyék.
Asép ambek lantaran Ujang nolak proyék gedé.
Ujang sieun ku dosa
Ujang nu boga prinsip embung usaha nu hasilna teu berkah sanajan duitna gedé
Asép nu ngan saukur nempo nominal teu mikiran kana tanggungjawab di ahérat
Asép: "Manéh mah kitu waé, Jang! Proyék sakitu gedéna bet ditolak. Pan keur nambahan modal usaha urang!"
Ujang: "Lain ditolak, Sép. Tapi kuring nyaho duitna meunang ngarekayasa. Kuring embung usaha nu hasilna teu berkah."
Asep: (Ngeupeul leungeun) "Ulah sok suci manéh! Hirup mah kudu réalistis!"
Kecap "(ngeupeul leungeun)" mangrupa bagian .........
aside
solilokui
kramagung
pertélaan palaku
candraan
Purbararang: (Bari ngacungkeun curuk) Rama Prabu téh teu adil. Naha anu dijungjung jadi ratu bet Si Purbasari, budak bau cikur? Naha? Naha lain Aceuk anak nu pangkolotna? Aceuk teu tarima!”
Pangrasa haté nu keur dirasa ku Purbararang téh rupa-rupa, iwal ……
séwot
kasirihan
éra
kuciwa
teu ridho
