wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS Bahasa Sunda smt 2 kelas 5

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Lembur Kuring

Karya:Gilang

Endah pisan lembur kuring

Disawang ti kaanggangan

Biru paul pagunungan

Kasimbutan ku halimun

Pasawahan upluk -aplak

Patani keur barang pelak

Saban poé ngucur kesang

Engké panén bakal senang

Manuk-manuk ngahariring

Dina tangkal dadap cangkring

Deudeuh teuing deudeuh teuing

Nungguan paré karonéng

Waas pisan lembur kuring

Tempat endah matak tingtrim

Alam paparin Pangeran

Kudu diriksa dijaring

Ceuk sajak diluhur, éndahna lembur kuring téh disawang........

a)

Ti kadeukeutan

b)

Ti kaanggangan

c)

Ti katebihan

d)

Ti kacaketan

2.

Kaayaan pasawahan dilembur kuring, nyaéta......

a)

Lega

b)

Upluk - aplak

c)

Heureut

d)

Biru paul

3.

Manuk - manuk téh ngahariringna dina......

a)

Tangkal anu rimbun

b)

Paré dipasawahan

c)

Dangdaunan

d)

Dadap cangkring

4.

Lembur kuring téh kana haté na matak ......

a)

Tingtrim

b)

Nineung

c)

Betah

d)

Senang

5.

Nu dilakukeun ku patani , nyaéta........

a)

Nyawah

b)

Ngebon

c)

Barang pelak

d)

Ngucur késang

6.

Kamerdikaan

Kamerdikaan nyaéta ratuning wargi

Nu leuwih nyambuang tibatan

Tujuh gagang kembang mawar

Kamerdikaan nyaéta lagu nu leuwih halimpu

Ngalendehan lelembutan

Manan jentréng papantunan

Kamerdikaan nu ditéangan

Diudag-udag di saban tempat

Dikotéktak di opat madhab

Duh,kamerdikaan

Nu linghas dibanding

Manan kalangkang

Téma sajak di luhur nyaéta.......

a)

Kaagamaan

b)

Kamanusaan

c)

Micinta lemah cai

d)

Perjuangan

7.

Nu dimaksud kamerdikaan, nyaéta.......

a)

Ratuning wangi

b)

Ngalendehan lelembutan

c)

Manan kalangkang

d)

Linghas dibandang

8.

Kembang anu aya dina éta sajak, nyaéta.....

a)

Malati

b)

Kaca piring

c)

Mawar

d)

Srangéngé

9.

Kamerdikaan leuwih nyambuang tibatan .....

a)

Tujuh gagang kembang malati

b)

Tujuh gagang kembang kaca piring

c)

Tujuh gagang kembang srangéngé

d)

Tujuh gagang kembang mawar

10.

Tikotéktak sabaraha madhab dina éta sajak diluhur aya........

a)

Tilu

b)

Opat

c)

Lima

d)

Genep